Dongeng Sunda

Dongeng Fabel Bahasa Sunda, Kisah Kuya Yang Membawa Rumahnya

×

Dongeng Fabel Bahasa Sunda, Kisah Kuya Yang Membawa Rumahnya

Sebarkan artikel ini

Dongeng asal muasal tentang hewan atau binatang yang belum pasti kebenarannya atau bisa kita sebut juga dengan fabel sasakala ini, mengisahkan cerita tentang asal muasal se’ekor kuya yang menggendong rumah dipunggungnya.

Dalam cerita dongeng ini dimasukan juga unsur pelajaran yang bisa diambil dan dijadikan contoh sikap terutama untuk anak, atau pengertian dalam bahasa sundaya istilah dongeng ini disebut dengan dongeng “pieunteungen”.

Advertise By Adsense
Advertise By Adsense
Dongeng anak fabel bahasa sunda tentang asal muasal se'ekor kuya yang menggendong rumahnya.


Dongeng pieunteungen maksudnya dalam cerita dongeng tersebut memiliki ciri-ciri atau memiliki unsur pembelajaran yang dapat dijadikan contoh terutama untuk anak, seperti sifat yang baik misalnya rasa saling tolong menolong, membantu sesama teman, dan lain sebagainya.

Begitu pula menjadi contoh perbuatan apa saja yang tidak boleh kita tiru yakni seperti sombong, mencuri dan lain sebagainya yang bisa merugikan orang lain maupun dirinya sendiri, yang diceritakan melalui sebuah cerita dongeng.

Dongeng Anak “Kuya Yang Menggendong Rumahnya”

 

Dongeng fabel ini menceritakan kuya yang memiliki rumah, tapi rumah yang dimilikinya tidak bertahan lama, ada yang terbang tertiup angin dan ada juga yang terbakar. Sebab jaman dahulu kala, diceritakan kuya tidak memiliki batok atau tempurung seperti sekarang.

Namun, untungnya datanglah monyét yang banyak akal yang membantu memberikan cara berupa saran kepada sang kuya. Berikut cerita dongeng selengkapnya tentang asal muasal kuya yang menggendong tempurung sebagai rumah di punggungnya, yang terus dibawa hingga sekarang kemanapun dia pergi.

Dongeng Fabel Sasakala “Kuya Ngagandong Imahna”

Dijaman baheula, kapungkur mah imah-imah kuya téh aya di sisi-sisi muara. Saban poé kuya gawéna ngan ukur ngahuma (berladang). Kuya getol pisan kana ngahumana téh, indit isuk balik magrib.
Hiji mangsa basa manéhna keur di huma, aya hujan angin anu gedé kacidaan. Tatangkalan loba anu rarubuh, kitu deui jeung imah sakadang kuya milu hiber katiup angin, Brus wéh.. Lép kalem, ragag ka leuwi. Sakadang kuya atuh sedih kapisan, barang balik imahna geus teu aya.
Isukna, kuya nyieun deui hiji imah anu tohaga (bangunan ageung jeung kuat) supaya ulah kabawa angin deui. Hiji poé, kuya balik ti huma tuluy masak keur dahar soré. Sabot masak manéhna ka cai hela, keur di cai manéhna nempo haseup ngebul dina suhunan imahna.
Kuya gancang mareman, tapi geus teu kaburu. Tungtungna mah kuya téh hing baé ceurik bari nempo imahna anu béak ka beuleum. Teu lila, keur kitu ujug-ujug jol baé sakadang monyét kolot anu geus loba huisan. Éta monyét téh ngomong ka kuya. “Tong diceurikan sakadang kuya, nyieun deui baé imah mah!”
“Lain mantak sakali ieu baé sakadang monyét, harita gé kitu baé aya hujan angin gedé, imah kuring ruksak keur ditinggakeun ka huma. Kudu kumaha atuh akalna supaya hayang boga imah anu awét téh?”
“Gampang atuh kuya, ngarah imah hayang ulah cilaka mah babawa baé ulah di tinggakeun. Pék ayena mah, manéh nyieun deui imah anu alus jeung kuat. Engké lamun geus anggeus, ku urang pasangkeun ka tonggong manéh, jieun pantona sakira asup kana sirah baé supaya gampang ngasupkeun sirahna ka jero.”
Éta omongan monyét téh di turutkeun ku kuya, tuluy manéhna nyieun deui imah anu alus jeung kuat, nu gedéna ngukur kana awak, panto di harepna ukur bisa longgor sirah paranti kaluar asupna baé.
Saengges imahna jadi, prok baé dipasangkeun kana tonggongna, ari sakadang monyét anu memenerkeun nana. Tah ti harita mah imah sakadang kuya téh sok di babawa baé di gagandong.
Pesan moral :
  • Jadi jalma mah kudu getol kos sakadang kuya tapi tong gampang putus asa jeung teu boga akal. Sarta kudu daék babantu ka batur kos sakadang monyét.

 

Demikian cerita dongeng fabel tentang asal muasal kuya yang menggendong tempurung sebagai rumah dalam bahasa sunda. Dongeng ini diambil  berdasarkan sumber dari buku dongeng sasakala oleh ki umbara, dan sudah sedikit saya sunting ulang agar lebih sesuai.