Pidato, Biantara

Contoh Susunan Teks MC Pembawa Acara Reuni Bahasa Sunda

×

Contoh Susunan Teks MC Pembawa Acara Reuni Bahasa Sunda

Sebarkan artikel ini

Reuni dapat kita artikan sebagai “Kembali Bersatu”. Tujuan mengadakannya acara reuni tentu saja untuk berkumpul kembali dengan teman atau rekan yang sudah lama tidak berjumpa, baik itu teman sekolah ataupun dengan teman lainya.

Dengan adanya acara reuni kita dapat menjalin kembali silaturahmi dengan teman seperjuangan misalnya saat disekolah dulu, seperti mengetahui kabar mereka, dimana mereka tinggal, dimana mereka bekerja, dan bagaimana keadaan mereka sekarang.

Advertise By Adsense
Advertise By Adsense

Reuni juga bisa jadi ajang untuk mengingat kembali berbagai macam kenangan akan kisah kasih disekolah, suka duka, tawa canda, tangis, haru, dan lain sebagainya, yang pastinya bisa menjadi hal yang sangat menyenangkan karena kita dapat mengingat masa-masa sekolah dulu “Tiada masa paling indah, masa-masa di sekolah” ciieee!

Contoh Teks Susunan Sambutan Pidato (Pembawa Acara) Tema Reuni Bahasa Sunda

Pidato Sunda, Contoh Teks Susunan Pembawa Acara Reuni Akbar!
Next, dibawah ini merupakan suatu artikel bahasa sunda mengenai contoh teks susunan pembawa acara atau sambutan dalam acara reuni, yang dapat dibawakan oleh perwakilan alumni. Didalam artikel biantara atau pidato ini, akan dituliskan beberapa susunan dalam acara reuni untuk disampaikan oleh perwakilan atau ketua panitia dalam acara reuni.

Biantara bahasa sunda ini cocok dibawakan seperti dalam acara reuni disekolah dasar, smp, sma, maupun dalam pembukaan acara reuni alumni pondok pesantren atau acara reuni akbar lainnya.


Untuk susunan acaranya sendiri, kamu dapat menambahkannya sendiri agar semakin menarik. Untuk susunan acara reoninya dapat diskusikan secara bersama-sama, kira-kira kegiatan atau acara apa yang yang menarik saat acara reuni akbar nanti, agar kegiatan acara reuninya semakin seru!!

“Biantara Susunan Pembawa Acara Reuni Basa Sunda”

Assalamualaikum wr, wb..

Pangersa bapa pupuhu sakola anu ku sim kuring dipihormat, Pangersa Bapa miwah ibu guru anu ku sim kuring dipihormat, Pangersa bapa miwah Ibu rawuh teteh oge kakang Alumni (SD/SMP/SMA) anu ku sim kuring dipihormat. 
Langkung ti payun sumangga urang sanggakeun puji sinareng sukur ka Gusti nu maha suci, alhamdulillah ku Rahmat sareng inayah manten-na dina danget ieu urang sadaya dipaparin kasehatan  sareng ni’mat islam dugi ka urang sadaya tiasa tiasa kempel ngarium, patepung lawung paamprok jonghok di ieu patempatan dina acara anu ku urang sadaya diantos-antos, nyaeta acara REUNI Akbar (SD/SMP/SMA..). 
Solawat miwah salam mugia salamina ngocor ka jungjunan urang Nabi Agung Muhammad SAW, Ka kulawargina, ka para sahabatna, ka para tabi’in-tabi’ina dugi ka urang salaku umatna mugi di yaumil ahir kenging sapa’at ti manten-Na. 
Hadirin sadaya hormateun sim kuring! Nepangkeun wasta abdi pun (…),  Alumni angkatan (…). Sim kuring ngadeg cumarios di payuneun hadirin sadaya wireh kapancenan salaku panata acara dina ieu acara, nyaeta acara REUNI AKBAR (SD/SMP/SMA), ti kawit sakola ieu ngadeg dugi ka wanci ayeuna. 
Sim kuring neda widi tina kaweningan galih neda jembar setra manah seja nyanggakeun wilujeng sumping ka hadirin sadaya anu parantos kersa ngaluuhan ieu acara, sewu nuhun laksaketi kabingahan.  
Sumangga lalinggih dina tempat anu parantos disayogikeun. Mugia sing genah betah. Anapon runtuyan acara tepang sono Akbar, nyaeta : 
01.  Bubuka
02.  Ngaoskeun ayat suci Al-Qur’an dilajengkeun solawat nabi
03.  Kedal pamappag ti pupuhu panata calagara tepang Reuni Akbar
04.  Nembangkeun Nasyid
05.  Biantara pangbagea ti Bapa pupuhu sakola
06.  Biantara pangbagea ti pupuhu OSIS (SD/SMP/SMA).
07.  Biantara pangbagea ti wawakil Alumni
08.  Bewara forum alumni
09.  Do’a
10. Panutup 
Hadirin bapa miwah ibu rawuh teteh oge kakang Alumni anu ku sim kuring dipihormat! Supados teu nyangkolong kana waktos, sumangga ieu acara urang buka ku maos basmallah sasarengan, bismillahirrahmanirrahim.. 
Mugia ku ngalangkungan aosan basmallah ieu kagiatan kenging barokah sareng rido Allah SWT. Salajengna, sim kuring ngahaturanan ka saderek (…) kanggo maoskeun ayat suci Al-Qur’an dilajengkeun mingpin solawat nabi. Sumangga dihaturanan! 
Hatur nuhun ka saderek (…) anu parantos ngaoskeun ayat suci Alqur’an sareng mingpin solawat nabi, Tos lami acara tepang reuni akbar ieu di antos-antos, urang sadaya paturay tineung saparantos sakola tilu taun lamina nungtut elmu di (SD/SMP/SMA). 
Emut ka sakola, emut ka rerencangan saparakanca, emut ka bapa sinareng Ibu guru. Tangtos moal hilap. 
Acara Salajengna nyaeta biantara pangbagea ti bapa pupuhu sakola. Sumangga kersana Bapa/Ibu (…) dihaturanan. 
Hatur nuhun ka Bapa/Ibu (…) anu parantos ngadugikeun biantara pangbageana. Pamugi rupi-rupi piwejang sareng pepeling anu nembe didugikeun ku anjeuna, sing janten ranggeuyan mutiara, pibekeleun urang sadaya enggoning ngawangun kahirupan anu dipikahoyong. 
Salajengna sumangga urang ngabandungan deui biantara pangbagea anu bade didugikeun ku pupuhu osis. Sumangga saderek (…) dihaturanan. 
Hatur sewu nuhun ka pupuhu Osis (SD/SMP/SMA) anu parantos ngadugikeu biantara kalayan singget mung teges maksadna. 
Acara salajengna nyaeta biantara pangbagea ti wawakil Alumni. Sumangga kersana bapa/ibu (…), dihaturanan. 
Hatur sewu nuhun ka bapa/ibu (…) anu parantos ngadugikeun sababaraha kecap anu janten wawakil eusi tina manah alumni. 
Hadirin sadaya, sateuacan nincak kana acara inti, urang susun heula panitia forum Alumni dilajengkeun bewara hasil panyusunan. Sumangga pupuhu forum Alumni bapa/ibu (…) dihaturanan! 
Alhamdulillahirabbil A’lamin panitia forum Alumni parantos diwangun, ku kituna tiasa langkung gampil upami ngayakeun deui acara reuni. 
Hadirin sadaya, cunduk waktosna kana acara anu diantos-antos ku sadayana nyaeta sawala antawis alumni pikeun kenging hiji kamufakatan anu bade dipingppin ku moderator. Sumangga kersana bapa/ibu (…) dihaturana! 
Hatur nuhun ka Bapa/Ibu (…) anu paratos mingpin sawala, alhamdulillah urang sadaya parantos kenging hiji kamufakatan.


Bapa miwah ibu, kalih hadirin alumni sadaya anu sami rawuh!  Alhamdulillah acara demi acara parantos lekasan.  
Minangka acara pamungkas nyaeta ramah tamah. Nanging sateuacana urang pungkas heula ieu acara ku du’a. Sumangga bapa/ibu (…) dihaturanan kanggo mingpin du’a. 
Hatur nuhun ka kersana bapa/ibu (…) anu parantos mingpin du’a, mugia du’a urang sadaya di kobul ku AllaH swt. Amin. 
Sumangga ieu acara urang pungkas ku aosan hamdalah. Alhamdulillahirabbil ‘alamin. 
Ti simkuring, rupina sakitu anu kapihatur. Sim kuring ngahaturkaeun nuhun ka rerengrengan panitia OSIS anu parantos ngabantosan tina sagala rupi hal pikeun ngalancarkeun acara ieu, mugia kasaean sareng bantosan pangurus OSIS (SD/SMP/SMA) di wales ku Alloh SWT. Amin.  
Hapunten bilih aya basa anu kirang merenah. Bobo sapanon carang sapakan, luhur saur bahe carek, mugia kersa ngahapunten. Billahi taufik wal hidayah wassalamu’alaikum wr.wb.

 

Nah, mungkin itu saja contoh biantara atau pidato tentang acara reuni dengan menggunakan bahasa sunda baik itu untuk acara reuni SD, SMP, SMA, ataupun acara reuni lainnya. Semoga bermanfaat dan Wassalam.