Artikel sunda

Sisi Lain manfaat nguseup lauk dikulah pamancingan pikeun urang!

×

Sisi Lain manfaat nguseup lauk dikulah pamancingan pikeun urang!

Sebarkan artikel ini

Artikel sunda – Ngusep mangrupakeun salah sahiji hobi anu numayan loba dimitan ku masyarakat, mulai ti budak ngora nepi ka kolot. Naha hobi ngusep loba dimitan? Jawaban biasana nyaeta ngan saukur resep pas narikan laukna. Narik lauk nikmat pikeun tukang ngusep.

Lauk-lauk di taripu, pura-pura diparaban pake umpan anu padahal mah di jerona disimpenan usep anu sekeut kacida, beut..! Akhirna kena weh manehana (si lauk) ku urang tarik.

Advertise By Adsense
Advertise By Adsense

Namun kahade ngusep lauk dikulah batur atawa ngusep mayar di tempat pamancingan ulah jadi kaseringan teuing, sabab butuh money alias duit, nu loba duit mungkin teu jadi masalah tapi sabalikna kumaha namun teu aya? Soalna hobi nu hiji ieu bisa jadi katagihan. 

Ngomong-ngomong soal nguseup biasana lauk anu sok diusep nyaeta lauk bandeng, bawal, nila, tapi anu biasa diusep umumna lauk emas jeung lauk lele, dua lauk eta anu sering dipake ku tiap tempat pamancingan soalna kajangkau hargana.

Di tempat pamancingan biasana aya anu ngaranna pertandingan atawa lomba, lauk-lauk di paritaan buntutna saha anu menang loba manehana anu menang. Hadiahna macem-macem kumaha di tempat pemancingan na.

Umumna ratusan rebu pikeun jawara hijina. sabenerna, kumaha harga daftarna loba oge anu nyampe jutaan pikeun hadiahna. Pertandingan atawa perlombaan ieu biasana digelar onggal tiap malam minggu jeung poe mingguna.

Nah eta hiji deui alesan jalma reseup ngusep di kulah pamancingan. Salain hobi, kadang maranehana oge ngincer juara atawa hadiah na. Soalna numayan lamun menang! Lauk menang, duit oge menang, tah kitu gening. 


Emang aya manfaatna ngusep lauk teh?


Di dieu urang moal bahas duitna, tapi anu jadi pertanyaan nyeta memangna sabenerna “Aya apa henteu manfaat tina ngusep ajang urang di pemancingan teh?” Ari ceuk abdi mah aya, nah ieu bade di tulis manfaatna (Koreksi babarengan namun salah nya?) Ok.

Nambah silaturahmi (babaturan)

Kahiji nyaeta urang bisa ngajalin silaturahmi atawa nambah babaturan. Ditempat pamancingan seueur pisan jalmi-jalmi (ti budak ngora nepi ka kolot) anu mararancing, ngan hanjakal tara aya awewena.

Nah didinya, ditempat pemancingan eta urang bisa wauh sareng jalmi-jalmi sejen. Sabab gampang pisan menang babaturan di tempat pamancingan, jadi jalan siraturahmi sareng pamancing anu sejen bisa lewih gampang ka bina. Ulah hilaf sopan santun kudu tetep di jaga. 

Hate jadi bungah

Mancing bisa nyieun hate jadi rada bungah atawa reseup. Tos pasti tujuan utamana salain menang lauk, nyaeta neangan pikareseup atawa hiburan, alabatan luntang-lantung teu puguh. Naha bisa nyieun hate jadi bungah? Sabab, lamun urang nyalurkeun hobi, hartina urang nyalurkeun pikareseup urang.

Ngaleungitkeun ka jenuh

Sami kanu tos dibahas diluhur, ngusep emang bisa ngalengitkeun hawa kajenuh atawa suntuk urang, tapi lamun teu menang-menang lauk atawa benjol terus, bisa jadi rada kesel oge urang jadina nya? Hehehe..!

Tapi teu kitu, umumna lamun urang ngarasa suntuk atawa jenuh mungkin nguseup bisa jadi jawaban anu bisa dicoba, sabab saprak urang nepi ka kulah pamancingan hawa jenuh tos mulai lengit.

Nenangkeun hate

Biasana hate bisa rada tenang, mimiti karasana lamun tos balik ka imah. Sabab lamun hobi anu hiji ieu tos ka salurkeun atawa balik nguseup biasana hate bisa jadi rada tenangan. Komo deui lamun menang lauk loba terus jadi juara ongkoh, beuh mantep pokona mah! 

Nah, mungkin sakitu hela? Manfaat nu laina bisa dirasakeun sorangan. Tapi ku kitu, tangtu hobi ieu oge ulah sering-sering teuing atawa kamalinaan dilakukeun ku urang. Komo deui lamun nguseup di kulah pamancingan anu mayarna mahal.

Namun se’eur artos sih teu ku nanaon, tapi namun urang cekak kumaha, bisa barabe oge jadina engkena? Nu pasti siapkeun hela duit ajang kabutuhan utama mun aya lewihna sok menang saminggu sakali salurkeun hobi anu hiji ieu.

Ulah nemen teuing ka nguseup komo deui nepi ka teu inget waktu. Inget, sagala sasuatu anu ka lewihan teteup teu sae. Nah sakitu wae, corat-coret abdi dina arikel sunda ieu, mudah-mudahan bisa ka tampi ku sadayana. Hatur nuhun wartosna, permios ahh..