Artikel sunda

Kumaha carana jadi kaya pikeun cara islam?

×

Kumaha carana jadi kaya pikeun cara islam?

Sebarkan artikel ini

Dina dunia islam teu dilarang jadi kaya.. Kos nu pernah diriwayatkeun, bahwa islam reseup kana jalmi anu giat tina usaha, fikiranna atawa fisikna.

Artikel sunda - Islam teu ngalarang urang jadi kaya!

Nah dihandap ieu aya pedoman ajang urang pikeun neangan harta anu bener sesuai islam, jadi supaya lewih berkah engkena. Amin!

Advertise By Adsense
Advertise By Adsense

1. Neangan rizki anu halal

Tentu wae ieu hal nu paling wajib nu kudu ku urang upayakeun pikeun neangan rizki teh kudu anu halal beh berkah.

Karena rizki nu berkah bisa nambah katentraman hate urang sadayana, mudah-budahan berkah di dunya jeung diakherat oge, tapi ulah hilafnya sedekahkeun rizki urang saetik pikeun jalma anu nagabutuhken samisalna ka fakir miskin, anak yatim, jeung sajabana.

Karena makin loba urang sedekah makin loba rizki nu bakal ku gusti allah pasihan engkena, tong sien jadi miskin sidekah weh sing ikhlas karena allah.

2. Ngajaga hubungan silahturahmi

loba anu ngomong bahwa loba babaturan loba rizki oge, nah ku sabab kitu urang teh teu menang megatken jalur silatuhrahmi. Jadi ameng sasakali ka babaturan lila, dulur-dulur urang arek kanu jauh atau oge nu deket, sami oge kudu terus dijaga salamina.

Sabda ti rosullulloh SAW: ” Barang saha anu reseup ngalapangkeun rizkina atau ditunda umurna, maka manehna kudu ngajaga silaturahmi” (Muttafaqun ‘alaih).

3. Baranggawe mulai ti isuk keneh

Waktu nu paling alus neangan rizki nyaeta dina isuk-isuk keneh, atanapi saencan matahari terbit. Nah mungkin eta ajaran ti kolot urang bahela nu kie yeh “ulah hudang berang bisi rizkina dipacok hayam.” Jadi urang kudu hudang isuk-isuk. 

Tong poho solat subuh hela, karena isuk ngarupaken waktu dimana loba malaikat nu ngado’a dilangit ka gusti allah pikeun saha wae jalmina anu hudang subuh jeung ngalakukeun sholat subuh diawal waktu.

4. Tong dilobaken maksiat bisi cilaka

Maksiat bisa ngajauhkeun urang kana rizki, jadi ulah dilobakeun maksiat. Tobat mun bisa, supaya rizki urang jadi lancar dei. Pokona jauhkeun kalakuan anu dilaknat ku gusti allah. Inget ulah serakah, loba bersukur karena mun urang bersukur bisa nambah rizki jeng nikmat.

Nah sakitu wae piken artikel sunda tentang islam teu ngalarang urang jadi kaya. Mudah-mudahan urang sadayana di berkahkeun tina neangan rizki mulai ti poe ayena jeung saterusna. Amin ya robbal alamin.