Carpon Lucu Sunda Singkat Ramadhan, Untuk Ngabuburit di Bulan Puasa!

Oke, sahabat basasunda.com, saat menjalankan ibadah di bulan puasa itu enaknya memang membaca tulisan-tulisan lucu yang menarik dan menghibur agar waktu terasa cepat berlalu euy! Nah, dibawah ini kembali saya sudah menyiapkan beberapa judul carpon atau cerpen lucu spesial ramadhan dalam bahasa sunda yang cocok banget untuk menemani saat ngabuburit kamu di bulan puasa!

Carpon Lucu Singkat Ramadhan, Ngabuburit di Bulan Puasa

Imsak Ku Deni Suryana

Sauurrr… sauuuurrr… sauuurrrrr… “Eemh nu di luar geus jojorowokan ngahudangkeun, geus jam tilu leuwih saparapat ning, meujeuhna nyagu keur saur.” bari ningali jam anu ngadaplok dina
témbok.

Sauurrr… sauuuurrr… sauuurrrrr… “Tapi kéla aaahh… ké wéh jam opat pas. Ngarah geus dahar, deukeut ka adan subuh. Tuda kamari gé, kabolosan solat subuh gara-gara geus saur kasaréan deui.”

Sauurrr… sauuuurrr… sauuurrrrr… Niat mah gégéléhéan, éééhhh kalah kasaréan. Kalah jauh ka alam mana, kalah ngimpi anu lain-lain. “Mang…, hudang, Mang!” diguyah-guyah ku babaturan.

“Jam sabaraha ayeuna?” kuring nanya ka manéhna. Tuh… jam tilu leuwih saparapat.” nunjuk kana témbok. “Ohhh… enya ning. Tapi!!!” dina jero haté ngocoblak. “Maenya, pan tadi basa hudang téh jam tilu saparapat, ayeuna jam sakitu kénéh.”

“Euuhh! Dék saur moal?!” “Arék atuh!!” “Jung gera ka cai heula.” Babatek saméméh nangtung, tuda poé kamari gé langsung hudang téh kalah jajalig jeugan. Ampir-ampiran titotog kana
témbok.

Geus kitu mah teu loba carita, kuring kaluar dék ka cai. Kasampak babaturan kontrakan nu séjénna geus carinutrung dina balé-balé bari arudud. “Uluhhh… aya ku nikmat, nu nuju arudud.” “Jung burukeun! Bising kaburu imsak!” “Imsak kumaha? Karék gé satengah opat…!” kuring nyereng.

“Hahahaha…” “Naha kalah seuri?” kuring keuheul. “Tingali atuh, jam sabaraha ayeuna?” Kuring ti buburanjat asup ka kamar. Kasampak Si Emang keur dadahut. Buru-buru ngalas sangu. Barang am… iimmmsssyyaaaaakkk!!! Kuring jeung Si Emang olohok bari nempo alas sangu. ***

Batal Saréréa (Nyonya Etti Jatnika)

Kabiasaan kuring upama solat magrib sok bareng jeung barudak. Babacaanana sok ditarikeun ngarah barudak nurutkeun da ari ngahaja sina ngapalkeun babacaan solat mah sok hararésé. Anak kuring nu genep sina ngajajar tilu-tilu, nu leutik ti hareup.

Dina rokaat ka dua nu nomer dua ngoléséd, pokna: “Kutip, sialan. Aku kentut ga bisa nahan.”
Kuring terus baé babacaan. Teu kungsi lila Si Cikal ngabarakatak, “Aduh, Pebi ogé batal.” Singhoréng sarungna dibedol ku Si Bungsu.

Dada karasa sesek nahan piseurieun. Ongkoh ari keur solat mah hal-hal nu teu pira gé sok jadi asa piseurieun. Atuh jep baé babacaan téh teu ditarikeun, da bari nahan piseurieun. Nah ari
celeungkeung téh nu nomer tilu nanya, “Kenapa Mah, malah berhenti, kan aku ga batal?”

Ah, tungtungna mah kuring ogé batal. Bet asa dina dongéng, jadi wéh batal saréréa. Ongkohna dina diteruskeun ogé solat teu bisa husu. Nya kapaksa dibalikan deui.

Bapana mah ukur nyenghél, majar téh wayahna kudu sabar ngajar barudak mah, mangkaning barudak kuring mah turun tangga sataun hiji. Nu cikal umur sapuluh taun, ari si bungsu dua taun. Puguh baé keur meumeujeuhna balangor, katurugturug lalakina lima, ari parawan ngan hiji-hijina, nomer tilu. ***

Jadi Weh Batal! (K. Kustendi)

Imah kuring téh di Cimaung Banjaran, usaha mah di Bandung. Balik ka Cimaung dalapan poé sakali, atawa kumaha bogana duit baé, keur ongkos jeung keur ninggalan indungna barudak. Harita téh kuring boga duit ngan Rp.10.000,- logam wungkul. Diempit-empit pisan, hayang meuli rokok sabatang ogé teu wani nyocéng, da puguh geus di ancokeun.

Poé éta téh maksud rék balik, harita jam 4 soré aya kénéh di Bandung. Kuring can Salat Ashar, ceuk pikiran rék nyimpang heula ka imah adi anu di Cibunut. Sadatangna ka nu dituju, buru-buru wudu terus naék kaloténg, lantaran paranti salat téh di perenahkeun di loténg. Kabeneran barudak adi kuring genepanana rék Salat Ashar.

Barudak téh ti umur 5 taun nepi ka 14 taun, awéwé. Nu panggedéna mah 19 taun, lalaki. Kuring jeung barudak anu 5 milih ngama’mum, ari imamna mah budak anu panggedéna. Barudak cicingna téh satukangeun kuring. Salat dimimitian, maca: Ushali fardhol asri jeung saterusna.

Kabéh sidakep, bérés maca; dua iftitah, AlFatihah jeung surat Al-Ikhlas. Imam ngucapkeun Allahu Akbar rék rukuk, saréréa rukuk bari ngucapkeun Subhana Rabbiyal Adzimi Wabihamdihi 3X.
Karék ogé macana sakali naaaa... ari burusut téh duit tina saku kaméja kuring ngaburulu kabéh.

Dasar barudak, kana duit téh meuni héjo, duit nu pabalatak téh rék dicarokot. Kuring teu éléh déét, lamun éta duit nepi ka leungit Rp. 1.000 ogé kuring rugi. Bareng jeung barudak ngagabrug rék
nyarokot duit, kuring miheulaan tiarap.

Duit nu pabalatak téh ku kuring didapangan. Atuh solat téh batal jeung imam-imamna. Ari geus tarapti mah solat téh dimimitian deui nepi ka réngsé, sanggeus kuring bérés wiridan, gura-giru waé balik. Kajadian ieu téh ku kuring dipaké conto, keur saterusna lamun rék solat téh tarapti pisan.

Éraaa Téh (Robbia Pancarasa)

Geus biasa mun kuring datang ka imah sok terus maca koran di tepas hareup. Pareng dina hiji waktu poé Jumaah balik kuliah, terus waé anteung maca koran. Sobot keur kitu terus inget kana Jumaahan, rét kana wéker jarumna heunteu jalan.

Léos kuring ka kamar Ki lanceuk, rék ngilikan érlojina, tapi heunteu ka panggih. “Aéh, pan aya telepon.” Gagangna diangkat, terus muter angka 1... 0 ... 3; teu lila tibeulah ditu nemblan: “Bila gong berbunyi tanda waktu pukul sebelas tiga puluh tujuh menit dua belas detik” cenah.

Terus ku kuring ditutup. Cék pikiran téh, ah réa kénéh waktu. Atuh rada salsé di cai téh. Sanggeus bérés dangdan terus indit ka masjid leumpang. Sajajalan weléh teu aya jelema saurang-urang acan nu rék Jurumaahan. Barang geus nepi ka masjid, kalawan teu kadéngé hawar-hawarna pisan sora Khotib, anu ceuk pikiran pédah euweuh listrik meureun.

Na barang srog nepi ka buruan masjid, ari burudul téh nu tas Jurumaahan kaluar. Sajongjonan mah kuring ngan bati olohok, jeung mani asa heunteu beungeutan téh enyaan. Ngan sakilat buru-buru malik, balik deui ka imah.

Éra téh ari ras inget kana kajadian éta. Hayang seuri aya keuheul aya. Teuing operator telepon anu salah, teuing kuring anu salah déngé. Jeung éta anu kabeneran deuih Khotbahna heunteu maké pangeras suara.

#Cag....