Dongeng Sunda

Dongeng Sakadang Peucang Jeung Monyét Nu Korét Teu Méré Jambu!

×

Dongeng Sakadang Peucang Jeung Monyét Nu Korét Teu Méré Jambu!

Sebarkan artikel ini
Dongeng Sakadang Peucang Jeung Monyet Ngala Jambu yang lucu bahasa sunda

Pada kisah kali ini, kita akan menceritakan tentang cerita dongeng si kancil dengan se’ekor monyet yang sedang kelaparan disebuah pegunungan pada saat musim kemarau panjang melanda. Cerita ini tergolong lucu, dan akan dihadirkan ke dalam bahasa sunda pastinya, serta dilengkapi pula dengan amanat dan rincian pada dongengnya.

Pada cerita dongeng ini, akan mengangkat tema akan pentingnya kita berbagi makanan dengan orang lain yang membutuhkan. Melalui sebuah dongeng kali ini, tentu saja diharapkan dapat memberikan amanat yang positif kepada anak-anak, berhubung fungsi dongeng ini sendiri adalah sebagai salah satu sarana pendekatan yang cukup efektif sebagai media pembelajaran.

Advertise By Adsense
Advertise By Adsense

Baca juga: Kumpulan 9 Contoh Cerita Dongeng Fabel (Sasatoan) Bahasa Sunda!

Dongeng Sakadang Peucang Jeung Sakadang Monyet (Ngala Jambu)

Dongeng Sakadang Peucang Jeung Monyet Ngala Jambu yang lucu bahasa sunda

Panon poé panas morérét, usum halodo geus meujeuhna entak-entakan. Jujukutan gararing kabeh, tatangkalan kitu ogé kari kalakay. Solokan jeung balong anu laleutik mah geus réa anu sara’at téh. Halodo ampir sataun atuda. Ngan saukur aya sasatoan anu bumetah di Gunung Ganggong, ukur bisa raripuh.

Sato kayaning bajing, bangkong, oray, anu salila halodo nyirekem di liang anu baseuh tur jero, geus marulai kareselen jeung lalapareun. Malah mah loba sasatoan ti bulan-bulan kamari kénéh geus ngungsi ka gunung-gunung anu cenah geus aya usum ngijih. Tapi réa ogé sato anu bertahan di Gunung Ganggong. Maranéhna yakin, yén hujan téh sakeudeung deui pasti turun.

Sakadang peucang kaasup anu henteu galideur. Basa kuda, embé jeung kelenci ngajakan ngungsi, manéhna ukur gigideug.

“Halodo téh geus lila teuing, maenya pangéran ogé ngantep kasusah keur mahlukna. Da kuring mah yakin, hujan téh moal lila deui turun,” cenah kitu alesanna téh.

Atuh babaturana teu bisa kukumah deui, tuluy maranéhna mah arindit ngabring ti subuh-subuh kénéh keur ngunsi. Tangtu waé sakadang peucang boga pamadegan kitu téh kudu diperjuangkeun. Ampir unggal poé manéhna asruk-asrukan ka jero leuweung pikeun néangan bungbuahan atawa jujukutan anu masih bisa kénéh didahar.

Hiji poé sakadang peucang ampir sapoé jeput asruk-asrukan néangan kadaharan di leuweung, tapi teu saeutik ogé aya jukut anu masih héjo, komo deui bungbuahan. Beuteungna geus murilit ti tadi kénéh. Teu ngahaja balikna mapay-mapay solokan garing. Naha atuh handapeun solokan garing téh aya sétu anu caina masih pinuh.

Di sisi sétu aya tangkal jambu, anu sigana mah keur meujeuhna leubeut. Sakadang peucang gancang tuturubun turun. Enya baé jambu anu ti tonggoh mah katempona laleutik téh geuning mani keur meujeuhna arasak. Tapi disidik-sidik téh geuning aya anu keur ngalaan, nyaéta sakadang monyét. Kabeneran yeuh, aya anu mangalakeun, pikirna sakadang peucang.

“Sampurasun, dulur. Geuning nuju ngersakeun ngadamelan jambu,” ceuk sakadang peucang adab naker.

Kisah Dongeng Sakadang Peucang Jeung Monyet Ngala Jambu yang lucu bahasa sunda

“Sampurasun sampurasun, rék ménta jambu kitu!” témbal monyét bari runyah rényoh ngadaharan jambu.

”Sumuhun kitu, ki sobat. Sugan gaduh katresna sakedik mah, sim kuring téh hayang dialungan jambu dua siki mah.”
”Dular dulur sobat sibut, maké ngaku dulur sagala! Déwék mah teu boga dulur siga silaing. Hayang jambu mah naék weh atuh sorangan!” bales sakadang monyét.

Atuh sakadang peucang ngahénén bari seuri konéng. Beuh cilaka ari kieu mah, hararésé geuning nyarita jeung mahluk nu teu gableg polo mah, gerentes dina haténa.

“Upami abdi naék mah apan ki sobat ogé uninga, simkuring mah teu tiasa. Cing atuh geura alungkeun hiji mah, anu bareubeu gé teu sawios.” Ceuk peucang.
“Lamun teu bisa naék, tuh loba anu marurag, anu geus baruruk pulungan wéh.” Tembal sakadang monyét.

Sakadang peucang ngahuleng. Dasar monyét mahluk teu gableg pucus, teu bisa dipidulur, teu bisa dilemesan. Sugan kudu ku cara garihal mangkluk siga kieu mah, gerentesna deui.

“Hey, nyuk! Dasar mahluk teu boga otak! Teu bisa diajak nyarita lemes, teu bisa dipidulur. Ngacapluk téh persis urang gunung, teu boga kanyaho. Moal méré mah atuh ngomong-ngomong anu lemes ké! Dasar kalakuan henteu berbudi, mahluk teu boga polo, henteu gaul! Dasar mahluk kelas handap!” Ceuk peucang.

Sakadang monyét atuh kacida reuwaseuna diésék-ésék jeung dihina siga kos kitu. Tara aya anu wani nyebut kunyuk ka manéhna. Komo deui ditambahan ku nyebut mahluk kelas handap sagala mah.

Teu antaparah deui, belewer belewer wéh sakadang peucang téh dibalédogan ku jambu. Sakadang peucang ajleng-ajlengan bari ngahina deui, pokna téh :

“Geuning ngan sakieu pamalédog si panjang leungeun téh! Hanas wéh ramo rangoas ari malédog siga anu ngusapan mah!”

Puguh waé sakadang monyét beuki napsu. Jambu mani murubut malédogan sakadang peucang. Aya éta ogé hiji dua mah anu keuna, tapi ku sakadang peucang henteu dirasa. Sanggeus pangrasana jambu téh loba anu murag, sakadang peucang gogorowokan:

“Engges! Engges! monyét budug! Sakieu ogé geus meujeuhna keur simkuring mah. Sésana mah keur isukan wéh” cenah bari kutap-ketap ngadaharan jambu.

Jambu sésana dibungkus ku daun, tuluy dibawa balik ku peucang. Sakadang monyét molohok mata simeuteun. Sanggeus peucang henteu katembong deui, kakarak manéhna nyadar.

“Jadol téh, aing katipu ku si peucang, gerentesna. Tadina mah moal méré hiji-hiji acan, jadi wéh mekelan kuat bawaeun balik sagala.”

# Rengse..

Rincian Dongeng :

Judul : Sakadang peucang jeung monyet
Tema: Kudu daék babagi kadaharan jeung batur
Latar/Tempat : Gunung Ganggong wanci usum halodo
Panokohan : Sakadang peucang, sakadang monyet, jeung sasatoan laina
Waték : Sakadang peucang pinter neangan akal, sakadang monyet pelit tara daék barang béré ka batur.
Amanat: “Jadi jalma ulah korét, kudu daek méré. Mun boga kadaharan kudu daék barang béré ka batur.”

Clossing:

Sebagai makhluk hidup dan beragama muslim, memang sudah sepantasnya kita diwajibkan dalam berbuat kebaikan kepada orang lain. Karna orang yang paling terbaik itu adalah orang yang memberikam makan kepada orang yang sedang kelaparan.

Dalam agama islam sendiri, berbagi makanan dengan orang yang sedang kelaparan ini termasuk perbuatan amalan yang dapat menghapus dosa-dosa, mengundang turunnya rahmat, dan menyebabkan diterimanya tobat.

Nah, mungkin itu saja cerita dongeng singkat tentang se’ekor peucang atau (kancil) dengan monyet, yang sedang mencari makanan saat musim kemarau tiba di suatu tempat di sebuah hutan pegunungan. Semoga dongeng kali ini ada makna amanat positif yang bisa kita ambil di dalam ceritanya.