Dongeng Sunda

Cerita Pendek (Cerpen) Fabel Singkat “Raja M*nyet” Basa Sunda

×

Cerita Pendek (Cerpen) Fabel Singkat “Raja M*nyet” Basa Sunda

Sebarkan artikel ini

Cerpen Fabel Singkat Bahasa SundaCerita Pendek (Cerpen) Fabel Singkat "Raja M*nyet" Basa Sunda!

“Raja Monyet”



Jaman baheula di hiji leuweung aya tangkal buah. Gede jeung jangkung pisan. Daunna mayung kawas tangkal caringin. Teuing buah naon da euweuh nu nyahoeun kana ngaranna, tur tangkal buah kitu teh dimamana ge tara aya. 

Di eta leuweung ge ngan aya eta we satangkal-tangkalna. Eta tangkal buah teh dicicingan ku raja monyet katut ra’yatna. Ku raja monyet, sakabet ra’yatna diomat-omatan sangkan ngajaga ulah aya buah nu murag ngacemplung ka walungan. 
Nu geus asak kudu buru-buru diala, bisi murag manten. Ari sababna mun aya nu murag ka walungan, tangtu palid, mun kapangging ku jelema, terus ku eta jelema teh di dahar, tangtu bakal deudeuieun. 
Tuluy, eta jelema tangtu bakal neangan dimana tangkalna. Mun kapanggih pasti kabeh monyet diusir, dibuburak, malah bisa jadi sarerea dipaehan. Sarerea pada apal, yen jelema mah sarakah, harawek alah batan monyet. 
Tapi tariking cilaka, hiji mangsa mah aya buah nu murag teu kanyahoan. Kecemplung ka cai walungan, terus ngalengleong palid ka hilir. Beuki lila beuki jauh. Tungtungna nepi ka hiji karajaan. 
Ari pek teh kapanggih ku anak raja nu keur ulin di sisi walungan. Nenjo aya buah aneh ngangkleung , ku anak raja teh dicokoy. Ku sabab pikabitaeun am weh didahar. “Buah naon ieu teh , mana ngeunah-ngeunah teuing….?” ceuk anak raja. 
Anak raja luak-lieuk nengan tangkal buah nu kitu. Susuganan deukeut ti dinya. Tapi lapur da apan tangkal eta mah ngan aya hiji-hijina saalam dunya.  
Lantaran kapanggihna ge keur ngankleung diwalungan atuh ku sarerea kaharti, pasti tangkalna teh jadina di sisi cai. Nya atuh narenganna ge mapay-mapay we ka girang. Ngasryk bari teu reureuh sarurak euyah-euyahan.  
Monyet nu keur genah-genah arulin, kacida reureuwaseunnana barang ngadenge sora euyah-euyahan ti kajauhan teh. “kumpuuuul….! kumpppuuull…!. Cilaka….! pasti aya buah murag teu kanyahioan ! Aayeuna, tah sora jelema kadarieu ! pasti rek ngalaan buah urang.  
Baritangtu urang dipaehan !”. atuh buriak sarerea bubar. Terus brut-bret ngajambretan areuy. Terus ditumbu-tumbukeun nepi ka jadi tambang. Sangges beres, terus tungtung tanbang tina areuy teh dicangreudkeun kana dahan. 
Ari nu tungtung nuhijina deui di bawa ngojay ku raja monyet ka peuntas ditu. Sangges nepi ka peuntas, gancang raja monyet nerekel mamawa tungtung tambang rek dicangreudkeun kana dahan tangkal nu aya di dinya. 
Orokaya tambang teh kurang panjang! Kurang seutik deui pisan! Raja monyet ngahuleng, mangkaning sora prajurit geus beuki deukeut. Ahirna tungtung tambang teh di talikeun we kana suku duanana, geus kitu puranteng leungeuna muntang kana dahan. 
“Sookk… geura mareuntas! Ngantai saurang-saurang! Tong paboro-boro bisi ragrag ka walungan! Nu marawa orok kade sina muntang sing parageuh!” Raja monyet gogorowokan marentah ti peuntas. 
“Kajeun awak kuring ancur, asal salamet we sakabeh ra’yat kuring…” kitu pamikir raja monyet teh. Hiji-hiji ra’yat monyet teh salamet nepi ka peuntas, terus naraek kana tangkal. 
Beuki lila beuki rea nu salamet. Tapi sabalikna, beuki lila beuki rea tulang tonggong rajana nu parotong. Ahirna salamet we kabeh! 
Ra’yat monyet hareraneun naha rajana teu buru-buru lumpat? Srog sawatara monyet nyalampeurkeun. Sangges srog kakara sidik, sihoreng raja monyet teh geus teu walakaya, ukur empes-empesan.  
Beuki lila beuki leuleuseun, sirahna beuki ngulahek, panonna peureum, ketug jajantungna beki ngendoran, tungtungna mah les weh raja monyet teh paeh.  
Tonggongna ancur lantaran teu kuateun ditarincakan ku ratus-ratus urang ra’yatna. Segruk weh monyet nu nyalampeurkeun teh careurik nyengceurikan rajana nu geus ngorbankeun nyawana sorangan demi kasalametan ra’yatna.

 

Advertise By Adsense
Advertise By Adsense

Baca juga:
• Kumpulan 9 Contoh Cerita Dongeng Fabel Tentang Sasatoan Bahasa Sunda!
• Dongeng Fabel Sunda “Sakadang Kuya” Dan Pesan Moralnya