Dongeng Sunda

Dongeng fabel tentang si kancil dan buaya bahasa sunda

×

Dongeng fabel tentang si kancil dan buaya bahasa sunda

Sebarkan artikel ini

Cerita atau dongeng fabel tentang si kancil dan buaya merupakan salah satu dongeng anak yang cukup populer, nah oleh sebab itu banyak macam dan ragam alur ceritanya yang berbeda.

Contohnya, dongeng yang mengisahkan tentang si kancil yang ingin menyeberangi sungai untuk mengambil ketimun ini misalnya yang kemudian bertemu dengan buaya. Nah, langsung saja yuk disimak ceritanya dibawah ini.

 

Advertise By Adsense
Advertise By Adsense
Dina hiji poe aya si kancil, sato nu dianggap pinteur eta teh keur lelempangan disisi leuweung. Manehna keur neangan walungan kusab cuaca poe ayena teh panas kacidaan, si kancil neangan cai keur nginum kusabab ngarasa aus.

Teu lila kaparengan disisi leweung teh manehna nempo aya walungan anu caina rada kiruh. Sikancil nyampeurkeun sarta nginum caina eta, sanggeus si kancil nginum aya anu nyuara dina jero beuteung na.
“kruuuk…kruuuuuk…kruuuuuk.”

Wah, rupana si kancil ayena tos mulai kalaparan. Si kancil ngabayangkeun nikmatna lamun aya kadaharan kabekina nyaeta bonteng. Nanging kebon bonteng eta aya di peuntas walungan. “Kumaha cara menyeberangna nya kuring teh?” Ceuk si kancil bari mikiran carana sakedeung.

Teu kungsi lila si kancil boga ide, bari ajol-ajolan si kancil kegirangan terus bari ngajorowok: “Hey.. Buaya….buaya…. hayu buru keluaaaaar….. Kuring boga kadaharan jang maraneh!!” Ceuk si kancil ka buaya-buaya anu kabeneran loba cicing di walungan eta teh.

Sakali deui si kancil ngageroan: “Buaya…buaya… buru keluar… hoyong daging seger henteeeuu?” Teu lami saterusna, aya hiji buaya kaluar ti dina jero cai, “Bruaaar… saha anu gogorowok gandeng beurang-beurang kieu.. ngaganggu kuring sare bae.”

Buaaaarr.. Pamingpin buaya datang “Heh kancil.. cicing maneh.. lamun henteu cicing, ku urang da’ang maneh.” Ceuk buaya kadua anu kaluar barengan.

“Wah…. Alus maraneh kaluar euy, mana deui buaya anu laina?” Tembal si kancil saterusna. “Lamun maneh ngan dua’an, sesa kadaangana bakal moal beak, jadi buru geura kaluar kabeh.” Ceuk si kancil bari jojorowok deui.

“Aya naon kancil sabenerna ieu, hayu geura omongkeun, ”ceuk si buaya teh.  “Kieu yeh buaya, hapunten lamun kuring ngaganggu sare maneh, soalna kuring rek babagi daging seger pikeun maraneh nu aya di walungan ieu, ku kituna buru geura kaluarkeun sakabeh baturan maneh jang ngabeakeun kabeh daging-daging seger ieu.”

Ngadenge arek dibagikeun daging seger, teu kungsi lila, eta buaya geura-giru ngageroan babaturana supaya kaluar kabeh. “Hey, babaturan kabeh, aya daging gratis yeuh! Hayu urang keluaaaar….!” Ceuk pamingpin buaya mikeun komando nu tegas kanu buaya sejen.

Teu sabaraha lami, tos mulai kalaluar eta buaya-buaya tina jero cai teh.  “Nah, ayeuna kuring kedah ngitung tiheula aya sabaraha buaya-buaya anu hadir teh, hayu maraneh para buaya geura ngajajar hela teupi kasisi walungan palih ditu tuh, engke kuring itung hiji-hiji.” Ceuk si kancil bari rada serius ngomongna.

Teu mikir panjang, si buaya-buaya eta geura-giru nyokot posisi masing-masing, buaya-buaya mulai ngajajar tepi kasisi walungan seberang, nyieun sapertos jembatan.

“Oke, ayeuna kuring langsung mulai ngitung nya? ” ceuk si kancil, bari mulai ngajolan ka tonggong buaya, “Hijiii….. duaaaa….. tiluuu…..” Sabari terus ngajolan tonggong buaya anu hiji ka buaya lainna. Dugi ahirna si kancil nepi di peuntas walungan. Bari ngomong dina jero hatena: “gampang geuningan euy.”

Dugi di peuntas walungan, si kancil ngomong ka buaya-buaya: “Hey buaya-buaya, sabenerna teh teu aya daging seger anu rek kuring bagikeun, kan ges katempo kuring teh teu mawa nanaon.” Kuring mah ngan saukur hayang meuntas walungan hungkul weh da kuring ge lapar euy.” Ceuk si kancil teh bari seura-seuri.

Sakabeh buaya anu aya didinya atuh meren kesel kabeh kusabab ngarasa ditipu si kancil. “Haaaaaaaaahh… awas maneh kancil mun kapanggih deui.. Beak maneh..!!” Teu mikir panjang, si kanci geura lumpat ngiles asup kajero tatangkalan nuju kebon pa tani kaur ngala bonteng nu jadi kabeukina.

 

Nah demikian akhir cerita dari dongeng sikancil basa sundanya, dalam cerita dongeng kali ini tentu saja sikap si kancil ini tidak layak untuk di tiru meskipun dia pintar, karna berbohong merupakan perbuatan yang sangat tidak baik!