Budaya masyarakat adat

PAPAGON dina masarakat adat mah alam baris mere kahadean lamun maranehanana ge ngajaga tur ngamumule alam sabudeureunana. Kaarian terus mekar. Sikep mikahor­mat alam minangka cecekelan hirup nu diwariskeun di komunitas masfan lokal tetep dipiara najan jaman terus mekar.

Sikep mikahormat alam minangka cecekelan hirup nu diwariskeun di komunitas masarakat adat. Mun alam geus ruksak, mangka katingtriman hirup ge bakal kaganggu. Tapi, ka behdieunakeun, dina kamekaran jaman nu teu nolih kana kaarifan, loba lahan adat nu kedeseh.

Kadeseh ku pihak-pihak nu hayang ngamang­paatkeun lahan adat, saperti pikeun villa, pabrik, pakebon­an, atawa wangunan sejenna. Alam masarakat adat nu ngawengku lahan, leuweung, gunung, katut walungan, nu salila ieu jadi sumber kahirupan maranehanana, bet jadi saperti nu leungit.

Masarakat adat leungiteun sumber kahirupanana, alatan lahanna geus dipimilik ku batur. Komunitas masarakat adat di nagara urang teu weleh aya dina nasib katalangsara. Padahal, masarakat adat sarta nu jadi hak-hakna teh sakuduna mah bisa hirup kumbuh kalawan tingtrim.

Meureun wajar dina mangsa penjajahan mah mun maranehanana teh katalangsara. Sabab, sakur jiwa ge ngalaman katalangsara. Tapi, kacida tragis mun nasib masarakat adat teu robah, tetep katalangsara, dina jaman urang geus merdeka. Kiwari, teu saeutik aya kajadian konflik antara masarakat adat jeung pihak-pihak nu ngaku geus miboga lahan masarakat adat.

Nu ngaku miboga, ngarasa boga hak alatan dibekelan hak guna usaha (HGU). Sedengkeun masarakat adat satekah polah mertahankeun lahanna, nu dipercaya minangka warisan ti karuhunna. Antukna, prinsip masarakat adat nu basajan teh kaancam leungit nyanghareupan pihak-pihak nu hawek, nu ukur neang kauntungan wungkul. Kasarakahan maranehanana nu teu tanggungjawab tea, ngabalukarkeun katingtriman masarakat adat kaganggu jeung lingkungan jadi ruksak.

Ku mindengna kajadian samodel kitu, ngabalukarkeun masarakat adat mingkin kadeseh. Kitu deui mun pamaren­tah netepkeun kawijakan patali jeung wilayah adat bari teu ngabaud masarakat adat nu geus dumuk ti beh ditu mula di eta wilayah, tangtu masarakat adat ge baris kadeseh.

Padahal, musawarah teh minangka wujud mihor­mat ka masarakat adat jeung hak-hakna nu ditangtayung­an ku undang-undang. Sakuduna, tong aya deui kajadian kadesehna komunitas masarakat adat teh, boh dina sual lahan boh dina sual kabebasan ngalaksanakeun adat maranehanana. Ku sabab nagara urang geus netepkeun undang-undang pikeun nangtayungan masarakat adat.

Eta hal luyu jeung katangtuan internasional, nu oge geus diaku ku nagara urang. Dina pasal 6 ayat 1 Undang Undang (UU) Nomor 39 Taun 1999 ngeunaan Hak Asasi Manusia (HAM), kalawan teges nagara nangtayungan komunitas masarakat adat. Kieu unina teh, “Pikeun nanjeurkeun hak asasi manu­sa, perbedaan jeung pangabutuh masarakat hukum adat kudu diperhatikeun tur ditangtayungan ku hukum masarakat katut pamarentah”.

Sedengkeun dina ayat 2, unina teh, “Jatidiri budaya masarakat hukum adat, kaasup hak lahan ulayat, ditang­tayung­an luyu jeung kamekaran jaman”. Pon kitu deui, masarakat adat nu kaasup kana kelompok minoritas ge kudu ditangtayungan ku nagara.

Dina pasal 27 Kovenan Internasional ngeunaan Hak Sipil jeung Pulitik, nyebut­keun, “Di nagara-nagara nu aya kelompok minoritas dumasar kana etnis, agama, atawa basa, hak-hak eta kelompok minoritas teh tong diganggu, dina komunitas papada anggota sejen ti kelompok maranehanana, enggoning ngararasakeun budaya maranehanana so­rangan, pikeun ngalaksanakeun jeung ngamalkeun ageman maranehanana, atawa pikeun ngagunakeun basa maranehanana”.

Ku kituna, tong aya deui ijin muka pake­bonan, pangusahaan leuweung, atawa kagiatan pertam­bang­an, nu enya-enya ngarempak wates-wates wilayah lahan adat, nu saenyana mah geus dipimilik ku masarakat adat ti beh ditu mula.  Oge, ka masarakat adat kudu dibere kabebasan pikeun ngalaksanakeun tradisi adatna, kaasup dina ngalaksanakeun nu jadi agemanana.

Hak masarakat adat pikeun ngagem ageman katut kapercayaan luyu jeung pilihanana teh aya dina pasal 22 UU No. 39/1999 ngeunaan HAM, unina, “Sakur jalma bebas ngagem agemanana sewang-sewangan tur pikeun ngalaksanakeun ibadahna luyu jeung ageman katut kapercayaanana”.

Dina ayat sejenna ditegeskeun, “Nagara ngajamin kamerdekaan sakur jalma pikeun ngagem agemanana sewang-sewangan katut ngalaksanakeun ibadahna luyu jeung ageman tur kapercayaanana”. Kalawan teges konstitusi geus ngajamin jeung nangtayung­an hak-hak masarakat adat.

Ku kituna, nagara wajib nga­wu­jud­keunana. Ulah ieuh aya alesan nagara teu mampuh ngawujudkeunana. Da saenyana mah pikeun ngawujud­keun kamampuh teh kacida gampilna, nyaeta ku cara nem­bongkeun kalawan enya-enya dina kawijakanana sangkan teu weleh mihak kana kapentingan masarakat adat.

Lain mihak kana kapentingan pihak-pihak nu ngan ukur neang kauntungan wungkul. Lamun tea mah hak masarakat adat teh dibaekeun, eta hartina nagara geus ngalakukeun pelanggaran HAM.

 

Thanks__
sumber referensi: google.com