Carpon Mangsa Panon Poe Haneut Moyan Ku Yuli Sukmara

Mangsa Panon Poe Haneut Moyan

AYA samingguna motor bodong inpen taris gawé kuring, ngabagug. Kakara ayeuna rék dipaké deui. Ku hésé hirup motor téh. Mun téa mah aya nu pirajeu nan mangitung-keun, teu kurang ti lima belas kali nyelah, kakara siga rék ngadurudud.

“Rék ka mana Sujang? Tong waka indit-inditan, bisi karugrag!” Ema turun tina golodog. Ceg kana arit jeung tolombong. rék ngilu ngala paré jeung Ma Eutik di sawah bogana Haji Odon sigana mah. Paré meujeuhna diarit basa kuring balik gawé méméh ngaringkuk téh. “Karunya ka dunungan, saminggu euweuh nu mantuan ukat-akut, sugan jagjag.” walon kuring. “Keun baé, da Bu Yéyét gé bakal ngarti, ari gering kudu dikumahakeun. Tuh nya, Si Iyah mah ari nginjeum parabot téh teu apik.

Nepi ka rarompang kieu, gagangna gojlag, na dipaké ngarit naon?” Ema ngeceb rek, bari kebat muru ka nu nyalukan ngajak indit ti peuntas jalan, nepi ka lesna. Kuring terus leumpang bari jumarigjeug ka lebah buruan nu rada kasorot panon poé rék ngadon moyan, bari ngararasakeun awak nu asa pasiksak kénéh.

Teu rék kitu kumaha atuda, gawé ukur jadi kuli mundak, jauh tina harepan jeung cita-cita kuring nu saenyana. Pareng ningali anak dunungan, indit kuliah, sok kabita. Saha pijalmaeun na nu boga cita-cita hayang gawé kawas kuring, ari lain kapaksapaksa teuing mah.

Ongkoh bakat ku butuh. Cék nu nyararita gé, hésé néangan gawé jaman ayeuna mah, kudu boga duit heula. Keur pantar kuring, keur sapopoé dahar jeung ongkos sakola adi ogé dibantuan kénéh ku Ema. Keur ngeunah moyan bari ngararasakeun tonggong nu mimiti karasa haneut, ras inget ka Apa nu geus taya dikieuna. Karasa pisan kanyaah Apa téh. Enya ogé hirup loba kasusah, tapi Apa ngabélaan nganjuk ngahutang pikeun waragad sakola nepi ka kuring tamat SMA téh.

Sing jucung jeung junun, saurna. Cahaya panon poé asa beuki mépéndé haté anteng ngumbar panineungan. Natrat narémbongan. Asa cikeneh kuring rék milu ujian téh. Harita Apa keur ngacapi bari ngahariring. Padamelanana, lamun ngareureuhkeun kacapé méméh kulem soré-soré da pacabakan bakuna mah buburuh macul atawa ngakutan kai di pangragajian Haji Bahar. Tapi Apa dikersakeun tiasa ngacapi, ngahaleuang jeung mantun, turunan ti Aki, saurna mah.

Ngan hanjakal katiasa na teu bisa dipaké néangan pangupa jiwa. Seni buhun geus langka dipaké dina masamoan. Kitu sotéh di lembur kuring, boa di lembur nu séjén mah pada ngamumulé. Sok sanajan jaman ayeuna mah nu hajat teh remen nanggap organ tunggal jeung dangdut. Pajarkeun téh resep ningali penyanyina, umumna sok dierok sarwa ketat, komo pikeun lalaki careraman mah.

Wanci beuki ngagayuh ka peuting, Apa anteng ngajentréng bari ngahaleuang, socana mani pureum beunta, ngararaoskeun napakna sora kana wirahma pirigan. Si Adé adi kuring hijihijina, ngagolér gigireun Apa, kérék nyegrék, tayohna asa dipépéndé meureun, Saré nangkarak, sukuna ngajégang, teu disimbut, ukur maké baju nu kancingna geus lalésotan sawaréh.

Panon kuring gé geus ceuleuyeu balas maca buku. Golédag kuring kana ranjang. Panon mélétét kénéh can reup. Ceg kana anggel, nyangigirkeun awak nyanghareup kana hordéng nu geus sararoék, minangka tutup lawang kamar. Kacipta kénéh aya kalangkang Ema ti lebah dapur, nyaketan Apa.

“Pa, abdi aya pisanggemeun,” saur Ema lalaunan, bangun sieun kadénge ku kuring. “Naon ?” walon Apa, bari angger ngacapi, ngan rada dihalonkeun. “Eu, taeun, Mang Atib tadi ka dieu rék nepangan Apa.” “Nanyakeun deui hutang, Ma ?” saur Apa. Ayeuna mah katenjo kalangkang Apa, ngadeg bari mangku kacapi, ditunda luhur bupét.

Gék calik deui, teu tebih ti Ema. Kusiwel ngaluarkeun bako jeung kertas pahpir tina saku kampret hideung na, tuluy ngalinting ngadamel sesepeun. Ema unggeuk. Apa ngarénghap bangun nu seunggah. “Heueuh dipikir-pikir mah jiga nu bungah hirup teh, unggal peuting hahariri ngan padahal kanyataan mah teu reureuh-reureuh diuudag kasusah, nya urang téh ?” saur Apa sorana ngagerendeng, bangun nyarios nyalira.

Ema teu kadangu nyoara. Apa ngarahuh “Ari si Ujang kumaha, Ma ?” “Nya can meunang kartu, mangkaning pagéto ujianana téh, tapi da teu ngomong, teu ménta Si Ujang- na mah, ngan karunya waé éraeun meureun ku baturbaturna, da SMA mah mayar. Béda jeung sakola Si Dede, di SD mah gratis. Bejana si Aldi babaturan si Ujang mah ngajual tipi pikeun mayar ujianna téh, da kari manéhna jeung Si Ujang nu can malayar téh.”

“Tinggal budak urang meureun ayeuna mah, Ma!” “Muhun.” Soanten Ema dareuda. “Na sabaraha bulan budak téh nunggak bayaran na ?” saur Apa deui. “Tilu bulan mun teu salah mah, tapi pan duit bangunan gé can kalunasan kabéh. Hadéna aya karinganan di sakola Si Ujang mah, asal bayaran waé lunasan cenah. Keun mayar ujian mah. Paling gé ijasahna moal dibikeun, salila can katebus, sok sanajan geus tamat ogé !”

Apa ngaheneng, teu kadangu soantenna. “Boga lanceuk geus jadi jelema di kota, gedé hulu. Geus poho wé ka dulur mah. Komo bari jeung hirup urang masakat, narah Apa mah ménta tulungna ogé. Moal wé nyebutkeun cadu, bisi pajarkeun hayang bagian. Urang jual waé kacapi titing gal Abah téh, piraku si Ujang kudu pugag sakolana.

Asana Pa Usép kungsi ngocal-ngocal butuh kacapi keur di sakolana? Rék dicoba isukan, sugan enya.” “Ngajual kacapi?” Ema semu teu percanteneun. “Ari geus naon deui atuh? Pan hayam laleutik kénéh moal picukupeun. Sugan waé kacapi mah aya hargaan. Da hésé cenah néangan kacapi modél kieu mah. Akutaneun kai di pangragajian geus béak kamari, ladangna pan nu dipaké dahar poé tadi, jeung keur isukan.

Néangan pa – culeun lain wayah. Piraku karuhun ogé teu maphum, da dijual sotéh keur ngabélaan turunan ana. Pan keur ngajaga wiwi rang ti nu nagih hutang jeung ngajujurkeun Si Ujang sakola. Sugan waé cita-cita manéhna laksana.” Ari kuring harita di jero kamar, da puguh can saré ngadéngé pisan sakabéh obrolan Apa jeung Ema téh. Maké kagagas haté téh. Deudeuh, Apa. Mangkaning kacapi téh kanyaahna, sobatna, paragi murakeun kasumpeg. Sagala nu ngarobéda manahna, kawasna téh ditumprakeun dina jentréngna kacapi.

Ari ayeuna rék dijual? Tapi asa jadi panyumanget haté deuih. Sakapeung mah sadirieun ogé sok rajeun berontak ka diri sorangan. Lebah ngudag kahayang jeung cita-cita téh, bet teu beunang dionggét-onggét, teu sadar kana kaayaan, napel pageuh lir kalangkang sora ngan mangsana panon poé haneut moyan. Kuring hayang kuliah, nepi ka jadi
sarjana.

Apa tilar dunya, sabada teu damang aya mingguna. Anjeunna teu kungsi nyaksian kuring lulus ujian. Kacapi kadeudeuhna ngabagug kénéh luhur bupét. Ku Haji Usép dipulang keun deui. Ka gagas saurna, unggal ningali éta kacapi téh. Ari ladang na henteu ditaros keun. Saur Ema, ngajima tan keur mayar sakola kuring. “Geuning Cécép keur nagog di luar, kabeneran aya,” soanten Uwa. Sora jeung léngkahna ngabuyar keun panineu ngan kuring.

Teu kanyahoan jolna. Jung kuring nangtung, ngasongkeun leungeun. Ras ka Apa, cenah Uwa geus hilapeun ka anjeun na. Ayeuna aya hareupeun. Ti saprak Apa ngantun, ayeuna ngaduakalian nepungan kulawarga kuring. Anjeunna ngarangkul bangun kagagas, nepakan kana tonggong. “Uwa, kumahadamang?” cék kuring. Haté kebek ku kahéran, pasawur jeung kasedih Teu pupuguh, harepan jeung cita-cita kokolébatan deui. ***

Sumber Carpon: Majalah Mangle
Tahun Terbit: 2013