Naskah drama

Naskah Drama Sisindiran Si Kabayan Untuk 6 Orang Bahasa Sunda Lucu!

×

Naskah Drama Sisindiran Si Kabayan Untuk 6 Orang Bahasa Sunda Lucu!

Sebarkan artikel ini

Contoh naskah drama bahasa sunda untuk 6 orang ini termasuk dalam kategori drama sunda lucu atau bodor/bobodoran. Mengapa demikian? Karena, dilihat dari alur cerita yang dimainkan, drama ini menggunakan pantun sisindiran yang sangat menghibur dan lucu.

Naskah drama basa sunda ini masih berhubungan tentang si kabayan sebagai tema dari alur ceritaya, yang pastinya unik sekali untuk di pentaskan kedalam sebuah cerita drama nantinya, berikut nama-nama tokoh dalam drama sunda kali ini.

 

Advertise By Adsense
Advertise By Adsense
Tokoh Dalam Drama :1. Nama Kamu, sbg : Ujang
2. Nama Kamu, sbg : Neng Onah
3. Nama Kamu, sbg : Nyi iteung
4. Nama Kamu, sbg : Abah
5. Nama Kamu, sbg : Kabayan
6. Nama Kamu, sbg : Ema

 

NB: Silahkan sesuaikan nama-nama pemeran dalam naskah drama berikut sesuai dengan nama-nama dari ke-6 kelompok kamu, misalnya dengan menyunting nama-nama berikut: “Kelompok dua, sandi, elia, fauzan, ari, yuliana, atau juga neng onah dan lain-lain.


Contoh Naskah Drama Bahasa Sunda 6 Orang!

( Judul : Nyi iteung Pegat Tali Asih Jeung Kabayan )
Naskah Drama Sisindiran Si Kabayan Untuk 6 Orang Bahasa Sunda Lucu

Sampurasun…

Ka Mang Oman dititah ku uwa
Ngan hanjakal eweuh mang Omanna
Tepangkeun ieu kelompok dua
Anu garaya eweuh tandingna

Aya budak mani beresih
Cicingna teh di Sukadana
Nyi Iteung pegat tali asih
Eta pisan judul sindirna

Ngala cai dina kendi
Pas tepi eweuh caian
Kenalkeun simkuring sandi
Nu merankeun si kabayan

Ka ciamis meli koya
Papanggih jeung balarea
Nepangkeun wasta elia
Jadi iteung nu kasohor tea

Sasih ayeuna musim hujan
Caina teh loba nu mubah
Tepangkeun simkuring fauzan
Nu merankeun palaku abah

Loba nyeri loba tugenah
Nyerina teh kabina bina
Tepangkeun simkuring neng onah
Balad iteung nu pang bageurna

Ka pasar rek meli cai
Aya lutung dahar gedang
Tepangkeun simkuring ari
Nu kasep ti karanggedang

Make sarung teu di calana
Iinditan mekah madinah
Nepangkeun wasta yuliana
Janteun ema bojona abah

“Sumangga atuh regepkeun Aa, Teteh, sisindiran bade dikawitan”
” Kacaturkeun di hiji poe, Nyi Iteung keur ngahuleng di sisi balong bari ngoprek cai. Lantaran honcewang ka budakna nu hiji-hijina, Ema jeung Abah Iteung nyampeurkeun tuluy nanya ka Iteung.” 
Ema : Ka Cimaragas meuli buleng
 Nu dagangna meuni kuuleun
 Ku naon Iteung hulang huleng?
 Mani siga domba jualeun
Iteung : ka warung meuli obat puyeng
 Aya combro anu gaaleun
 Atuh wajar Iteung ngahuleng
 Da kabayan pikasebeleun
Abah : Pangandaran Pamarican
 Rea pisan tatangkalan
 Kunaon kitu Kabayan?
 Ku Abah cuang paehan
Iteung : ka pasar meuli pakean
 Ka warung meuli manisan
 Ih Abah tong dipaehan
 Da Iteung teh bogoh pisan
” Keur kitu jol Kabayan jeung babaturanna, sarta neng Onah nu mangrupakeun sobat daleutna Iteung, aranjeunna bade nepangan Nyi Iteung. “
Kabayan :”Assalamualaikum”
Di Pangandaran loba kumang
Loba bule anu harideung
Kumaha abah ema daramang?
Kuring datang rek nepangan iteng
Ema : ka kebon mamawa rantang
Kebona karasa keueung
Tah geuning kabayan datang
Ema melang ka si iteung
Abah : ngajang ka imah bi oon
Di jalan loba nu melong
Maneh teh migawe naon?
Iteung ceurik sisi balong
Ujang : dahar nangka anu atah
Tungtung na teh nyeri beuteung
Tah abah kang kabayan tah
Tadi geus megatkeun iteung
Neng onah : mawa sangu ngan sakeupeul
Indit na poe salasa
Tah abah kabayan teungeul
Pek mangga tong asa asa
Kabayan : indit bareng ka sakola
Di jalan manggih pala
Keheula abah keheula
Kabayan rek ngomong heula
Abah : indit ka pasar jeung mamah
Aya nu gelo nuturkeun
Sok atuh arek ngomong mah
Kapaksa cuang dengekeun
Neng onah : aya jalma  nu ker moyan
Awak na nepi ka ngebul
Lah gandeng maneh kabayan
Maneh mah raja na debul
Ujang : moro bagong make panah
Loba sato nu araneh
Maneh nu tong gandeng onah
Da lain urusan maneh
Neng onah : Ka citanduy ngala hurang
Ngala hurang jeung parawan
  Keun bae kumaha urang
Montong sok kalah ngalawan
Ema : Si icih keur nyeuseuh hordeng
Beungeutna kacida sangar
Garandeng maneh garandeng
Tong kalah nambahan jangar
Kabayan :Mang sumanto keur nyeurieun beuteung
Saeunggeus dahar di si Adrian
Lain kuring teu bogoh ka iteung
Ngan kuring teh rek fokus ujian
Ujang : Si Fauzan keur nganterkeun
Awewena alus pisan
Tah gening abah dangukeun
Pegat teh jang ka alusan
Abah : Di cirahong meuni keueung
Kusabab loba jurigan
Ih dasar maneh teh iteung
Pan maneh ge rek ujian
Iteung : Aya beurit dina para
Di uudag ku si tata
Hampura abah hampura
Iteung teh teu mikir eta
Neng onah : Tah rengse atuhnya masalah teh? Intina mah Teung:”
 Si Cila kabogoh Fauzan
 Hanjakal kalah pepegatan
 Mun bogoh tong kamalinaan
 Ayeuna mah fokus ujian
” Sakitu sisindiran anu kapihatur ti kelompok dua.. “
Obat leho make insana
Meulina di neng Yuliana
Hatur nuhun kana perhatosanna
Punten kana kalepatanna

Wassalamualaikum Wr.Wb..Nah, demikianlah Contoh Naskah Drama Bahasa Sunda Untuk 6 Orang yang dikemas kedalam pantun sisindiran, mudah-mudahan dapat bermanfaat, jangan lupa baca juga drama sunda lainnya dibawah ini.

Baca:
Aneka 10 Macam Jenis Pentas Cerita Drama, Yang Harus Kamu Ketahui!
• Naskah Drama Sunda Komedi (Bodor) 5 Orang

sumber: google.co.id