Puisi dan sajak

Puisi Perpisahan Bahasa Sunda (Sajak Paturay Tineung) Bikin Nangis!

×

Puisi Perpisahan Bahasa Sunda (Sajak Paturay Tineung) Bikin Nangis!

Sebarkan artikel ini

Meskipun si Mimin sudah lulus sekolah, tapi kenangan perpisahan sekolah itu masih terus ada, teringat dan bikin baper malah, dan semoga dengan puisi bahasa sunda tentang perpisahan atau sajak paturay tineung ini dapat mewakili perasaan antara sedih dan bahagia kamu nanti, saat perpisahan disekolah.

Segala sesuatu yang berhubungan dengan perpisahan itu terkesan menyakitkan, berat, dan berat banget! Termasuk saat perpisahan disekolah, antara perasaan senang dan sedih itu pasti ada dalam diri seseorang dan menghiasi acara tersebut. Namun percayalah, semuanya akan baik-baik saja!

Advertise By Adsense
Advertise By Adsense

Puisi Perpisahan Sekolah, Sajak Paturay Tineung Bahasa Sunda

Puisi Perpisahan Sekolah, Sajak Paturay Tineung Bahasa Sunda

Puisi atau sajak bahasa sunda tentang perpisahan (paturay tineung) dibawah ini mungkin akan menjadi sebagai perantara kata-kata yang menjadi saksi bahwa masa-masa disekolah itu memang sangat menyenangkan dan memiliki banyak kenangan yang indah.

Baca juga: Contoh sajak untuk guru tercinta bahasa sunda

Huft! Acara perpisaan, berarti saatnya berpisah dengan guru, dan teman teman dong..

Berpisah dengan guru, berpisah dengan teman, bahkan pacar, dan mungkin harus merelakan apabila ada perasaan yang masih mengganjal di hati, karena belum sempat mengutarakan perasaan hati ke do’i di masa sekolah, tapi keburu berpisah, aih menyakitkan! Sehingga tidak heran, masa di sekolah itu akan menjadi kenangan yang tidak mudah untuk dilupakan, bahkan akan teringat selamanya. (Sori agak lebay, tapi ini bisa bener!)

Yuk! Langsung saja dibaca beberapa puisi atau sajak tentang perpisahan atau paturay tineung dalam bahasa sunda dibawah ini yang berhasil dikumpulkan semoga dapat menjadi referensi puisi kamu saat perpisahan itu tiba.

Sajak Tema Perpisahan Kelas 6 SD, Kelas 9 SMP, dan Kelas 12 SMA

Sajak Tema Perpisahan Kelas 6 SD, Kelas 9 SMP, dan Kelas 12 SMA

“Paturay” oleh Muhammad Rifqy S. Suhardiman (basasunda.com)

Icikibung di sakola nu lawasna tilu taun..
Ayeuna tinggal ngitung waktu..
Milang lengkah..
Urang bakal papisah..

Sanes wungkul sareng babaturan,
Oge bapak ibu guru…
anu parantos masihan elmu,
Ka sim kuring tur
ka batur-batur sadulur,

Duh, bapa, ibu guru anu ku simkuring di gugu..
Hapunten anu kasuhun..
Tina laku lampah, nu teu merenah..
Tina kirang ngabagjakeun hate harita!

Mung anu utamina ayeuna…
Sagala papatah, mangrupi amanah, tur sadaya kanyaah..
Bakal teras aya dina manah..
Sim kuring, nu bakal miang..

“Buku milu nyaksian paturay urang” oleh kustian (basasunda.com)

Buku,
Pulpen,
Hurup-hurup,
Jadi kecap,
Jadi kalimah
Jadi catetan….

Angka-Angka milu nyaksian urang sasarengan diajar di sakola
Bungah jeung gumbira diajar ku guru nu dipikacinta
Paturay tuluy ngamalirkeun herang cimata
Ka muara-muara du’a

Mugia jadi mimiti urang ngudag cita-cita
Nu ngabugang dina mangsa ka hareup

Sajak Paturay Kata-Kata Perpisahan Dina Acara Sungkeman Murid ka Guruna Sedih

Membacakan sajak dengan menggunakan kata-kata perpisahan bahasa sunda dibawah ini cocok banget untuk acara sungkeman atau pelepasan murid untuk kelas 6 SD, kelas 9 SMP, dan kelas 12.

Sajak Paturay Kata-Kata Perpisahan Dina Acara Sungkeman Murid ka Guruna Sedih
Sumber: Paturay tineung Kabar UPI

Jadi maksudnya, kata-kata paturay tineung dibawah ini dibacakan oleh sekelompok murid atau perwakilan antara siswa laki-laki dan perempuan (putra dan putri) disertai dengan balasan oleh pihak guru maupun kepala sekolah dalam acara pelepasan, jadi cocok dibawakan untuk acara perpisahan sekolah juga!



  • Putri : (Dibacakan oleh kelompok atau wakil siswa perempuan)

Bapa ! Ibu !
Putri ngangres lebeting ati
Kageuingkeun anginna ririh
Ngorejat…. Emut ka wiwitan

Putri sadar…
Yen hate putri sanes tina hoe
Kalbu putri sanes tina batu
Kabetrik ati katinggang mamaras rasa
Ku kaweningan galih Ibu sareng Bapa

Putri Yakin…
Ibu kalih bapa saparakanca
Ngatik sareng ngadidik putri sadaya
Pinuh ku kawening galih, limpas ku kanyaah nu nyata
Leubeut ku kadeudeuh anu terus maneuh,

Karaos…
Karaos pisan ayeuna mah,
Panggetrik Ibu, panggitik bapa, estu wungkul pangdidik
Nuyun putri sadaya kana jalan nu rahayu

Ayeuna ngembang boled… pertela…..
Kapetik hasilna, kaala buahna
Putri nampi kana takdirna papasten Gusti Yang Widi

Namung, parandena kitu …..
Luntur kalbu nu kaasuh, jembar manah nu diteda
Putri neda dihapunten tina samudayaning kaleupatan

Putri rumaos….
Sering ngajaheutkeun manah ibu kalih bapa
Putri sadar…..
Sering ngajantenkeun bapa miwah ibu bendu.

  • Putra : (Dibacakan oleh kelompok atau wakil siswa laki-laki)

Ibu ! Bapa!
Tinangtos bagjana iyeu hate
Saupami ibu miwah bapa sadayana
Tiasa ngahapunten ka wayah putra
Sareng dina danget iyeu
Putra neda pamit..

Seja ngungsi udagan anu teu acan ka sorang
Seja ngabeudag kalangkang anyar…
Kaberkahan sinareng kawaluyaan,
Aya dina kawening galih sareng pangduana ibu miwah bapa…

  • Guru: (Sajak dibacakan oleh pihak guru, kepala sekolah, atau wakil guru sekolah)

Anaking jimat awaking…
Disaksi langit nu caang
Lir caangna hate Bapa, bungah anu tanpa tanding
Nyaksian hidep manjing sawawa

Bapa kalih Ibu guru sadaya, bungah tan wangenan
Hidep tineukanan, lawas mawa kameunangan
Lalayang geus jagrag baris marengan
Pikeun ciri hidep ngageum pangarti

Sawangsulna…..
Ibu ngangres ku bisi rempan ku sugan
Henteu bisa neudunan kawajiban
Ngatik hidep henteu tepi ka udagan

Deudeuh anaking geuning teu nyana
Anjeun inajen dina galura rasa
Nembongkeun hidep manjing sawawa
Yen hidep bakal bisa mulang tarima ku kaluhungan

Ibu, Bapa, ngarasa regreg ngajurung hidep luma
Bral… Mangka niatna, kade lali ka temah wadi
Pikeun ciri hideng lekasan di.. (isi ku ngaran sakola)

Mangka prak, jung geura nangtung,
Geura ngadeg anu ajeg…
Geura tampa ieu lalayang
Ciri nu bukti hidep ngagem pangarti
Bismillah lahaola walaquata Illa Billah.
Brul.. Bral.. Mangka waluya salawasna.

# (Sadayana murid kelas, nu ngiring paturay sungkem ka Kapala sakola katut guru-guru bari menta jiad pangduána)

Puisi Kata Kata Perpisahan Bahasa Sunda Guru dan Murid-murid Versi 2 Dalam Acara Sungkeman Bikin Merinding




  • Putra :

Sim abdi neda paralun
Neda jembar pangapunten
Rumaos lamokot dosa
Ingkar tina tatakrama
Sakan tenan amit mungkur
Bari neda doa restu

  • Putri :

Oge nyuhunkeun pangrestu
Ti Bapa ibu pangatik
Nu ikhlas dina miwulang
Neda jembar sihaksami
Kalayan neda pidua
Ngudag kamulyaan diri

  • Kapala Sakola/Guru :

Bae, bae teuing anaking
Hate bapa, sareng sadayana ti guru Balewangi hiji
caang bulan narawangan
Teu aya geuneuk maleukmeuk
Dosa hidep bangblas bebas.

Bral anaking, geura miang geura tandang
Geura nuluykeun sakola anu leuwih luhur
Geura jununkeun kahayang hidep
Beber layar tarik jangkar
Talikeun samudra anu pinunjul ku pangaweruh

Doa bapa, doa ibu, guru-guru SD Balewangi hiji.
Paralun numpuk diluput
Palias nincakna salah
Mangka caang, mangka padang
Tinemu jeung kabagjaan

Pileuleuyan-pileuleuyan
Urang paturay patebih
Mugia hidep kenging pangraksa
Katut karido Ilahi.

Baca juga: Teks Sungkeman Bahasa Sunda Acara Perpisahan Sedih!

Penutup:

Perpisahan memang berat, namun bukan berarti itu akan membuat kamu bersedih! Percayalah! Ini akan menjadi kebahagiaan dan menjadi awal kamu dalam menggapai cita-cita di masa depan, yang lebih baik kedepannya, semakin dewasa tentu akan semakin ada banyak hal-hal baru yang akan kamu dapatkan.

“Perpisahan Bukanlah Sebuah Akhir, Tapi Awal dari Sebuah Cita-cita yang kamu harapkan. Keep spirit!” (Basasunda.com)

Mungkin itu saja, untuk artikel kali ini, oh ya! Kata-kata perpisahan dalam bahasa sunda diatas dapat dibacakan oleh guru dan murid ya? Akhir kata, mudah-mudahan puisi atau sajak tentang perpisahan (paturay tineng) dalam bahasa sunda diatas dapat bermanfaat buat kamu, terimakasih atas aktunya dan semoga bermanfaat!