Dongeng Sunda

Si Kabayan Ngala Lauk, “Naon-Naon Keur Semah ??”

×

Si Kabayan Ngala Lauk, “Naon-Naon Keur Semah ??”

Sebarkan artikel ini

Si kabayan jeung mitohana isuk-isuk keneh geus nagog sisi walungan. Teu lila burudul rahayat, maksudna rek marak walungan dumeh bakal kasumpingan tamu agung ti dayeuh.

Dongeng si kabayan lucu Ngala Lauk, "Naon-Naon Keur Semah ??"
Foto @ source

Ari kasedepna tamu, ceuk kokolot desa, nyaeta lauk ti walungan. Tah, poe ieu teh para tamu rek dibere goreng tawes, pais nilem, jeung beuleum kancra, dicoelkeun kana sambel jahe ditinyuh kecap.

Advertise By Adsense
Advertise By Adsense

Mangkaning ngahaja sanguna oge pare anyar, nya bodas nya pulen. Leuh, piraku we tamu henteu nimateun. Nu mengkong walungan garetol naker. Si Kabayan oge gadag-gidig manggulan batu jeung gebog cau keur mengkolkeun jalanna cai.

Haneut poyan oge cai teh geus orot, lauk nu galede geus tembong tinggudibeg. Kadewek Si Kabayan meunang tawes sagede tampah. Barang rek diasupkeun kana kojana, kokolot ngomong, “Ulah di kakojakeun, eta mah keur semah.”

Teu lila Si Kabayan meunang deui lauk nilem sagede dampal leungeun. Kakara ge diacungkeun geus gorowok kokolot, “Alungkeun kana cireung, keur semah. Mangkaning kasedepna pais nilem. Heg bae beunteur jeung cingok mah asupkeun kana koja maneh.”

“Ngeunah ehe teu ngeunah eon… aing nu bobolokot, semah nu ngeunahna, bari jeung teu milu cape,” Si Kabayan gegelendeng jero hatena. Sabot kokolot keur bongoh, Si Kabayan meunang deui nilem gede naker. Teu loba catur, sup bae diasupkeun kana kojana.

Manehna hanjat bari ngomong ka mitohana yen rek ngadurukan. Rek dahar heula jeung beuleum betok. Brus nilem teh diasupkeun kana durukan, terus muka timbel bekelna. Kakara oge beuleum nilem teh beak sapotong, ana gorowok teh Si Kabayan gegeroan ka mitohana.

“Abah, Abah, buru-buru ka dieu! Ieu kuring nyeri beuteung, peujit mani pupurilitan. Jeung teu puguh tetenjoan!” Mitohana reuwaseun nenjo Si Kabayan adug-songkol, bari mencetan beuteungna.

“Haduh, haduh ieu nyeri beuteung!” omong Si Kabayan. Panonna burial buncelik. Nu araya di dinya ribut, ngariung-riung Si Kabayan. “Ku naon? Ku naon? Na dahar naon maneh teh?” “Teuing, da barang ngadahar beuleum nilem, terus ting purilit teh peujit.

Tetenjoan teu paruguh. Haduh, haduh, ieu kuring sieun paeh! Lauk teh meureun aya racunan…” Nu araya nenjo beuleum lauk kari sapotong. “Boa enya laukna aya racunan. Meureun di tonggoh aya nu keur nua ku tua leteng,” ceuk nu ngariung-riung Si Kabayan.

Si Kabayan adug lajer, terus nangkuban bari nungkup beungeutna. Lok, elak-elakanana dirojok ku curukna. Euweuh nu nangenan. Na ari borolo teh utah babalongkengan. “Enya, ieu mah karacunan. Geuning tuh utah-utahan,” ceuk kokolot, “Eureun we euy, urang pindah ka beh tonggoh nu jauh ti lembur, meungpeung isuk keneh.

Leupaskeun deui we lauk nu dina cireung mah! Untung ninggang di Si Kabayan, kumaha teuing lamun semah ti dayeuh nu karacunan…” omong kokolot deui. Lauk dina cireung diborolokeun ka cai. Bring nu marak parindah. Kari Si Kabayan we di sisi cai, ditungguan ku mitohana.

Barang nu mararak geus jauh, Si Kabayan hudang, tuluy lumpat ka tengah walungan nu caina masih keneh orot. Bendungan can dibedahkeun, lauk-laukna tinggudibeg keneh. “Buru-buru tewakan, Abah! Bisi nu sejen baralik deui.”

Mitohana olohok, “Geus cageur maneh teh, Kabayan?” “Har…da teu nanaon ti tadi ge. Keuheul tuda, newak nilem keur semah, meunang tawes gede keur semah. Meunang kancra, kasedepna. Ari keur urang nu bobolokotna, ngan ukur beunteur jeung bogo,” omomg Si Kabayan bari nyerengeh.

Si Kabayan milihan lauk nu galedena, terus digembol ku sarungna. Manehna jeung mitohana mah teu milu ka tonggoh jeung nu sejen. “Enggeus wae, Bah, bisi teu kadahar!” omong Si Kabayan ka mitohana, ngajak balik bari ngagandong lauk ku sarungna.

Thanks__
Sumber: Google.com