Cerpen, Carpon

Carpon Béo Botak Bahasa Sunda Lucu Karya H. Usép Romli

×

Carpon Béo Botak Bahasa Sunda Lucu Karya H. Usép Romli

Sebarkan artikel ini

Carpon Béo Botak

Advertise By Adsense
Advertise By Adsense

Manuk beo nu Mang Oded, alus pisan, buluna hideung meles, Sorana ngoncrang, pinter ngabacéo deuih. Bisa nurutan sagala kekecapan nu kadenge ku manéhna. Unggal poé, éta beo sok dikencarkeun tina kurungna.

Geus dimandian jeung dibérelé nyatu bungbuahan, diinuman sacukupna, diantep wéh sina leupas. Gegeleberan di buruan sakurilingeun imah, tara liar jauh. Sumawonna kabur, mun geus pasosoré mah hideng sorangan asup kana kurungna nu pantona ngahaja dibukakeun.

Pakasaban, Mang Oded sapopoé muka toko. Kawilang kajojo di salembur éta mah, bubuhan tacan aya saingan, tuing ké lamun di deukeut alun-alun tulus ngadeg supermarkét mah loba nu balanja daratang. Beo nu ucla-ancle di dinya, sok ngucapkeun salam:

“Assalamualaikum..” persis jelema. Mun salamna ditembalan, beo sok tuluy nanya : “Balanja, Mangga naon sakapalay..” Nurutan Mang Oded atawa Ceu Sumi, pamajikanana. Nu teu apaleun mah, nu balanjana anyar pinanggih, disangka sora tukang toko wéh. Barang apaleun sok nyebut “Jadol” Gancang béo nurutan ngomong “Jadol!”

Salian ti nu balanja, hareupeun toko Mang Oded sok loba nu ngariung. Ngadon ngaropi bari ngawangkong. Bubuhan disayagian bangku handapeun tangkal kersen kahot. Beo ogé sok gagalacangan dina dahan kersen lamun pareng di handapna keur loba nu ngariung.

Hiji poé Neng Santi balanja. Dangdananan “ngamode”, Calana jin jeung kaos oblong merecet. Nepi ka katembong awakna nu bahenol, kacitak sagalana. Leumpang digitek-gitek. Atuh bujurna oyag. Randa can lubar idah Neng Santi teh. Karek sabulan diserahkeun ku salakina nu anyar, nu timburuan pisan leuwih ti urut salakina nu ti heula.

“Aduh.. Neng Santi, Neng Santi, “Kang Odon nepakan tarang, sanggeus Neng Santi ngaleos. Ngageblay Juta-jeté sakapeung gadis penyanyi organ tunggal nu rék ngamimitian nyora. “Teu lebar-lebareun salakina, nya,” tembal nu sejen. “Heueuh, lebar ku goyang geolna wéh“ ceuk nu mairan.

“Neng Santi téa, éplok céndol” kitu saterusna caritaan nu ngariung. Dibungbuan ku cawokah, jorang, porn*. Ma’lum nu ngariung bangsa babangkak wungkul.

“Neng Santi téa éplok céndol!” celengkeung béo nurutan. “Eplok céndol téa pédo élom” salah saurang nambahan. “Eplok celéndol téa pédo élom!” ceuk béo nurutan deui. Isukna, Ceu Sumi keur muka rolling door toko, béo nyelengkeung tina jéro kurung. “Neng Santi téa éplok céndol, éplok céndol téa pédo élom!”

Pudigdig Ceu Sumi napsu. Gajleng kajéro imah, nengor salakina. Pajar naksir Neng Santi. “Baruk?“ salakina kerung, reuwas ongkoh. Ujug-ujug dituding teu puguh. “Tuh béo bieu nyarita!” Ceu Sumi nyureng, Jejebris baketut haseum. Keur mah geus aya kacuriga, da ari balanja téh Neng Santi sok rada lila. Sajaba ti barang beuli sok rajeun uplek cacarita jeung salakina.

Barang dideukeutan ka deukeut kurung, béo di sada deui “Neng Santi téa éplok céndol, éplok cendol téa pédo élom!” “Haram jadah!” Mang Oded kukulutus. “Babatok béo ngadorakakeun siah!”

Memang geus rada lila Mang Oded téh pusing ku éta béo. Bacéona sok sakacumplang-campleng, maklum sato, teu boga pikiran. Naon waé nu kadengé diturutan. Kaasup kekecapan nu matak rawing ceuli, jalma sopan matak kaéraan.

Geus pamajikanana ambek mah, Mang Oded ngarasa panceg éta béo kudu diwarah, kudu dihukum. Ceuk béja, sangkan poho kana sagala nu kungsi kadengeunana, sirah beo kudu dibotakan. “Kajeun teuing engké kudu ngalatih deui bacéo anyar, sangkan nu ieu leungit wéh, gerentes Mang Oded.

Bulu dina sirah béo dikerik nepi ka bolenang pisan. Tangtu ngewa katenjona. Nya samemeh buluan deui mah mending dikerem baé, tong dikencarkeun. Disingkurkeun ka juru warung nu rada poék. Malah kurungna ge dikerembengan ku lawon hideung urut sarung butut.

“Lantaran sia sok nyarita jorang, p*rno, cawokah, ku aing dibotakan, terus dikerem” Mang Oded terus kukulutruk sanggeus rengse ngurud bulu hulu béo. Puguh wéh ngadadak sepi. Tara aya sora has mapag nu balanja Ongkoh béona ogé murukusunu. Embung disada sakécét-kécét acan.

Aya saurang pangangguran nanyakeun, Haji Mangsur ngarana, langganan matuh. “Ka mana sepi ieu teh, Sora béo teu kadengé?” Haji Mangsur nu harita datang ngulir ukur dicalana sontog, dikaos oblong jeung bubudugulan tas dibolenangan sirahna harita téh mani herang, ngahaja nyiar sabun jeung sampo keur mandi badag samemeh mangkat Juma’ahan.

“Aya, dikerem, Bongan bangkawarah” tembal Mang Oded. “Bangkawarah kumaha? Watir teuing!” Haji Mangsur kekecrek. “Béo sakitu capetangna” “Keuheul tuda, sok bacéo cawokah, jorang jeung p*rno, jadi wéh digundulan huluna” “Cingan nenjo, karunya teuing” Haji Mangsur kekecrek terus.

Kurung dicokot ku Mang Oded, Kurubungna dibuka, Song ka hareupeun Haji Mansur. Béo gigibrig, panonna rucang-rinceng serab, tas ti nu poék, ari bray caang ngadadak. “Euleuh enya we…” Haji Mangsur gogodeg bari tetep kekecrek. “Teu nyora deui ayeuna mah kawas ti heula nya, ka nu balanja téh ngucapkeun salam.”

Béo mebér-mebér jangjangna miceun kacangkeul, terus ucla-ancle dijéro kurung. Pek neugteup ka Haji Mangsur, ari pok téh éta béo botak nanya: “Haji Mangsur, Haji Mangsur, sok ngomong jorang, cawokah, porn* nya! Geuning éta sirahna botak ogé?”

*** TAMAT