CARPON SI UDIN TUKANG NGABANDRING NGAKAK

Cerpen bahasa sunda yang terakhir ini sangat lucu, dimana dalam carpon ini menceritakan seorang lelaki sebut saja udin yang senang bermain ketapel, dia umurnya sudah tua dan ibunya ingin segera melihatnya menikah.

“Carpon Si Udin Tukang Ngabandring”

Carpon Si Udin Tukang Ngabandring

Sebut wéh ngarana si udin, umurna geus 36 tahun leuwih saeutik, ari kareseupna nyieunan bandring, da lantaran manéhna osok ngabandringan manuk di lemburna téh.

Tapi indungna hayang buru-buru némpo si udin téh geura kawin, lantaran umur si udin téh mikin kolot, geus lain budak ngora deui. Dina hiji poé, si udin jeung indungna téh keur ngobrol di harepeun imahna, tah kieu ceunah isi obrolana téh:

Indungna : “Din ari umur manéh téh geus mulai kolot, manéh arék iraha kawin téh?”

Udin : “Muhun ma, engké.” (Bari ngoméan bandring)

Indungna : “Ih ari manéh mah engké, engké waé, iraha din? Éma téh geus geura hayang boga incu.”

Udin : “Engké ma.” (Jongjon bari ngoprék bandring kénéh waé)

Indungna : ” Manéh emang nyaho din, ari carana kawin téh ?” (Ngahareupkeun si udin bisaeun)

Udin : “Deuh, gampang ma, piraku udin teu nyaho mah.”

Indungna : “Coba atuh, cing kumaha carana téh ?!”

Udin : “Kieu ma, kahiji, Buka bajuna”

Indungna : “Terus?” (Bari seuri)

Udin : “Kadua, buka calanana.”

Indungna : “Terus.. Terus..?” (Seuri, Bari panasaran)

Udin : “Ka tilu, pas tos ka tingali cangcutna, terus di… Éuh?”

Indungna : “Bisa geuning manéh din, terus di kumahakeun deui terakhirna?”

Udin : “Enya, bisa atuh ma! Terus, di cabak heula ma.”

Indungna : “Terus.. din !” (Bari seura-seuri)

Udin : “Tah geus kitu, di buka, Urang jieun bandring wéh ma cangcutna téh!”

Indungna : “Goblog siah..!! budak téh ngagawéan aing!”

Udin : “Hehee..!!!” (Bari cengar-cengir siga teu boga dosa)