Artikel sunda

Artikel Sunda Tentang 7 Manfaat “NYEKER” Untuk Kesehatan

×

Artikel Sunda Tentang 7 Manfaat “NYEKER” Untuk Kesehatan

Sebarkan artikel ini

Saha anu terang yén nyékér atawa mapah mun teu maké sendal téh sabenerna tiasa masihan mangpaat keur kaséhatan awak urang, utamana mun urang lalampahan di nu aya babatuana.

Baca oge:  Artikel Sunda Tentang Masalah Lingkungan Hidup Bagi Manusia

Advertise By Adsense
Advertise By Adsense

Nurutkeun tina sababaraha hasil panalungtikan, nyebutkeun yén leumpang nyékér téh bisa ngabantu ngaminimalkeun peradangan, ningkatkeun kualitas saré, nyetabilkeun rarasaan, jeung nurunkeun tingkat strés.

Sadaya tangtuna ogé tos pada terang sahenteuna pernah ngadenge kana masalah éta téh. Nah, jadi loba kauntungan dimana lumampah kucara nyékér pikeun kaséhatan awak urang, dihandap ieu saheuntena aya hal nu rék dijentrékeuna, nya éta:

7 Mangpaat NYEKER Pikeun Kasehatan

Artikel Sunda 7 Manfaat NYEKER Keur Kasehatan

Bisa Ngabéngraskeun Pikiran

Sawaktu urang keur ngaléngkah teu maké sendal atawa sapatu, tingkat kawaspadaan urang spontan bakalan naék. Sahanteuna urang jadi waspada kanu lengkah nu bakalan rék ditincak ku dampal suku engkéna, naha aya cucuk rungkang, batu, atawa barang-barang anu matak nyieun picilakaeun apa henteuna.

Nah ku jalan kitu, sadar heunteuna kaayaan kitu téh bisa nyieun tingkat pikiran urang jadi leuwih waspada, nu ahirna pikiran urang bisa leuwih fokus tina ngalakukeun hiji hal.

Jadi Média Réfléksi

Titik refleksi kaki
Image source: sman4bdg.sch.id

Dina dampal suku loba pisan titik refléksi anu ngait kana ampir bagéan tina awak. Naon waé anu kadampal dina ngalaku, anu renjul kusabab batu leutik, atawa kaayaan lemah anu kasar anu katincak bakal ngarangsang titik-titik refléksi dina suku.

Émang kadang mimitina mah bakal karasa peureus jeung nyeuri, tapi éta téh ngabogaan éfék anu positif dina ngurangan panyakit dina awak.

Ngurangan Tingkat Strés

Loba anu naliti yén ngalampah bari nyékér dina jukut bakal ngabantu ngurangan rasa kahariwang jeung deprési. Sabab leumpang bari nyékér bakal ningkatkeun kadar hormon endorphin anu ngakibatkeun kaluarna rasa gumbira.

Nyieun Tibra (Sare anu Berkualitas)

Leumpang nyékér dina jukut bisa jadi obat pikeun anu teu bisa he’es (imsomnia). Loba anu saré lila tapi asa sakeudeung, tapi aya ogé anu saré sakeudeung tapi asana lila. Tah anu kadua éta anu kaasup saré berkualitas téh.

Ngarenggangkeun Jeung Nguatkeun Urat

Leumpang nyékér bisa ngarenggangkeun sakaligus nguatkeun urat, saperti urat tendon, ligament jero, pigeulangan suku jeung bitis. Dimana ieu ngabantu pikeun nyegahna tijalikeuh, tegangna tu’ur jeung sakabéh cécéklokan (sendi), jeung ngabantu nyegah masalah tina tulang tonggong.

Nyékér ogé bisa ngaktifkeun gawéna urat anu ngabantu dina ngajaga dedeg pangadeg awak jeung kasaimbangan awak. Urat ieu moal aktif dimana lamun urang leumpang maké tarumpah atawa sendal jeung sapatu.

Nguras Racun dina Awak

Manfaat ion negatif bumi
Image source: bioglassblog.wordpress.com

Lemah atawa bumi ngabogaan ion négatif anu bisa ngalunturkeun racun dina awak urang (detoksifikasi), salain éta bisa ngurangan éfék radang, nyingkronkeun gawé siklus hormon jeung irama fisiologis, salain éta leumpang nyékér ogé méré éfék anu tenang.

Bisa Nyéhatkeun Jiwa

Nyékér téh sabenerna bisa ngadeukeutkeun hubungan diri jeung alam. Misalna urang jadi leuwih gampang ngarasakeun haneutna panon poé jeung hiliwir angin nu nebak kanu tatangkalan.

Kacindékana, jadi ari leumpang nyékér téh alus pisan pikeun kaséhatan awak, pikiran, jeung jiwa urang. Nah, sakitu waé pikeun artikel basa sundana ngeunaan kana Mangpaat “NYEKER” keur kesehatan diri urang, mugia tiasa aya mangpaatna.