Cerpen, CarponHumor sunda

Kumpulan Humor Bahasa Sunda Lucu, Nyieun Mulesss!

×

Kumpulan Humor Bahasa Sunda Lucu, Nyieun Mulesss!

Sebarkan artikel ini

Nah, sateuacana abdi oge atos pernah nulis kumpulan percakapan bahasa sunda lucu. Nah.. Dina kasempetan ieu, hayu urang teruskeun dei bobodoran sundana dina judul kumpulan humor lucu bahasa sunda. Mudah-mudahan bobodoran ieu tiasa ngahibur dulur-dulur sakalian nu aya di imah masing-masing tentuna.

Humor bahasa sunda ieu ngan saukur karangan samata, jadi hampura mun misalkeun aya kasamaan tina ngaran, profesi, atawa sajabana. Sabab ieu ngan saukur hiburan jadi sing dihampura wae lah nyah? Mangga atuh, urang langsung wae tingali humor sunda na dihandap ieu.

Advertise By Adsense
Advertise By Adsense

Kumpulan Humor Bahasa Sunda Lucu, Nyieun Mulesss!

Kumpulan humor bahasa sunda pikaseurien!

Nyeri hate

Diduga nyeri hate ku sabab sering dititah-titah wae ku majikan na, saurang pembantu di Jakarta, nekat nyetrika baju majikan na.

Maling

Maling nu tos ngabobol imah jeung mawa duit Rp. 50 juta di daerah jakarta, di bebaskeun deui ku polisi!!! Lantaran, imah anu di bobolna nyaéta imah manehna sorangan.

Akibat kalaparan

Diduga akibat kalaparan, saurang bapa-bapa asal bandung tega pisan ngabeakeun sangu goreng anak na.

Astronot

Diduga sieunen kena panasna panon poe matahari. Astronot asal amerika, rek nyobaan ngadarat ka matahari peuting-peuting..

Tukang donat

Saurang pedagang donat nu keur operasi di sisi jalan, ditewak polisi..!! Lantaran sangaja ngabolongkeun heula donatna terus di jualan

Prediksi jakarta

Prediksi jakarta dina tahun 2016 ieu dipastikeun moal bakal banjir. Para ahli tos ngabuktikeun eta tina musim kemarau.

Tukang roti

Saurang bapa-bapa anu gawe jadi tukang roti di duga ngalakukeun penipuan, lantaran ngajual roti tawar, anu nyatana teu bisa ditawar!

AQUA palsu

Saurang pamuda ditewak polisi di sisi jalan. lantaran dituduh ngajual AQUA palsu, nu padahal mah isina bensin.

Hemat listrik

Demi ngahemat listrik, pamarentah kota tos mulai nerapkeun mulai ti ayena, sakabeh bioskop di indonesia arek bakalan di pararoekan kabeh lampu studiona pas filmna nuju di stel.

Uji nyali

Jurig-jurig langsung ngambaikeun lengen pas ker aya uji nyali keur malam jum’at kamari, lantaran peserta anu miluan uji nyalina nyaeta ustadz.

Katembak pestol

Budak leutik nu karak umur 2 tahun, akhirna bisa diselametkeun ku dokter di rumah sakit, nu saecanna katembak pake pepestolan cai boga kaka na.

Ujian nasional

Ajang ngahindarkeun bocorna soal ujian nasional (UN), pamarentah kota rencanana arek make No Drop, Pelapis anti bocor, engke tahun harep.

Nelaktir kabogoh

Diduga teu bogaen duit ajang ngajakan kabogohna dahar di lestoran, saurang pamuda asal bogor nekat ngajakan kabogohna mangkat ka ondangan.

Pemborong donat

Di garut jawa barat, aya bapa-bapa pemborong donat nu protes, lantaran donat anu tos dipeserna bolong tengahna kabeh.

Motor khusus jomblo

Alhamdulilah.. Perusahaan yamaha jeung suzuki ayena bade nyiptakeun motor teknologi anyar, nyaeta motor anu ngan make 1 ban, khusus ajang para jomblo.

Ngajual mobil

IKLAN: Dijual Mobil Jenazah tahun 2002, dijual Rp. 45 juta, bisa nego. Full AC jeung sound sistem. Tapi mayatna dijual misah.

Gas oplosan

Info: Kahade sadayana.. Ayena mah tos mulai usum gas ukuran 3kg nu sok di oplos ejeung hitut, nu gampang pisan meledug na..!

 

Sisindiran Humor Sunda Lucu


Do’a

Ya allah.. Pasihan keun abdi sakedik rizki, jang saukur sasuap sangu, mun bisa sakalian oge jang meser laptop, motor, jeung cicilan mayar mobil. Ya alloh… Mun bisa sakalian oge jeung imah gedong”

Muka toko

Maneh butuh modal jang muka toko??? Yeh, abdi pasihan modal pikeun maneh jang muka toko nyaeta ngarupa linggis, obeng, ragaji besi.. (Jang muka toko batur.)

Malam minggu

Neng, malam minggu ayena akang pasti datang, sanajan aya badai anu ngahadang, guludug nu sing jelelegur, gempa bumi, sunami, Pokona mah akang moal pernah gentar! Kecuali mun peting gerimis, akang teu bisa datang nya neng?”

Babaturan siga ompol

Babaturan, ibaratkeun ngompol dina calana. Bisa di tingali, tapi ngan urang hungkul anu bisa ngarasakeun kahanetan nana. Nuhun nya, tos daek jadi ompol!

Gara-gara duit

Gara-gara duit ayena loba jalma anu akhirna balangsak. Memang, duit bisa meser sagalana, tapi moal bisa meser babaturan jiga maneh!

Jadi, kuring sabagai babaturan maneh alim ningali maneh balangsak gara-gara duit!! Nah ku kitu, pasihkeun duit maneh kabeh ajang kuring. Kajeun teuing kuring nu balangsak.

Ditilang polisi


Dina hiji mangsa, aya bapa-bapa anu protes ka pa polisi lantaran manehna teu narima di tilang ku polisi, nah kie caritana:

“Pa..!  Naon ieu maksudna abdi di tilang ku bapa kie! Kuring kan tos pake helm, make jaket oge, SIM lengkap, STNK oge aya, tapi kunaon masih keneh di tilang ku bapa!!!”

Ceuk polisina teh, bari nyantai ngajawabna: “Lain kitu kang, abdi sebel weh ningali akang, titadi putar-puter kadieu kaditu pake helm, pake jaket, tapi teu aya motorna!”

Tukang dagang

Pedagan anu sok bohong nyaeta tukang roti, ngomongna roti tawar padahal mah teu bisa ditawar. Nah, pedagang anu teu aya pagawean nyaeta tukang sangu goreng, tos nyaho sangu na tos asak tapi masih keneh weh di goreng.

Sedangkeun, tukang dagang anu tara pernah nyesel nyaeta tukang bubur sangu. Tos nyaho sangu tos jadi bubur, tapi masih keneh weh di jualan.

Jam tangan anyar

Neng, buru kadieu asup ka kamar, akang tos teu kuat yeh..! Tong poho tutupan pantona, tutupan oge hordengna, jeung pareman weh lampuna.

Buru kadieu..! Asup kana jero selimut jeung akang..!!! Tah.. Neng.. “Tingali ieu jam tangan anyar akang, alus pisan nyah? Bisa hurung di tempat poek neng!!!” *PLOK*

Surga

Aya hiji budak leutik nanya ka indungna kieu: ” Ema, naha sih kunaon kudu aya surga sagala?” Ceuk indungna teh, bari santai ngajawabna: “Namun teu aya surga, arek dikamanakeun ieu anu maca tulisan ieu jang?” (Amin..)

Jadi sukses

Ceuk batur mah sukses teh awalna tina cita-cita, ari cita-cita teh awalna tina ngimpi. Nah, mun kitu.. Hayu atuh urang sadayana salare wae lah wayahna ayena mah.. Beh sukses!

Tebak-Tebakan (Tatarucingan)

Aya rebuan gajah dina hiji lapangan, nah cing kumaha carana misahkeun antara gajah nu letik jeung nu gede?

# Jawaban: Make ayakan, nu khusus ajang gajah

Botak di harep tandana pinter, botak di tukang tandana loba teing mikir, nah kumaha lamun jelema botak tukang jeung hareupna?

# Jawaban: Eta tandana, manehna pikir manehna pinter!

Nu asli teu laku, tapi nu palsu malah laku. Naon cing?

# Jawaban: Huntu palsu, (henteu laku apan ari huntu aslina mah)

Kunaon tangkal anu gede nu aya di harepeun imah kudu ku urang tuar?

# Jawaban: Lamun dicabut mah da hese, jadi kudu di tuar lur!

Aya pasar malem terus aya dangdutna segala, jadi naon hayo..?

# Jawaban: Nya Jadi rame, atuh.

Nah mungkin sakitu wae hela kanggo humor bahasa sunda lucuna, engkin urang tambahan deui humor sunda laina, mudah-mudahan tiasangahibur pikeun urang sadayana, hatur nuhun tos ameng ka blog basasunda.com, Permios dulur-dulur sakalian.