Artikel sunda

Mangpaat lauk lele pikeun kasehatan awak urang!

×

Mangpaat lauk lele pikeun kasehatan awak urang!

Sebarkan artikel ini

Saha anu teu wauh kana lauk anu boga kumis ieu. Lauk lele emang ngenah lamun urang konsumsi, (di huapkeun kana sungut). Lain saukur ngenah, lauk lele oge loba nutrisina anu alus pikeun awak urang dibanding lauk anu sejen.

Si Lele..


Ulah ragu deuh pokona mah nga-emam lauk anu hiji ieu. Salain ngenah, nutrisina na oge loba. Nah, aya oge dihandap ieu nyaeta nutrisi anu penting nu aya dina lauk lele. Hayu, langsung urang tingali!

Advertise By Adsense
Advertise By Adsense

Nutrisi lauk lele

A. Merkurina saetik

Ampir kabeh lauk boga bahan merkuri, anu bisa ngaganggu kana sitem saraf urang, etage lamun over atawa loba teuing. Tapi lauk lele sorangan manehana ngandung merkuri saetik dibanding lauk anu sejen.

Jadi ulah sieun, tapi lamun ibu-ibu hamil ulah loba teuing nga-emam lauk-laukan, ku sabab kandungan merkuri eta, lamun loba bisa ngaruh ka janin na engke. Komo deui lamun nga-emam lauk paus atawa hiu, ulah komo eta mah. 

B. Minim Kalori jeung Lemak

Lauk lele, leutik pisan kandungan lemak jeung kalorina, jadi moal nyieun urang gendut mun sering-sering nga-da’angan lauk anu hiji ieu. Nah mungkin bisa jadi pilihan oge pikeun ibu-ibu atawa bapa-bapa anu keur diet. 

C. Sae pikeun omega-6 jeung omega-3

Nutrisi anu penting urang konsumsi nyaeta omega-3 jeung omega-6 sabab alus pikeun nunjang kasehatan utamana pikeun otak jeung jantung urang. Nah lauk lele seueur pisan kandungan omega-3 sareng omega-6 na.

D. Loba Proteina

Awak urang boga sistem kakebalan, supaya kuat dina ngalawan macem-macem kana panyakit mangka protein dibutuhkeun. Protein oge bisa nguatkeun pikeun otot-otot urang. Protein anu aya dina lauk lele bisa disebut loba.

Salain eta, protein oge bisa ngabantu awak pikeun nyadiakeun energi atawa ka kuatan kana otot. Salain protein lauk lele oge ngandung asam amino jeung asam lemak anu penting pikeun awak urang.

E. Loba vitamin B-12 na

Ceunah, Vitamin B-12 ceuk para dokter di rekomdasikeun ku urang konsumsi minimal 40% onggal poena. Nah lamun kitu, mun urang nga-emam babaraha lauk lele berarti urang atos bisa minuhan asupan nutrisi B-12 eta, sabab lauk lele loba vitamin B-12na.

Fungsi vitamin B-12 oge salah sahijina nyaeta ngabantuan awak masihan energi tina ka-emaman anu tos ku urang konsumsi, supaya bisa jadi energi jang digunakeun pikeun urang barang gawe.

Salain eta, vitamin B-12 oge manfaat pikeun ngajaga sistem saraf urang jeung ngajaga awak urang supaya henteu gampang leleus atawa leuseh (cape). Jadi lamun urang osok lambrak-lembruk wae okos topo, mending cobian sing rajin lauk lele ieu.  

Nah, mungkin eta hungkul sabagian manfaat pikeun lauk lele anu penting mungkin kudu ku urang nyaho. Namun ulah loba teuing nga-emam na. Sabab, sagala anu ka lewihan bakal moal alus. Nah, jadi siapkeun lauk lele anu hiji ieu nya? Supaya urang menang nutrisi nu ku urang butuh keun, jeung supaya urang rada lingasan saetik.