Carpon Surat keur Bapa

Da puguh jalma leutik bapa kuring mah, nya waktu maot téh nu ngalanteurkeunana ogé jalma-jalma laleutik deui waé. Jeung teu loba, tapi bangun ariklas. Cuhcih nu nguruskeun pasaran, lapor ka lingkungan, nu nyusur taneuh, na motong papan pipadungeun, manguruskeun piboéheun téh éstu tanpa pamrih. Mu téa mah maranéhna ngararepkeun buruh asa piraku, da puguh kaayaan kolot kuring téh geus nembrak. Di gowok nya buntut nya ngupung kitu bet piraku aya araheun.

Peutingan sabada dikurebkeunpa erte datang, duaan jeung ketua seksi dana kematian. Panjang ngobrolna mah jeung indung kuring téh, kuma wé ilaharna ka nu tas kapapatenan. Tapi ari maksud n amah ngan milu prihatin wé cenah ti kadang warga saérté. Barang rék balik manéhna téh nyodorkeun duit, dibungkus ku keretas, dikarétan.

Kaciri da bungkusna teu buni, geus lalusuh, da puguh meunang ngumpulkeun ti tatangga-tatangga wé, papada jalma teu boga. Tuluy sasalaman jeung indung kuring. Ka kuring gé, ka budak tara-tara ti sasari maké ngajak sasalaman. “Kadé Jang, siang junun sakola téh,” pokna. “boga pangarti mah sugan wé hirup téh moal ripuh-ripuh teuing. Geus kelas sabaraha ayeuna téh?” kuring unggeuk kawas nu heueuh.

Padahal ti barang bapa brek gearing téh kudu geus mindeng males. Mun dijumlahkeun mah aya tilu-mingguna. Era tuda, unggal diabsén nu can mayar sumbangan bulanan, kuring deui kuring deui nu ngacung téh. “kumaha ieu téh mukri hah? Isuk deui isuk deui! Ari moal mayar puguh! Mun teu mampuh atuh mawa katerangan ti érté!”.

Waktu dikitukeun téh kuring ngeluk wé . Tuda naon piomongeun. Ménta, ménta ka saha. Nenjo bapa sakitu payahna naha kanyeri piraku tega pok. Rék ngomong ka indung, kuriak nambah-nambah kabingung, da cacak mun aya méh moal kudu di pénta. Bérésna mah nya bolos téa wé. Ti imah indit, balik-balik lamun geus waktu budalan. “Si Mukri mangkir! Si Mukri Ibro!” pokna. Isukna dibaréjakeun ka guru. Batur dialajar kuring mah digelendeng.

Tuluy dijagjragkeun ka kantor kapala. Mani ngeleper sajeroning diseukseukan téh. Sieun, jeung éra pangpangna mah. Tungtungna hing ceurik, teu kawawa. Waktu diidinan deui abus ka kelas téh teu pati atoh, da sieun disurakan deui. Rék tuluy balik komo, nambah-nambah pikacuaeun guru. Awahing ku bingung léos ka tukang, ngadon sibeungeut heula. Hayoh wé nyemplangkeun beungeut, pirang-pirang lila, da cipanon berebey deui brebey deui kawas cinyusu.

Tayohna bapa kepala téh nuturkeun, da waktu kuring malik manéhna ngajengjen tukangeun. Atuh rumpuyuk deui kuring téh, kawas nu kacerek deleg. Potlot gé nepi ka murag awahing ku reuwas. Hadéna buku mah heunteu. Mun murag téh meureun lapur kana kolombéran. “ku naon atuh manéh téh anu sabenerna Mukri hemh? Cing pek balaka, da moal dikua-kieu. “pokna, “tadi-tadi maneh téh jadi pamujian guru, ari ayeuna bet kieu? ” teu nembal. “henteu gering mah manéh téh?” “heunteu”. “kamana waé atuh pangna teu sakola téh?” teu nembal.

Lila heula kakara pok deui nanya. : “ari bapa manéh kana dagang kénéh?”. “heunteu”?. Udur. Tos lami da.”. Baruk gering?” pokna, semu kageteun. “saha atuh anu tunggu dipasar?” “Da tos teu gaduh jongko ayeuna mah…”. Kuring jadi rada tatag nyarita téh da bapa kapala sorangan leuleuy ayeuna mah. Waktu dibawa deui ka kantor, teu rerempodan teuing cara tadi. Komo waktu dicekel tak-tak mah, bari leumpang, rarasaan téh asa keur leumpang jeung bapa sorangan.

Indung kuring kungsi diangkir ka sakola. Nya pasti rék ngabadamikeun perkara kuring. Balikna geus beurang, bari rambisak, nénjonkitun kuring téh mani hayang sagabrug-gabrugeun handeueul nénjo indung nepi ka kudu ngalaman patokanen, alatan pamolah kuring. Pantesana diditu téh kokompodan, da saumurna gé indung kuring mah tara nete kantoran-kantoran. Komo ieu bari jeung alatan anak nyieun tanmpah deui uni, sasat digebruskeun.

Méméh di pentog kuring hayang miheulaan wakca, yén polah abur-aburan ti sakola téh saestu n amah awahing ku teu kuat nahan kaéra. Lain ngahaja rék ngawiwirang kolot. Tapi teu bisa pok da biwir kaburu kabekem ku angen nyelek. Indung kuring geus jigana teu bisa bro ngutahkeun kakeuheul téh, bangun teu tegeleun nénjo kuring nu geus taya peta bisa ngangles. Nyaritana teu papanjangan deuih. Kitu méméh ngaharéwos. Kawas anu sieun kadéngéun ku bapa di kamar.

“Jang Isuk mah sakola deui wé nya!” pokna. “sing getol cara sasari. Sing nyaah ka ema. Di sakola sing saregep, ulah carekeun batur. Geuning guru-guru téh sakitu balageurna”. Kuring teu nembal teu unggeuk. Komo barang diusapan sirah mah kuring téh kalah ka nyuuh. “sing tawekal jang, urang téh keur dipuragan. Mana kieu gé kersana Pangéran. Ngan muga-muga wé bapa sing geura sacara bihara bilhari deui. Genteng-genteng ulah potong…”

Peutingna kuring téh hésé rék saré. Nyileuk wé, asa jararauh panineungan. Sakapeung-sakapeung sangkat, bari neges-neges bapa, da kuring saré téh tunjangeunana. Beu, geus robah pisan bapa téh. Panon geus jarero. Tulang pipi mani nyalohcor. Kulit anu tadina hideung balas kapoé ayeuna mah konéas kawas hayam meunang ngaléob. Halisna asa beuki cokrom.

Diteuteup téh: renghap, les. Alon pisan ngarenghapna téh bangun bareurat “Sok pa ku kuring dibantuan…” ceuk kuring jero hate. Pirang-pirang lila dipencrong we. “emh boa-boa pa…! tapi ah kétah pa…!‟ ceuk hate, neger-neger manéh. Tapi, sajeroning ngahérang pikiran téh bet kalah ngalelewang manéh, teu beunang dibangbalérkeun. Bruh-bréh budak pahatu lalls, keur saparan-paran bari ngelak nanyakeun indung nananyakeun bapa.

Pantesna budak téh pantaran kuring. Teu sanak teu baraya. Tidinya tuluy nginget-nginget babaturan sakelas, saha-saha waé anu geus teu baroga bapa. Teu nimu. Aya gé nu kainget di kelas tilu, sahandapeun. Tapi ayeunageus kaluar, da sok pada nékéan wé ku batur-baturna. Ari ku budak awéwé, sok diparonyokan téh pédah tara disendal-sendal acan.

Sabada kaluar kungsi panggih deui jeung manéhna téh, dipéngkolan gang asih. Leungeuna nu kénca nyekelan biwir nyiru, ari nu sabeulah deui ngajingjing térmos és. Ngaleut wé gawéna téh sajajalan, nataan daganganana, “pisaaang…! Kasreeeng…! Katimus…!” bangun ripuheun naker nyunyuhun nyiru téh, da puguh awakna téh nya kurunya pacer.

Tariking anteb lamunan méh teu karasa kuring ujug-ujug nyampoyon, ngagéléhé gigireun bapa. Leungeun ngagaramang, meulit kana waruga nu kari tulang. Reup kuring peureum. Nginghak bari haharéwosan. “Pa…, bapa, ulah waka ninggalkeun atuh pa…!” Teu emat teu emut diharéwosan téh, bangun bangun geus teu ngadéngé nanaon. Malah ngarénghapna ogé asa beuki ngendoran.

Awakna nyongkab kawas runghak. Kuring morosotkeun leungeun lalaunan ngarah teu karasaeun. Teu disangka-sangka nyah bapa téh beunta. Pék ngagileur ka kuring, bangun neges-neges semu lungsé. “ieu abdi pa…! Abdi…!” Sajeroning paneuteup hate geus teu sabar hayang geura ngadéngé deui sora. Ukur sakecap gé keun waé, ngarah ieu hate daékeun teger. Tapi didago-dago téh teu ngong waé, kalah reup deui jeung bapa. Jigana teu cukup ku teuteup peuting harita wé, da puguh sagalana gé geus nembrak.

Bungbas taya gantar kakaitanana. Mun téa mah aya nu nyantél waé sajeroning hate, nya éta mah.” Nanasiban nu jadi bapa. Paribasa, hirup téh bet népi ka kudu nyorangan maut nyere ka congokna. Tadina mah bapa téh prah wé hirupna cara nu lian. Enya teu kasebut jalma aya, tapi teu ripuh-ripuh teuing. Mangtaun-taun bapa muka jongko di pasar, ngawarung sangu. Kajojo naker, boh kupapada urang pasar boh ku nu ngaliwat, da kabeneran jongkona téh nampeu kalawang, sisi jalan.

Turug-turug padeukeut jeung pangeureunan oplét atuh mani ngagimbung-ngagimbung waé anu ngadon dalahar jeung mantuan laladén. Ari indung kuring ukur kapeung-kapeung ayana pasar di pasar téh, da imah gé sakahayang sarua” pakpikpek. Asakeuneun keur isuk téh mani ngalayah, siga nu rék salamétan wé saban poé gé. Harita mah teu ngimpi-ngimpi yén kasenangan bapa téréh nungtung. Ujug-ujug cew pabéja-béja di papada yén pasar téh cenah dibongkar ku kotamadia, rék dipindahkeun ka kiduleun rumah sakit.

Teu kamana ku pamaréntah aya pasar lebah dinya lantaran ngotoran kaéndahan kota. Saban isuk runtah téh ngahunyud-hunyud waé, tapi béja kitu téh raména ukur bubulanan. Disusud-susud mah euweuh nu bisa mastikeun. Atuh nu baroga jjongko pikirna jarongjon deui. Béja nu enya mah nu pandeuri. Cenah éta pasar téh rék dijieun pasar tingkat, malah adu manis jeung kamekaran kota. Nu baroga jongko tuluy dicatet ngarana saurang-saurang, da cenah engkéna pasar tingkat téh diajangkeun maranisna.

Ngan ukur mimingguan jongko-jongko téh rata jeung lemah. Kari urutna wé kawas diburulukeun ku lini. Jung pasar tingkat téa mimiti tembong rangkay betonna. Bapa muka warungna pindah ka peuntaseunana, némpél kana tembok took maksudna ngarah kapegat langganan. Sapoé duapoé mah nya bisa lila-lila langganan téh nungtutan laleupasan. Komo sanggeus pangeureunan oplét dipindahkeun mah nu ngaradon dahar beunang diitung ku ramo. Tukang béca na kitu, geus teu aya pangeureunan oplét mah maranéhna malencar tara ngariung didinya.

Nya beuki titiseun wé dagang téh. Nyangu tilu leter ogé tampolana mah nyésa. Daging-daging atawa angeun ngalaman sababaraha kali dihaneutkeun. Beuki nyéot beuki boro meunang bati. Tungtungna nepi ka korédas jeung modal-modalna. Malah antukna mah bap amah mindeng nyebut-nyebut boga hutang, ka tukang daging sakitu, katukang béas sakitu, ka anu sakitu.

Cag kana sangu. Tuluy nyoba-nyoba ngasupan endog ka warung-warung, ngarah dina ngembreukna teu bangkar cara dagang asakan. Mandeg, da hésé balikna deui téh, kudu ngadagoan sapayuna. Pék dagang tanggung kana sayuran. Ngandeg deui waé da batur mah laris sotéh mana horéng dianjuk-anjukeun, bulanan atawa mingguan.

Bapa mah tara bisa kitu, modalna ogé apan meunang unjam-injeum. Ti harita aya bulan bapa téh nganggur, bangun mikir-mikir kénéh kana naon aya picabakeun. Golosor imah kajual. Sasat dimumurah, da karurusuh ku nu baroga duit, nanagih waé. Sésa babayar ditapelkeun deui ka ragowok, jeung keur ngamodalan mih baso. Beuki lila beuki burindil wé, da mindeng nyésa gening dagang baso mah, meusmeus nombokan meusmeus nombokan.

Indit sore balik peuting téh boro-boro, nu puguh mah bapa kuring beuki limpeu, cape ku udar-ideran jeung kurang saré. Dikeureuyeuh sotéh, da piraku ari kudu nangkeup tuur mah. Kadieukeun bapa téh sok ménta dibarengan ku kuring, da mindeng lieur cenah. Bisi kajadian katurelengan di jalan aya nu bébéja ka imah. Ngiclik wé kuring téh nutur-nutur bujur bapa bari ngagéndol kurupuk, disoléndangkeun ku tali rapia. Pamoroan bapa téh parapatan jalan. Astana anyar, deukeut béngkél, duka kunaon didinya mah ramé waé.

Mun ngalamot dinya sok geuwat muru stanplat Bojongloa. Didinya mah raména téh nu ngadaragoan beus; jeung oplét nu ka ciwideykeun. Saban sore kituna téh. Jigana maranéhna téh réréana mah. Pagawé pabrik, atawa tukang dagang; da béda tina pamuluna; mun geus reup peuting kukurilingan téh sok ngarukgeung. Ungagal gang imeuy disaksrak ti tungtung nepi ka tungtung.

Enya wéj bapa mah leumpangna téh sok sosolontodan, lamun aya anu nyuntrung-nyuntrungkeun. Mun nénjo kitu kuring sok ngahaja miheulaan ngajak eureun, api-api capé. Mun bapa cingogo pundukna ku kuring sok pencétan lalaunan. Salila marengan bapa téh kungsi dua kali liwat ka pasar tingkat téa. Mani anjang. Dina urut jongko bapa téh ayeuna mah took televisi jeung radio.

Plangna gé mani ngajeblag: took televisi Kong Liong. Apal kuring mah lamun dititah nataan jongko sasahana baréto di jajaran éta téh, da keur bapa didinya kénéh mah ngaulinan sapopoé. Ayeuna mah duka dimarana manéhna téh. Teu barisaeun arasup deui saréréa ogé da cenah nebus jongko nepi ka kudu ratusan rébu. Boro-boro.

Kabéhanana boboléh. Antukna mah nya tup-top wé ku raja-raja uang da titadi gé tayohna mah geus pada ngadodoho. Lalakon nutur-nuturkeun bapa tamatna dina poé saptu, pasosoré. Harita bapa keur diparengkeung panggih jeung milikna meunang panagogan nu merenah gigireun tukang sirop. Ramé ku jelema ramé ku nu meuli di dinya mah. Ti barang gog bapa teu eureun-eureun ngaladangan.

Kuring mah cingogo wé gigireun blék kurupuk, bari nyérangkeun ka belah kidul, mani ngabaris nu daragang téh. Mun diitung mah aya kana tilu puluhna; tukang sirop, kupat tahu, suuk, martabak, sate, kuéh tangbang, pisang, gulé, ah nya rupa-rupa wé. Keur meujeuhna ramé nu mareuli, na atuh ti Beulah kalér ujug-ujug kadéngé nu patingharéak, kawas aya riributan. Tingberetek nu lulumpatan. Mana horéng aya pembersihan, meni dua treuk. Petugas-petugas maraké baju héjo, maraké helm marawa pangebug, matak pigarilaeun.

Datang-datang jungjleng laluncatan tina luhur treuk bangun tarapis pisan. Nu daragang téh réok ka ditu, réok ka dieu, da puguh geus kakepung. Dor dar tanggungan paadu jeung tanggungan roda sorong awahing ku geumpeur. Sora panel brong brang, tigogoloncong. Borolo sora botol jeung piring. Katambah sora patingbeletok, jeung tingkocéak. Persis wé kawas aya nu kahuruan.

Kuring bapa-bapaan, reuwas pacampur jeung sieun. Ari bapa digero-gero téh kalah nguruskeun pamulungan. Bérés pamulungan tuluy nyokot piring nu jarajan téa, gaya gayo. Atuh kaburu krewek mantén. Bapa nongtak, hayang nyalametkeun tanggungan bisi dihanyatkeun kana treuk. Barang rék regereyeng pisan leungeun bapa nu belah kénca karawél mantén. “Tong lumpat siah!”

Pageuh nu nyerek keukeuh nu tétéréjél, na atuh ana barawak téh kepret bapa belah dua tilebah punduk pisan. Soéh ngangkarawak mapay tonggong da puguh baju geus bobo. Bapa ngarumpuyuk, siga nu rék brek diuk. Hadéna kuring dibéré inget. Bongoh itu, bapa ku kuring dijeuwang satengah digusur, sirikna teu bari notog-notogkeun manéh. Blus ka gang gupit. Seselendep, duka ka mana pibijileunana. Lebah nu nyingkur kamprét bapa anu awek-awekan téh dicatét heula ku panitih, bisi disangka jalma andar-andar.

Tilu poé ti harita tanggungan bapa téh aya nu ngalanteurkeun ka imah. Nu haat téh urang gang Mukardi, papada tukang baso deui wé, kawawuhan bapa. Mani geus payeyod tanggungan téh da puguh kaidek jigana, piringna mah teu kapulungan hiji-hiji acan. Teu waka dibéjakeun ka bapamah. Angkanan engké wé mun geus cageur, da ti barang kajadian harita téh bapa tuluy ngaringkuk, panas tiris.

Teu nyangka satungtung buuk harita meh yén bapa téh moal diparengkeun nincak taneuh deui. Atuh nepi ka maotna lat waé poho teu kungsi kabéjakeun. Inget-inget deui sotéh kana titinggal bapa waktu ngadéngé aya tatangga butuheun tanggungan baso. Sugan wé payu. Pék dikumpulkeun, dikeprukeun, dielapan, diranjing-ranjing. Tuluy rancatanana dipasangkeun. Geus masang bet jorojoy aya pikiran séjén. Tanggungan téh hég ku kuring diajar-ajar, ngangser saeutik.

Mun diteukteuk mah sukuna dua ramo ge cukup. Jung deui ajaran bari diemplad-emplad, ngukur beurat-beuratna. “ah kabawa…” ceuk kuring, ngomong sorangan. “ma..mun aya modalna mah nya…!” Indung kuring teu nembal, ukur melengek. Tapi tembong aya sari bungah. Kuring teu wani ngomong deui bisi nambah-nambah susah pikiran indung. da tina buburuh nyeuseuh téh boro-boro aya sésana.

Sumber Cerpen: Majalah Mangle
Tahun Terbit: 2013