Artikel sunda

Tatakrama Basa Sunda dina Ngahormat Jeung Nu Lian

×

Tatakrama Basa Sunda dina Ngahormat Jeung Nu Lian

Sebarkan artikel ini

Di dalam bahasa Sunda seperti yang sudah kita tahu dikenal adanya istilah yang kita sebut dengan “undak-usuk basa Sunda”. Maksud dari istilah tersebut adalah tatakrama yang ada hubungannya dengan penggunaan basa Sunda. Namun, saat ini istilah undak-usuk basa Sunda tersebut sudah diganti dengan istilah “Tatakrama Basa Sunda”.

Dalam artikel kali ini akan dibahas mengenai dari tatakrama bahasa dan tatakrama dalam aturan dalam menghormati atau aturan sopan santun yang dipegang oleh warga masyarakat sunda. Berikut selengkapnya mengenai pengertian tata krama yang akan dibahas kedalam bahasa sunda.

Advertise By Adsense
Advertise By Adsense

TATAKRAMA URANG SUNDA

Urang tangtu waé pernah ngadéngé istilah dina tatakrama. Geuning sok aya nu ngomong kieu “Kudu boga tatakrama atuh ari hayang diajénan ku batur mah!.” Atawa, “Ih, si éta mah teu boga tatakrama, ngomong téh bari ti poporongos kitu.”

Jadi naon nu dimaksud tatakrama téh? Tatakrama asalna tina basa Sangsekerta, “TATA” hartina aturan atawa palanggeran, sedengkeun “KRAMA” hartina hormat. Jadi ari tatakrama téh mangrupakeun aturan kana ngahormat jeung nu lian atawa aturan dina sopan santun nu digunakeun ku warga atawa masarakat, keur silih ajenan sareng nu liana.

Di tiap-tiap daérah, bangsa, atawa suku tangtu miboga tatakrama nu saluyu jeung tradisina séwang-séwangan sarta ajén moral anu dianutna. Contona waé urang sunda, tangtu waé miboga tatakrama sorangan, anu ngajadikeun cirina urang Sunda.

tatakrama basa SundaNah, ari tatakrama téh ngawengku kana aturan dina anggah-ungguh atawa gerak dina anggota badan, sarta aturan dina omongan atawa basa anu digunakeuna.

Tatakrama anu silih patalina jeung anggah-ungguh contona waé cara sasalaman, cara diuk (mun awéwé kudu diuk emok, jeng sajabana), awak kudu rengkuh lamun keur cumarita jeung jalma anu leuwih kolot, jeung sajaban.

Sedengkeun tatakrama anu aya patalia sareng omongan atawa prak-prakan ngagunakeun basa, urang sunda tangtu miboga aturan nu husus, nyaéta aturan undak-usuk basa. Tatakrama basa aya nu disebut basa lemes jeung basa kasar, dina tahapana atawa luhur-handapna ajén basa anu dilarapkeun kudu saluyu jeung jalma anu diajak cumarita.

Baca ogé: Kamus Tatakrama (Undak Usuk) Basa Sunda Lengkap!

Sajarah Undak-Usuk (Tatakrama) Basa Sunda

Para ahli basa sunda sapamadegan, yén lahirna undak-usuk basa sunda téh dipangaruhan ku basa Jawa sabada tanah sunda utamana Priangan kaeréh ku Mataram dina abad ka-17. Dina mangsa harita, para dalem jeung kaom menak sunda mindeng ngayakeun hubungan séba upeti jeung sajabana jeung kaom menak Jawa di Mataram.

Éta hubungan sosial téh nimbulkeun ayana kapangaruhan budaya Jawa kana budaya urang sunda. Lain undak-usuk basana wungkul tapi ogé dina widang kasenian, saperti tembang guguritan atawa pupuh.

hubungan sosial
Foto: pinteres.com

Saencan abad ka 17, sabenerna dina basa sunda téh henteu aya unda-usuk basa, éta dibuktikeun dina naskah-naskah buhun. Contona waé dina Carita Parahiyangan atawa Carita Ratu Pakuan nu diserat dina abad ka-16, didinya teu ngagunakeun undak-usuk basa sakumaha nu ku urang kapanggih ayeuna.

Sabada kapangaruhan ku Mataram mikin nyosok ka urang, undak-usuk basa téh beuki subur mangaruhan ka basa Sunda. Ceuk katerangan tina hasil panalungtikan Coolsma, nu ahli basa urang Walanda, aya 300 kecap lemes jeung 275 kecap kasar basa Sunda anu asalna tina basa Jawa, ngan cara makéna sok hijikeun.

Contona waé kecap abot, anom, bobot, impén, lali, pungkur, sasih, jeung sajabana. Éta lamun di urang mah asup kana basa Sunda lemes, tapi lamun dina basa Jawa mah éta téh basa kasar. Kitu deui aya kecap beja, bulan, datang, pindah, suku, tumpak, jeung sajabana. Lamun dina basa Sunda mah kasar, tapi dina basa Jawa mah lemes.

Undak-usuk basa sunda tuluy mekar saluyu jeung kamekaran jaman, anu tadina ngan dipaké keur ngahargaan ka kaom menak wungkul, ayeuna dipake ka saha waé anu sakuduna dihormat. Nah, ieu tatakrama basa téh mimiti di gunakeun sanggeus nagara urang merdéka, nyaéta dina taun 1945.

Tepi ka danget ieu undak-usuk basa terus diparaké urang Sunda, sabab geus gumulung jadi ajén-inajén tatakrama urang Sunda dina silih hormat jeung silih ngahargaan jeung nu lian. Jadi, minangka salah sahiji banda warisan budaya, undak-usuk basa ku urang kudu dipaké dina kahirupan sapopoé.

CARA DIAJAR NGAGUNAKEUN TATAKRAMA BASA SUNDA

CARA DIAJAR NGAGUNAKEUN TATAKRAMA BASA SUNDA


Cara di ajar ngagunakeun undak-usuk basa sunda atawa cara ngagunakeun tatakrama basa Sunda tangtu waé bisa tina hasil urang diajar di sakola, atawa bisa di menangkeun ku cara-cara nyaéta diantarana:

1. Kudu sering merhatikeun batur, anu basana luyu tur merenah (bener salahna).

2. Sering-sering maca buku nu susunan basana tos réngsé atawa beres.

3. Aya sikep kritis waktu maca atawa mun ngabandungan batur nu keur nyarita.

4. Biasakeun lamun nyarita ngagunakeun basa nu luyu tur merenah.

5. Keur latihanan, ulah rusuh teuing mun keur maca atawa keur carita, jadi aya kasempetan pikeun milih jeung nyusun kalimahna.

Di masarakat kamampuh ngagunakeun Basa Sunda pangpangna ngagunakeun Tatakrama Basa téh kacida pentingna. Kapan aya paribasa: “Hadé ku omong goréng ku omong” atawa “Basa mah leuwih seukeut, tibatan pedang”. Bener teu?

Nah, hayu urang babarengan diajar kana tatakrama sunda ieu. Rupina sakitu waé pikeun pedaran singkat ngenaan kana tatakrama tina ngahormat. Mugia aya mangpaatna keur diri urang saréréa tina sikep katut ngagunakeun tatakrama basana, hatur nuhun.