Naskah drama

Naskah Drama si Pendul Nu Loba Hutang, Sunda Kasar Lucu!

×

Naskah Drama si Pendul Nu Loba Hutang, Sunda Kasar Lucu!

Sebarkan artikel ini

Sebelumnya terimakasih untuk Aprilian yean wisaka, yang telah mengupload file dokumen dramanya, dan sekalian ijin share juga kepada teman-teman karna siapa tahu ada yang memerlukan sebuah referensi karya sastra drama sunda dengan genre lucu seperti ini.

Dalam memerankan pentas drama, belakangan ini sering kita saksikan di beberapa media sosial seperti youtube sudah banyak sekali drama dalam bentuk film-film pendek sunda yang dibuat oleh para remaja dan hasilnya bagus-bagus dan kebetulan saya juga sesekali seriing melihatnya.

Advertise By Adsense
Advertise By Adsense

Dalam menyusun sebuah naskah drama yang baik, setidaknya kita perlu memperhatikan unsur-unsur drama yang meliputi penokohan karakter, alur cerita, latar, dialog, teks samping, tema, dan juga amanat yang dapat diambil oleh para penonton dari sisi positif tentunya.

Penulisan Naskah Drama

menulis naskah drama sundaPenulisan drama sebenarnya dapat kita ambil dari sebuah cerita pendek atau carpon yang kita baca, sehingga drama bentuk transformasi penulisan dari sebuah cerpen. Dalam penulisan naskah drama (khususnya drama pendek bahasa sunda) bisa dimulai dengan mengemukakan tema-tema yang kita hayati dan pahami.

Contohnya seperti dari pengalaman hidup sehari-hari (baik yang kita alami sendiri atau dari pengalaman orang lain), kemudian dituangkan dalam bentuk naskah drama, yang terdiri atas dialog-dialog dan petunjuk teknisnya.

Jangan lupa untuk menentukan siapa saja tokohnya dan bagaimana perwatakannya, bagaiamana alur ceritanya, bagaimana latarnya (kapan, di mana, dan dalam kelompok sosial yang mana). Selain itu, sarana lain untuk latihan menulis naskah drama ini yaitu dengan mengkonversi atau menyusun sebuah cerpen menjadi naskah drama.

Bukan hal yang asing ketika kini banyak karya sastra yang dijadikan film, sebaliknya naskah film ditulis menjadi novel. Baiklah dibawah ini adalah naskah drama bahasa sundanya.

NASKAH DRAMA Si Pendul Nu Loba Ngahutang

Tokoh:

Aprilia : Tukang Sayur
Gugun : Wawan
Haris S. : Atang
Siska M. : Bu Kantin
Suci S. : Tukang Seblak
Yusrin T. : Pendul

Opening..

(Wawan ngaliwat bari nginum teh manis)

Pendul : Ayeuna, geus tanggal kolot. Kuring hayang meuli teh manis euy sigana ngenah. Tapi duit teu ngadukung, biasa asa rada dipermainankeun kieu mah.

(Pendul nyamperkeun ibu kantin)

Pendul : Bu, hayang teh manis deuh, tapi kuring teu boga duit. Bae ngutang heueuh da CS. Nya juragan?

Bu Kantin : Ngahutang . . . Hutang . . . sia ngutang wae !! komodo serundeng, jeung es cingcau kingkong nu kamari ge can di bayar, ayeuna hayang teh manis. Mayar heula nu kamari !! Pira ukur 20rb!!

Pendul : Heueuh da duit teu boga, kalem atuh kuring deuk ngagadekeun barang heula. Engke lah kadieu deui, sok weh jieun heula bos!! Rasa Jeruk nipis !!

Bu Kantin : Asiappp! Asal bayar weh jang..

(Pendul luak-lieuk neangan jalma maksud rek ngagadekeun barang jang meuli teh manis, Teu lila tukang Seblak asup)

Pendul : Saha eta? Asa kenal euy? Ci..

Tkg Seblak : Sahanya? So kenal pisan euy!

Pendul : Saha soooook ? Nginjem duit lah, jang meuli teh manis!

Tkg Seblak : Eeh kenal ge henteu, sia mah geus nginjem duit wae. Hayang di duruk ku aing. Nyingkah-nyingkah!!

Pendul : Galak euy awewe teh..

(Atang kapanggih jeung pedul, Pendul niat rek ngagadekeun sempakna ka manehna)

Atang : Aduh aing geus gaya kieu euy, kawas Al Gozila!!

Pendul : Aduh, aing sigana kapaksa euy ngagadekeun sempak. Siga ieu mah. Hayang pisan. Tah gening aya si atang, sugan weh. Sempak ieu menang 7rb, bae ieu mah sempak aya wifi, waah anti badai weh lah.

Atang : Dul, keur naon?

Pendul : Aing hayang ngagadekeun sempak ka silaing, bisa teu? Mantap welah geus ngenaheun tinggal make. Ram geus 2Gb, memory 64GB, kitkat deuih. Mantap weh gaspol.

Atang : Manehh !! Arek ngagadekeun sempak atau hp? Geus buru ku aing dibeli 10 rebu !!

Pendul : Geus, sakitu cocok hargana. Satuju lah!!

(Pendul ngabuka calana langsung merekeun sempak)

Pendul : Aduh era euy, ngan bakat kubutuh ieu teh. Yeuh…. (Bari mikeun sempak)

Atang : Nuhun nya…

Pendul : Muhun, sawangsulna tang!

(Pendul dicalana deui, langsung balik ka kantin mawa duit bari teu sabar hayang meuli teh manis)

(Samentara Atang keur leumpang, kapanggih jeung Wawan)

Wawan : Tang, Atang silaing mah digeroan kamari teu ngalieuk..
Atang : Maneh, arek naon emangna?…
Wawan : Heueuh abdi ngajak ngagosok batu akik..
Atang : Waaah mantap yeuh.. aing boga yeuh batu akik nu alus aya gambarna tinu hp..…
Wawan : Mana atuh Tang fotona..?
Atang : Tah ieu (bari ningalikeun foto ka penonton jeung ka si wawan)…
Wawan : Heueuh alus euy,,
Atang : Oh heueuh aing arek balik heula.. dek ngagosok heula. Oke ?…
Wawan : Heueuh sok. Kela kela, balik naek naon?
Atang : Naek onta, nya naek mobil atuh..…
Wawan : Heueuh sok atuh kade
Atang : Iraha-iraha urang ngagosok batu akik bareng heueuh. Tuh di Jatos rek aya pameranna.…
Wawan : Iyah siaaapp.

(Atang balik)

Wawan : Aduh simkuring didieu sorangan, sugan weh aya bidadari nu ngalewat,, nongkrong dulu ahh ..

(Tukang seblak ngalewat harepeun si Wawan, tuluy digeroan ku si Wawan)

Wawan : Neng….. Neng . ..
Tkg Seblak : Kulan kang ??
Wawan : Neng, gaduh nomer rekening teu ?.
Tkg Seblak : Gaduh, tapiiiii jang naon ?? Bade transfer nyaaa?? Asiikkk
Wawan : Muhun, kanggo transfer cinta kakang ka eneng, kira kira seep sabarahaeunnya?.
Tkg Seblak : Aral pisan euy . . . (ngabalieur)
Wawan : Naon ?.
Tkg Seblak : Henteu, ah kakang mah aya aya wae,,,

(Basa wawan keur ngeunah-ngeunah ngobrol jeung tkg seblak, terus aya tukang sayur datang nu sakaligus penjaga diwilayah eta)

Tkg Sayur : Eeeeh keur naon siah, didieu wilayah kekuasaan urang, hiling hiling, nyingkah…!!! (bari nyurungkeun)
Wawan & Tkg Seblak : Nya biasa wee atuh tong bari surang surung.
Tkg Sayur : Jug atuh pindah, didieu mah lain tempat bobogohan, tapi didieu mah tempat dagang.
Wawan : Muhun, muhun..

(Wawan jeung si tukang seblak pindah, da di usir ku tukang Sayur, soalna eta tempat jualan manehna)

Tkg Sayur : yurrr . . . yurr . . . 10 rebu 3 bengkeut . . .

(Teu kungsi lila aya tukang Sayur aya nu nelepon, di titah jadi juru pukul ka daerah Cipamokolan)

Tkg Sayur : Aya naon boss ? (bari nelepon)
Tkg Sayur : Jadi juru pukul ?? Neangan nu ngarana Pendul ?? Oh siap siap. Daerah Mana Boss ?
Tkg Sayur : Cipamokolan ?? Wah didinya mah tempat onta jeung koala hungkul atuh, kalem weh beres pokona mah santai.

(Tukang Sayur buru-buru ka daerah Cipamokolan nge-cek kaayaan diditu, samentara Pendul aya di kantin keur meuli teh manis)

Pendul : Bu yeuh uing aya duit, sok buru jieun teh manis rasa jeruk nipis na !!

Bu kantin : Tahh kitu atuh, budak ngora mah kudu loba duit, ari hutang nu kamari kumaha?

Pendul : Kalem weh, jieun heula teh manisna…

(Bu kantin keur nyieun teh manis, teu kungsi lila tukang Sayur datang)

Tkg Sayur : Woyyy aku mencari kau !!

Pendul : Siapa kau?

Tkg Sayur : Ninja (bari ngajurus)

Pendul : Kela-kela pan silaing teh dinu naskah mah jadi tukang Sayur jeung juru pukul, naha jadi ka ninja..??

Tkg Sayur : Eh heueeh poho poho . . . Ulangi deui atuh.. Woyyy aku mencari kau !!!

Pendul : Siapa kau?

Tkg Sayur : Tukang Sayur….

(Bu kantin nyampeurkeun)

Bu Kantin : Kela aya naon ieu teh?
Tkg Sayur : Kieu bu, simkuring di tugaskeun neang jalmi nu ngarana Zaenudin? Kusabab manehna boga hutang ka bos kuring can dibayar!
Bu Kantin : Heueuh jug bae bawa weh, lieur didieu ge ngutang wae.. kela saha??? Zaenudin?
Tkg Sayur : Eh Pendul ketang, salah saeutik…

Pendul : Tapiiiiii, tapiii bu eta kumaha teh manis kuring, kadieu urang inum heula wehh.. mun geus di inum, kakarek tangkap uing.

Tkg Sayur : Sok atuh inum heula..

(Ahirna Pendul ditewak ku tukang sayur, pedah boga hutang nu can dibayar)

Pendul : (Nyanyi) Batree beakkkkk teh manisna beak,, Sayur dijual teh manisna beak…. Tidur nyenyak malam ini dengan selimut,,,,,, Hatur nuhun.

(Pendul di bawa ku Tukang Sayur, Atang asup)

Atang : Heloo cooy..
Bu Kantin : Naon siah ah so akrab pisan..
Atang : Edan meni judes jungkir balik, ieu bu simkuring asa hayang teh manis.
Bu Kantin : Ka arasupan jurig naon nya ? Ti kamari nu meulian dagangan teh ngan teh manis wae..
Atang : Mungkin kita haus bu…
Bu Kantin : Kumaha maneh we ah (bari nyieun teh manis).
Wawan : Heh !! (nepak tonggong) maneh kamana wae ? Ongkoh arek ka pameran batu akik di jatos tea.
Atang : Oh heueuh poho gusti nu agung..
Bu Kantin : Eh kela, maraneh duaan teh balad si Pendul lain?.
Atang : Heueuh, naon kitu bu ?
Bu Kantin : Eta pan bieu si pendul di bawa ku tukang sayur gara-gara loba hutang..
Atang : Alah siah, hayu wan urang salameutkeun si Pendul. Tapi si Pendulna dimana??
Bu Kantin : Teuing, da abdi mah lain ninina…
Wawan : Hayu weh urang teangan.
Atang : Heueuh hayu atuh buru. (bari nginum teh manis).
Wawan : Ayeuna?
Atang : Engke lamun geus lebaran haji, nya ayeuna atuh !!.

(Wawan jeung Atang lalumpat rek neangan si Pendul, tapi . . . )

Bu Kantin : Bayar heula teh manis na euy.
Atang : Kalem, isukan weh atuh..
Bu kantin : Ehh . . .

(Wawan jeung Atang kabur)

(Di jero gubuk leutik si pendul di talian ku tukang Sayur)

Pendul : Atuh laaaaahhh, hoyong uih….

Tkg Sayur : Cicing siah, dagoan bos urang balik ti Arab..

Pendul : Walaah lila teuing euy. Iraha kitu balikna?

Tkg Sayur : Engke sabulan deui, da karek indit kamari atuh ka Arab na ge..

Pendul : Eduuuuuuuunnn.

Tkg Sayur : Cicing heula weh. Urang ngadadak lapar ieu teh, meuli naon nya ?.

(Datang tukang seblak)

Tkg Seblak : Seblak . . . Seblak . . . Meuli hiji menang hiji !!!
Tkg Sayur : Bener eta teh ? Sabarahaan?.
Tkg Seblak : Bener atuh akaaaaaaaaaaang (centil). 2 rebu’an pira ge.
Tkg Sayur : Meuli atuh hiji..
Tkg Seblak : Yeuh, (mikeun seblak) Nuhun nya.
Tkg Sayur : Ongkoh meli hiji menang hiji..
Tkg Sayur : Pan eta ge menangna hiji. Kumaha sih ?? Teu bisaeun ngitung kitu ?? Aduuh ampun (bari indit).
Tkg Sayur : (ngahuleung)…..aduh aing katipu. (nepak tarang).

(Tukang Sayur nawaran si Pendul seblak, Teu lila Atang jeung Wawan manggihan eta si pendul nu aya dijero gubuk)

Wawan : Assalamualaikum . . .?
Tkg Sayur : Walaikumsalam . . ..
Wawan : Naha, nu nyulik si pendul teh bengeutna religi kieu euy ?
Tkg Sayur : Da kieu kieu ge santri atuh.
Atang : Jangan bergerak (bari ngacungkeun peso)
Tkg Sayur : Eits, eits, aya naon ieu teh? (ngaluarkeun pestol).
Atang : Eh kang kieu nya, eta babaturan abdi kunaon nya?
Tkg Sayur : Loba hutangna ka bos urang!!.
Wawan : Sabaraha kitu ?
Tkg Sayur : Ngan 175.250 perak pira ge. Tapi embung mayar wae gera.
Wawan : Yeuh atuh duit urang hela, tapi ngan aya 91.000.
Atang : Yeuh urang boga 84000. Sok jumlah keun aya sabaraha.
Tkg Sayur : Kela, jadi sabaraha nya ? 91.000 ditambah 84.000 jadi . . . lieur ah !! (ngaluarkeun kalkulator) Oh, kurangna 250 perak..
Wawan : Aduh aing mah meni itungan pisan, yeuh atuh ku permen weh hiji.
Tkg Sayur : Oke.
Atang : Hayu dul..
Pendul : Kamana? Embung ah ke urang di titah mayar hutang ka maneh jeung ka si Wawan..
Atang : Moal atuh, pan geus bestfriend’an ti orok.
Wawan : Heueuh bae teu kudu, siga kasaha wae atuh ah. Ngan eta weh, jajanan urang jeung si Atang unggal poe teh manis jeruk nipis salila 2 minggu.
Pendul : Aduh aing mah euweuh mendingna atuh ari kieu mah. Hayang eunggesan atulah drama na.. ameh teu kudu mayar.
Atang : Ehh, gera.. Lieur!

(Akhirna, drama tamat gara-gara si Pendul embung mayar ka si Wawan jeung ka si Atang)

Nah, demikianlah akhir dari cerita tentang si pendul yang tidak ingin membayar hutangnya kepada tatang dan wawan, amanat dari drama ini tentu saja kita jangan membiasakan diri untuk berhutang kepada orang lain dan tidak mau membayarnya, karena sesungguhnya hutang itu harus dibayar.

Demikian naskah yang dapat dituliskan pada kesempatan kali ini, semoga dapat menghibur dan dapat di jadikan sebagai referensi dalam pembuatan naskah untuk tugas mu, terimakasih.