Carpon Layung Langit Ku Tety S. Nataprawira

Layung Langit

PANAS poé mani morérét, angin halodo nyelesep, sésélékét kana sakujur awak Rasti. Karasana matak lalinu satulang sandi. Keur mah manéhna teu ngareunah, kawas anu rék salésma. Di tepas ngan aya manéhna sora ngan, jongjon nyanghareupan mesin jahit. Keur nganggeuskeun baju Nia, anakna nu ayeuna keur kuliah di Jogja.

Taya sora nu kadéngé, iwal gurudugna mesin jahit meupeus kasimpé. Teu cara sababaraha taun ka tukang, basa sararéa ngariung kénéh. Aya Nia, aya si Ayah, sebutan sapopoé bapana Nia. Sok heureuy silih poyok, silih puji. Da bapa jeung anak téh sakaresep kana musik jeung ngalukis. Rasti ngabandungan sok bari nganggeuskeun hanca kaputeun kawas ayeuna.

Pangaresep Rasti ngaput téh. Pangaresep nu bisa nambahan pangasilan keur meuli kabutuh sapopoé. Rét kana jam dina témbok, geus jam satu, ras manéhna inget can solat lohor. Buru-buru cengkat tuluy ka cai rék wudu. Basa asup ka kamar mandi, karasa awakna beuki nirisan, malah tepi ka ngahodhod. Rasti neruskeun wudu. Kawasna geus lohor mah tulus rék kaluar téh, gerentes haténa.

Aya jangji nu can katedunan saprak manéhna hirup nyora ngan. Hayang solat Asar di Masjid Agung. Can ludeung ka masjid téh, ku loba panineungan. Kapan di masjid éta tepung munggaran jeung salaki téh. Kapan di masjid, sok babarengan munajat ka Anjeunna. Naha saprak ditinggal keun, jadi sieun teu kuat ka masjid téh. Tapi maenya rék kalalanjoan ngingu kawaas jeung kamelang.

“Pamali, kawas anu teu tumarima kana kadar,” saur Ema, bulan tukang. Euweuh sora nu ngaganggu, jongjon. Rasti husu salat lohor. Bérés salat manéhna nilepan mukena, asup kana kantongna, tuluy di kana tas keun. Rék dibekel. Sup qur’an husus paranti manéhna, diasupkeun tartib, tuluy sarua dikana taskeun. Sakalian hayang nuluykeun diajar tahsin.

Niat nu katunda saprak si Ayah dipaparin cocobi ku Alloh, ngarandapan kanker nasopharink. Ku dokter kapanggih, sanggeus metastase, nyebar kamamana. Méh lima taun, Rasti tawekal ngurus nu gering. Padahal nu jadi gunung pananggeuhan téh, ngan salakina. Ti harita Rasti jadi gagantina, nyangahareupan sagala rupa urusan. Alhamdulillah, Allah SWT satemen na maparin ujian sareng rohmatNa, sareng kadeudeuhNa.

Salaki nu dikaulaan éstu sabar, tara ngarasula. Rumasa Rasti sakapeung sok ngarasa capé. Ihtiar jeung tarékah geus dilakonan, tapi kodar ti Allah mo bisa disinglar. Dina tengah taun kagenep, Allah geus nangtukeun salakina kudu mulang ka kalanggengan. Basa Rasti ka Masjid Agung nu panungtung, sataun ka tukang ogé, éstu bari nedunan paméntana.

Salaki na, panasaran hayang ngajaran diubar ku jajamu. Panasaran, pédah pabéjabéja, aya ubar tina tutuwuhan nu sok remen ditawarkeun di buruan Masjid, mangpaatna bisa ngubaran kanker. Paméntana ditedunan, bari angger ngalaksanakeun saran dokter radioterapi jeung kemo.

Nyanghareupan kaayaan kitu, Rasti ngan bisa tumampi bari ikhtiar. Rasti ngarasa yakin, ujian ti Allah SWT, moal ngaleuwihan kamampuhna. Harita mah asa gedé haté. Sugan Ayah bisa séhat deui sabihari. Sanajan ti taun ka taunk aayaanana robah, awakna ngorotan, gancang pisan. Ayah nu sakitu gagahna dina keur séhat, geus kaserang kanker mah robah jadi siga rorongkong. Dina kaayaan kitu, Rasti beuki nyaah jeung deudeuh.

Wanci layung langit hibar bulan puasa lima taun katukang, panungtungan si Ayah ngajak salat Asar sarta tuluy buka di Masjid Agung. Bari napak tilas, cenah. Kawas nu keur nyatetkeun panineungan pikeun nu panung tungan. Kiwari, Rasti bener-bener nyorangan. Geus sababaraha poé ieu Nia katingali waé ku panon batin Rasti. Kumolébat. Perbawa keur rus ras kanu geus teu aya. Rasti hayang nyaluuh ka Gusti, rék masrahkeun haténa Pangkonan Mantenna. Bulan ieu mendak taunna Si Jenat.

Cipanon Rasti can tuhur waé. Harita ge gé sabulan méméh bulan puasa. Muga si Ayah geus jongjon aya dina kakasih Mantenna, gerentes Rasti. Baheula basa Nia umur lima tepi ka sapuluh taunan, ka Masjid téh sok boncéngan tiluan kana Vespa. Pangpangna mun rék balanja keur Lebaran. Lantaran Puseur Balanja téh deukeut masjid, Rasti jeung salakina sok sakalian parkir motor di buruan masjid. Antukna sok tara buru-buru balanja, kabéngbat ku buku- buku nu ditawarkeun di émpér masjid. Kitu deui Nia pipilueun resep macaan buku nu ngahaja dipilih keur manéhna.

Buku dongéng, ngeunaan agama. Rasti mangmacakeun bari ningalian gambarna. Si Ayah sarua anteng muru buku buku karesepna, bab Agama. Panas nu morérét, asa can pati robah. Poé ieu Rasti hayang ngajugjug kadinya, ka Masjid Agung. Asa dina panon Nia nu paciweuh milihan buku. Kadéngé kénéh sora bapana déhém, isarah ngarasa kayungyun ku polah budak.

Ah, ku hayang geura gok Rasti tepung jeung Masjid Agung. Hayang mulang keun panineungan, hayang napak tilas, hayang murakeun kasono. Dina beus kota, Rasti diuk deukeut jandéla. Ngahaja teu kana beus kota AC, hayang malikan panineungan baheula. Sajajalan rék nostalgia. Rasti ngawaskeun ka luar, tina jandéla beus kota, mapay panineungan nu kungsi maneuh, ti unggal tempat nu kaliwatan.

Aya rumaja sapasang keur leumpang patungtun- tungtun, bari suka seuri. Ah, Rasti jadi ingeteun ka mangsa baheua, keur manéhna rumaja. Baheula, poé Minggu sok ngahaja ngaluuhan majlis ta’lim di Masjid Agung jeungKang Imat, lanceuk Rasti nu harita keur kuliah di Bandung. Rasti di SMA. Ku lantaran di majlis mah Rastidiukna papisah, manéhna teu dihaja sok bareng jeung hiji Ibu nu méh unggal minggu papanggih di dinya, matuh calikna. Rasti kataji, Ibu Sukma nu bageur jeung ramah téh sok tetelepék waé ka Rasti.

Sok naros jeung saha. Ku Rasti diwalon, sareng pun lanceuk. “Carogé ? “ si Ibu nanya bari nelek nelek Rasti. Bari imut Rasti némbalan “ Sanés, sareng pun lanceuk nu pangageungna. Kaleresan di dieu nuju kuliah, da pun biang di lembur sok omat-omatan supados abdi pami ka pangaosan sareng Kang Imat.“ “ Euh, “ Cek Ibu bangun sugema. “ Saé atuh, kayungyun. Ibu gé duaan sareng pun anak, lalaki. Janten calikna misah,” pokna nuluykeun kalimahna bari imut. Samémeh papisah, di tempat parkir si Ibu ngageroan Rasti jeung lanceukna. Ngawawuhkeun anakna, jajaka pantar lanceuk Rasti. ” Dimas,“ cék si jajaka. Sakolébat neuteup Rasti.

Tuluy sasalaman jeung lanceukna. Ti harita Dimas jadi raket jeung Imat. Si Ibu tambah deukeut ka Rasti. Cinta munggaran nu balabuh dina rumahtangga pinuh kabagja. Silaturahmi téh bet jadi jalan taaruf kulawarga Rasti jeung Dimas. Dimas jadi salaki Rasti nu dipiheman, dipideudeuh salilatilupuluh taun. Dimas, Si Ayah nu kiwari kari panineu nganana. Kitu deui Ibu, kari waasna. Nia, buah haté, lir ibarat kembang kaasih nu minuhan dunyana. Teu kacipta, yén bakal ngalamanditinggalkeun dina mangsa nu can sampurna. Kolébat Nia némbongan deui, imut. “

Mamah kedah tabah, Si Ayah pasti masih nyarengan ti alam Kalanggengan, “ Nia sok ngupahan dina sms. Katineung na haté Rasti lir katumbiri, ririakan, warna warni. Jalan nu kaliwatan pinuh ku pagaliwotana tutumpa kan, balawiri. Jalan liliwatan ti wétan ka kulonkeun, macét. Beus kota ngeyeted. Rasti ngaronghéap kesel. Hayang ngapung, hayang geura tepi ka Masjid Agung. Sieun layung kaburu témbong di beulah kulon. Hartina Asar kaliwat. Ayah panggasikna lamun ngageuing solat Asar, waktuna ngan sakolépat, cenah.

Enya, waktu téh ngan sakolépat. Tilupuluh taun teu karasa geus kaliwat. Kiwari Rasti leungiteun. Leungit sakabéh rasa lir katebak angin. Ti kajauhan geus katingali dua Munara Masjid lir nu rék ngajul langit. Sabudeureun munara caang béngras, can aya layung nu ngalangkangan. Lebah Alun-alun beus kota eureun, jrut Rasti turun, gura-giru muru buruan Masjid beulah kidul nu sok ramé ku nu daragang. Muru tempat wudu paranti muslimah, ngaliwatan nu dagang jajamu.

Rasti ngalieus embung ningali ka lebah dinya. Sataun katukang, panung tungan ngahaja neangan kadinya téh. Sanggeus manggih jajamu nu dipesen ku salakina, harita Rasti tuluy solat Asar. Ngan waktu karak bérés pisan awéh salam, hapéna karasaeun ku Rasti ngageter. Si Ayah nelepon. “Énggal geura mulih, Ayah tos capé, “ sorana halon pisan, semu nu ngageuri. Saharita Rasti gura giru muru ka imah. Kasampak si Ayah keur nyanda na risbangna, can robah ti mimi ti ditinggalkeun ku manéhna basa tadi. Basa Rasti datang, salakina bangun bungaheun pisan.

Pamulu na marahmay. Pesenan ana teu ieuh ditanyakeun deui, kalah pok nanya. “ Tadi netepan Asar di Masjid Agung ? “ pokna sumanget. Rasti unggeuk. Haténa ngarakacak. Nénjo waruga salakina nu leuseuh, pameunteuna geuneuk tapak Radio térapi. tapi sumangetna masih kénéh karasa. Sora adzan Asar ti munara kadéngé aweuhan, ngéléhkeun sora-sora kendaraan nu lalar liwat sabudeureun masjid kota. Ngagareuwahkeun lamunan Rasti.

Manéhna, tuluy néangan tempat nu genah, di antara ma’mum séjénna di rohangan akhwat. Bar ngampar sajadah. Tuluy sujud. “ Gustii, abdi nampi pamun dut Gusti sanaos abdi teuacan kiat. Abdi rido beubeulahan haté abdi dipundut ti payun da Salira nu kagungan. Kiatkeun abdi, Gusti. Nyanggakeun, hirup abdi, maot abdi, sareng ibadah abdi mung kanggé Gusti. Abdi moal ngaraos sora ngan salami aya dina panangtayungan Salira, “ gerentesna. Di sabudeureun munara, layung hibar nyaangan langit pasosoré. ***

Sumber Carpon: Majalah Mangle
Tahun Terbit: 2013