“Karbit”

”Oh di dieu A Endul téh, ari Encid kalahkah milarian ka rohangan pasén anak-anak nembé téh. Kumaha damang, A?” ”Ih sidik gering Aa téh, Cid matak ngajoprak di rumah sakit ogé.” ”Bongan Aa bet kersa dicandak ka dieu ….” ”Éééh pan dibawa ka dieu téh ngarah diubaran, ning yeuh diimpus sangkan Aa téréh cageur! Na ulah A Endul cageur?”

”Sanés ngawagel damang nanging kedahna Aa téh dicandak ka rumah tida sakit.” ”Ah sok ngalilieur waé manéh mah sakieu keur lalanjung téh, siga paranas, sungut parait, awak nyareri sabukubuku.” ”Dicatet-catetkeun dina buku, A nu nyarerina?” ”Nyareri sabuku-buku téh sakujur awak nyareri, Kencid lain dicatet dina buku!”

”Oh …, kitu, hapunten atuh, A.” ”Teu nanaon, Cid, sakieu ogé sukur manéh daék ngalongok Aa. Du’akeun wé A’ana sangkan téréh jagjag cara sasari deui.” ”Da Encid mah sanés ngalayad Aa.” ”Pan éta muncengis ka dieu?!” ”Wiréh gaduh péér matematika Encid téh, A bangga kantun sakedik deui kedah réngsé ayeuna badé dipariosna énjing.”

”Sabaraha sual deui nu acanna?” ”Tujuh las.” ”Hah?! Na sabaraha sual kabéhna, Cid?” ”Hé héh … dalapan las, A.” ”Aracan kabéh atuh éta mah!” ”Nu hiji mah parantos dipidamel, A.” ”Leuheung manéh bisa.” ”Da sanés ku Encid, ku Kang Murdian sah padamel pom béngsin Bang Togap.”

”Dua tak Bang Togap mah!” ”Muhun, mung kabujeng répot, A kios béngsinna kahuruan, da éta ngaladangan ana bari melenyun waé nyesep.” ”Aduh hadéna wé manéh teu kaléntab, Cid.” ”Pan Encid mah teu ka ditu, buku péérna wé dititipkeun ka Si Leupeut rayi Kang Murdiansah réréncangan sabangku Encid.”

”Heueuh keun wé péér mah ké djieun ku Aa, tapi ku Encid Aa hayang dipangnéangankeun ubar kampung, da ubar ti rumah sakit mah can aya karasana.” ”Diantep, A?” ”Naon?” ”Saur A Endul nembé teu acan aya karaosna.” ”Ubarna euweuh nu matih lain diantep!” ”Oooh …, mangga atuh mung sing écés wé, A érté-érwéna, désa sareng kacamatanana wéh sing kantenan da kapan kampung téh seueur supados Encid gampil milarianana.”

”Beu, Aa mah lain ndék nitah néangan padumukan, nitah néangan ubar! Ubar kampung téh ubar… ubar anu lain jieunan pabrik.” ”Oooh obat tradisional, A? ”Tah heueuh éta.” ”Wios ku Encid urang pilarian nu kitu mah, mung péér matematika Encid kumaha nya, A?” ”Keun wé ku Aa da di dieu mah loba waktu.”

”Wah sami wé sareng di nu sanés panginten, A ari waktos mah. Upami di dieu sadinten sawengi opat puluh jam leres seueur.” ”Aana loba nyalsé, Kencid!” ”Hé hé …. Muhun da Encid ogé ngartos. Sanés, dupi Aa téh teu damang naon? Encid peryogi terang supados gampil milarian landong kampungna.”

”Ih puguh wé, Cid. Aa téh ieu beuteung asa bunghak waé jeung panas ngahéab. Teu pira asalna mah teu ngahaja ngaremus karbit sagedé indung suku.” ”Karbit?!” ”Heueuh ari sugan téh gula batu da ngaguruntul dina pipiti na luhur méja, sihoréng karbit sésa Si Uwa meuyeum cau ampéang. Boro didurukduk wé ku Aa téh, ari pék kieu balukarna.”

”Ih atuh gampil pisan panyawat kitu mah milarian landongna, A.” ”Leuh sukur, Cid. Naon samodél jaja mu éta téh?” ”Lilin, A” ”Lilin?” ”Sumuhun di warung Kang Dédéng Nahman ogé seueur. Geura sok engké A Endul nonggéng, lajeng ku Encid di seungeut, diasongan lilin hurung ti pengker …, moal teu bitu sapertos lodong.

‘Beledug!’ cenah.” ”Si! Sugan téh heueuh, dibabuk geura tah cukang irung demes téh,siah ku Aa!!!”

***Tamat