Dongeng Sunda

Dongeng Fabel Sunda Lucu “Sakadang Peucang”

×

Dongeng Fabel Sunda Lucu “Sakadang Peucang”

Sebarkan artikel ini
“Fabel sakadang peucang”
Dongeng Fabel Sunda Lucu "Sakadang Peucang"

Jaman baheula di hiji leuweung, wanci tengah poe ereng-erengan, sakur sasatoan keur ngariuhan. Kacaritakeun peucang, manehna pohara ngarasa halabhabna.

Kolonyong peucang ka walungan nu pareunahna teu anggang ti dinya. “Ah, rek ngalekik nginum saseubeuhna ”, kitu ceuk pikirna.

Advertise By Adsense
Advertise By Adsense

Karek ge dua-tilu leguk, gep teh sukuna aya nu ngegel. Peucang reuwas lain meumeueusan, tapi teu bisa ngejat lantaran sukuna pageuh kacakep.

Boro-boro ngejat, ngajerete ge hese! Peucang jaba reuwas jaba nyeri, jaba kaduhung deui dirina teu ati-ati. Bakat ku halabhab atuda, sologoto kana cai we, buhaya mah nu keur nangoh ngadodoho, teu katenjo.

Tapi dasar peucang mah pinter. Sakolepat ge geus manggih akal sangkan dirina salamet. Sanajan sukuna karasa nyeri digegel ku buhaya nu huntuna sakitu ranggetengna, tapi peucang api-api teu ngarasa we.

Luk deui tungkul neruskeun nginum. “Aeh aeh.. geuning aya maneh, buhaya! Keur moyan nyah? Hampura nya kuring teu sopan, ngaliwat teu pupuntenan. Boa-boa bieu teh katincak irung? Hampura nya, teu kuat ku halabhab kuring teh!” ceunah.

Ngadenge omongan peucang, buhaya ngarasa heran. Naha peucang mani tenang, kawas nu teu ngarasaeun sukuna digegel? “Tong ngadahar dahan kai atuh, buhaya! Moal ge ngeunah!” ceuk peucang.

“Maaaaana dahan kai? Pan ieu mah suku maneh, cang!” ceuk buhaya , ngomongna rada ngosom, da bari barang gegel.

“Emh…watir! mun kuring boga hakaneun mah, meureu dibikeun ka maneh. Tapi naon atuh da kuring mah teu boga nanaon. Boga awak ge apan ieu sakieu leutikna. Jeung barina ge boga uruseun anak pamajikan.

Mangkaning pamajikan kuring kamari anyar ngajuru deui, teuing opat teuing lima saborojolan teh” ceuk peucang.

“Cik atuh sing karunya ka kuring, cang! Piraku kuring kudu paeh kalaparan. Cik atuh menta suku maneh hiji mah, lumayan we jang ngaganjeul beuteng….” buhaya ngomong mani lengas-lengis sangkan dipikarunya.

“Heug atuh ari maksa-maksa teuing mah, watir we kuring mah.. ngan pek atuh lepehkeun heula etah dahan kai nu keur diheungheum teh!

Terus sungut maneh calawakkeun sing tarik, ngarah buntung sakaligus, da nyeri ari disegetan saeutik-saeutik mah!” ceuk peucang.

“Sok ayeuna mah geura calawak sing rubak….!” peucang marentah bari panonna gular-gilir neangan dahan atawa awi nu sakira meujeuhna pikeun metakeun akalna.

Ari buhaya barang karasa kana sungutna aya nu asup, capluk weh nyapluk sataker tanaga! Da samarukna nu asup teh suku peucang sakumaha ceuk perjangjian tea.

Atuh puguh we…ari capluk, ari ceb….si haur teh nyeundak kana lalangit sungutna luhur handap, terus nyeceb hese dipukahkeunnana da kapaseuk ku regang nu rungseb dina saban bukuna!

Sungut buhaya jadi samutut, rungkang ku regang haur! Kalah ku haben digubag-gabig, laun-laun mah haur teh nungtut narecat tina sungut buhaya.

Tungtungna golomong weh lesot sapisan. Arisot ari seot.. buhaya ngudag ka sisi cai. Tapi peucang geus mangpret ka tonggoh, lain udag-udageun tukang di cai.

Buhaya ngawakwak nyarekan jeung ngati-ngati. Peucang kalah seuseurian. HaHaHaaaaaa…!!

Thanks__

sumber: google.com