Carpon Kang Sobri Tukang Nguseup di Walungan

Aya anu rareseup nguseup euy di dieu? Nah, carpon sunda atawa carita pondok ieu pokona rekomended pisanlah keur salira anu utamina miboga hobi kana ngusep lauk atawa mancing di walungan. Mun ceunah nurutkeun ceuk abdi, lamun ditingali tina alur caritana carpon ieu lumayan alus sabab salain bisa ngahibur aya sisi positif ogé dina ieu carita pondok ieu téh.

Nyaéta urang kudu sadar yén pentingna kana ngajaga ekosistem dina lingkungan urang, sabab saurna mah ceunah alam moal kukumaha lamun teu aya jalmi tapi sabalikna jalmi moal bisa kukumaha lamun teu aya alam. Nah, langsung bae lah di aosan carpona dina judul kang sobri tukang nguseup di handap ieu.

Judul: Kang sobri ngusep
Karya : Mamat Sasmita
Téma: Pentingna ngalestarikeun lingkungan alam

Carpon Kang Sobri Ngusep di Walungan

Isuk-isuk Kang Sobri ngingkig indit ka belah kidulkeun. Tuturubun ka handapeun jambatan di sisi walungan. Alak ilik, néangan tempat nu merenah jang nguseup. Maju ka beulah kulon, néangan tempat nu iuh. Di deukeut rungkun sadagori manehna eureun, didinya caina rada ngeyembeng teu nyéot teuing, siga leuwi.

Kang sobri tuluy bebenah, tali kenur nu rada kusut dibébérés, dipasangkeun kana jeujeur. Useup dieupanan ku cacing kalung. Lung useup dialungkeun kana cai, kang sobri diuk andéprek dina jukut nu semu reumisan.

Tabuh salapan isuk-isuk keur meujeuhna haneut moyan. Langit lénglang. Angin ngahiliwir. Nyaksrak haneut mata poé kana tonggong, diusapan ku angin ngahiliwir, duh genah pisan karasana.

Poé ieu rék nguseup, rék mopohokeun karudet sapopoé. Mata dipaké manco kana tungtung jeujeur, mata manco kana kenur, mata manco kana kukumbul. Sakapeung panon lalajo budah cai nu silih udag, sakapeung panon lalajo runtah nu palid, sakapeung panon lalajo tungtung daun nu kaoyagkeun ku angin.

Pikiran bari museur hayang meunang lauk gedé. Ngalelentuk nyekel jeujeur, karasa cangkeul. Jeujeur digolérkeun dina jukut, didempét ku batu, bisi jeujeur ka gusur mun aya nu nyangkut.

Kang sobri muka kantong nu disoléndangkeun. Ngaluarkeun bebekelan, kulub sampeu jeung cai haneut dina termos leutik. Lemper dua siki jeung leupeut dua siki. Meunang meuli ti warung Ceu Enyi basa rék indit. Karasa nimat ngagayem kulub sampeu diguguntur ku cai haneut. Ditambah ku ngagayem leupeut hiji, pédah tadi isuk can sasarap.

Séak jeujeur aya nu metot. Ngajol. Méh-méhan teu karawél. Jeujeur weregu melentung da ditahan terus semu dikenyedkeun, tuluy digolosor bari kenur ditarik, digolongan. Tah didieu nimatna nguseup téh keur pabetot-betot jeung lauk, mun teu tapis ngulur jeung narik, lauk bisa leupas deui atawa kenur bisa pegat.

Gudibegna lauk kaciri dina cai nu rada ngambul mulek, meunang bibit yeuh. Lauk béak tanaga, nyanghap kaluhur, biwirna katiir ruruhit useup. Lauk engap-engapan ngahégak capé. Pasrah, kokoléaban dina beungeut cai. Enyaan bibit, mun ditimbang mah kira-kira aya sakiloeun, kitu gerentes kang Sobri.

Kang Sobri muru ka sisi walungan, nu dicekel lain jeujeur deui tapi kenurna, dipulut ku leungeun. Lauk ngambang engap-engapan. Barang rék kep dicekel pisan, lauk ngagudibeg, cai muncrat kana beungeut kang Sobri. Bisa baé leupas.

Lauk ngoléab deui. Kek ditéwak, beunang. Dibawa ka darat. Lauk teh buncir, siga keur endogan, boa-boa tereh megar. Kang Sobri neuteup lauk, lauk neuteup kang Sobri. Biwir lauk engap-engapan. Kang Sobri ngahuleng, engapna lauk siga nu ngajak ngomong.

Lila-lila lauk limpeu, ku kang Sobri diwadahan kana koja bekelna, tuluy di kana caikeun.. Lauk buncir hayang leupas, koja dicangreudkeun kana sadagori. Lauk buncir ngagudibeg, koja nu jadi panjara.

Kang Sobri ngalungkeun deui useup ka leuwi, dikenyed-kenyed sangkan kenurna merenah, panon manco ka tungtung kenur, kana jeujeur weregu. Lauk dina koja ngagudibeg, kang Sobri ngarérét. Enya buncir lauk téh, keur endogan, téréh megar.

Mun ieu lauk diala, digoréng, dicobék make sambel jahé atawa dipésmol, endogna pasti pungkil jeung girinyih. Didahar sosoranganan bari sila andekak, nyetrok céngék, seuhah, nimat kabina-bina.

Tapi saha nu rék masakna? Di imah kang sobri ngan sosoranganan, imah gé ukur kamar kontrakan. Sabenerna gampil nu masak mah, tinggal dibikeun ka ceu Enyi, nu boga warung hareupeun kamar kontrakanana. Moal burung diasakan sapaménta. Bageur Ceu Enyi mah, mindeng ngirim deungeun sangu, mindeng méré nganjuk mun keur teu boga duit keur meuli deungeun sangu.

Kang Sobri, lalagasan kénéh, gawé jadi guru sakola dasar, kakarak dua taun diangkat jadi pagawé nagri. Mun pasosoré ka kamar kontrakanana, rajeun sok datang anak ceu Enyi, nu kakarak kelas lima sakola dasar ngadon nanyakeun PR ti sakolana.

Wekel budak téh, teu eraan tatanya, pinter budak téh da teu weléh réngking di sakolana. Éta meureun pangna ceu Enyi jadi bageur. Keur kang Sobri mah resep wé ngajar ka barudak téh, da éta mah geus tugasna, prédikat guru téh teu leupas najan teu keur di sakola, dimana baé gé kudu tetep méré conto ka barudak.

Ayeuna gé nguseup téh pédah wé keur poé peré, rék balik ka lemburna rada hororéam malum ahir bulan, boga bekel téh ukur mahi keur dahar.

Grebeg! Lauk kokoléaban deui dina koja, enya gedé lauk téh, mun dijual bakal payu meureun tilu puluh rébu mah, cukup keur ngaganjel dahar dua poéeun. Lauk diteuteup, buncir pisan. Endogna pasti loba, mun megar pasti ngarébu atawa saeutikna ngaratus burayak, anak lauk.

Lauk engap-engapan, kang Sobri neuteup ka jauhna, kana budah cai nu kabawa palid, kana tungtung jeujeur, kana kenur nu keur manteng. Mun lauk digoréng, didahar jeung sambel jahé, ukur nimat saharita. Mun lauk dileupaskeun tuluy endogna megar, meureun bakal baranahan, lauk nu galedé bakal nambahan di ieu walungan.

Kang Sobri inget ari keur méré pelajaran lingkungan hidup ka barudak. Sok nganaha-naha ka nu ngala lauk make sétrum. Sok nganaha-naha ka nu ngala lauk maké tuak. Sok nganaha-naha ka nu miceun runtah sahayuna. Sok nganaha-naha ka pabrik nu miceun cai kotor sahayuna. Sok nganaha-naha ka nu ngaranjah leuweung sahayuna.

Jeujeur nu dicekel diselapkeun jeung kenurna dicangreudkeun kana tangkal sadagori, Kang Sobri ngadeukeutan kana koja, pikiranana sabil leupaskeun atawa entong. Mun digoréng garing dicocolkeun kana sambel jahé, bakal nimat didaharna, mun dileupaskeun, endogna bakal megar jadi burayak sakitu lobana.

Kang Sobri panceg, mending dileupaskeun. Kang Sobri inget ka kapiadina nu keur bureuyeung bulan alaeun, mun leumpang siga nu ngagégag, teu weléh nyekel beuteung. Kang Sobri inget kumaha cakah cikihna kulawarga waktu kapiadina brol ngajuru.

Kang Sobri ngadéngé kumaha ngahégakna nu ngajuru. Kang Sobri milu ngarasakeun kumaha bagjana nu ngajuru kalawan salamet, orok diadanan, orok dimandian, orok dibagéakeun. Indung jadi papayung, indung tempat panyalindungan, kanyaah indung moal laas ku jaman.

Koja dibuka, lauk disorong sina ngoloyong ka walungan bari pok ngomong lalaunan Leungli jung geura ngajuru, sing baranahan, anak manéh sing loba minuhan ieu walungan, geura aping anak-anak manéh nepi ka gedé.

Bulan hareup uing rék nguseup deui didieu, meureun bulan hareup mah manéh téh kawajiban ngaping anak geus lekasan, manéh kudu nyantok deui eupan kami kang Sobri nyebut leungli téh pédah inget kana dongéng Si Leungli, lauk nu sosobatan jeung budak awéwé lanjang.

Keur kitu aya nu ngomong tukangeunana, teu kanyahoan ti mana jolna “Naha dileupaskeun jang guru?” Ari dilieuk sihoréng mang Kanta, tukang béca nu sok mangkal di hareupeun sakola tempat kang Sobri ngajar.

“Euh.. sumuhun mang, karunya nuju buncir endogan.” “Lah jang guru mah, ari ka emang teu karunya kitu? Mun di ka emangkeun mah cekap kanggo ngalironan beas tilu kiloeun.”

Kang Sobri teu ngomong, ukur ceuleumeut bari sibanyo terus mérésan koja. Kang Sobri teu mikir nepi ka dinya, teu mikir lauk kudu dibikeun ka mang Kanta.

“Muhun mang, engké upami kénging deui.” Ukur kitu omong kang Sobri. “Leres jang guru, da panginten urang mah benten paniatan nguseup téh. Éta emang mah sakapeung sok nongton nu nguseup di laut dina télévisi, geuning upami tos kénging téh laukna sok teras dileupaskeun deui Bénten paniatan kumaha mang?

Ari emang mah nguseup téh teu bénten sareng usaha numbu umur, hasil tina nguseup téh kanggo barang dahar barudak, selang-selang tina ngabeca. Upami hasilna seueur tiasa digentoskeun kana béas, upami hasilna sakedik nya sok digoréng wé kanggo réncang sangu.

Ari niat jang guru mah panginten nguseup téh mung sakadar kalangenan, mung resep nuju disanggutna, hasil laukna sanés udagan. Suka bungah téh nuju pabenyeng-benyeng kenur, melengkungna jeujeur, gudibegna lauk. Ari kanggo emang mah suka bungah téh ningali anak tiasa barang dahar, balakécrakan dahar lauk.”

Kang Sobri unggut-unggutan, kang Sobri mulut kenur, kang Sobri memeres jeujeur. Mang Kanta ngajogo nungguan useup disanggut. Kang Sobri amitan mulang tiheula.

Sabulan ti harita dina mangsa poé peré, kang Sobri keur ngajogo sisi walungan, tempatna urut nguseup bulan kamari. Jeujeur weregu di lelempeng, tali kenur dibébérés, ruruhit useup make eupan cacing kalung. Niat nguseupna hayang meunang lauk gedé, mun meunang, laukna rék dibikeun ka mang Kanta.

Useup dialungkeun kana cai nu liuh, nu caina semu muih lalaunan. Anteng manteng, neuteup tungtung jeujeur, anteng neuteup tungtung kenur, anteng neuteup budah cai.

Cék sawaréh jalma mah, nguseup téh pagawéan tambuh laku, ngajejentul moé manéh. Cék sawaréh, nguseup téh neundeun harepan, apan rijki mah tara pahiri-hiri.

Kang Sobri salila-lila ngelelentuk neundeun harepan, hayang ningali barudak mang Kanta balakécrakan. Méh tengah poé, jedud useupna aya nu nyantok, gulusur kenur kadudut, jeujeur geuwat dikenyang ngagentak. Lauk karasa nyoloyong ngilu kana kenur nu dipulut, euweuh gudibeg, euweuh pabenyéng-benyéng kenur.

Kaciri lauk badag, nyoloyong nuturkeun kenur. Kang Sobri olohok, di tukangeun lauk badag ting gurilap lauk leutik siga nu ngiringkeun, loba, loba pisan, ngaratus boa ngarebu. Laleutik kénéh sagedé-gedé cinggir budak. Lauk badag beuki nyoloyong nampeu kana biwir cai hareupeun kang Sobri.

Subhanalloh céuk kang Sobri. Kang Sobri turun ngadeukeutan lauk tuluy dirampa dihanjatkeun ka darat lalaunan, diangkat ku dua dampal leungeun. Lauk cicing, lauk ukur engap-engapan.

Ieu téh manéh leungli? kang Sobri ngomong semu ngaharewos. Lauk ngagibeg lalaunan. Dina biwir cai anak lauk beuki ngaronyok, siga hayang ngajol ngadeukeutan ka lauk badag, ka indungna. Kagambar beungeut Mang Kanta nganaha-naha basa lauk dileupaskeun deui, kagambar barudak mang Kanta balakecrakan ngadahar goréng lauk.

Lauk badag diusapan, lauk badag dirawu di ka caikeun deui. Leungli kuring nganuhunkeun, anjeun geus nohonan jangji, anjeun tigin kana jangji. Jung geura aping anak manéh, sina galedé, sina ngabeungharan ieu walungan kang Sobri ngaharéwos bari nepak cai, tuluy meresihan ramo.

Lauk ngoléab, nyoloyong ka tengah cai nu ngajumbleng, ngagedebeg rosa, cai muncrat kana beungeut kang Sobri. Kang Sobri seuri bari ngusap beungeut nu baseuh ku cai walungan. Lauk teuleum dituturkeun ku anakna nu laleutik kénéh.

Kang Sobri bébérés, kenur digolongan, eupan diawurkeun ka walungan. Kang Sobri ngagedig ngingkig balik.

~Tamat~

Artikel Sanesna: Carita Pendek Tukang Sol Sapatu

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *