Materi & Soal SD

Rangkuman Materi Pelajaran Bahasa Sunda Kelas 6

×

Rangkuman Materi Pelajaran Bahasa Sunda Kelas 6

Sebarkan artikel ini

Dalam artikel ini akan dituliskan beberapa contoh rangkuman dari materi pelajaran bahasa sunda untuk kelas enam, diantara seperti nama-nama tempat, kecap rajekan, dan lain sebagainya. Berikut adalah rangkuman materi bahasa sunda untuk tingkat sekolah dasar kelas 6 selengkapnya.

Rangkuman Materi Pelajaran Bahasa Sunda Kelas 6

Rangkuman Materi Pelajaran Bahasa Sunda Kelas 6

Advertise By Adsense
Advertise By Adsense

Contoh Ngaran Anak Sato

1. Begog = anak monyét
2. Belo = anak kuda
3. Bilatung = anak ucing
4. Bocokok = anak buhaya
5. Buncit = anak beurit
6. Burayak = anak lauk
7. Buruy = anak bangkong
8. Cémé = anak embé ( kambing )
9. Ciak = anak hayam
10. Enéng = anak munding
11. Hileud = anak kukupu
12. Kicik / kirik = anak anjing
13. Ménél = anak gajah
14. Pedēt = anak sapi
15. Piyik = anak japati
16. Utek – utek = anak reungit

Baca materi selengkapnya: Ngaran Anak Sasatoan Lengkap Jeung Ngaran Kandangna

Ngaran tempat nu aya di Kabupaten Bandung

Di Kabupaten Bandung aya 31 Kecamatan, diantarana waé aya:

1. Kecamatan Margaasih = Kelurahan Margaasih, Cigondéwah Hilir, Lagadar, Nanjung, Rahayu, Mekarahayu.

2. Kecamatan Margahayu = Kelurahan Margahayu Tengah, Margahayu Selatan, Sukaménak, Sayati, Sulaéman.

3. Kecamatan Cileunyi = Kelurahan Cileunyi Kulon, Cileunyi Wétan, Cibiru Wétan, Cibiru Hilir, Cinunuk, jst

4. Kecamatan Balééndah = Kelurahan Andir, Malakasari, Maggahang, Balééndah, Rancamanyar, jst

5. Kecamatan Banjaran = Kelurahan Banjaran Kulon, Banjaran Wétan, Mekarjaya, Néglasari, Pasirmulya, jst

6. Kecamatan Soréang = Kelurahan Soréang, Sukajadi, Sukanagara, Pamekaran, Sekarwangi, jst

Conto Kecap Serepan tina Basa Asing

1. Kecap serepan anu asalna tina basa Walanda contona: émbér, baskom, dasi, anduk, saku, kosmetik, parfum

2. Kecap serepan anu asalna tina basa Arab contona: kopéah, masjid, musola, kitab, madrasah

3. Kecap serepan anu asalna tina basa Cina contona: loténg, tahu, soun, bapaw, tauco

4. Kecap serepan anu asalna tina basa Sangsekerta contona: bumi, angkasa, nagara, kota, sagara

Ngaran Patukangan

1. Anjun = tukang nyieun barang tina taneuh
2. Baramaén = tukang ngamén atawa tukang baramaén.
3. Bengkong = tukang nyunatan
4. Dalang = tukang ngalalakonkeun carita wayang
5. Kamasan = tukang nyieun perhiasan tina emas atawa perak
6. Kuncén = tukang ngajaga kuburan
7. Modin = tukang adan
8. Palédang = tukang nyieun parabot tina kaléng atawa tambaga.
9. Pamatang = tukang moro sato ngagunakeun tumbak
10. Palika = tukang teulem
11. Pamayang = tukang ngala lauk
12. Nayaga = tukang nabeuh gameulan
13. Panday = tukang nyieun parabot tina beusi
14. Sarati = tukang meruhkeun sato galak
15. Sindén = juru kawih atawa tukang ngawih dina wayang golék

Selengkapnya: 40+ Istilah Patukangan Bahasa Sunda Contoh Kalimat dan Pertanyaan

Conto Kecap Sabalikna Bahasa Sunda

Kecap sabalikna nyaéta kecap anu miboga harti sabalikna atawa lawan kecap. Conto kecap sabalikna diantarana nyaeta :

1. Gedé sabalikna leutik / alit
2. Alus sabalikna goréng / butut
3. Ditolak sabalikna ditarima
4. Sepi sabalikna ramé
5. Bersih sabalikna kotor
6. Lila sabalikna sakeudeung ( sebentar )
7. Jangkung sabalikna pendék
8. Panjang sabalikna pondok
9. Loba sabalikna saeutik
10. Mahal sabalikna murah
11. Béda sabalikna sarua
12. Kolot sabalikna budak
13. Jauh sabalikna deukeut

Kecap Sasaruaan Bahasa Sunda

Kecap Sasaruaan nyaéta kecap anu miboga harti sarua. Conto :

1. Gedé = badag = ageung ( besar )
2. Leutik = alit
3. Alus – saé
4. Ayeuna = kiwari
5. Gampang = babari = gampil
6. Hésé = susah
7. Baréto = baheula ( dahulu )
8. Sepi = jempling

Bituna warna

1. Bajuna hideung mani lestreng.
2. Warna sapatuna konéng mani enay.
3. Daun tangkal sampeu héjo mani ngagedod.
4. Caina herang mani ngagenclang.
5. Kang Toni maké baju warnana bodas mani nyacas.
6. Éta topi téh warnana beureum mani euceuy.

Babasan

1. Hampang leungeun = sok tunggal teunggeul ka batur
2. Hampang birit = sok daék ditutah titah
3. Beurat birit = hésé ditutah titah.
4. Atah anjang = langka nganjang, jarang nganjang
5. Lésang kuras = nu teu bisa nyekel duit
6. Peujit korēseun = babari lapar
7. Laér gado = sok kabitaan ku dahareun batur
8. Epés méér = babari ceurik
9. Hējo tihang = sok pundah pindah pagawéan
10. Gurat batu = mawa karep sorangan.
11. Kandel kulit beungeut hartina teu boga kaéra
12. Kurung batok hartina resep cicing di imah
13. Murag bulu bitis hartina resep indit – inditan / teu betah cicing di imah

istilah bahasa sunda badminton

Anu kaasup istilah dina badminton nyaéta:

1. Kok = alat keur maén badminton anu dijieun tina bulu hayam.
2. Nét = jaring anu dipasang di tengah lapang keur maén badminton.
3. Rakét = alat keur nakol kok
4. Lépri = juri
5. Lésmén = juri kenca (kiri) , katuhu (kanan) atawa hakim garis
6. Sérpén = nakol kok rék ngamimitian pertandingan
7. Lob = kok ngalambung ka luhur
8. Sémés = nakol kok tarik pisan ka arah lawan.
9. Néting (nétting) = nakol kok kena kana nét.
10. Jus (deuce) = jumlah scor sami
11. Békhén = nakol kok ti gigir beulah kenca di operk ka beulah katuhu
12. Dropsot = nakol kok jiga nu tarik padahal lalaunan ragrag di deukeut net lawan.

Istilah nu aya dina olah raga sepak bola bahasa sunda

Istilah di handap ieu aya dina olah raga sepak bola nyaéta:

1. Hén (handsball ) = bal keuna kana leungeun sbol
2. Prikik (Free kick) = tendangan bebas
3. Kornal (corner kick) = tendangan juru ( sudut )
4. Kiper (goal keeper) = tukang ngajaga gawang
5. Bek (back) = pamain tukang
6. Pasing (passing) = tehnik ngoper bal ti pamaén nu hiji kanu séjénna.

Contoh kalimat aktif Jeung kalimat pasif bahasa sunda

1. Conto kalimah aktif:

+ Budi nendang bal di lapangan.
+ Ibu keur ngagoréng tahu.
+ Wawan keur ngala lauk di balong.

2. Conto kalimah pasif:

– Bal ditendang ku Budi di lapangan.
– Sangu keur digoréng ku ibu.
– Lauk diala kuWawan di balong.

20 Conto Kecap Kantétan

Kecap kantétan nyaéta dua kecap anu dihijikeun ngawangun kecap anyar sarta ngabogaan harti anu béda tina harti kecap asalna.

Conto kecap kantétan:

1. Panon poé
2. Kupinggajah
3. kumis ucing
4. kaca piring
5. beureum sisit
6. raja pati
7. sapatu kulit
8. kompor gas
9. endog hayam
10. sapi perah
11. jam tangan
12. suku kuda
13. ruang tamu
14. buku tulis
15. péso raut
16. calana pangsi
17. jakét kulit
18. batu bata
19. minyak kalapa
20. Kaos kaki

Pelajaran Pupuh Mijil

Watek Pupuh Mijil ngagambarkeun rasa sedih/kasedih, tapi masih kēnēh aya harepan. Guru lagu jeung guru wilang dina Pupuh Mijil nyaēta :

1. Baris kahiji 10 –i
2. Baris kadua = 6 –o
3. Baris katilu = 10 – e
4. Baris kaopat = 10 – i
5. Baris kalima = 6 – i
6. Baris kagenep = 6 – u

Conto Pupuh Mijil

Aduh Gusti anu maha suci
Sim abdi rumaos
Pangna abdi dumugi ka késrék
Rék ka sepuh parantos ngusir
Takabur sareng dir,
téga nundung sepuh
Aduh gusti nu kawasa
Jisim abdi ageung dosa
Pangna abdi gering nangtung
Rék ka sepuh wantun nundung

Conto 2

Mesat ngapung putra sang arimbi
Jeung méga geus awor
Beuki lila beuki luhur baé
Larak – lirik ningali ka bumi
Milari sang rai
Pangéran Bimanyu

Nah itulah beberapa contoh dari materi pelajaran yang dipelajari pada pelajaran bahasa sunda kelas 6, sebenarnya tidak semua dituliskan disini, ini hanya beberapa contoh saja, tujuannya hanya untuk mempermudah saja apabila kita mendapat soal yang berhubungan dengan materi-materi yang dituliskan diatas.