Dongeng Sunda

Dongeng Fabel Sunda “Sakadang Kuya” Dan Pesan Moralnya

×

Dongeng Fabel Sunda “Sakadang Kuya” Dan Pesan Moralnya

Sebarkan artikel ini

Dibawah ini merupakan salah satu contoh dongeng fabel atau dongeng yang mengisahkan tentang binatang (sasatoan) yang memiliki pesan moral didalamnya, dongeng berikut ini menggunakan bahasa sunda yang cukup singkat.

Dongeng bahasa sunda tentang sasatoan berikut ini mengisahkan tentang sakadang kuya dan sakadang monyet. Didalam dongeng fabel basa sunda ini memiliki pesan moral didalamnya. Baiklah, langsung saja disimak dongeng tentang sasatoan pendek dibawah ini.

Advertise By Adsense
Advertise By Adsense
Dongeng Fabel Sunda “Sakadang Kuya” Dan Pesan Moralnya
Dongeng Fabel Sunda "Sakadang Kuya" Dan Pesan Moralnya

Dina hiji poe Sakadang Kuya keur neangan kadaharan, ti isuk keneh nepi ka beurang manehana tacan keneh manggihan nanaon. Ngahaeut ka tengah poe, manehna manggih tangkal cau nu buahna geus asak, tapi kumaha da teu bisa naek. 

Kulantaran kitu, tuluy manehna bebeja ka Sakadang Monyet, menta tulung. Kie omongna “Sakadang Monyet, uing manggih tangkal cau nu buahna geus asak, tapi hanjakal teu bisa naek, cing tulungan pangalakeun, engke paparoan” 
“Hade,” tembal Sakadang Monyet. “Di mana?” Tuluy maranehna arindit babarengan ka tempat tangkal cau tea. Sakadang Monyet, tuluy naek, metikan cau hiji-hiji bari ditungtut dihakanan.  
Sakadang Kuya mah teu dibere sapotong-potong acan, atuh bati cumeplak we neureuyan ciduh. “Sakadang Monyet, mana bagian uing? Kapan geus jangji paparon” ceuk Sakadang Kuya ngagorowok. 
Tapi Sakadang Monyet teu malire, jongjon bae metikan jeung ngadaharan, kalahkah maledogan ku cangkangna. Sakadang Kuya pohara nyerieunana, ngunek-ngunek hayang males. 
Dina hiji poe isukana, Sakadang Kuya indit ka kebon Juru tani, ngala cabe nu geus arasak, warnana bareureum. Ngala genep nu galede, ketembongna bangun aramis pisan. Manehna indit nepungan Sakadang Monyet. 
Biwir sakadang kuya dipulas ku pucuk daun jati supaya beureum, tuluy cupak capek, cuplak ceplak, cara nu geus barang dahar geunah. 
Ditanya ku Sakadang Monyet, “Sakadang Kuya, maneh teh keur ngahadar naon? Cik uing menta!” Tembal Sakadang Kuya, “ah, ulah ngaganggu, uing teh keur ngeunah ngadahar buah loa paparin ti Dewata. Kakarka uing mah barang dahar ni’mat kieu.” 
“Cing ngasaan saeutik, uing lapar pisan.“ Ceuk Sakadang Monyet bari lumah lameh menta ngarah dipikarunyaan. “Keur naon make mere ka maneh, kapan bareto ge maneh teu mere cau ka uing, padahal eta teh uing anu manggihana?” 
“Hampura bae atuh nu enggeus-enggeus mah!, sing karunya ka uing ku hayang ngasaan buah loa paparin Dewata!” omongna deui lengas lengis. 
“Nya ari maksa-maksa teuing mah kop bae, tuh cokot deukeut tangkal caringin itu!” tapi ulah dibeakeun kabeh, sesakeun keur uing saparona.” 
Sakadang Monyet pihara atoheunna, gancang lumpat rek nyokot buah loa paparin Dewata tea. Lantaran tabeatna hawek jeung sarakah manehna embung nyesakeun. 
Kabeh dibawa lumpat, di tengah jalan raus raus bae didahar, nepi ka beak. Ari beak…. Adug lajer, jejeritan awahing ku lada jeung panas. 

Sakadang Kuya kacida sugemanana, lantaran geus bisa males kanyeri hatena keur bareto.

Pesan moral:
Jadi jelema mah ulah sok sarakah, kudu daék barang-béré ka batur nu teu boga.

Demikianlah salah satu contoh dongeng sasatoan bahasa sunda, sakadang kuya jeung sakadang monyet. Dalam dongeng diatas pesan moral yang dapat kita ambil adalah: “Janganlah menjadi orang yang serakah, alangkah lebih baiknya kita selalu berbagi dengan orang lain“.