Paguneman Percakapan Tentang Si Kabayan Untuk 2 Orang Lucu

Basasunda.com – Contoh Paguneman Tentang Si Kabayan Untuk 2 Orang Basa Sunda dibawah ini, merupakan sebuah cerita paguneman pendek yang cukup singkat dan juga lucu. Nah penasaran seperti apa dialog percakapan tentang si kabayan ini?

Paguneman Dialog Percakapan Basa Sunda Tentang Si Kabayan

 Paguneman Tentang Si Kabayan Untuk 2 Orang Basa Sunda Lucu
Baiklah langsung saja silahkan disimak, tapi sebelumnya mohon maaf apabila percakapan tentang si kabayan ini baru sedikit yah? Mungkin nanti akan saya tambahkan kembali percakapan atau paguneman yang lainya.

Eweuh Ka Hayang
Nyi Iteung: “Cik atuh Kabayan hirup teh sing aya kahayang geura, kos cara batur!”
Kabayan: “Nya da’ uing ge aya, ari kahayang mah.”
Nyi Iteung: “Hayang naon, ari maneh?”
Kabayan: “Hayang nyandung deui deuleu!”

 

BLEK
Kabayan: “Bener nya, basa Inggris jeung basa Sunda mah mani lalawanan pisan.”
Udin: “Lalawanan kumaha kabayan?”
Kabayan: “Kecapna sarua, tapi hartina mani beda pisan.”

Udin: “Naha, saperti kecap naon tah?”

Kabayan: “Kecap BLEK.”

Udin: “Naha kumaha kitu?”
Kabayan: “Pan dina basa Inggris mah, blek teh hartina hideung.”
Udin: “Ari dina basa Sunda?”
Kabayan: “Dina basa Sunda mah, blek teh hartina…bodas.”
Udin: “Ceuk saha blek hartina bodas?”
Kabayan: “Buktina, unggal kuing ka warung meuli KURUPUK BLEK, pasti ku tukang warung diberena kururpuk bodas. Jadi jelas, blek teh hartina bodas din.”

 

Kerja Bakti
Pa RT: “Kabayan, hayu urang kerja bakti!!!”
Kabayan: “Mangga Pa RT, engke hela tanggung ieu kuring keur nuju nyeuseuh heula.”
(Geus sababaraha jam, si kabayan teu kaluar wae ti imahna)
Pa RT: “Kabayan, hayu buru urang tuang heula, bisi kaburu tariis manten geura.”
Kabayan (haget pisan): “Mangga Pa RT, ayeuna keneh abdi dongkap ka dinya.”
Pa RT (bari gugurutu): “Dasar Kabayan, mani haripeut ari kana barang hakan mah!”

 

Udud Mahal
Abah: “Sinarieun maneh kabayan, ngajejentul bari manyun, pan sasari mah sok bari ngudud maneh?”
Kabayan: “Keur naon ngudud, teu ngeunah! Matak ngaruksak kasehatan ceuk dokter oge pan!.”
Abah: “Sukur atuh ari geus eling mah. Tadina mah arek dibere, yeuh abah boga roko anu pang mahalna.”
Kabayan: “Nu bener bah? Cing ngasaan sabatang mah!”
Abah: “Cenah teu ngeunah?”
Kabayan: “Eh, ari teu ngeunah mah soteh mun digayem bah!”
Abah: “Ari maneh, sugan teh heu’euh geus eling.”

Baca juga: