Dongeng Sunda

Dongeng Fabel Inspiratif Anak – Kisah Kuda Nu Tara Mandi

×

Dongeng Fabel Inspiratif Anak – Kisah Kuda Nu Tara Mandi

Sebarkan artikel ini

Siapa yang jarang mandi, ayo tunjuk tangan? Nah, berbicara mengenai jarang mandi, berarti malas juga dalam menjaga kesehatan serta kebersihan tubuh. Cerita dongeng fabel kali ini mungkin saja bisa bermanfaat serta menyadarkan bagi siapa saja yang malas dengan mandi. 😀

Dongeng ini akan menceritakan se’ekor kuda yang malas dengan mandi, sehingga dia tidak memperhatikan kesehatan dan kebersihan tubuhnya, meskipun sudah berulang kali diberitahu oleh teman-temannya, tetapi tetap saja dia tidak mau.

Advertise By Adsense
Advertise By Adsense

Namun akhirnya, pada suatu hari dia menyesali sendiri akibat kebiasaanya tersebut, setelah mengalami penyakit kulit panu yang dialaminya karena sebab jarang mandi itu.

Hikmah dari cerita dongeng ini memberikan gambaran betapa pentingnya mandi untuk menjaga kesehatan serta kebersihan tubuh. Karena sehat tidak cukup dengan makan-makanan yang bergizi serta rajin olah raga saja. Akan tetapi, kebiasaan yang satu ini sangat penting dilakukan setiap harinya.

Seseorang jarang mandi tentu saja disebabkan oleh rasa malasnya, seperti yang diceritakan dalam dongeng fabel bahasa sunda dibawah ini yang mengandung pesan moral betapa pentingnya menjaga kesehatan dengan hal-hal yang mudah.

DONGENG FABEL SUNDA KISAH KUDA NU TARA MANDI
Dongeng Fabel Inspiratif Untuk Anak Tentang Kisah Kuda Yang Malas Mandi Bahasa Sunda

Kuda Tara Mandi

Di hiji leuweung sisi walungan, aya sakadang kuda anu kacida kedulna kana mandi téh. Padahal mah walungan tempat mandina deukeut jeung imahna. Aya baé alesana anu diomongkeun ku sakadang kuda supaya teu mandi téh.

“Caina tiis pisan lah.. Kuring mah teréh asup angin lah.. Boga panyakit asam urat lah.. Sok téréh muriang lah..” Jeung lain sajabana, éta alesan nu kitu nu sok di jadikeun alesan ku sakadang kuda.

Dina hiji poé, aya sakadang peucang jeung babaturana nu keur marandi di walungan éta, atuh henteu poho salaku jadi babaturan mah manehna ogé ngajakan ka sakadang kuda supaya gabung.

‘’Hey sakadang kuda! Hayu geura urang marandi babarengan, caina seger yeuh! Mandi buru supaya awak urang ogé tetep seger.’’ Ceuk Gajah.

Sakadang kuda ngan saukur ngagédég hungkul sirahna, bari nempokeun sakabeh babaturana nu keur marandi. Tapi, manéhna mah henteu saeutik-eutik acan boga niat keur mandi.

‘’Hayu buruan kuda…! Urang mandi babarengan, engké lamun manéh henteu mandi awak manéh jadi bau geura.’’ Ceuk sakadang Kuya.

‘’Bener éta téh kuda! Lamun manéh henteu mandi, awak manéh jadi bau jeung euweuh babaturan anu daék deuket-deuket jeung manéh engkéna.’’ Ceuk sakadang sapi.

‘’Bener pisan éta, salian ti éta engkéna kulit manéh jadi ararateul.’’ Tembal sakadang Peucang.

‘’ Hahaa! Moal atuh, sanajan kuring teu mandi gé kuring mah sok ngajaga bulu kuring supaya bersih. Tingali naha ku maranéh, bulu kuring mah henteu kotor.’’ Ceuk sakadang kuda ngabela.

Sababaraha poé saterusna, kuda tara katempoan di sakitaran tempat walungan éta. Manehna kalah ngerem baé dijero imah. Peucang ogé ngarasa melang da watir paur di gondol ku maung, teu lila peucang ogé nyampeurkeun ka imahna.

‘’Hei sakadang kuda, babaturan kuring. Geus lila kuring tara nempo manéh. Kumaha manéh téh damang?’’ Ditanya ku sakadang peucang bari nempokeun kuda anu kucel pisan.

‘’Kuring ngarasa isin pisan, tingali naha awak kuring ayeuna dipinuhan ku bentol-bentol. Ararateul pisan, geus digaroan ogé tapi angger baé kalah nambahan loba.” Ceuk kuda bari ngarasula.

“Kuda, ieu téh panyakit kulit panu! Panu sala sahiji panyakit kulit anu disababkeun ku manéh tara mandi!’’ Ceuk peucang.

“Nu bener sakadang peucang? Tapi kan bulu kuring katempona bersih baé.’’ Tembal kuda ngabéla diri.


“Bersih timana? Éta mah ngan ukur ceuk manéh, da angger baé ceuk batur mah sabalikna.” Ceuk peucang téh, bari unggeuk jeung yakin, panyakit panu éta téh disebabkeun ku manehna tara mandi.

Babaraha poé saenggeusna sakadang kuda ogé sadar margi kesalahana nu geus ngarugikeun dirina sorangan nya éta ku sabab tara mandi.

Kuda ogé ngarubah kabiasaana ku cara ngabiasakeun mandi isuk jeung soré unggal poé.

Ges kitu, kuda ogé ngarasakeun awakna jadi leuwih seger jeung leuwih séhat. Manéhna nyadar lamun mandi unggal poé téh ngajadikeun awakna séhat lain sabalikna malik gering.

Ahirna, Kuda ogé ayeuna mah sok ngajaga kabersihan awakna, utamana mandi dua kali sapoe nya éta isuk jeung soré.

Rengse..

Nah, demikian untuk cerita dongeng fabel kali ini, jadi intinya dari dongeng fabel kisah kuda yang malas mandi bahasa sunda ini mengajarkan kita untuk senantiasa menjaga kesehatan dan kebersihan tubuh.

Dengan mandi 2x sehari setiap harinya agar badan kita terhindar dari kotoran yang menempel pada tubuh setelah seharian beraktifitas, karna jika terlalu lama kotoran yang menumpuk ini bisa menyebabkan sarang bakteri dan virus yang bisa membahayakan tubuh.

Oleh karena itu pula bagi para orang tua harus bisa mengajarkan pentingnya mandi ini kepada anak. Agar kuman dan kotoran tidak bersarang pada tubuhnya dan meningkatkan resiko penyakit akibat infeksi kuman.

Jelaskan pentingnya mandi 2x sehari ini untuk menjauhkannya dari kuman-kuman berbahaya yang bisa membuatnya sakit. Nah, semoga dongeng fabel ini bisa dijadikan sarana penjelasan tentang pentingnya aktifitas mandi tersebut sehingga bisa di manfaatkan orang tua.