Humor sunda

» Kumpulan Humor Bobodoran Sunda Lucu Si Kabayan, Keur Hiburan!

×

» Kumpulan Humor Bobodoran Sunda Lucu Si Kabayan, Keur Hiburan!

Sebarkan artikel ini

Untuk sekedar hiburan dan menghibur teman-teman diwaktu luang. Nih ada nih.. Kali ini ada cerita pendek lucu yang datang dari seruntuyan kisah cerita singkat dari si kabayan, dimana tokoh dari si kabayan ini kita tahu identik dengan cerita lucu, pastinya.

Basasunda.com akan menuliskan beberapa kumpulan Bobodoran sunda yang merupakan Cerita singkat lucu bahasa sunda tentang si kabayan dan juga nyi iteung beserta abahnya yang mudah-mudahan bisa menghibur kalian semua dimana pun berada.

Advertise By Adsense
Advertise By Adsense

Sabalikna :

Cerita pendek sunda tentang si kabayan ini berisikan humor lucu dalam bahasa sunda yang menceritakan berbagai kisah kehidupan atau Cerita singkat si kabayan dalam bahasa sunda yang tentunya untuk menghibur teman-teman pembaca sekalian.

BOBODORAN SUNDA SINGKAT SI KABAYAN NABUNG DI BANK

Kumpulan Humor Bobodoran Bahasa Sunda
Humor Bobodoran Cerita singkat Lucu Bahasa Sunda

Langsung saja kita mulai Cerita pendek lucu bahasa sunda yang pertama dibawah ini. Dalam cerita ini si kabayan ceritanya akan pergi ke bank untuk menabung sejumlah uang. Namun saat didepan pintu dia terkejut ketika melihat pintu tersebut terbuka dengan sendirinya.

Wajar saja dia terkejut, sebab dia baru pertama kali mendatangi bank tersebut. sengaja dia datang jauh-jauh naik gunung turun gunung mapai jalan satapak dari desa ke kota hanya untuk sekedar menabung.

Nah lalu bagaimana cerita bobodoran sunda selanjutnya? Silahkan simak saja cerita singkatnya dibawah ini.

Bobodoran Sunda Si Kabayan Mangkat Ka Bank

Dina hiji poé si Kabayan caritana mangkat ka bank rék nabung. Barang nepi ka deukeut panto, aya kana dua tilu lengkah deui mah, panto éta téh ujug-ujug muka sorangan, padahal mah euweuh deui jelema didinya, jaba deui ti jero ogé eweuh nu kaluar.

Barang bray panto bank éta téh muka sorangan, si kabayan tuluy ngajol ka tukang bari masang kuda-kuda siga rék ngajak gelut geningan. Barang si kabayan ngajol ka tukang téh panto bank éta nutup deui.

“Ah, siah anéh ieu mah panto téh ujug-ujug muka jeung nutup sorangan, pasti aya nu nyicingan ieu mah!” Ceuk si Kabayan téh bari biwirna kunyam-kunyem sabari babacaan ayat kursi.

Geus rada jauh ngan beretek wéh manéhna téh lumpat ngajauh da nabungna ogé teu jadi, pajarkeun di jero bank éta téh aya nu nyicingan, di pajarkeun mah aya jurig atawa dedemit. #Hihiii naudzubillah!*

HUMOR BAHASA SUNDA SI KABAYAN MEULI BASO


Bobodoran sunda atau Cerita singkat lucu bahasa sunda lainya ini berawal ketika si kabayan membeli bakso yang biasa lewat di depan rumahnya Cerita pendek sunda ini berisikan humor lucu bahasa sunda antara si kabayan dengan tukang baso.

Langsung saja yuk disimak cerita singkat lucu tentang si kabayan bahasa sunda dalam Cerita pendek lucu bahasa sunda dengan judul si kabayan kabita meuli baso di bawah ini.

Kabita Meuli Baso

Si kabayan keur ngadagoan tukang baso nu biasa ngaliwat di hareupeun imahna. Basa geus datang manéhna tuluy meuli jeung mayar sabari manehna ngomong, “Mang, isukan mah ulah dagang deuh!”

“Naha, ku naon kitu kang?” Ceuk tukang baso téh bari rada panasaran. “Ieu baso téh ngeunah mang, da isukan mah kuring téh geus teu boga duit, jadi mun mamang dagang kénéh kuring pasti kabita,” Ceuk si kabayan.

Tuluy si mamang tukang baso téh ngajawab, “Rék boga duit, rék henteu lain urusan aing!” Ceuk si mamang bari ngadorong gerobag basona téh ka jalan. *GebruGg!

 

KUMPULAN HUMOR BOBODORAN SUNDA SINGKAT SI KABAYAN LUCUKumpulan Humor Bobodoran Singkat Bahasa Sunda Lucu Si Kabayan


Berikut merupakan beberapa kumpulan bobodoran sunda antara si kabayan, nyi iteung, abahnya dan juga beserta pak rt selengkapnya, silahkan dibaca satu persatu humor cerita pendek lucu bahasa sunda si kabayan dibawah ini, enjoy it!  
Cerita Aya Kahayang

 

Iteung: “Cik atuh Kabayan hirup téh sing boga kahayang siga batur, ulah saré waé di imah jiga kitu!”

Kabayan: “Na da uing gé boga tuh ari kahayang mah iteung, malah ti bareto kénéh.”

Iteung: “Kahayang naon kitu ari manéh téh?”

Kabayan: “Hayang nyandung deui, deuleu geus teu kuat!”

Iteung: “Aih, G*blog siah.!*”

Kadunyaan

 

Mbah Jambrong: “Hayang naon manéh téh Kabayan datang kadieu?”

Kabayan: “Nu mawi abdi tebih-tebih ka dieu teh, taya sanes hoyong kadunyaan mbah.”

Mbah Jambrong: “Namung aya 2 saratna. Nu ka 1 kudu aya duit lima ratus rébu. Ka 2 naun baé nu dibikeun ku abah ka manéh kudu ditarima kalawan rido jeung iklas. Kumaha sanggup?”

Kabayan: “Sanggem, Abah. Tah ieu artosna, mangga nyanggakeun.” (Bari merekeun duit)

Mbah Jambrong teu lila ngaléos ka jéro kamarna, teu lila torojol deui bari angkaribung mamawa kadu loba, aya meureun kana sapuluh siki mah.

“Tah, Kabayan lamun manéh hayang kadunyaan, ieu kabéh ku manéh bawa balik. Étt, tapi kadé ulah poho éta sarat nu kadua (2) nu bieu ceuk abah diomongkeun téa.”

Teu lila si kabayan balik, bari gugurutu kesel. “Dasar dukun wadul! Aing dibere kadu-enyaan, heueuh lain kadu bobodoan!” *BelegugG*

Teu ngeunah

 

Abah: “Sinarieun manéh ngajejentul bari manyun, pan biasana mah sok bari melenyun ngudud, kabayan?”

Kabayan: “Keur naon udud, teu ngeunah! Matak ngaruksak kaséhatan ceuk dokter ogé mbah.”

Abah: “Sukur waé ari geus éling mah. Tadina mah abah téh rék méré ngasaan roko mahal nang meuli bieu di pasar jeung si iteung.”

Kabayan: “Nu bener bah roko mahal? Cing coba ngasaan sabatang mah atuh!”

Abah: “Ceunah teu ngeunah, bieu ceuk manéh ngomong?”

Kabayan: “Teu ngeunah gé, sotéh mun digayem mbah!”

Abah: “Aih, sugan téh heueuh geus éling, dasar siah kuplé!” *:D*

Kabayan di Ajak Kerja Bakti

 

Di lemburna tempat si kabayan keur diayakeun kagiatan kerja bakti pikeun gotong royong babareungan keur ngabersihkeun solokon jeung kamalir.

Pa RT: “Kabayan, hayu buru urang kerja bakti!”

Kabayan: “Mangga Pa RT, engké heula ieu tanggung nuju nyeuseuh heula.”

Geus sababaraha jam si kabayan téh teu kaluar kénéh waé ti imahna. Pék wéh pa RT datang bari ngajak deui.

Pa RT: “Kabayan, hayu urang tuang heula, bisi kaburu tariis geura.”

Kabayan (haget pisan): “Mangga Pa RT, ayeuna kénéh abdi dongkap ka dinya.”

RT (bari ngagerendeng): “Dasar Kabayan, mani haripeut pisan ari kana baranghakan mah!” *PloKk*

 

Mungkin itu saja humor atau Bobodoran lucu bahasa sunda si kabayan, dan beberapa cerita singkat lucu diatas saya kumpulkan dari berbagai media internet maupun diambil dari sebagian majalah atau mangle bahasa sunda yang pernah saya baca.

Mudah-mudahan cerita singkat sikabayan dalam artikel kumpulan humor bobodoran cerita lucu bahasa sunda singkat si kabayan yang dapat tuliskan disini dapat menghibur adik-adik, akang, teteh, ibu, ema, aki dimanapun berada, sekian. Hatur nuhun!