Dongeng Sunda

Dongeng Bahasa Sunda, Si Kabayan Ngala Roay!

×

Dongeng Bahasa Sunda, Si Kabayan Ngala Roay!

Sebarkan artikel ini

Dina hiji peuting Si Kabayan diajak ngala roay ku mitohana. Isukna, isuk-isuk bral ka haruma, rada jauh ti lemburna. Di jalan taya nu ngomong sakemek-kemek acan, sumawonna Si Kabayan da puguh tunduheun keneh. Tuman hees nepi ka beurang, ari ieu isuk keneh geus digugubrag dititah hudang.

“Teu kaharti ku mitoha,” ceuk dina pikirna, Sakitu geus kolot na aya kadedemes-kadedemes teuing kana dunya teh. Na keur naon dunya ari lain keur nyenangkeun awak? Ari ieu kalah jadi hukuman. Keun sia geura engke…”

Barang nepi ka huma pek ngala roay. Mitohana pohara getolna. Ari Si Kabayan mah meueus-meueus randeg, meueus-meueus janteng, teu kaur beubeunangan balas ngahuleng jeung ngarahuh bawaning sangeuk digawe. Siga-sigana mah rada mumuleun Si Kabayan teh.

Advertise By Adsense
Advertise By Adsense

Luak-lieuk, beh kareret karung wadah roay. Jol aya ingetan pikasenangeun. Gelenyu Si Kabayan imut. “Mitoha! Mitoha!” “Heuy!” “Kaula rek ka cai heula ieu mules beuteung. Bisi rada lila, dagoan nya! Ati-ati mun mitoha ninggalkeun!”

“Heug! Ulah lila teuing bae.” “Kumaha engke we, da kasakit mah ari datang kawas kilat, ari undur kundang iteuk.” Bari ngomong teh mitohana tonggoy bae ngalaan roay teu luak-lieuk. Si Kabayan sup asup kana karung wadah roay. Awakna dipurungkutkeun bari ngareumpeukkan maneh ku roay nepi ka teu katembong.

Barang bro mitohana ngabrukkeun roay kana karung, dideuleu karung geus metung, ret ku manehna dicakupkeun dipocong ditalian, dijungjung-jungjung. “Duh beurat naker,” omongna. Geus kitu gek diuk ngadagoan Si Kabayan.

Si Kabayan didagoan teh ambleng bae, sedeng poe geus reup-reupan. “Naha Si Kabayan bet ambleng bae?” ceuk mitohana ngomong sorangan. “Moal salah meureun terus balik da gering. Eta mah Si Kabayan, naha aya mangkeluk. Benerna mah bebeja heula ka kolot, rek balik teh. Ieu mah leos bae. Aya jelema.”

Rigidig karung roay dipanggul. Edas beurat naker,” omongna. “didedet teuing, ieu mani teuas kieu”. Bari dirampa-rampa karungna. Barang datang ka imah, sok diteundeun di dapur dina raranjangan. Tuluy dibuka beungkeutan karung teh ku mitoha awewe, bari ngomong, “Euleuh cukul pelak roay urang teh nya, mani sakieu lobana.”

“Hih, tacan kaala kabeh eta ge, da kaburu pinuh, karungna leutik teuing,” jawab mitoha lalaki, “Kakara ge saparona meureun. Bari etaeun, manehna, teu ngadenge Si Kabayan, kumaha geringna?”

“Baruk gering? Teu nyaho kaula mah. Panyana jeung andika ka huma.” “Puguh bae tadi isuk, tapi ti dituna balik ti heula, nyeri beuteung.” “Aeh-aeh, kutan! Cik manehna ieu bantuan ngudulkeun roay, bet beurat naker.”

Ana bro teh diudulkeun ku duaan, burulu roay bijil sabagian da sereg dina liang karung. Ku sabab mereketengteng karungna dihantem digeujleug-geujleug, na… ana borengkal teh Si Kabayan ragrag kana raranjangan morongkol. Mitoha awewe ngajerit bawaning ku reuwas. Mitoha lalaki ngejat mundur ka tukang awahing ku kaget.

Si Kabayan, “He, he, he, da cape!” Bari balaham-belehem. “Si Bedul teh geuning Si Kabayan,” ceuk mitoha awewe. “Da cape, mitoha! Jeung ieuh, ku ngeunah dipunggu ku mitoha teh.”

“Aya adat-adatan, na sia kitu peta ka kolot teh!” ceuk mitoha awewe. Ari mitoha lalaki leos bae ka imah. Hatena ngunek-ngunek ambek, hayang males. “Isuk mah anggeuskeun ngala roay teh jeung Bapa, Kabayan! Sing bener ulah goreng polah kitu ka kolot pamali deuleu matak doraka,” ceuk mitoha awewe.

“Heug, moal mitoha.” Isukna bral Si Kabayan jeung mitoha lalaki ka huma deui. Datang-datang retop metikan roay, garetol naker. Mitohana ret deui ret deui ngareret ku juru panon ka Si Kabayan. Si Kabayan tonggoy bae ngalaan roay. Sigana mah inget kana papatah mitoha awewe, estuning junun ayeuna mah kana gawena teh.

Nempo Si Kabayan jongjon digawe, kuliwed les bae mitohana teh. Si Kabayan mah terus bae ngalaan roay nepi ka karungna tea pinuh pisan. Ret dipangrodkeun liang karung teh. Reketek ditalian.

“Na kamana mitoha bet euweuh? Moal salah ninggalkeu meureun, keuheuleun keneh urut kamari. Kajeun ah! Aing ge rek balik. Rek digusur bae ieu karung teh, da teu kabawa dipanggul mah,” bari ngomong kitu, bluk karung teh digulingkeun. Durugdug digusur.

“Kabayan! Kabayan!” Ceuk sora jero karung. “Ieu aing, mitoha sia ulah digusur!” Reg Si Kabayan eureun, “Ah puguh roay, roay!” Bari gaplok dipeupeuh karung teh. Durugdug deui digusur.

“Kabayan! Bapa deuleu ieu, lain roay!” Roay! Roay!” Bari terus digusur. Barang datang ka dapur, gebrug ditinggangkeun kana rarangjangan, “Ek!” Sora jelema nu titeundeut. “Tah mitoha awewe, roay sakarung!” Bari leos manehna mah indit ka cai.

Barang diudulkeun eusina, gurubug salakina ragrag bari gegerungan. Awakna daronglak raraheut urut digugusur anu sakitu jauhna. Pamajikanan teu kira-kira kageteunana Tuluy diubaran ku cilebu. Meunang dua poe mitoha lalaki teu bisa hudang-hudang acan.

Thanks__
Sumber: Google.com