Cerpen, Carpon

Carpon Mapag Bulan Ramadhan “Si Munggah”

×

Carpon Mapag Bulan Ramadhan “Si Munggah”

Sebarkan artikel ini

“MUNGGAH, munggah, insaalloh saum téh cios dinten énjing….,” mani nong- toréng béwara tina sapéker di masjid. Duloh kalah nyocokan liang ceuli. Kolébat beungeut Ma Ojoh, pama jikanana, dituturkeun beungeut Si Onih, anak bungsuna.

Berebey cimata maseuhan pipi, labas kanakumisna nu cokrom. “Hampura Ema, hampura Onih,” gerencemna, sumambat ka nu di imah. Taya nu némbalan. Panénjona nanceb kana jaruji beusi, ngulincer kana témbok beton, teup eunteup kana lalangit.

Advertise By Adsense
Advertise By Adsense

Carpon Menyambut Ramadhan Bahasa Sunda "Si Mungggah"

Hayang berengbeng kabur seja marengan nu munggah di imah, pamohalan. “Gara-gara si kurang ajar!” habek peureupna meupeuh témbok. Dua budak lalaki nu carinekul di juru tangka ngarénjag. “Enggeus Pa, tamaha urang,” ceuk nu saurang ngupahan. Nu disebut si ku rang ajar téh taya lian Si Mémét anak cikalna. Enya siéta nu nyababkeun Duloh jeung dua urang budak lalaki kiwari ngaringkuk di tahanan polsék téh.

Kedepruk-kedepruk sora sapatu ti jauhna, beuki deukeut beuki atra, lir atrana katunggara na haté Duloh. “Ampun Pa ampun…,” kabayang deui Si Mémét pupuringisan ménta ampun. Saeutik gé harita mah teu hayang ngahampura. Ngan ayeuna karasa aya nu nyeuit na atina. Nu ngedepruk jebul. Bréh, patugas ngaroris. Manéhna balik deui.

“Moal, moal kabur!” Duloh kekerot. Najan enya gé ayeuna téh usum munggah, usum suka bungah tatahar kadaharan saaya-aya keur kulawarga, apan isukan téh munggaran ngalaksanakeun kawajiban puasa Romadon. Hayang nyadiakeun dahareun rada istiméwa da kitu galibna ningan, sahenteuna si borontok mah kudu kaasaan.

Mangkaning Si Onih mah siga taun tukang, saur gé caman-cémén. Tah lamun aya daging, rada moho. Munggah, keur sakumna umat Islam di pilemburan sok ubyag ku pirang-pirang ritual, aya nu diangir mandi, aya nu nadran ka makam, aya nu sasadiaan keur dahar saur, malah di kota mah aya nu ngahaja balotram curak-curak da poé isuk mah puasa moal sukan-sukan barang dahar pajah téh.

Panon Duloh mindo teuteup kana lalangit, puriding, keueung. Teu nyangka sacongo buuk kudu ngalaman hirup di tahanan. Nyaan, paingan ceuk papagah kolot, napsu nu matak kaduhung badan anu katempuhan. Tapi deuih da teu napsu-napsu teuing atuh, awahing hayang ngadidik ka Si Munggah, enya Si Mémét téa anakna nu nyieun gara-gara.

Janari leutik harita téh keur meumeujeuhna ngimpi di alak paul. Tapi teu burung tingkoréjat basa kana panto aya sora ngagebrug. Geus apal kalakuan Si Munggah. Matuh, unggal mantog uluk salamna téh ku najong panto. Kituna téh bari walah-wah weuleuh-weuh weureu arak. Boh Duloh boh Ma Ojoh taya nu teu kacugak mamaras haténa.

“Buka panto….!” Si Munggah ngowowong bari nyebutkeun ngaran hiji sato. Tara loba omong, nu pangheulana ngadéngé gura-giru muka panto. “Buru kéjo, aing lapar!” Garawak deui. Ma Ojoh mani dagdag-dégdég. Ari rék diasongkeun, nu méntana geus nyegrék badis si bopih héés di kolong golodog.

Mun ngaguher kérék, méakkeun kasuka tas nginum alkohol Si Munggah tara hudang téréh-téréh. Mun pareng nu muka tulak téh bapana, enya Duloh, kudu baé meunang panyacampah. “Hararésé pisan muka panto téh?” Matana hurung. Jekuk sapatuna nu geus cewaw dipaké ngajablogkeun panto.

Duloh bati istigpar. Angot mun nu mukana Si Opay atawa Si Didit mah kudu baé meunang oléh-oléh, sirahna didegungkeun. “Munggah-munggah, énjing cios saum insaalloh,” nongtoréng deui sora béwara ti masjid tonggoheun kantor polsék.

Ngadéngé kecap munggah, Duloh sok inget ka Si Munggah minangka ngaran nénéna Si Mémét, anal cikalna. Dimunggah-munggah gé apan Si Mémét téh ngajuruna pareng poéan munggah, tilu puluh taun kaliwat. Kolébat beungeut jenatna Yati, indung teges Si Mémét.

“Muga-muga baé budak téh sing walagri Kang, rék awéwé rék lalaki,” ceuk Yatiharita bari ngusapan beuteungna nu bulan alaeun. Duloh unggeuk. Ngarasa bagja sabab laki rabi geus lima taun can dipercaya boga turunan ku Gusti Alloh. Kabiruyungan. Wancina gubrag ka dunya, enya poéan munggah tea brol orok lalaki.

Nyusurup jeung poéan munggah, indung Si Mémét méré ngaran nénéna Si Munggah. “Sugan wé jalu manéh téh hirup beresih siga bararesihna jalma-jalma nu munggah,” ceuk indungna. Bubuhan budak meunang tipepereket ngadunga bari ngan hiji-hijina, mokaha Si Munggah diogo pisan, pangpangna ku indungna. Sagala kahayang teu sirikna dicumponan, kalan-kalan saré gé dikeu- keupan baé siga sieun aya nu nyulik.

Mun aya nu barang geureuh, kolotna diontrog bari dicarékan. “Warah budak téh, nyaho Si Munggah mah teu kaopan,” pajah téh. Duloh onaman biasa-biasa baé, ngenod teuing henteu, galak teuing henteu. Kuma umumna wé kolot ngatik anak sangkan daék sakola, ngaji, malah mandar jaga hirup bener. Sup ka SD. Kungsi deuih ngaji. Éta gé meunang diolo-olo ku Duloh da ku indungna mah tong dipaksa-paksa cenah budak embung sakola téh, karunya.

Carékna téa mah asal hirup gé geus untung. Kitu pamikir indungna baning nyaah ka Si Munggah téh. Nincak rumaja, Si Mung- gah salin jinis jadi budak baragajul da puguh sakola teu junun. Nyaan cééhan, teu kaop digeureuh-geureuh, teu kaop dihulag, teu kaop disisiwoan, langsung nyégag. Témahna mindeng galungan jeung babaturanana. Antukna sakola teu junun. Indungna kakara sadar, ning boga anak kitulaku téh malindes ka kolotna.

Nu ngomongkeun tingkecewis, nu ngontrog tipopolotot, angot basa Si Munggah urusan jeung pulisi nepi ka dibérokn mah, haté indungna asa di wewejét. “Naha atuh manéh téh maké bijil poéan munggah ari laku lampah euwah-euwah mah?” Yati kagegeringan mikiran Si Munggah, nepi ka hanteuna pisan. Duloh pruk kawin jeung Ma Ojoh, boga turunan satilu-tilu, Si Opay, Si Didit, jeung Si Onih, budak awéwé hiji-hi jina.

Ditinggalkeun indung, lampah euwah-euwah Si Munggah mungguh ngaguruh, siga euweuh pamuntangan. Kabur ti kolot, hirup lunta sakaparan-paran jadi préman. Puguh wé beuki ngajago. Basa gubrag Réformasi, mun baheula aya petrus loba karaman dikarungan, jaman Réformasi mucunghul amuk massa. Si Munggah, siga batur-baturna, ngistrika kokodna nu aya tatoan, teu beresih. Kapaksa disumput-sumput.

Si Munggah

Aya kasieun dirempug balaréa nu gangas kadongsok krismon. Ning mun aya préman beunang, laju dikerepuk teu meunang ampun, terus dibanjur minyak béngsin, gur diduruk. Si Munggah ngompod ogé. Nya ngulunu ka bapana. Duloh bati bingung, ditarima kumaha ditolak kumaha. Antukna léah, nya ditarima wé da burung palung bodo gélo gé anak sorangan.

Hadéna Ma Ojoh gé léah. Mimitina mah Si Munggah katémbong lindeuk, sari-sari nyantri, kuma umumna préman usum Réformasi ningan. Béh dieu-béh dieu, euwah-euwah Si Munggah kanceuh deui. Teu bina ti korupsi, nu pajah Réformasi téh seja meresihan aparat korup, hih kénéh-kénéh kéhéd ningan, koruptor kalah beuki nga leuya. Nya ngapruk deui dunya peteng da ningan kasempetan keur kikituan gé nonggérak deui.

Jaman Réformasi nu daragang inuman keras kungsi di- ubrak-abrik ku nu maraké sorban, pada nyeceléh, nya répéh. Kadieunakeun miras nerekab deui, malah aya sesebutan pésta miras, teu kalis weureu arak, hayang leuwih apdol meureun dioplos jeung naon ku hanteu. Puguh wé lauk keur Si Munggah mah. Jleg deui wé préman, batan babalik pikir kalah euweuh kagimir, batan kapok kalah gawok. Nu digangguna lain baé urang luar, siga puras-peres, kulawargana gé dipajeg. Puguh deui ngadon dahar jeung héés mah.

Peuting kamari, janari leutik, saperti sasari Si Munggah balik. Siga biasana. sampurasunna téh najong panto bari nyebutan ngaran si bopih. Teuing kumaha peuting kamari mah nu araya di imah asa kasirep jurig tunduh kabina-bina. Kakara harudang sanggeus Si Munggah najong panto sababaraha rintakan.

“Sétaaan..na malolor téh?” Si Munggah ngawakwak. Napsu ngagidir, tina sungutna meledos sésa urut mabok. Torojol ba- pana, karék gé hol nu keur lulungu téh dipapagkeun tonjok. Jekuk, jurahroh. Koréjat Duloh maksakeun hudang bari nahan kanyeri. “Na siah téh Munggah? Durjana kabina-bina?” Duloh dak dumadak boga kawani. Pudingding napsu. Teu ngabibisani, aya kénéh sésa jawara jaman keur ngora.

“Goblog!” Si Munggah geus teu boga wiwaha. Der galungan antara anak jeung bapa, ti jero imah ngagésér ka buruan. Najan ruruntuk jawara gé geus umuran imah teu burung kasoran. Nénjo kitu, Si Opay jeung Si Didit nu ti tatadi olohok mata simeuteun baning baluas, sakilat duanana maju jurit ngaraponan lanceukna nu geus kausap.

Si Munggah pada ngahanca, saréréa geus kaleungitan kadali, tali pameung keut duduluran ngajemprung, hayang pada-pada unggul. Ceg Duloh kana batu sagedé hulu domba paragi manéhna moyan. Teu antaparah deui, gejrot dipeupeuhkeun kana sirah Si Munggah. Kocéak…. “Ampun Pa, ampun Pa, ampuun….!” Na remeng- remeng peuting Si Mung- gah minangsaraya, kakara lilir tina impian euwah-euwahna.

Tapi…. Duloh geus kaleungitan rasa nyaah, dur- jana modél Si Munggah kudu dipérénan. Titis tulis ciri wanci, baheula Si Munggah gubrag ka dunya poéan munggah, ayeuna gé mulang na poéan munggah. Gujrud salelembur aya kajadian rajapati antara anak jeung bapa. Harita kénéh gé pulisi sabada meunang laporan ti masarakat nyangkalak nu tiluan, Duloh, Si Opay jeung Si Didit terus dibawa ka kantor polsék, blus ka kamar tahanan, ngadagoan dijagragkeun ka pangadilan.

Gebeg, Duloh lilir tina lamunanana. Rét ka dua budak lalaki nu taya lian Si Opay jeung Si Didit, teup deui kana lalangit, bréh Si Munggah nu keur ceurik ngagukguk ménta ampun. “Munggah, munggah insaalloh énjing cios saum. Mangga geura beberesih,” geus kadéngé deui béwara munggah ti masjid wuwuh matak ngagerihan batin Duloh.

“Munggah? Puasa? Ya Alloh, kanggo naon atuh paruasa ari gogoda hirup pada ngantep baé?” gerendeng batin Duloh siga nu ngarasula kana kaayaan rinéka jaman. Berebey cimatana ngabanjiran kumis, terus kana janggotna.

*TAMAT*

Carpon Ku: Féndy Sy. Citrawarga


Cerpen bahasa sunda menyambut bulan ramadhan: “Munggah, munggah, insyaallah besok mulai puasa…,” kata seorang laki-laki dari sebuah masjid. Duloh kehilangan lubang telinganya. Wajah Ma Ojoh, paman dari pihak ibu, disusul wajah Si Onih, anak bungsunya.Berebey meneteskan air mata di pipinya, meninggalkan kumisnya yang gelap. “Maafkan aku Bu, maafkan aku Onih,” gerutunya mengeluh kepada orang-orang di rumah itu. Tidak ada yang menjawab. Tatapannya tertuju pada jeruji besi, meluncur di dinding beton, dan menatap langit-langit.Mau kabur bareng sama yang naik ke rumah, pamohalan. “Karena kelancangan!” wajahnya menyentuh dinding. Kedua anak laki-laki yang sedang carinekul di sudut tangki sedang berdiri. “Setelah itu, Ayah, ayo pergi,” kata salah satu dari mereka. Yang disebut guru tak lain adalah Si Mémét, putra sulungnya. Ya, itulah yang menyebabkan Duloh dan kedua bocah itu meringkuk dalam tahanan polisi.Suara sepatu yang datang dari kejauhan, semakin dekat, semakin jelas, seolah-olah jelas di hati Duloh. “Maafkan aku, Ayah, maafkan aku…” Pikir Si Mémét lagi meminta maaf. Beberapa saat kemudian, saya tidak ingin memaafkan. Baru sekarang dia merasa ada sesuatu yang mencubit hatinya. Ini menghancurkan. Kedua, petugas khawatir. Dia kembali.”Tidak, tidak ada jalan keluar!” Ini menyipitkan mata. Meski musim puasa, musim bersuka cita dan berbuka puasa bersama keluarga, namun besok adalah pertama kalinya menunaikan kewajiban puasa Ramadhan. Saya ingin menyediakan makanan yang sedikit istimewa dan itu menurut saya, paling tidak burontok harus bisa makan.Namun, Si Onih seperti tahun lalu, katanya akan tetap sama. Jadi kalau ada dagingnya agak moho. Kedepan, bagi umat muslim di filmburan banyak ritualnya, ada yang mandi, ada yang ke kuburan, ada yang menyiapkan makanan, bahkan di kota ada yang sengaja ke balotram pagi untuk berpuasa. .jangan berolahraga.

Mata Duloh menatap langit-langit, memurnikan, menangis. Saya tidak berpikir Sacongo harus mengalami hidup di penjara. Sungguh, kata lelaki tua itu, nafsu makan membuat Anda menyesali tubuh Anda. Tapi saya tidak terlalu nafsu, saya ingin mendidik Si Munggah, ya Si Mémét yang membuatnya karena.

Ketika Janari masih kecil, dia mewujudkan mimpinya menjadi Paul. Tapi burung itu tidak peduli ketika ada ketukan di pintu. Saya sudah ingat kelakuan Si Munggah. Patuhi, setiap kali Anda menyapa, Anda menendang pintu. Begitulah saat minum alkohol. Baik Duloh maupun Ma Ojoh tidak ketinggalan hati.

“Buka pintunya…!” Si Munggah melolong sambil menyebut nama binatang. Tara banyak bicara, yang pertama kali mendengar pintu terbuka. “Cepat, aku lapar!” Gambar lagi. Ma Ojoh gemetar. Saat hendak dipersembahkan, orang yang meminta sudah memotong badis mertuanya di ruang bawah tanah.

Jika Anda ingin berubah, habiskan waktu Anda dengan minum alkohol. Kalau yang buka kertas itu bapaknya ya Duloh harus dapat salinannya. “Apakah kamu benar-benar ingin membuka pintu?” Matanya menyala. Sepatu yang telah digunakan untuk menutup pintu.

Doloh bati istigpar. Kalau Si Opay atau Si Didit yang ada di depan Anda, Andalah yang harus menang, kepalanya diangkat. “Naik turun, besok puasa insyaallah,” terdengar suara pengumuman dari masjid di depan kantor polisi.

Mendengar kata up, Duloh selalu mengingat Si Munggah sebagai nama ibunya Si Mémét, anal anak sulungnya. Naik turun, tapi Si Mémét yang terus naik setiap hari, tiga puluh tahun yang lalu. Wajah genit Yati, ibunda Si Mémét yang tegas.

“Semoga yang lahir nanti laki-laki, mau jadi perempuan, mau jadi laki-laki,” kata Yatiharita sambil mengelus perut bulan purnamanya. Dulo mengangguk. Merasa bahagia karena suami rabbi itu dipercaya memiliki keturunan oleh Tuhan selama lima tahun. Kebersamaan. Ketika dia jatuh ke dunia, ada bayi laki-laki setiap hari.

Nyusurup dan hari demi hari, ibu Si Mémét menamai ibunya Si Munggah. “Mungkin kamu akan hidup bersih seperti orang-orang yang datang,” kata ibunya. Jika sang anak mendapatkan jenis duka ketika dia satu-satunya, Si Munggah akan banyak dilecehkan, terutama oleh ibunya. Semua keinginannya terpenuhi, terkadang dia tidur dan memeluknya seolah takut ada yang menculiknya.

Jika ada yang berbau, orang tua akan diberitahu sambil dicabik-cabik. “Itu anak nakal, saya tahu Si Munggah tidak baik,” kata almarhum. Biasa saja, tidak terlalu kasar, tidak terlalu galak. Pada umumnya orang tua mendorong anaknya untuk mau bersekolah, belajar, bahkan menjalani kehidupan yang baik. Sup ke sekolah dasar. Tidak pernah berlari lagi. Mereka akan dibully oleh Duloh dan ibunya, jangan dipaksakan.

Dia berkata bahwa dia akan beruntung dalam hidup. Begitulah anggapan ibunya bahwa dia mencintai Si Munggah. Ketika menginjak remaja, Si Munggah berganti kelamin menjadi anak laki-laki baragajul dan tidak berhasil bersekolah. Keren banget, ga mau dimarahin, ga mau ditertawain, ga mau dimarahin, stop aja. Dia sering hang out dengan teman-temannya. Akhirnya sekolah tersebut tidak berhasil. Sang ibu baru menyadari bahwa memiliki anak seperti itu adalah tidak menghormati orang tuanya.

Yang bicara tingkekewis, yang sinis, yang bicara bahasa Si Munggah berurusan dengan polisi sampai hancur, hati ibunya hancur. “Mengapa kamu memakai pil harian dan berperilaku berbeda?” Yati ketakutan memikirkan Si Munggah, hingga sangat sedih. Saat menikah dengan Ma Ojoh, ia memiliki tiga orang anak, Si Opay, Si Didit, dan Si Onih, seorang gadis yang telah bersuami.

Ditelantarkan oleh ibunya, tindakan Si Munggah berubah, dia bergemuruh, seolah tidak ada keberatan. Lari dari orang tua, hidup terlantar sebagai preman. Dia malas untuk menonton lebih dan lebih. Ketika Reformasi bubar, jika di masa lalu banyak kemarahan, masa Reformasi tampak seperti kemarahan massal. Si Munggah seperti teman-temannya menyetrika bajunya yang bertato, tidak bersih. Harus bersembunyi.

Ada rasa takut dipukul massa yang mendorong Krismon dengan kasar. Tapi kalau ada preman, dipukuli tanpa ampun, lalu disiram bensin, dan dibakar. Si Munggah juga yang mengemudi. Dia menatap ayahnya. Orang tua bingung, diterima dan ditolak. Pada akhirnya, dia diterima oleh palungan bodoh anaknya sendiri.

Ma Ojoh akan baik-baik saja. Pada mulanya, Si Munggah dipandang sebagai seorang penyendiri, sari-sari nyantri, dan umumnya preman pada masa Reformasi. Di sana-sini, Si Munggah mengulang lagi. Bukan dibangun dari korupsi, matinya Reformasi adalah membersihkan para pejabat yang korup. Dia akan kembali ke dunia gelap dan mencari kesempatan untuk bergerak lagi.

Pada masa Reformasi, pedagang minuman keras pernah dibubarkan oleh mereka yang bersorban. Setelah itu, alkohol tidak tersedia lagi, bahkan ada yang menyebut pesta alkohol, tidak
kalis weureu arak, mau lebih apdol mungkin dioplos dan apa yang harus dilakukan.

Aku malas memancing Si Munggah. Mari kita kembali ke preman, daripada memikirkan kalah, tidak ada yang perlu dihebohkan, malah sembuh dan kalah berkelahi. Yang dimanfaatkan bukan orang luar, seperti pemeras, keluarganya kena pajak. Saya terlalu malas untuk makan dan itu sulit.

Tadi malam, makan kecil, seolah-olah Si Munggah kembali. Seperti biasa. alasannya adalah menendang pintu sambil menyebut nama mertuanya. Ini seperti bagaimana tadi malam saya di rumah merasa seperti hantu yang tidur di kabin. Baru bangun setelah beberapa kali ditendang pintu oleh Si Munggah.

“Sétaaan..apakah ini benar-benar buruk?” Si Munggah memimpin. Nafsu makan berdenyut, sisa pijatan mabuk dimuntahkan dari mulutnya. Torojol ayahnya, dia baru saja akan pergi ke Lulungu dan disambut dengan tip. Jekuk, jurahroh. Koréjat Duloh terpaksa bangun sambil menahan sakit. “Ada apa dengan Munggah? Apa itu hal yang buruk?” Aku tiba-tiba memiliki keberanian. nafsu makan puding. Jangan khawatir, masih ada beberapa juara muda yang tersisa.

“Kurang pengetahuan!” Si Munggah tidak lagi memiliki wiwaha. Der galungan antara anak dan bapak, dari dalam rumah pindah ke pekarangan. Meski sang juara sudah cukup tua, rumahnya bukan burung. Melihat itu, Si Opay dan Si Didit yang sedari tadi tersenyum, langsung keduanya bergegas maju menemui kakaknya yang sudah dilap.

Si Munggah melanjutkan, semua orang kehilangan kendali, tali saudara-saudara bergetar, mereka ingin saling menang. Ceg Duloh di atas batu sebesar kepala domba agar bisa makan. Tak heran, petir itu mengenai kepala Si Munggah. Lelucon…. “Maafkan aku, maafkan aku, maafkan aku…!” Malam harinya Si Munggah minangsaraya, baru terbangun dari mimpinya.

Tapi…. Duloh sudah kehilangan rasa cintanya, karena model Si Munggah harus diganti. Titis menulis ciri-ciri waktu, Si Munggah yang dulu setiap hari turun ke dunia, kini akan kembali ke dunia setiap hari. Di Gujrud, terjadi peristiwa pembunuhan antara ayah dan anak. Kini polisi akan mendapat laporan dari masyarakat bahwa ketiganya, Duloh, Si Opay dan Si Didit, akan dibawa ke Polres, dimasukkan ke dalam rutan, dan menunggu dibawa ke pengadilan.

Gebeg, Duloh keluar dari mimpinya. Kedua bocah yang tak lain adalah Si Opay dan Si Didit itu kembali mencium langit-langit, kemudian Si Munggah yang menangis menganggukkan kepalanya memohon ampun. “Naik insya Allah besok cepat. Tolong segera berbenah,” terdengar lagi pengumuman dari masjid yang membuat hati Duloh bergetar.

“Naik? Puasa? Ya Tuhan, apa alasan godaan hidup untuk melepaskannya?” Gerutuan batin Duloh seolah menjadi pesan tentang berbagai keadaan zaman. Air mata Berebey mengalir ke kumisnya dan kemudian ke janggutnya.

TAMAT….