Adat, Tradisi dan BudayaPidato, Biantara

Contoh Teks Ceramah Lucu Tentang Pernikahan Bahasa Sunda

×

Contoh Teks Ceramah Lucu Tentang Pernikahan Bahasa Sunda

Sebarkan artikel ini
Teks Ceramah lucu Tentang Pernikahan Bahasa Sunda

Pada kesempatan kali ini, akan dituliskan sebuah teks ceramah yang berhubungan dengan agama islam, selain untuk ceramah juga sebenarnya dapat digunakan dalam acara dakwah maupun pidato basa sunda yang akan mengangkat tema atau materi seputar pernikahan.

Baca juga: Kumpulan 5 Contoh Teks Pembawa Acara MC Pernikahan Bahasa Sunda!

Advertise By Adsense
Advertise By Adsense

Teks ceramah sunda walimatul nikah ini, kalau menurut saya pribadi sih terbilang lucu karena membahas mengenai pentingnya sebuah pernikahan. Selain itu, pada artikel ini sudah dilengkapi pula link untuk file dokumennya, yang berguna jika suatu saat mungkin kamu akan menggunakan materinya untuk disampaikan ke dalam bentuk lisan.

Misalnya untuk bahan referensi dalam menyampaikan ceramah, khutbah, maupun pidato karena pembahasannya ini mengandung nasehat kebaikan yang berhubungan dengan agama, terutama pentingnya bagi kita dalam melaksanakan ibadah pernikahan ini.

Teks ceramah tentang pernikahan lucu

Contoh teks ceramah saat acara pernikahan dengan bahasa sunda

Naskah teks ceramah ini termasuk lucu, sebab banyak diselipkan humor di sela-sela materinya. Karena memang ceramah tak selalu harus dibawakan dengan serius, adakalanya sang penceramah juga membawakan ceramahnya dengan cara yang lebih santai, dan juga menyenangkan.

Meskipun lucu, namun tidak membuat esensi dari ceramah yang sebenarnya ini hilang. Pesan utama dari ceramah akan tetap dapat tersampaikan. Hanya pengemasannya saja yang dibuat lucu. Sehingga akan membuat pendengar tidak merasa bosan, dan pesan yang disampaikan dapat diterima dengan baik oleh pendengar.

Baca juga: Prosesi Pernikahan Dalam Adat Sunda Dan Akadnya

Nah, jika kebetulan kamu mendapatkan tugas untuk berceramah, dakwah, maupun berpidato di depan umum, mungkin contoh teks ceramah tentang pernikahan lucu ini dapat dijadikan sebagai bahan referensi kamu nantinya. Berikut adalah contoh teks ceramah atau dakwah lucu bahasa sunda seputar pernikahan.

Teks Khutbah Ceramah Nikah (Pernikahan) Bahasa Sunda

Teks Ceramah Khutbah Pidato Tentang Pernikahan Bahasa Sunda

Assalamualaikum wr, wb..

Puji anu jadi pangais ati, Puja anu jadi panghias rasa, Puji urang sungkeun ka Gusti nu maha suci nyaéta Alloh Robbul Izzati, puja urang sanggakeun kanu maha kawasa nyaéta Alloh Azza Wazalla, anu mana nitih wanci anu mustari ninggang dina mangsa anu lugina.

Taqdir teu tiasa dipungkir, Qadar teu tiasa di singular urang sadayana dina dinten ayeuna tiasa riung mungpulung patepung lawung paamprok jenghok, pateupang raray dina haflah mubarokah nu mudah-mudahan tina ieu riungan sing di janteunkeun ku Alloh, sing dicatetkeun dina hiji kasaéan engkin di yaumal Qiyamah. Amiin ya Alloh ya robbal ‘Alamin..

Teu hilap solawat sinareng salam ogé mugia sing dikocorkeun, dikucurkeun, di kécérkeun ka jungjunan urang sadayana anu pang nyongcolangna sa-alam dunya nyaéta Nabiyana Muhammad SAW. katut ka kulawargina, sohabatna tabi’in sareng tabi’atna tur dugi ka urang sadayana anu hadir dina ieu tempat mugi-mugi kenging syafa’atna engkin di yaumal Qiyamah. Amiin ya Alloh ya robbal ‘Alamin..

Para hadirin nu di Rahmatan ku Allah SWT..

Sateuacan simkuring ngabahas masalah anu aya patula-patali, pakuat-pakait dugika pajeujeutna jeng masalah nikah, mangga urang leuyeupan heula dauhan Alloh dina al-Qur’an anu unggelna :

وخلقنكم ازواجا

(Jeung geus nyiptakeun kami ka maranéh kabéh barina sa jodo-sajodo)

Tegésna mah aya langit aya bumi, aya beurang aya peuting, aya caang aya poék, aya jangkung aya pendék, aya mancung aya pésék, nya kitu deui aya lalaki aya awéwé. Intina mah Alloh nyiptakeun ka mahlukna téh pasang-pasangan, dua-duaan.

Malah mah lamun urang tela’ah, organ tubuh urang ogé namina téh dua-duaan. Anu pang handapna namina ku…ku.. naék kaluhur namina ping…ping, tatanggana ping-ping namina tit…tit naék deui ka luhur namina da…da…, tatanggana da-da namina su..su… luhureuna namina tak…tak… naék deui ka luhur namina pi…pi… tah ieu nu terahir (bari nunjuk kana tarang) namina nong…nong.. jadi atu tétéla pisan yén Alloh nyiptakeun makhlukna téh sajodo-sajodo, pasang-pasangan, dua-dua, dugi ka nami-namina.

Hadirin rohimakumulloh…!

Lamun urang ngabahas nikah minimalna bakal aya opat patarosan, nyaéta:

1. Naon ngaran nikah..?
2. Saha anu kudu nikah..?
3. Kasaha kudu nikah..?
4. Naon baé langkah-langkah saba’da nikah…?

Maka dina ieu pangaosan, ku simkuring dibagi jadi opat babak nu henteu bersambung..

Babak nu ka hiji : Naon ari ngaran nikah? jawab : Anu ngarana nikah téh mun ceuk bahasa santri mah ta’rif nikah mun ceuk nu sakola mah definisi nikah ieu di bagi dua :

1. Sacara Ethimologi (lughowi)
2. Sacara Terminologi (istilah)

Para hadirin sadayana.. Nikah sacara Lughowi tos ka uninga ku sadayana dina kitab-kitab fiqih nyaéta :

الاجتماع

(Kadar-kadar kumpul)

Ngaran nikah sacara istilah nyaéta : (فتح المعين : جلد ٣) Tapi saur pamuda mah nikah téh singkatan tina Nun (Ni’mat) Kaf (Karasa) Ha (Haneut). Jadi nikah téh singkatan tina ni’mat karasa haneut.

Tapi saur sepuhmah : Nun (Ni’mat)… kitu ogé ceunah… ceuk bapana budak. Da anu sing jarentul di dieu ogé hasilna tina nikmatna nikah, da niat mah lain nyieun anak tapi nyieun énak. Lereus teu?!”

Sakumaha ceuk Qo’idah :

نعمة الدنياثلاثة فلتعتبر * لمس وقبلة وادخال الذّكر

(Nikmat dunya sadayana aya tilu nyaéta, nyabak nyieun ngasupkeun anu ngabeuntelu “)

Tapi éta nikmat nikah téh ngan dua rebo, kadituna mah dedeieun. Saba’da ni’mat timbul nu kadua nyaéta Kaf (Karohah) hartosna pikangewaeun, pikasebeleun da ningali pamajikan reuseup sotéh keur pangantén anyar, ningali pamajikan téh jiga Shopia Laurent, jiga Lidia Kandau, jiga Krisdayanti.

Tapi lamun geus bereset budak tilu beulas mah, komo lamun ker gendut, ningali pamajikan jiga buntelan, keur pangantén anyar mah ningali pamajikan téh di teuteup ti hareup sieup, disawang titukang kenjang ditilik ti gigir leunggik, tapi geus bereset budak tilu belas mah béda deui bahasana.

Di teuteup ti hareup jiga keyeup, disawang ti tukang jiga hurang, ditilik ti gigir jiga langgir di ukur ti luhur jiga undur-undur, diragap tihandap jiga hap-hap, tah ieu anu disebut Karohah téh tegesna pikangewaeun.

Salajeungna timbul nu katilu nyaéta: (Ha) ieu mah aya dua alternatif. Lamun nyanghareupan Karohah lulus, maka (Ha) na téh hasanah teugeusna kaluarga anu Mawadah Warohmah tur Sakinah (keluarga anu didasaran ku cinta jeng kasih sayang).

Tapi lamun nyanghareupan Karophah hanteu lulus, mangka Ha-na téh Hazanah (kaluarga nu awét rajét) anu didasaran kurasa egois jeung emosi. Mudah-mudahan ieu pangantén sing kalebeut keluwarga anu Mawadah Warohmah. Amiiin…!

Para hadirin, nu simkuring dipikahormat.. Babak anu kadua, nyaéta saha anu kudu nikah téh? Waléranana pidawuh rosul :

“wahai para pemuda …sing saha jalma anu geus sanggup di antara anjeun kabéh kana méré nafkah (dzohir batin) mangka pék geura nikah”

Dina ieu hadist, rosul masihan terang ka para pemuda, anu geus asup masa puber. Mun ceuk bahasa indiana mah beuger, éta mah rek si fery, si frengki, si jacky, kecuali aki-aki, anu geus sanggup nganafkahan dzohir jeng batin tegesna mah geus bisa maraban biwir luhur jeung handap mangka pék geura narikah.

Atuh pemuda anu ngan saukur boga buuk gondrong nu gawéna ukur nongkrong, bujal bodong nu hobi nampang tapi jajan ngahutang, éta mah teu acan ka leubeut hadist rosul anu bieu nya…?!

Babak katilu nyaéta: Ka saha kudu nikah téh? Walérannana nyaéta pidawuh Allah dina Al-Qur’an.

فانكحوا ماطاب اكم

(Mangka kudu narikah maranéh kabéh ka nu di pikacinta ku maranéh kabéh)

Dina ieu ayat, Alloh maréntah nikah téh kanu di pikacinta lain kanu geulis, lamun Alloh maréntah nikah kanu geulis, maka awéwé anu peunteun 3 satengah keur saha? jeung lamun Alloh maréntah nikah kudu kanu kasép simkuring saha layanna?

Tapi kudu ku urang terang, anu di maksud kanu geulis didieu téh lain geulis ceuk si Mamat, anu di ukur ku syahwat, tapi geulis mungguh agamana nyaéta anu dan.. din.. dun.. (pinteur dan-dan) din (alus agamana) dun (alus dunyana).

Jadi lain anu anu dat.. dit.. dut.. (goréng adat) dit (pedit) dut (siga badut samutut bari jeung hitut) ngan éta anu dan.. din.. dun.. téh langka pisan di jaman kiwari mah, tapi euweuh-euweuh teing mah teu kudu hésé, nu penting mah bageur, pinter, beunghar, keun baé geulis ogé!

Babak anu ka opat nyaéta: Naon baé langkah-langkah saba’da nikah? waléran nana dawuaha Alloh dina Al-Qur’an :

وعا سروهنّ بامعروف

(Perlakukeun istri-istri maranéh kabéh kalawan hadé)

Tegesna mah salaki kudu bisa memperlakukeun istrina kalawan alus, atuh salaki téh kudu apal kana hak jeung kawajiban nana, anu mana kawajibanna téh ngan aya opat :

1. Ngimahan sing pageuh
2. Makéan anu weuteuh
3. Maraban sing nepi ka seubeuh
4. Ngéndongan sing nepika reuneuh

Nya kitu deui, Istri sing apal kana hak jeung kawajibanna. Anu mana kawajibanana téh sami aya opat diantarana nyaéta masak, diwedak, nangkarak, ngadengkak.

Tah insya Alloh, upami duanana tiasa ngalaksanakeun kana tugas jeung kawajibana, bakal ka wujud kaluarga anu Mawadah Warohmah tur Sakinah nyaéta kaluarga anu bahagia, kaluarga anu didasaran ku cinta sareng kasih sayang.

Cindekna mah ka cai jadi saleuwi, ka darat jadi salogak, ka cai daraek ngaji, ka darat daraek sholat. Se-ia se-kata, se-iring sejalan, runtut raut sauyunan dugika paketrok iteuk, malahmah dugi ka poé Qiyamah.

Para hadirin sakantenan…

Supaya ieu dua mempelai téh tetep renggenek dina sakinah Mawadah Warohmah, sim kuring pesen :

• Sing yakin, ieu jodo téh taqdir Alloh SWT, ti anyar pinanggih ti barang saratus dua puluh dinten, anjeun aya dina patuangan ibu ku Alloh parantos di pastikeun yén jodo jang.. (ngaran pangantén lalaki) bakal nikah ka neng… (Ngaran pangantén awéwé) Sing yakin dina haté supaya urang bisa tumarima kana kapastian Alloh.

• Kudu husnudzon (hadé sangka ka Alloh), malah mah ku jodo nu ieu, urang bakal pinanggih jeung kabagjaan hirup, ku jodo anu ieu urang bakal nyieun wasilah pikeun ngahontal Mardlotillah.

• Ieu aqad tikah téh sing jadi pertikahan anu pertama jeung anu terakhir, tegesna panungtungan mangsa bobogohan, ti kawit ayeuna anjeun dua’an lebet kana alam rimbitan, alam rumah tangga anu dibengkeut ku SSTB (Surat Tanda Tamat Bobogohan) sa ba’da nikah mah kudu bogoh enya’an.

• Ku aqad tikah, indung bapa urang jadi nambahan nyaéta mitoha, dulur, lanceuk, adi, jeung anu liana.

• Ku aqad tikah ogé ngajadikeun sarana pikeun ibadah ka Alloh, ngabakti ka Alloh Ta’ala.

Para hadirin sakantenan, nu ku simkuring pihormat..

Rupina cekap sakitu baé cariosan ti simkuring, kirang langkungna mah nyuhukeun dihapunteun, bobot sapanon carang sa pakan sasieureun sabeunyeuren.

Mugi-mugi dina khutbah basa sunda ieu aya mangpaatna ka urang sadaya, anu terakhir ieu pangantén urang du’a keun ku sadayana supaya “Sakinah Mawaddah Wa Rahmah”. Amin..!

Wassalamualaikum wr, wb.

Download: Teks khutbah Ceramah nikah bahasa sunda pdf

Demikian teks ceramah lucu basa sundanya, mudah-mudahan dapat bermanfaat sebagai bahan referensi, jika kebetulan kamu akan membawakan materi seputar pernikahan ini. Semoga bisa menghibur audiens atau pemirsa yang mendengarkan nantinya.

Baca Juga: Contoh Kata Kata Undangan Pernikahan Bahasa Sunda

Nah, mungkin hanya itu saja untuk teks naskah contoh ceramah yang mengambil pembahasan seputar pernikahan dalam bahasa sunda untuk sumber referensi saya ucapkan terimakasih untuk kang Aswan.