Carita PangalamanCerpen, Carpon

20+ Contoh Carpon Sunda, Carita Pondok Bahasa Sunda dan Artinya

×

20+ Contoh Carpon Sunda, Carita Pondok Bahasa Sunda dan Artinya

Sebarkan artikel ini
Carpon Bahasa Sunda

Carpon atau carita pondok bahasa sunda termasuk kedalam karya rekaan fiksi, yang ditulis berdasarkan dari pemikiran si pengarang, dengan menggunakan bahasa yang menjadi medianya. Dalam cerita carpon menggambarkan tentang rekaan kehidupan, bisa menyedihkan, memilukan, atau sesuatu hal yang tadinya terlihat sulit menjadi lebih mudah.

Carpon sunda sendiri merupakan karya sastra dalam bentuk prosa modern seperti halnya novel, disebut sebagai cerita pendek karna isi ceritanya yang relatif lebih pendek jika dibandingkan dengan karya sastra seperti pada sebuah novel..

Advertise By Adsense
Advertise By Adsense

Karena ceritanya yang relatif pendek, carpon juga hampir sama seperti dongeng. Perbedaannya, kalau dongeng itu terdapat bagian yang tidak masuk di akal atau bersifat khayalan, sedangkan dalam carpon isinya lebih bisa di artikan oleh akal, baik itu pada pelakunya, jalan ceritanya, tempat, waktu kejadian dan cerita yang dibuat lebih nyata dan terjadi dalam kehidupan sehari-hari.

Baca juga: Materi Pelajaran Carpon Kelas 10 (Pamekar Di Ajar Basa)

Ciri-Ciri dan Unsur Carpon Bahasa Sunda

Ciri-Ciri dan Unsur Carpon Bahasa Sunda

Bisa diambil kesimpulan bahwa carpon sunda atau carita pondok itu adalah karya yang termasuk kedalam karangan fiksi yang bisa menghabiskan waktu 15 sampai dengan 30 menit untuk membacanya, alur ceritanya dapat di pahami oleh akal dan jalan ceritanya ibarat benar-benar terjadi.

Baca Juga: Cerpen Pribadi Liburan Kenaikan Kelas Ku, Bahasa Sunda

Ciri Ciri Carpon Bahasa Sunda

1. Dapat selesai dibaca, dalam sekali waktu
2. Alurnya tidak kompleks, hanya berpusat pada satu kejadian
3. Memberi kesan seolah-olah kejadian itu benar terjadi

Unsur Dalam Carita Carpon

Unsur Dalam Carita Carpon Sunda

Di dalam sebuah carpon umumnya terdapat unsur interistik dan juga ekstrinstik. Unsur instrinsik yang ada dalam suatu carpon sendiri seperti tema, latar, alur, tokoh, watak, amanat, sudut pandang dan gaya bahasa. Sedangkan unsur ektrinsik atau unsur yang ada dari luar yaitu pesan yang ingin disampaikan oleh si penulis dalam cerita tersebut.

Unsur Instrinsik Carpon

>> Pelaku
>> Amanat
>> Tema
>> Latar
>> Galur (Alur cerita)

Unsur Ekstrinsik Carpon

>> Nilai-nilai dina Carita Pondok
>> Latar Belakang Kahirupan Pengarang
>> Situasi Sosial

Kerangka Menulis Carpon Atau Carita Pondok

>> Tema
>> Bahan carita
>> Alur
>> Tokoh
>> Dialog
>> Sudut pandang
>> Amanat

Kumpulan Carpon Bahasa Sunda Singkat Karangan Pribadi

Cara Menulis Carpon Carita Pondok Sunda

Setelah kita mengetahui mengenai istilah, pengertian, ciri ciri dan unsur dalam cerita pendek, serta kerangka dalam menulis sebuah carpon sunda. Dibawah ini saya sudah menyiapkan beberapa carpon yang saya buat dalam bahasa sunda, carpon ini tidak terlalu panjang sengaja saya membuatnya lebih pendek, atau singkat silahkan dibaca.

Baca juga: Langkah Cara Membuat Carita Pondok, Latihan Soal dan Jawabannya!

Carpon Asa Teu Pira Ku Mimif Miftahul Huda

Asa teu pira, harita téh kuring ngan saukur méré baju ka si Siti. Na mani teungteuingeun, jadi kieu kaayaanana. Haté jadi teu puguh rarasaan. Ceuli teu puguh dédéngéan.Ieu deuih panon ujug- ujug teu puguh titingalian.

Asa ku anéh. Enya, teu pira ceuk kuring gé. Pira méré baju. Asa Teu Pira Pédah meureun si Siti téh randa ngora anu ditinggalkeun maot ku salakina. Tapi da kuring teu boga niat nanaon, iwal ti ngarasa karunya. Taya deui lian ti karunya. Pédah wé manéhna di dieu téh teu boga sasaha deui.

Kulawarga geus teu boga. Gawé teu tangtu. Dahar kadang aya, kadang euweuh. Baju nu dipaké ogé sigana téh éta deui-éta deui. Éta mimitina mah anu ngabalukarkeun kuring kapikir méré baju téh. Nyedek pisan ka lebaran, piraku bajuna sararoéh.

Kapan ceuk agama gé lamun aya tatangga anu sangsara, urang wajib méré. Nya kuring téh meuli baju wé sasetél. Tuluy dibikeun ka manéhna. Euweuh. Euweuh kajadian nanaon deui harita téh. Malahan mah manéhna téh nunuhunan pisan ka kuring.

Ari der téh isukna urang lembur geunjleung. Mani ramé. Cenah mah si Siti reuneuh. Asa teu mungkin cenah reuneuh ku almarhum salakina mah, da geus lila atuh maotna gé. Kuring mah biasa wé ngadéngé omongan kitu téh. Enya mimitina mah rada reuwas. Tapi da lain urusan kuring ieuh. Barang kuring balik digawé, ujug-ujug aya nu nepak kana taktak di jalan téh.

Geuning si Samin, manggul pacul. “Sardi, cenah manéh ngareuneuhan si Siti?” pokna. Ngadéngé kitu, ngagebeg kuring téh. Asa kabéntar gelap. Geuwat wé kuring téh nyentak si Samin.

“Ari manéh Samin ngomong téh sok ka mana waé.” “Éhhh… saha nu sok ka mana waé téh? Urang lembur mah geus pada apal. Cenah si Siti reuneuh!” Rék ditémbalan deui téh geus kaburu nepi ka hareupeun imah. Langsung waé kuring téh asup. Barang asup, sakedapan mah kuring téh ngagebeg.

Dédéngéan mah asa aya nu ceurik. Piraku aya kunti wayah kieu? Ari disampeurkeun ka tempat datangna sora, geuning si Isah, pamajikan kuring anu ceurik téh. Atuh da iraha teuing ngadéngé si Isah ceurik. Salila rumah tangga, asa can kungsi ngadéngé pamajikan ceurik kawas kitu. Éta anu matak kuring reuwas téh.

Ari ditanya kalahkah ngabigeu. Cék pikir téh, boa-boa kitu gara-gara si Siti téa. Nya diantep wé pamajikan téh. Da mun keur dina kaayaan siga kitu mah moal bisa dikukumaha. Sababaraha poé ti harita, ngadadak ménta pipisahan pamajikan téh. Kuring teu ngarti naon anu nyangkaruk dina pipikir anu pamajikan.

Ari ditanya téh ngan ukur ngajawab geus teu bisa percaya deui ka kuring. Nya kuring ogé teu bisa nyalahkeun. Da mun teu nyabar-nyabar manéh mah, moal bisa betah cicing di ieu lembur. Atuh da mun aya nanaon téh tara lila, jalma salembur langsung pada nyahoeun. Jeung deuih omongan-omonganana téh ibarat seuseukeut hinis. Tara bisa dijaga biwirna téh. Dileuleuyan wé pamajikan téh.

Sanggeus kitu, kuring langsung ngadatangan imah si Siti. Rék nanyakeun bener-henteuna. Tapi geuning di imahna euweuh sasaha. Di tengah jalan kabeneran kuring papanggih jeung si Samin. “Min, manéh nyaho teu saha nu mimiti ngomong yén si Siti reuneuh? Terus reuneuhna pajar ku kuring?”

“Éh, éta sugan bener teu manéh anu ngareuneuhan?” Ceuk Si Samin kalah ka malik nanya. “Manéh teu percaya ka uing?” “Lain teu percaya Di, tapi pan kana jerona haté jalma mah saha nu nyaho.” “Nya enggeus lamun kitu mah urang tanyakeun langsung ka Si Sitina,” kuring langsung némpas omongan si Samin.

Nepi ka soré, anu ditungguan téh teu baé datang.Isukna langsung waé jalma salembur téh dikumpulkeun di balé désa. Si Siti cenah rék balaka ngeunaan kaayaan manéhna. Kabéh jalma anu boga pakuat-pakait jeung si Siti aya di dinya. Kaasup kuring jeung pamajikan. Ari geus balaka, kalah beuki reuwas kabina-bina.

Asa teu percaya ku omongan si Siti, cenah kuring anu ngareuneuhan manéhna. Kabéh percaya kana omonganana, kaasup pamajikan kuring. Enya atuh da sakumaha rongkahna kuring ngabéla diri gé moal aya nu percayaeun. Puguh taya saksi jeung teu boga bukti. Kabéh jalma anu aya di dinya malencrong ka kuring. Sajajalan kuring geus teu puguh pikir.

Awak di mana, pikiran di mendi. Kuring buru-buru mulang. Ningali pamaji kan keur nyegruk, diomongan kukumaha ogé geus teu bisa diupahan. Manéhna keukeuh ménta pepegatan. Sababaraha poé ti harita, sanggeus dijelaskeun bébéakan, pamajikan téh tetep teu percayaeun. Geus ngomong ka indung-bapana, angger teu bisa.

Tungtungna kuring kudu ngéléhan; kuring kudu ihlas pepegatan jeung pamajikan anu dipikameumeut. Teu karasa harita bet nyurucud cipanon. Asa geus lawas cipanon téh teu kaluar. Nyeri haté mah. Tapi kudu kumaha deui, geus takdirna kieu meureun. Kuring panasaran naha si Siti bisa ngomong kawas kitu? Téga ngabohong.

Padahal kuring geus kurang kumaha bageurna ka manéhna. Teungteuingeun pisan. Kuring bener-bener yakin, yén kuring teu kungsi milampah pagawéan nu teu uni. Keur naon atuh boga pamajikan. Kapan sidik, boga pamajikan téh salasahijina pikeun ngajauhan jinah.

Barang nepi ka imah si Siti, kadéngé sora anu ngabelentrang dituturkeun ku sora nu ceurik. Gening si Siti keur disiksa! Ku saha? Kuring teu nyaho. Kuring geuwat asup nyalametkeun si Siti. Ngan temahna, pareng kuring malik karasa aya nu neunggeul kana sirah, nenggel naker. Ti dinya kuring les teu inget nanaon.

Inget-inget geus aya dina korsi. Sakedapan mah kuring téh ngarasa bingung. Sirah jejedudan. Asa ngan sakilat pisan kajadianana téh, nepi ka teu apal saha nu nyiksa si Siti jeung nu neunggeul kuring. Sanggeus dipaksa nyarita kakara si Siti daék balaka. Geuning kajadian ieu téh aya patula-patalina jeung fitnah.

“Hampura Kang. Abdi bener-bener teu niat mitnah ka akang,” omong Siti bari reumbay cimata. “Padahal Kang Sardi bageur pisan ka abdi. Tapi abdi gé teu bisa kukumaha,” sora Siti méh les-lesan. Kuring ngan saukur bisa ngusapan tonggongna. Sanajan manéhna geus nyababkeun kahirupan rumah tangga kuring burakrakan, tapi tetep da manéhna téh awéwé.

Kuring teu wasa mudalkeun kakeuheul ka manéhna. Komo nyiksa mah. Sajongjongan mah kaayaan simpé baé. Ti dinya, kakara kuring bisa nyarita. “Enya teu nanaon. Nu akang hayang nyaho téh, naha saha saenyana nu milampah nirca ka Siti téh?” anu tadina rék ngambek, teuing kunaon jadi leuleuy kieu. Haté mah kacida ambekna, tapi anu kaluar tina baham naha kalah kieu? Kuring teu ngarti.

“Kang Samin, Kang. Nya manéhna deuih anu maksa Siti mitenah Kang Sardi gé,” manéhna ceurik, teu bisa nuluykeun deui caritaanana. Kuring geus teu bisa maksa deui Siti pikeun nyarita. Asa teu percaya, sobat kuring, si Samin anu ngalantarankeun rumah tangga jeung kahirupan kuring jadi kieu.

Saprak kajadian éta si Samin kabur ti lembur, ngaleungit teuing ka mana.Ilang nepi ka ayeuna. Jalma salembur geus pada apal saha anu ngareuneuhan si Siti sarta geus pada apal kajadian anu saenyana. Kuring tetep masih tacan percaya, naha naon anu ngalantarankeun si Samin milampah goréng ka sobatna sorangan? Enya, ka kuring sasatna? Cenah mah gara-gara sirik kana kahirupan kuring, nu meureun aya leuwihna tina kahirupan manéhna. Beu! Emh enya, asa ku teu pira. ***

Carpon Sunda Tentang Sahabat Dekat (Babaturan) Oleh Kustian

Dina hiji wanci, aya dua babaturan anu rakeut kacidaan nya éta Dinda jeung Rani. Maranéhna ngabatur geus 3 taun lilana. Malih kalah loba ogé jalma anu nganggap manéhna téh duduluran, da saking akrabna. Unggal isuk saencan mangkat ka sakola, Dinda sok nyampeur ka imah Rani sangkan bisa mangkat babarengan ka sakola.

Beurangna manéhna boga jangji yén balik sakola téh rék nyimpang heula ka super markét nu teu jauh jeung sakolana. Manéhna kadinya téh boga maksad rék meulikeun kuéh jeung baju keur ninina si Dinda. Ari ninina si Dinda téh jalma bageur, akuan pisan ari ka Rani téh, sanajan lain cucuna ogé. Lain éta hungkul, kadang mah ninina Dinda ogé sok meré naséhat jeung duit jajan ka maranéhna duaan.

Wanci geus nunjukeun jam 3 soré, tapi Rani can aya kenéh waé kabarna, Dinda ngadagoan di gang sakola bari maca novél nu di bawa dina tasna. Maca novél téh émang ka résep Dinda, béda jeung Rani mah anu leuwih resep maén baskét. Sanajan béda karesep, tapi manéhna kacida akurna. Lamun aya latihan baskét di sakola, Dinda sok satia ngadagoan Rani latihan, bari ku hayang-hayangna balik babarengan, kitu ogé sabalikna.

Teu karasa wanci geus nunjukeun jam setengah opat, “Aduh si Rani kamana nya?, Tanya Dinda dina jéro haténa” Dinda ngarasa bingbang ku sabab geus 3 jam setengah manéhna ngadagoan si Rani can aya kabar kénéh waé. Teu kungsi lila aya sora “Dinda…!“ Jol wéh saurang rumaja bari lulumpatan nyamperkeun ka si Dinda. “Hampura, bieu kuring di titah ngabersihkeun lapangan heula saencan balik sakola, sabab poho can ngerjakeun tugas matematika“ Tembal Rani tandes naker.

Bari rada ngambek jeung campur karunya sageus ngadéngé alésan ti Rani, ahirna maranéhana jadi ogé mangkat ka super markét. “Ceuk urang ogé lamun aya pancén di sakola, geura buru gawékeun petingna” Dinda meré naséhat ka Rani bari rada ngambek saeutik. Sateupina di tempat nu dituju, manéhna tuluy meuli kuéh jeung pulah pilih naon sakirana kado anu pantes keur ninina si Dinda. Dinda jeung Rani ahirna meulikeun baju keur hadiah nu rék manéhna belikeun ka ninina.

Baju nu dipilih warna konéng, sabab nyocokeun jeung warna kulit Nini, béh rada ca’ang mereun pikirna téh nu nyieun manéhna ngarasa éta hadiah anu paling cocok keur manéhna belikeun jang ninina. Keur Rani, Ninina Dinda geus dianggap Ninina sorangan, ku sabab Ninina si Dinda sok nyaruakeun rasa nyaah jeung kaasihna ka manéhna, Rani mikanyaah pisan ka kaluargana Dinda.

Keur Rani, ngaluarkeun duit sakitu teu jadi masalah asalkeun nini atawa kaluarga Dinda nu lain bisa bungah. Saréngséna ngabelanjakeun kabutuhan naon waé nu maranéhna hayang, manéhna tuluy balik sabab maranéhna geus didagoan di imah Dinda. Kusabab kitu, maranéhana buru-buru balik.

Sateupina di imah, manéhna geuwat disambut ku kaluarga Dinda. Kaluarga Dinda geus nganggap Rani téh salaku kaluargana. Salain bageur, kaluarga Dinda ogé sok nengetan ka Rani. Rasa ka kaluargaan anu teu bisa dibeunangkeun di kaluarga Rani, bisa dibeunangkeun di keluarga Dinda.

Uyuhan, da atuh Rani mah ngan ukur cicing duduanan jeung bapana. Salain kitu, bapa Rani mindeng mamangkatan gawé baé ka luar kota. Jadi, Rani sok ngarasa kasepian lamun aya di imah. Indungna geus lila papisah ti mimiti Rani umur 11 taun. Sa geus bapa jeung indungna pisah, Rani geus tara kapanggih deui jeung indungna.

Ku sabab kitu ogé, Dinda sok aya waé di dekeut Rani, sabab manéhna embungeun lamun babaturana ngarasa kasepian, sabab pikirna ari babaturan mah lain ukur di ucapkeun, tapi kudu dibuktikeun kalayan nyata.

Amanat

Amanat nu bisa di tepikeun dina carpon ieu nya éta urang kudu mikanyaah ka jalma-jalma lian, sanajan lain dulur, jeung kudu silih ngarti hiji jeung nu liana. (Kita harus saling mengasihi meskipun bukan saudara kandung sendiri, dan kita harus saling mengerti satu sama lain)

Sumber: Basasunda.com
Tahun Terbit: 2020

Terjemahan:

Di suatu waktu, ada dua sahabat yang sangat akrab sekali yaitu Dinda dan Rani. Mereka berteman sudah tiga tahun lamanya. Malah banyak juga yang bilang mereka seperti bersaudara karena begitu akrabnya. Setiap pagi sebelum berangkat ke sekolah Dinda selalu Menjemput ke rumah Rani supaya dapat berangkat bersama-sama ke sekolah.

Siangnya mereka mempunyai janji pulang sekolah akan mampir terlebih dahulu ke supermarket yang tidak jauh dari sekolahnya. Di sana mereka mempunyai maksud untuk membelikan kue dan baju untuk Neneknya Dinda. Nenek Dinda itu orangnya baik sangat menyayangi Rani, meskipun bukan cucunya. Bukan itu saja terkadang nenek Dinda juga suka memberi nasehat dan uang jajan kepada mereka berdua.

Waktu sudah menunjukkan jam 3 sore, tetapi Rani belum juga ada kabarnya. Dinda menunggu di Gang sekolah sambil membaca novel yang dibawa di tasnya. Membaca novel itu memang kesukaan Dinda. Berbeda dengan Rani yang lebih suka bermain basket. Meskipun berbeda kesukaan, tapi mereka tetap akur. Apabila ada latihan basket di sekolah Dinda suka setia menunggu Rani latihan, saking ingin pulang bersama-sama. begitu juga sebaliknya.

Tidak terasa waktu sudah menunjukkan jam setengah empat, “aduh si Rani ke mana ya?” tanya Dinda di dalam hatinya. Dina merasa bimbang karena sudah jam 3 lewat rani belum ada kabarnya juga. Tidak lama kemudian ada suara “Dinda..!” datang sambil berlari menghampiri Dinda. “maaf, tadi aku disuruh membersihkan lapangan terlebih dahulu sebelum pulang sekolah sebab lupa belum mengerjakan tugas matematika.”

Sambil merasa marah dan kasihan setelah mendengar alasan dari Rani, akhirnya mereka jadi juga berangkat ke supermarket. ” kataku juga apabila ada tugas di sekolah segera cepat dikerjakan malamnya.” dinda memberi nasehat kepada Rani sambil marah sedikit. Sesampainya di tempat tujuan mereka Langsung membeli kue dan memilih-milih apa saja kado yang pantas untuk Neneknya Dinda. Dan akhirnya mereka membelikan baju untuk hadiah untuk neneknya.

Baju yang dipilih berwarna kuning sebab mencocokkan dengan warna kulit nenek, supaya terlihat terang mungkin pikirnya begitu karena mereka merasa Itu hadiah paling cocok untuk neneknya. Bagi Rani Neneknya Dinda sudah dianggap sebagai Neneknya sendiri, karena tidak pernah membeda-beda kasihnya kepada mereka, Rani sayang sangat sayang sekali dengan keluarga Dinda.

Bagi Rani, mengeluarkan uang segitu tidak jadi masalah asalkan Nenek atau keluarga Dinda bisa bahagia. Sesampainya membelanjakan kebutuhan Apa saja yang mereka inginkan, Mereka pun pulang karena mereka sudah ditunggu di rumah Dinda. Mereka punpulang terburu-buru.

Sesampainya di rumah mereka langsung disambut oleh keluarga Dinda, begitu pula dengan keluarga Dinda sudah menganggap Rani seperti keluarganya sendiri. Rasa kekeluargaan yang tidak dapat dimiliki oleh keluarga Rani dapat dimiliki dari keluarga Dinda.

Pantas saja, karena Rani tinggal hanya berdua dengan ayahnya. Selain itu rani sering ditinggal bekerja ke luar kota. Rani suka merasa kesepian Apabila ada di rumah, begitu pula dengan ibunya yang sudah lama berpisah dari awal Rani berumur 11 tahun, sesudah Bapak dan ibunya berpisah Rani sudah tidak bertemu lagi dengan ibu kandungnya.

Oleh sebab itu juga, Dinda suka selalu berada di dekat Rani, sebab Dia tidak ingin apabila sahabatnya merasa kesepian, sebab mikirnya sahabat itu bukan hanya sekedar ucapan tapi harus dibuktikan dengan nyata.

Contoh Carpon Pribadi Tugas ti Sakolaan (Oleh: Kustian)

Di dinten minggu nu kalangkung, abdi sareng rerencangan saurna kedah ngadamel kueh  kanggo pancen kerja lelompok ti sakolaan. Abdi, Susi, sareng Rani sasarengan minangka hiji kelompok.

Disakolaan keneh, abdi tos ngusulkeun kanggo ngadamel kueh bulu, sareng rerencangan sadayana satuju kana usul abdi. Sabab salian gampil, bahan-bahana kanggo midamel kueh oge kawilang gampil dipilarian sareng hargana teu awis.

Isukna sakigaran Jam 4 sore, abdi sareng dua rerencangan abdi tos kararumpul sadayana. Abdi, Rani, sareng Susi sasarengan ngadamel kueh teh di bumi abdi. Artos sadayana parantos di siapken samemehna, kitu oge sareng parabotan masakna.

Teu ngantosan lami, Susi sareng Rani angkat meser bahan-bahana di warung nu teu tebih ti bumi, sedengkeun abdi ngantosan di bumi sabari nyiapkeun alat-alatna. Teu lami oge, dua rerencangan abdi uih ti warung.

“Hayu buru, urang geura langsung bae ngadamel kuehna bisi kabujeng magrib!” Abdi langsung bae nyarios kitu. Kueh bolu teh dipidamel sasarengan, sareng teu hilap oge pun ibu abdi ngabantos masihan terang kana cara-carana.

Singket carita, bolu teh nuju di open. Sabuat ngantosan, abdi sareng rerencangan teh ngarobrol heula dipayunen bumi. Teu lami kadangu sora, ” Tuh geura angkat kueh boluna, bisi kaburu tutung!” Saur ibu abdi ti jero bumi.

Abdi gera giru lulumpatan bari ningali kuehna. Mani sae pisan geuning bentukna saatos jadi teh, waktos di cobian oge sakedik, “Wah” mani karaos pisan rasana. Enjing isukna abdi nyandak kueh boluna ka sakola, kelompok abdi katingali bungah pisan, margi tiasa diajar ngadamel kueh.

Terjemahan:

Di hari minggu lalu, aku dan teman-teman-teman katanya disuruh membuat kueh untuk tugas kelompok disekolahan. Disekolah juga, aku sudah mengusulkan untuk membuat kue bolu, dan teman-teman semaunya setuju dengan usul ku. Sebab, selain mudah, bahan-bahanyaa untuk membuat kuehnya juga terbilang mudah dicari dan harganya tidak mahal.

Besoknya sekitar jam 4 sore, aku dan dua temanku sudah berkumpul semuanya. Aku, Rani, dan Susi bersama-sama membuat kueh itu di rumahku, Uang semaunya sudah disiapkan sebelumnya, begitu juga dengan peralatan memasaknya.

Tidak menunggu lama, Susi dan Rani berangkat membeli bahan-bahannya di warung yang tidak jauh dari rumah, sedangkan aku menunggu dibumi ambil menyiapkan alat-alatnya. Tidak lama juga, dua teman-temanku pulang dari warung, “Ayo cepat, kita segera saja membuat kuehnya, takut nanti keburu magrib!” Aku langsung saja berkata begitu.

Kueh bolu itu langung dibuat bersama-sama, tidak lupa juga ibu ku memberi tahu akan cara-caranya. Singkat cerita, bolu itu sedang di open, sambil menunggu, aku pun bersama teman-teman berbincang dahulu di depan rumah. Tidak lama terdengar suara ‘Tuh Cepat angkat kueh bolunya, nanti keburu gosong!” kata ibuku dari dalam rumah.

Akupun cepat-cepat berlarian sambil melihat kuehnya. Bagus sekali ternyata bentuknya setelah sudah jadi, saat di coba sedikit, “Wah” sangat enak sekali rasanya. Besok paginya akupun membawa kueh bolunya ke sekolah, kelompok ku terlihat sangat gembira, karena bisa belajar membuat kueh.

Baca juga: Bedana Dongeng Jeung Cerita Pondok Cerpen atau Carpon

Carpon Pangalaman Abdi Ngiring Kagiatan Pramuka di Sakola

Judul : Pangalaman Jadi Petugas Upacara Sakola
Pengarang : Kustian (basasunda.com)
Karya tulis : Cerpen pribadi

Di SD abdi tiheula dina saban dinten senen ngayakeun upacara sakola ti kelas 1 dugi ka kelas 6. Nanging, abdi tacan pernah jadi patugas upacara hususna ti pengibaran bendera sabab abdi ngarasa isin sarta tacan tiasa.

Saatos ngalajeungken atikan ka SMP Abdi ngiring kagiatan Pramuka. Mimitina abdi kirang boga niat kanggo kagiatan ieu, sabab ceuk abdi mah panas, lalungse sarta kirang cihuyy!

Nanging kanyataan nyarios sanes. Abdi dipaksa ku sababaraha rerencangan katut guru kanggo ngiring aktip dina kagiatan pramuka. Ahirna Abdi nyerah sareng ngiring sadaya kagiatan pramuka anu aya di SMP abdi kasebat.

Abdi latihan jeung latihan terus! Saatos sa-sasih, dua sasih, ahirna Abdi tiasa mingpin baris berbaris sanaos aya rasa isin sareng sok rada-rada lepat sakedik, ah tapi ceuk abdi mah wajar weh, da ngarana ge diajar keneh, bener teu?!

Dina wanci eta abdi dititah ku guru sareng dipaksa kanggo jadi patugas upacara hususna pengibaran bendera merah putih di sakolaan, yen harita teh dinten kemis sareng engkin dinten senen na abdi di titah tugas ngibarkeun bandera pas upacara.

Ahirna Abdi sareng dua rerencangan abdi dina wanci eta keneh latihan mung aya 2 dinten kanggo latihan nyaeta kamis jeung juma’ah, sabab dinten sabtuna pas pisan sareng tanggal bereum.

Singkat carita, sarta dugi ahirna di dinten senen ahirna abdi sareng kadua rerencangan abdi berhasil ngibarkeun bandera dugi teu aya kalepatan sakedik oge, alhamdulillah!

Tah, ti dinya abdi rumaos robah ti diri abdi anu mimitina jalmi nu sok isinan dugi tiasa janten jalmi anu percanten diri sarta aktif di unggal kagiatan di sakolaan dugi ayeuna.

Sadaya anu dicarioskeun ka abdi ngeunaan kagiatan pramuka ieu tetela saleresna leres. Pramuka tiasa midamel urang jadi seueur rerencangan, pramuka tiasa ngalatih urang mikin tanggung jawab, pramuka ngarobah urang jadi kaayaan pribadi anu disiplin.

Sarta tinangtu saniskanten kagiatan pramuka oge tiasa midamel urang langkung percanten diri, henteu borangan sarta henteu gampil isin lamun kedah pahareup-hareup kalawan rahayat atawa jalmi seueur.

Leres naon anu disebutkeun ku guru abdi di SMP yen pramuka eta leres tiasa ngarobah diri abdi. Kiwari abdi sok isinan. Abdi henteu deui kaku isinan lamun aya di payun kelas dina nepikeun hiji hal. Kiwari abdi tiasa langkung tanggung jawab, langkung disiplin sarta henteu borangan atanapi cemen!

Terjemahan:

Di sekolahku yang dulu setiap hari Senin mengadakan upacara sekolah di kelas 1 sampai dengan kelas 6, akan tetapi aku tidak pernah menjadi petugas upacara khususnya untuk pengibaran bendera. Sebab aku merasa malu karena belum terbiasa. Setelah melanjutkan pendidikan ke SMP aku mengikuti kegiatan pramuka ,Awalnya aku tidak memiliki niat untuk kegiatan tersebut, menurutku panas, lelah, dan kurang menarik.

Tapi kenyataannya berbicara lain, aku dipaksa oleh beberapa temanku Dan juga guru untuk ikut aktif dalam kegiatan pramuka, dan akhirnya aku menyerah dan mengikuti semua kegiatan pramuka yang ada di SMP ku tersebut. Aku latihan dan latihan terus, sesudah sebulan, dua bulan, akhirnya aku dapat memimpin baris-berbaris meskipun ada rasa malu dan suka ada salahnya, ah tapi menurutku itu wajar karena yang namanya belajar pasti ada salahnya sedikit. Benar tidak?

Pada saat aku disuruh dan dipaksa untuk menjadi petugas upacara, khususnya untuk pengibaran bendera merah putih di sekolah. Hari itu hari Kamis dan nanti hari Senin aku yang diberi tugas untuk mengibarkan bendera saat upacara tersebut. Akhirnya aku dan dua sahabatku pada waktu itu latihan, ada dua hari untuk latihan yaitu kamis dan jumat, sebab hari Sabtu bertepatan dengan tanggal merah.

Singkat cerita, pada akhirnya hari Senin pun aku dan kedua temanku berhasil mengibarkan bendera sampai tidak ada kesalahan sedikitpun. Alhamdulillah. Nah dari sana aku berubah menjadi lebih percaya diri, aku yang tadinya pemalu kini aku lebih percaya diri serta aktif di setiap kegiatan di sekolah sampai sekarang.

Semua yang aku ucapkan mengenai kegiatan pramuka ini benar adanya. Pramuka membuat kita menjadi banyak sahabat, pramuka juga dapat melatih kita menjadi lebih bertanggung jawab, pramuka dapat merubah kita jadi keadaan pribadi yang disiplin, serta pramuka juga dapat membuat kita menjadi lebih percaya diri dan tidak penakut serta tidak mudah malu apabila bertemu dengan orang banyak.

Ternyata benar apa saja yang disebutkan oleh Guruku di SMP, bahwa Pramuka itu benar dapat berubah diriku sekarang ini, aku tidak pemalu lagi aku tidak lagi kaku serta malu apabila berdiri di depan kelas untuk menyampaikan suatu hal, sekarang juga aku lebih bertanggung jawab serta disiplin dan tidak penakut apalagi cemen.

Unsur intrinsik cerpen

Tema : Mangfaat Kagiatan Pramuka
Alur/Plot : Maju
Latar/setting : Lingkungan sakola, upacara bendera
Tokoh :Abdi
Penokohan : Abdi – jalmi isinan

Sudut pandang :

Pramuka tiasa midamel urang jadi seueur rerencangan, pramuka tiasa ngalatih urang mikin tanggung jawab, pramuka ngarobah urang jadi kaayaan pribadi anu disiplin. Kagiatan pramuka tiasa midamel urang langkung percanten diri, henteu borangan sarta henteu gampil isin lamun kedah pahareup-hareup kalawan rahayat atawa jalmi seueur.
Gaya bahasa :

Bahasa : Bahasa sunda sedang, sopan
Amanat : Jadi jalmi ulah sok isinan, kudu tiasa janten jalmi anu percanten diri.

Unsur Ektrinsik : Latar belakang yang ingin disampaikan pengarang bahwasanya dia seorang yang pemalu kini menjadi lebih percaya diri, pengarang menjelaskan bahwa pramuka sangat bermanfaat bagi perkembangan diri kita.

“Kiwari abdi sok isinan. Abdi henteu deui kaku isinan lamun aya di payuneun kelas dina nepikeun hiji hal. Kiwari abdi tiasa langkung tanggung jawab, langkung disiplin sarta henteu borangan atanapi cemen!”

Carpon Haréwos Keur Indung Téh Nila

Ti barang kuring di hirupkeun dina rahim indung, ti harita saenyana kuring sawadina jadi mahlukNa anu kudu sukur ni’mat. Indung mangrupa “janggélékna” muara kahirupan Mantenna pikeun umatNa. Mun teu aya indung, tinangtu moal aya kahirupan di dunya. Indung téh “mediator” antara Mantenna jeung manusa.

Kuring yakin rajaning yakin, indung kacida bagjana nalika kuring aya dina rahimna. Komo sanggeus kuring gelar ka dunya. Tangtu kuring dirawu, dipangku, dinangna-néngné. Sagala hal kahadéan diketrukkeun keur kuring. Sagala kapeurih geus teu dijadikeun itungan ku indung enggoning “ngajelemakeun” kuring.

Kiwari, mangsa kuring geus sawawa… geus bisa hirup jeung néangan hurip sorangan, kuring yakin, kabagjaan indung pari purna ku éta hal. Najan teu di tembrakkeun ka kuring, ka jalma-jalma… Kuring yakin, indung teu weléh agul-agulan ka dirina: “Anaking kiwari geus jadi “jalma”… !!”.

Éksprési kabagjaan anu tan wates wangenan tina hal anu teu sapira. Kuring geus jadi “jalma”, ceuk indung… tapi, naha kuring geus pantes disebut “jalma anu bisa mulang tarima ka indung?!”

Indung, nepi ka poé ieu satékah polah kuring nempatkeun anjeun dina posisi anu pangpunjulna. Ngan, kuring yakin nepi ka tutup umur, kuring hamo bisa naur sagala kahadéan anjeun. Sarénghap napas anjeun, jadi sarébu napas kahirupan kuring. Sausap kadeudeuh anjeun, jadi usap-usap nu natrat dina kahirupan kuring.

Cimata kapeurih anjeun, mangrupa panaur cimata kabagjaan keur kuring. Anjeun mahluk pangmulyana di satung kebing dunya. Hampura, kuring hamo bisa naur sagala kahadéan anjeun.

Hampura, kuring ukur bisa jadi anak nu “ukur” bisa naur kaha-déan ku hal-hal anu teu sapira. Urusan sakola, karir, (Insya Alloh) rumah-tangga, rejeki anu karasana ku kuring digampang keun ku Man-tenna, anu ceuk anjeun éta téh mangrupa kabag-jaan hirup anjeun keukeuh, hamo bisa naur sagala kahadéan anjeun.

Indung, mun seug kuring jeung anjeun geus dipegat pati kaasih ku-ring tetep nganteng keur anjeun, sakumaha tetep ngantengna “kakuatan” ti anjeun keur kahirupan kuring nepi ka tungtung mangsa. Kuring teu kawasa ngabagjakeun an-jeun dunya ahérat. Tapi kuring yakin, geus aya sawarga pikeun hirup anjeun jaga di alam nu hamo kadongkang ku manusa, ukur ti Manten-na.

Contoh Cerpen Bahasa Sunda Menarik Lainya

Carpon Mapag Bulan Ramadhan “Si Mungggah” (Baru ditambahkan: 02/03/23)

Buah Dalima Kehidupan Keluarga Hana Rohana

Carpon Surat keur Bapa Iskandarwasid

Mangsa Panon Poe Haneut Moyan Yuli Sukmara

Carpon Layung Langit Tety S. Nataprawira

Carpon Jurig Imitasi Eddy Ruswandy

Carpon Asa Teu Pira Mimif Miftahul Huda

Kumpulan Carpon Cerita Pendek Lucu

Carpon Piseurieun Budak Ngora Naek Taksi

Carita Pondok Ngakak Si Ira Mojang Tomboy

Cerita Pendek Lucu Si Udin Tukang Ngabandring

Carita Pendek Béo Botak Kagugu

Carpon Lucu Karbit Karung

Nah mungkin itu saja mengenai Kumpulan Contoh Carpon Sunda atau Carita Pondok Bahasa Sunda dari beberapa tema lengkap beserta dengan materinya sepeeti Ciri-ciri, kerangka cerita dalam membuat cerita dan Unsur-unsurnya, dan untuk cerita yang lainya lainnya, nanti akan ditambahkan kembali.