Naskah Drama Bahasa Sunda 1B

 

Adegan 4
Iklan

Model Iklan 1
(Leumpang, meni percaya diri, panggih jeung awewe).

Model Iklan 2
(Neutup lalaki meni anteb, kasima, ngambeuan parfum nu dipake lalaki, terus utah).

Model Iklan 1
(Nyemprotan sakabeh awakna ku parfum, terus leuleumpangan deui).

Model Iklan 2
(Panggih deui jeung lalaki eta, terus bobogohan).

Model iklan 3
Aduh ieu sirah meni nyanyautan kieu, teu kuat…, teu kuat nyeri…! Tah, untung aya obat ieu, naon merekna nya? Euh…, Dagorin, obat neyeri sirah jeung nyeri huntu, mujarab, langsung cageur.  (Terus nginum obat Dagorin).

Adegan 5
Berita Olah Raga

Pembaca Berita 1
Hatur nuhun pamiarsa, masih dina Jawara TV, simkuring gagaduhan bewara olah raga. Pamiarsa, ieu bewarana.

Pembaca Berita 2
Pertandingan tinju internasional kelas bulu antara petinju nagara Amarta, Bima Puntadewa ngalawan petinju nagara Astina, Dursasana diayakeun di Sasana Maju Mundur nagara Amarta. Ieu bewarana.

Reporter 4
Pamiarsa, simkuring Ken Dedes ayeuna aya di Sasana Tinju Maju Mundur nagara Amarta, tempat pertandingan tinju internasional kelas bulu antara petinju nagara Amarta, Bima Puntadewa ngalawan petinju nagara Astina, Dursasana. Dua petinju ieu sarua jagona, sarua kuatna, sarua hebatna.

Duanana pada-pada hayang jadi jawara dunya. Dina ronde katilu ieu dua petinju teh garelut akibat emosi nu teu katahan. Wasit, Sangkuni, teu bisa misahkeun duanana. Malahan katonjok ku petinju. Tungtungna wasit dibawa ka rumah sakit. Sakitu laporan simkuring, Ken Dedes ti Sasana Maju Mundur nagara Amarta, hatur nuhun.

Adegan 6
Berita Pilkada

Pembaca Berita 1
Hatur nuhun pamiarsa, masih dina Jawara TV, simkuring gagaduhan bewara pemilu legislatif. Pamiarsa, ieu bewarana.

Pembaca Berita 2
Pemilihan Umum Legislatif, ayeuna masih dina tahap kampanye. Salah saurang caleg, nyaeta Rahwana, ngayakeun kampanye di alun-alun kota Astina, nu dihadiran ku rebuan warga jeung simpatisan. Ieu beritana

Reporter 5
Pamiarsa, simkuring Citraresmi ayeuna aya di alun-alun kota Astina, tempat lumangsungnya Kampanye Pemilihan Umum Legislatif. Caleg Rahwana narik simpati rebuan warga dina kampanye ieu. Rahwana anu didukung ku Partai Kurang Dahar ngajangjikeun pendidikan gratis, rumah sakit gratis, jeung sagala rupa nu gratis.

Caleg
Para wargi sadayana, tong hilap, pilih simkuring, Rahwana, Coblos atawa contreng nomer sapuluh. Lamun kuring kapilih, Insya Alloh, pendidikan gratis, rumah sakit gratis, ojeg gratis, kawin gratis, bobogohan gratis, pokona mah sagala rupa gratis. Kade, omat, tong hilap, pilih simkuring, Rahwana, coblos atawa contreng nomer…sapuluh.

Warga 1, 2, 3, 4, 5 & 6
Hidup Rahwana! Hidup Rahwana! Hidup Rahwana! (Keprok).

Caleg
Tah…ieu mah minangka uang kadeudeuh ti kami. Tong hilap nya, pilih Rahwana (ngabagikeun amplop ka tiap warga, terus amplop diawurkeun, warga parebut amplop).

Reporter 5
Sakitu laporan simkuring, Citraresmi ti alun-alun kota Astina, hatur nuhun.

Adegan 7
Panutup

Pembaca Berita 1
Pamiarsa, sakitu bewara basa sunda anu kapihatur ti Jawara TV.

Pembaca Berita 2
Tepang deui enjing, dina program sareng jam anu sami ti Jawara TV. Wilujeng,

Pembaca 1 & 2

Assalamu’alaikum Warahmatullahi Wabarakatuh.
advertisement

 

* TAMAT*