Dongeng Sunda

Fabel “Sakadang Sapi” Dan Pesan Moralnya

×

Fabel “Sakadang Sapi” Dan Pesan Moralnya

Sebarkan artikel ini

Dongeng bahasa sunda yang berjudul “sakadang sapi” ini, merupakan sebuah cerita dongeng fabel sasatoan (hewan yang dapat berbicara layaknya manusia) tentang seekor sapi yang serakah dan licik yang rela mengorbankan teman-temannya demi kepuasannya sendiri.

Dalam cerita dongeng tentang sasatoan ini memiliki pesan moral didalam ceritanya. Pesan moral yang terkandung didalamnya adalah “Segala sesuatu pasti ada balasannya, dan Janganlah berbuat serakah dan berbuat licik dan hanya memikirkan kepuasan sendiri.

Advertise By Adsense
Advertise By Adsense

Oleh karena itulah kita sebagai manusia janganlah berbuat serakah, yang hanya mementingkan kepentingan pribadi saja tanpa memikirkan yang lainnya, karna balasan pasti ada untuk orang-orang yang berbuat licik.

Dongeng Sakadang Sapi Dan Pesan Moralnya

“Sakadang Sapi”
Dongeng Fabel Bahasa Sunda Sakadang Sapi Dan Pesan Moralnya!

Jaman baheula di leuweung sakadang sapi keur ngahuleng, siga nu boga kasusah. Di pkir saliwat mah asa teu pantes, awak badag, tanaga rosa, tanduk seukeut, tapi naha beut nguyung siganu aral subaha.  

Tah, ayeuna ge, sakadang sapi hulang-huleng bae teh keur mikir, kumaha carana sangkan hakaneun teu kasoro ku batur. Pangpangna dina usum katiga, jukut jeung dangdaunan teh mani gararing. 
Sangges ngahuleng lila naker, serengeh sakadang sapi seuri. Manehna manggih akal nu hade kumaha carana sangkan jukut jeung dangdaunan di eta leuweung jadi boga manehna kabeh. 
“Kuring kudu jadi sobat maung sangkan batur sarieuneun”. Kitu ceuk sapi sajeroning hatena. Geus mikir kitu mah, gidig weh sakadang sapi teh ngagidig rek nepungan maung. 
Poe harita keneh, sakadang maung mapay-mapay nu rea jukutan. Kabeh sato di ancam, yen singsaha nu wani nyatuan di eta leuweung, pinasti baris pinanggih balai. Atuh puguh we, kabeh sato ge sieun ku ancaman sakadang maung mah. 
Kabeh nyaringkah sarta nareangan hakaneun ngalasruk ka jero leuweung nu moal kasaba ku maung. Tangtu we jadi sarakah. Tapi dalah di kumaha tibatan jadi korban mah. 
Seuri we sakadang sapi mah nenjo batur sangsara teh. Dirina senang malang-mulintang baranghakan euweuh nu ngarewong. Unggal poe manehna mawa batur saurang, aya embe, aya kuda, aya munding, aya domba, atawa naon we kumaha pamenta maung. 
Carana teh di bibita, diolo, dibawa ka tempat nu rea jukut. Puguh we atoheun dibawa ka tempat parab teh, da hese apan neangan jukut saeutik ge ayeuna mah. 
Teu nyahoen keur diparabkeun, gabrug weh dirontok ku maung, terus digusur dibawa ka dungusna. Mimitina mah euweuh nu nyahoeun kana akal jahat sapi teh. 
Sarerea teu nyarangka, yen sapi tega marab-marabkeun batur sorangan pikeun kapentingan dirina pribadi. Tapi laun-laun mah kanyahoan, yen geuning sapi teh sakitu jahat, telenges, jeung hawekna.  
Atuh puguh we sarerea ngarewaeun pisan ka sapi teh. Malah rea diantarana nu ngancam rek males. Mindeng sato nu sejen, pangpangna sato nu laleutik patingrariung badami neangan akal ngahukuman ka sakadang sapi. 
Tapi susah da sakadang sapi salawasna di tangtayungan ku sakadang maung nu mangrupa raja eta leuweung. Saha atuh nu wani ngalawan raja ? tibatan beunang di arah mah, sakadang sapi kalah beuki sakawenang-wenang, boga rasa euweuh nu wani ngaganggu. 
Sapi ngarasa kawasa. Padahal sarerea ge gimir teh lain ku sapina, tapi ku maungna. Tapi da Gusti mah Maha Adil. Teu burung datang wawales kanu telenges teh. 
Hiji poe datang rombongan paninggaran ka eta leuweung. Patingkedepruk sapatuna, patingharaok corowokna, patingjaledor bedilna. Sasatoan paburisat lumpat nyalametkeun dirina. 
Tapi aya sawatara nu beunang, di antarana sakadang maung. Teu walakaya geuning sang raja teh nyanghareupan takdir Gusti mah. Sakadang maung katembak meneran jajantungna pisan. Atuh jungkel, kerejet-kerejet, hos weh paeh! 
Sangges nu maroro marulang, sasatoan tingrariung aya embe, kuda, gajah, jarapah, domba, munding, banteng, jeung nu lainna. “sakadang maung geus paeh, sakadang sapi ayeuna mah moal aya nu mangmeunangkeun, hayu ayeuna mah urang hukuman ku sarerea!” ceuk sakadang domba. 
Manehna manehna kacida ambekna ka sakadang sapi, lantaran anak-incuan beak diparabkeun ka sakadang maung. Lantaran sakanyeri, sakapeurih, bring atuh sarerea ngajorag ka imah sapi. 
Sapi teu walakaya, nepi ka paehna pada ngaraponan. Malah ku sakadang munding mah, imahna ge diruksak diburak-barik. Awahing ku ijid!

 

Thanks__
sumber: google.com