Dongeng Sunda Legenda Sasakala Jawa Barat, Kumpulan 15+ Judul!

Dongeng Sunda Legenda atau dalam yang bahasa sunda biasa disebut juga dengan dongeng sasakala, adalah salah satu jenis dongeng yang menceritakan mengenai asal muasal suatu peristiwa, atau tempat yang dipercaya oleh beberapa masyarakat setempat bahwa kejadian atau cerita tersebut benar-benar ada atau pernah terjadi, namun tidak dianggap sebagai keramat atau sakral seperti cerita mitos ataupun mite.

Arti kata legenda

Menurut Kamus Besar Bahasa Indonesia (KBBI), kata “legenda” sendiri merupakan sebuah cerita pada jaman dahulu yang ada hubungannya dengan peristiwa sejarah. Banyak juga yang menyebutkan bahwa dongeng legenda merupakan kisah zaman dahulu yang berkaitan dengan peristiwa tentang asal usul suatu tempat.

Contoh Judul-Judul Dongeng Legenda (Sasakala)

Di indonesia khususnya di tatar sunda sendiri banyak sekali dongeng legenda yang lahir dan berkembang di tengah masyarakat mengenai asal mula sesuatu atau suatu pristiwa yang terjadi dimasa lalu yang dianggap oleh sebagian orang benar-benar terjadi. Contohnya saja seperti dongeng legenda yang cukup populer seperti di bawah ini:

Sasakala danau toba, Batu menangis, Tangkuban Parahu, Sasakala Situ Bagendit, Sasakala Talaga Warna, Sasakala Gunung Gajah, Sasakala Ratna Inten Déwata, Sasakala Cika-Cika. Sasakala Hayam Pelung, Sasakala Kuda Kosong, Sasakala Béas Pandanwangi, Sasakala Lembur Sabadar, Sasakala Kampung Sodong, Sasakala Leuwi Batok jeung Asal-Usul Cianjur, Sasakala Ciguriang, Sasakala Cikalong, Sasakala Gunteng, Sasakala Pasir Panglay, Sasakala Hegar Manah, Sasakala Gang Laksana, Sasakala Kampung Samolo, Sasakala Kampung Warung Jambu, Sasakala Rancagoong, Sasakala Lembur Cimaja, dan lainnya.

Dongeng legenda atau sasakala dalam penyebarannya secara turun-temurun, sarta oleh masyarakat setempat dianggap mempunyai dasar kesejarahan yang sudah menjadi milik dari masyarakat di daerah setempat.

“Dongeng legenda merupakan jenis dongeng yang menceritakan tentang suatu pristiwa mengenai asal usul suatu benda atau pun tempat, seperti halnya dongeng sasakala.”

Kumpulan Dongeng Legenda (Sasakala) Bahasa Sunda

Dongeng Sunda Legenda Sasakala Jawa Barat

Berhubung dongeng legenda ini memiliki peran penting terhadap peristiwa bersejarah, khususnya asal muasal sejumlah tempat yang ada di daerah jawa barat, untuk itu kita perlu mengetahui cerita yang pernah ada baik itu dengan menceritakan kisah-kisah legenda untuk anak-anak maupun kepada generasi muda agar mereka senantiasa tahu akan beberapa tempat bersejarah yang ada di jawa barat.

Nah, berikut ini ada beberapa contoh kumpulan dongeng legenda bahasa sunda yang bisa diceritakan, yang berasal dari beberapa cerita diberbagai tempat yang ada di Jawa Barat pada jaman dahulu (jaman baheula) mulai dari yang singkat hingga yang panjang sebagai referensi.

Tentunya cerita ini hanya sebagian kecil saja, karna tidak akan cukup dituliskan semuanya di sini, namun nantinya akan di tambahkan untuk beberapa cerita dalam bahasa sunda yang lainnya. Yuk, langsung saja silahkan dibaca dongeng sunda legenda dibawah ini sesuai dengan judul cerita yang di inginkan.

Sasakala Gunung Tampomas

legenda gunung tampomas

Ka caritakeun, Gunung Gedé anu aya di Sumedang ngaluarkeun sora pohara pikakeueungeunana. Sorana ngaguruh. Tina puncakna kaluar haseup campur lebu anu hurung. Ieu gunung kawas-kawas arék bitu. Rahayat Kabupatén Sumedang harita, pohara rareuwaseunana. Kumaha balukarna lamun éta Gunung Gedé bener-bener bitu?

Teu kacatur saha anu jeneng bupati harita. Ngan éta bupati téh pohara towéksana ka rahayat, wedi asih sarta bijaksana. Atuh sanajan can kalaporan gé anjeunna parantos uningaeun, kumaha tagiwurna rahayat. Anjeunna teras ngémutan sangkan bisa nyalametkeun rahayatna.

Ku pangjurung kanyaah ka rahayat téa, anjeunna teras nyepi di hiji kamar, seja mujasmédi neda pituduh ti paradéwa. Susuganan ku jalan kitu, anjeunna tiasa mangadep ka Yang Tunggal, dipasihan pituduh pikeun nyalametkeun rahayatna. Ku cengeng-cengengna nu mangadep, alhamdulillah, maksad Kangjeng Bupati tinekanan.

Dina hiji wengi, Kangjeng Bupati ngimpén kasumpingan hiji aki-aki. Éta aki-aki anu nganggo anggoan sing sarwa bodas téh, pok sasauran anca pisan, “Putu Éyang anu kasép, Éyang geus terang kumaha kabingung hidep. Éyang hayang mantuan sangkan rahayat hidep bisa leupas tina kahariwangna. Éta gunung kudu ditumbal ku keris pusaka kagungan putra dalem anu dijieun tina emas.

Poma hidep ulah deuk ngorétkeun. Tah, sakitu baé ti Éyang.” Sabada sasauran kitu, éta aki-aki téh les baé leungit tina impénan Kangjeng Bupati. Satampina éta ilapat, énggal baé Kangjeng Bupati kaluar ti kamar sarta teras nyandak keris pusaka. Énggal anjeunna angkat ngajugjug ka puncak Gunung Gedé. Rurusuhan da sieun bitu mantén.

Najan rahayat anu keur bingung, nyaksian Kangjeng Bupati angkat ka puncak gunung mah, teu tégaeun ngantep. Bring baé naluturkeun. Sadugina ka puncak Gunung Gedé, Kangjeng Bupati teu talangké, ngan lung baé éta keris téh dialungkeun kana kawahna. Rahayat anu tadi naluturkeun téh ngan bati colohok, da éta keris téh éstu kageugeut pisan Kangjeng Bupati.

Barang éta keris geus dikana-kawahkeun, jep saharita sora anu ngaguruh pikakeueungeun téh jempé. Lini anu geus lila karasa, harita mah teu karasa naon-naon. Sabada leungit kagétna, timbul kabungah rahayat téh. Ger baé surak bakat ku atoh, sarta tuluy sumujud ka Kangjeng Bupati tanda nganuhunkeun.

Sakabéh rahayat ngaikrarkeun seja satia-satuhu ka anu ngaheuyeuk dayeuh. Éta maksud kasatiaan rahayat téh ku Kangjeng Bupati ditampi kalayan dareuda, bakat ku bingah. Bingah manahna lantaran bisa nyingkahkeun balai, bingah lantaran bisa nyalametkeun rahayatna.

Tah, nya ti harita pisan éta gunung katelah Gunung Tampa Emas, anu saterusna robah jadi Gunung Tampomas. Ayeuna mah teu pikasieuneun, malah mun pareng poé peré mah sok rajeun dijarugjugan nepi ka puncakna.

Sasakala Gunung Kendang

Legenda Gunung Kendang

JAMAN baheula kacaritakeun aya hiji jelema nu ngaran Ki Sutaarga. Ngabogaan maksud hajat bari nanggap wayang. Ari lalakonna nu dipikahayang ku manéhna supaya dipidangkeun, nyaéta lalakon nu paling dipantang ku dalang.

Éta lalakon meunang dipidangkeun, tapi teu meunang nepi ka tamatna. Sabah lamun tamat biasana sok aya kajadian nu teu dipikahayang. Tapi Ki Sutaarga keukeuh peteukeuh hayang nyaho éta lalakon nepi ka tamatna. Pokna kajeun mayaran sakumaha, moal burung dibayar asal éta lalakon dipidangkeun nepi ka tamatna.

Pok Ki Dalang sasauran. “Heug waé dipidangkeun nepi ka tamatna, asal ongkosna waé dibayar tiheula?” Teu loba carita, gocrak baé dibayar sapaménta dalang téa, ku Ki Sutaagra téh. Atuh kasurung ku ongkos nu gedé, ger waé ngawayang anu pohara raména.

Sindénna nu katelah Nyai Astrakembang, anu hérang méncrang, ceuk barudak ayeuna mah siga enyoy-enyoyan, ngoléar tembang hégar pisan. Atuh panongton daratang ti suklakna ti siklukna.

Éstuning ramé pisan aréak- aréakan, nguping sora sindén anu ngagalideng halimpu pisan. Barang lalakon ampir tamat geus deukeut subuh, torojol dua jelema anu maké pakéan saragam upas kabupatén. Éta upas téa nepikeun paréntah Bupati, nu maksudna supaya éta dalang, sindén, para nayaga, katut gamelan sapuratina, dibawa ngadeuheus ka kanjeng Bupati.

Cenah ditunggu pisan. Atuh dalang téh cuh-cih jeung cakah-cikih paparéntah ka batur baturna kudu bébérés. Sarta manéhna bébéja ka Ki Sutaarga téa yén disaur ku Bupati. Kacaturkeun bring arindit diiringkeun ku upas nu duaan ngajugjug ka tempat panglinggihan Bupati.

Jalanna lempeng molongpong, éstuning senang pisan leuleumpangan henteu loba sumarimpang. Caritana nu ngalabring téa géus nepi ka nu dijugjug. Breg ngarimpak rareureuh dihareupeun gedong Kabupatén, harita téh géus rék bray-brayan beurang.

Tapi anéh bin ajaib! Éta dua Upas teu araya, kabupatén ogé suwung, leungit tampa lebih ilang tampa karana. Sakabéh nu hadir musna teu ngaho kamana leosna. Nu aya sesana ngan gamelan-gamelan téa. Kasur nu digulungkeun urut diuk sindén, kabéh robah ngajadi batu.

Tug nepi ka kiwari, nelah gunungna disebut Gunung Kendang. Dina mangsa nu geus kaliwat. Dina malem Salasa atawa Jum’ah kaliwon sok aya raraméan siga nu keur hiburan. Sora sindén gagalindeng angin-anginan. Sora panjak nu senggak. Sora gamelan nangnéngnong. Ditempas ku sora kendang, dung plak dung plak, écés pisan.

Dipungkas ku sora-sora goong, éar nu surak nu senggak, kakuping ramé pisan. Loba jelema katipu. Ti lembur nu beulah Kidul Gunung Kendang, saperti Cikareo, Bantarpeundeuy, jeung nu séjénna. Nu dek lalajo ngabring, manéhna nyangka aya kariaan di kampung Cibitung.

Urang lembur Kaléreun Gunung Kendang, nyangkayénnu nanggap wayang téh di Cikarosea atawa Bantar peundeuy. Burusut nu lalajo ngabring nuju ka beulah Kidul. Dijalan abringan nu ti Kalér jeung nu ti Kidul pasanggrok, terus silih tanya, dimana aya nu kariaan téh. Masing-masing ting polongo, teu aya nu bisa ngajelaskeun.

Terus baralik kalayan haténa marurukusunu keuheul ngarasa katipu. Kaanéhan Gunung Kendang nyaéta balatak batu-batu nu siga kendang, goong, anggél, guguling, jeung gulungan kasur. Anu siga gulungan kasur réana aya opat bélas, anu nangtung anu ngedéng. Anu siga guguling panjangna hiji satengah méter.

Gunung Kendang ayana di Désa Sukamukti Kacamatan Cisompét Kabupatén Garut, dikomplék Kahutanan nu katelah Blok Jagasatru.

Sasakala Curug Sindulang

legenda Curug Sindulang

Desa Sindulang teh geus aya ti baheula keneh, ti jaman prasejarah atawa animismeu jeung dinamismeu. Pacabakan karuhunna teh kana tani, ngan sok pipindahan. Upama mimiti ngagarap ieu tempat, eta tempat geus goreng dipelakanana maranehna sok pindah deui ka tempat sejen. Kitu jeung kitu we pagaweanana teh.

Dina hiji waktu karuhunna teh tepi ka hiji tempat nu masih keneh mangrupa leuweung gerot, tapi hade lamun dipake tatanen jeung padumukan. Nya ahirna mangtaun-taun tetep tumetep, ngan aya sababaraha urang nu pindah ninggalkeun eta tempat.

Atuh anu cicing teh ngan sababaraha umpi deui, ngan jangji cenah rek nuturkeun pindah upama hasil tanina geus kaala. Harita nu jadi ketua kelompok istri wastana Nyi Mas Jambe Larang, ari carogena Embah Sara Aria Tunggal. Waktu harita Embah Ssara arang langka aya di tempat.

Sok ngider bae, sakalieun balik ge sok ngajirim sasatoan, bubuhan manehna mah bisa mancala putra mancala putri. Anjeunna boga budak hiji, ngan can nyahoeun dirupa bapana, da ku indungna bapana teh dirusiahkeun pisan, ulah waka nyaho bapa. Hiji waktu anakna teh geus nincak dewasa.

Barang ningali aya si Tumang ngagabrugan ka indungna, si anak teu antaparah deui manehna mesat pedang, tuluy disabetkeun ka si Tumang. Antukna si tumang teh pinanggih jeung ajal. tapi geus ajal mah si Tumang teh dadak sakala leungit sapada harita, ngan Nyi Jambe Larang keukeuh teu daek ngadongengkeun eta kajadian ka nu jadi anakna.

Nyi Jambe Larang ngarasa sedih ku ayana eta kajadian. Waktu bulan purnama, manehna niis di buruan. Dadak sakala aya nu murag ti langit, persis kana lahunan Nyi Mas Jambe Larang. Bari kaget tur reuwas barang nu murag teh di cokot, tuluy dialak-ilik. Ari ku manehna dibuka manahoreng nu murag teh hiji cinde (saputangan, salempay).

Nyi Jambe Larang ngahuleng, bari nyebut-nyebut cinde tuluy manehna neuteup bulan nu keur caang moncorong sarta teu poho oge nyebut-nyebut wulan (bulan). Lamun dihijikeun mah ucapanana teh jadi ‘cinde wulan’. Eta kekecapan teh diucapkeun sababaraha kali. Nya nu ahirna eta tempat teh dingaranan “Cinde Wulan”. Cinde hartina saputangan, ari wulan hartina bulan purnama.

Jadi, Cinde Wulan teh hartina saputangan nu caangna seperti bulan purnama. Sanggeus Nyi Mas Jambe Larang mere ngaran eta tempat, manehna inget kana jangji yen rek nuturkeun rombongan nu ti heula geus indit. Manehna terus indit, ngan leungiteun tapak. Ku lantaran terus-terusan diteteangan, nya ahirna mah papanggih oge jeung rombongan teh.

Ngan eta rombongan teh rek baralik deui ka tempat asal waktu Nyi Mas Jambe Larang ninggalkeun eta tempat. Satepina ka eta tempat, nu harita mah padumukna geus loba pisan, sarta merlukeun hiji pamingpin, nya ahirna ngangkat hiji lurah.

Ku lurah anyar eta tempat teh diganti ngaranna, lain Cinde Wulan, tapi Cindulang, nu hartina mah sarua keneh saputangan nu caang moncorong seperti bulan purnama. Ngan sabada aya penjajahan Walanda jeung Jepang eta tempat teh robah ngaranna jadi Sindulang.

Sasakala Pamanukan

Pasal muasal amanukan subang

Jaman baheula di daérah basisir kalér Pulo Jawa aya karajaan anu katelahna Karajaan Pilangsari. Kahirupan rayatna, henteu ari lubak-libuk mah, tapi cukup. Henteu kakurangan wé. Jeung deuih tara kadéngé aya baramaén anu ngider kawas kiwari di Karajaan Pilangsari mah.

Nyirikeun rayatna getol digarawé, boh patanina boh pamayangna. Kabeneran tanahna léndo, jeung basisir kalér mah loba laukna deuih. Karajaan Pilangsari boga raja anu wijaksana jeung pinter ngolah nagara. Raja Pilangsari kagungan kembang nagara anu ngan hiji-hijina, keur nincak rumaja, nyaéta Milangsari.

Milangsari katelah kageulisanana ku saeusi nagara. Malah ahirna mah kageulisanana téh sumebar ka nagara-nagara tatangga. Kageulisan Milangsari jadi sabiwir hiji. Loba anu panasaran, siga kumaha ari Milangsari téh? Rabul ti suklakna ti siklukna hayang nyaho rupa Kembang Nagara Pilangsari.

Anu geus nénjo rupana, baralik ka nagarana bari jeung neundeun katineung, dibarung ku pangharepan kauntun tipung katambang béas ngapimilik Milangsari. Ti harita, rabul ka Nagara Pilangsari anu rék ngalamar. Nu hayang dipulung minantu, kitu deui anu ngajak bébésanan.

Anu daratang, taya nu léngoh, kabéh angkaribung ku babawaan keur pameuli haté Milangsari. Nu daratang beuki loba. Aya anak raja, anak sudagar beunghar, anak bangsawan, malah aya anu rék ngajeneng-keun jadi ratu kadua ogé alias dicandung. Raja bingung liwat saking. Nu hiji can dijawab, geus jebul deui nu hayang jadi minantu.

Nu hayang jadi minantu can ditanya-tanya acan, geus torojol anu ngajak bébésanan. Beuki lila, kabingung raja beuki nambahan. Ahirna Raja ngangkir Patih jeung anakna, Milangsari. “Mamang, bet jadi kieu geuning. Kumaha pipetaeun urang? Lamun seug hiji dipilih nu séjénna pasti arambekeun, moal burung dirempug nagara urang téh. Ceuk rarasaan mah, urang moal sanggup ngayonanana, da mani sakitu lobana. Mamang, cing béré bongbolongan, sugan aya jalan anu hadé?”

“Jungjunan, moal ngalalangkungan Mamang mah, na-nging upami disuhunkeun kamandang mah mangga téh teuing. Kumaha upami diayakeun saémbara?” walon Patih. Raja ngahuleng. Heueuh, dipikir-pikir mah alus ogé mun diayakeun saémbara. Anu daratang, kabéh boga kasempetan anu sarua. “Tah, ayeuna Ama rék nanya ka Nyai, kumaha kira-kirana?”

“Duh, Ama, abdi mah mangga waé, kumaha saéna saur Ama,” témbal Milangsari. “Tah, geuning kitu, Mamang,” Raja ngahuleng sajong-jongan. Pok nyarita deui, “Ayeuna mah pangbéjakeun ka kabéhanana, sing saha anu kapilih manuk anu dibawana, éta pisalakieun Milangsari. Ayeuna mah sina baralik baé.

Téangan manuk anu alus saloba-lobana, béré waktu saminggu! Engké kumpul deui di alun-alun nagara!” Raja méré paréntah ka patihna. Saminggu ti harita, di alun-alun Nagara Pilangsari geus pinuh ku kurung manuk, malah tepi ka pendopo sagala. Eusina rupa-rupa manuk, ti mimiti anu leutik saperti kolibri, nepi ka nu gedé saperti hingkik.

Sakumaha anu geus ditangtukeun, Raja jeung Milangsari kaluar ti karaton muru ka alun-alun, diiringkeun ku para-pangagung nagara, rék milih manuk anu dipikaresep ku Milangsari. Ti nu mimiti diilikan terus nepi ka tengah diteuteup, ahirna nepi ka tungtung disidik-sidik. Milangsari malikan deui ningalian nyidik- nyidik, mana manuk anu dipikaresep ku manéhna.

Nepi ka tilu balikan, Milangsari masih kénéh bingung. Nu milu saémbara beuki teu genah cicing, sieun teu kapilih. Ahirna Milangsari nyarita yén manuk anu sakitu lobana téh taya nu kapilih. Nu milu saémbara ngamuk asa diulinkeun, Nagara Pilangsari diburak-barik.

Milangsari diséséréd, disedekkeun. Tempat saémbara paalus-alus manuk, kiwari nelah Pamanukan, tempat nyedekkeun Putri Milangsari kiwari jadi Kampung Padek. Ari Karajaan Pilangsari taya tapakna, ngan kari ngaran kampung: Kampung Pilangsari. Nurutkeun Babad Sumedang, sajaman jeung Karajaan Sumedang di basisir kalér Pulo Jawa téh aya karajaan, katelahna Karajaan Pamanukan jeung Karajaan Ciasem.

Sasakala Cigondewah

legenda Cigondewah bandung

Jaman baheula, aya karajaan anu ngaranna Karajaan Sindangsari. Ari anu jadi rajana katelah Bagénda Raja Singa Mandala. Raja anu adil tur wijaksana. Bagénda Raja kagungan putri anu keur sumedeng rumaja putri, nyaéta Putri Mayang Sawitri.

Putri geulis bawa ngajadi, éndah bawa ti kudrat. Kageulisan Putri Mayang Sawitri geus kawentar ka mana ka mendi. Loba pangéran jeung raja anu boga maksud pikeun ngalamar, tapi kabéhanana ditolak ku Putri Mayang Sawitri. Bagénda Raja Singa Mandala kacida hariwangna, duméh sakabéh pangéran jeung raja ditolak lamaranana.

Bagénda sieun raja-raja anu ditolak lamaranana téh nyerang ka Nagara Sindangsari. Hiji waktu Raja Jaya Dilaga ti Nagara Margaasih datang jeung rombonganana. Maksudna taya lian, rék miharep ka Nyi Putri Mayang Sawitri. Tapi nu ieu gé sarua deuih ditolak lamaranana. Atuh Bagénda Raja Singa Mandala téh beuki geumpeur kacida.

Sok sieun Raja Jaya Dilaga bendu, tuluy nyerang karajaan manéhna. Teu jauh tina panyangka, amarah Raja Jaya Dilaga geus teu katahan, lantaran lamaranana téa ditolak. Anjeunna ngajak perang ka Raja Singa Mandala. Raja Singa Mandala teu bisa nolak kana tangtangan Jaya Dilaga. Anjeunna sayaga nyiapkeun balatentara di karajaan-ana.

Sakabéh balatentara Sindangsari maké pakarang panah jeung gondéwa pikeun mapag perang. Wanci subuh, balatentara Sindangsari ngajugjug ka tem-pat perang. Tangara perang geus ditabeuh. Prajurit Sindangsari ngaleut ngeungkeuy ka pangperangan. Bari teu poho mawa panah jeung gondéwa téa. Kira-kira wanci manceran, perang campuh dimimitian.

Singhoréng paraprajurit Margaasih leuwih kuat tinimbang paraprajurit Sindangsari. Ari sababna, jumlahna leuwih loba sarta pakarangna leuwih samakta. Paraprajurit Sindangsari kadéséh, sarta loba nu palastra, gugur di médan jurit, teu kuat ngayonan musuhna. Malahan Raja Singa Mandala ogé perlaya sapada harita.

Ningali ramana perlaya, Putri Mayang Sari nyabut keris, rék terus labuh geni, maéhan manéh, téga kana nyawana sorangan. Ngan creb wé, keris téh ditubleskeun kana beuteungna. Sarta harita kénéh ogé Putri Mayang Sari nemahan pati ku kerisna sorangan. Ningali kaayaan kitu mah, ngarasa puas haté Raja Jaya Dilaga téh.

Manéhna ngarasa sugema, sabab anu nganyerikeun haténa geus sah ti alam dunya. Ku sabab di éta tempat téh loba paraprajurit Sindangsari anu perlaya, sarta maraké senjata panah jeung gondéwa, nya ti harita éta tempat téh ku Raja Jaya Dilaga dingaranan Cigondéwa. Nu ahirna robah jadi Cigondéwah, anu asalna tina gondéwa tadi.

Sasakala Situ Patenggang

asal muasal Situ Patenggang

CINTA mibanda kakuatan nu rohaka. Cinta, merelukeun perjoangan jeung pangorbanan, kalayan disorang ku haté nu ihlas. Najan dipisahkeun ku anggangna tempat, tapi ku cinta mah mo burung jauh dijugjug anggang ditéang.

Ki Santang jeung Déwi Rengganis, nu ngawiru cinta munggaran. Hiji mangsa manggih cocoba, kudu paturay paanggang tineung. Sanaos kitu, ari ati papada ati mah teu weléh cumantél. Peureum kadeuleu, beunta karasa. Anu ahirna ngajurung duanana pikeun maluruh laratan séwang-séwangan.

Déwi Rengganis maluruh laratan Ki Santang, pon pilalagi sabalikna. Patéangan-téangan, tug dugi ka nyaliksik ka tepis wiring. Cunduk waktu, ninggang mangsa, antukna Déwi Rengganis sareng ki Santang teu burung patepung lawung paamprok jonghok di hiji tempat kalayan disaksian ku hiji batu gedé, anu kiwari katelahna Batu Cinta. “Jungjunan buah ati di pawenangan, nyanggakeun raga katineung anu ngancik dina asmara.

Jisim abdi téh parantos apruk-aprukan maluruh laratan salira, nanging ihlas, rido, dugi ka ayeuna urang tiasa patepang dibarung haté kebek kabagjaan…” kitu saur Déwi Rengganis. “Deudeuh teuing, geulis. Akang ogé apan salami ieu téh lumampah tanpa tujuan, éstuning nuturkeun indung suku téh sanés bobohongan.

Demi anu diseja, taya deui iwal ti patepang sareng salira. Kiwari akang kacida bungahna, bungah kagiri-giri wiréh urang patepung di ieu tempat…” waler Ki Santang. Déwi Rengganis sareng Ki Santang silih cacapkeun kasono di luhur batu gedé, batu cinta. Salajengna Ki Santang ngedalkeun pamaksudanana pikeun nyandingkeun Déwi Rengganis.

Tangtos baé Déwi Rengganis henteu nampik, sasat tos jadi cita-citana ti kapungkur. Kilang kitu, Déwi Rengganis aya panuhun ka Ki Santang.

“Manawi teu kaabotan, jisim abdi téh gaduh kahoyong…” “Mangga, geulis. Hoyong naon baé, moal burung ditarékahan, pikeun ngabuktikeun cinta akang ka salira…” “Duh… jungjunan buah haté, jisim abdi téh hoyong dipangdamelkeun situ sareng parahuna, kanggo urang duaan lalayaran…” “Situ?” “Sumuhun, jungjunan…” “Sumangga, ku akang dipangdamelkeun…” “Akang ikhlas?” “Tangtos baé, geulis.

Bujeng hingga ukur situ, dalah dipiwarang ngadamel laut ogé, tangtos akang bakal narékahan sakamampuh akang…” “Hatur nuhun, akang…”

Kocap Ki Santang anu katelah mibanda kasaktian, langsung ngetrukeun sakur pangabisana. Ki Santang nénjrag lelemah dibarung ku kakuatan anu rohaka. Bumi inggeung, sarta cai nyusu ngaburial. Cai nyusu ngeueum éta patempatan tug dugi ka jadi situ. Teu hilap, Ki Santang ogé ngadamel parahu, kanggo lalayaran.

Sabada Ki Santang tiasa nohonan pamundut Déwi Rengganis, tangtos baé Déwi Rengganis ogé henteu sulaya kana jangjina. Ki Santang sareng Déwi Rengganis maheutkeun jangji, meungkeut cinta ku pertikahan. * Kiwari Situ Paténggang kakoncara minangka salahsahiji tujuan wisata Jawa Barat. Naha bet katelah Paténggang? Taya nu terang sacara pasti, da anu écés mah kawitna tina paténgan.

Maksad Paténgan téh nyandak tina lalampahan Ki Santang sareng Déwi Rengganis anu silih téangan atanapi patéangan-téangan. Demi parahu anu didamel ku Ki Santang téa kiwari ngajanggélék jadi hiji pulo anu perenahna di satengahing situ. Éta pulo téh kiwari dinamian Pulo Asmara. Tangtos nyandak tina asal muasal parahu, anu dianggo ngumbar asmara ku Déwi Rengganis sareng Ki Santang.

Dumasar tina éta lagénda, kiwari tumuwuh kapercayaan atanapi mitos di sabagéan masarakat. Utama mah aya nu gaduh pamadegan, yén sing saha baé anu nuju papacangan, bakal lana hubunganana, pami lalayaran di Situ Paténggang. Ku ayana éta mitos, seueur anu wisata ka Situ Paténggang téh disarengan ku bébénéna séwang-séwangan.

Legenda Batu Hiu Pangandaran

Dongeng Legenda Batu Hiu Pangandaran

Kacaritakeun dina abad ka 11, datang rombongan ti karajaan mataram nu di pimpin ku Aki Gede jeung Nini Gede. Rombongan téh mangrupa prajurit-prajurit ti Mataram. Kusabab kasaktenna marenahna di usir ku karajaan sabab para patinggi karajaan sieun kasaingan tanding lamun eta aki jeung nini Gede masih keneh aya di sabuderun karajaan mataram mah.

Geus lila ngalalakon ahirna nepi ka daerah basisir laut kidul (ayeuna jadi batu hiu) aki jeung nini Gede istirahat. Nalika istirahat si aki nitah ka rombonganana titah neangan lauk jang dahar rombonganana. Basa eta prajurit nu di titah téh nya éta Galuh oder jeung Galunggung kuning, anjeuna nengan nepi ka tengah laut nu ahirna eta prajurit nu duan tadi meunangkeun lauk anu kacida gédéna. Kabungah maranehna karasa nepi ka eak-eakan.

Tuluy we di bawa ka sisi basisir pikeun di asakan ku rombongan nu sejenna tapi saacan eta lauk di asakan eta lauk di tingali heula ku aki jeung nini gede. Saprak eta di tingali ku aki jeung nini gede maranehna ngarasa reuwas ningali lauk badag nu miboga sisit kasar jeung heuras. Aki jeung nini gede nyebut “Lauk Hiu”.

Saprak aki jeung nini nyebutkeun kekecapan éta, éta lauk robah jadi batu badag nu jiga lauk hiu.Tah ti saprak harita eta lembur katelah waé Batu Hiu nu ayeuna eta lembur perenahna di desa ciliang kecamatan Parigi 14 km ti daerah pangandaran mah.

Sasakala Gunung Putri Bogor (Legenda si Putri Cantik)
Sasakala Legenda Gunung Putri Bogor - Cerita Rakyat sang Putri Cantik

Baheula aya sahiji nagara leutik di bogor anu ka koncara kana kamakmuran sareng taneuhna anu subur. Rupana dibalik kamakmuran eta teh aya rajana anu arif jeung wicaksana, nu merhatikeun ka rahayatna teu mandang sabelah mata.

Raja eta miboga anak awewe nu geulisna ka wanti-wanti nu dingaranan “PUTRI”. Salain gumelis, putri miboga sipat bageur, teu sombong, jeung resep pisan tutulung ka batur teh. Ku sabab sipatna eta, teu heran lamun ceunah loba pangeran anu ngalamar pikeun jadi pasangana, namun teu saurang oge bisa menangkeun hatena.

Unggal aya pangeran anu ngalamar, putri sok nolak jeung nganggap pangeran-pangeran eta teh ngan ukur hayang jadi lanceukna hungkul. Diantara sababaraha pangeran, rupana aya hiji pangeran anu ngarasa ka singgung kana panolakan putri, pangeran eta miboga maksud ngabales ka nyeunyeuri sabab lamarana di tolak.

Si Pangeran tuluy marentahkeun ka pangawalna, titah neangan jalma anu bisa nyalakakeun si putri. Sageus menangkeun jalma anu bisaeun, pangeran tuluy indit ka istana putri pikeun ngalancarkeun pamaksadan jahatna.

Pangeran pura-pura satuju kana kaputusan putri, nu ngan ukur nganggap jadi lanceukna.Putri teu nyahoeun yen aya pamaksadan jahat anu rek di tujukeun ka manehna di balik omongan pangeran eta, kitu oge jeung raja nu jadi kolotna. Pangeran jahat ngajangjikeun bakal ngajaga putri jeung sakabeh karajaan dina sagala pamaksadan jahat.

Ku sabab pangeran geus nyaho putri geus loba nolak sababaraha pangeran. Saha anu nyaho diantara maranehana aya anu nyeuri hate jeung bakal nyalakakeun putri. Ku kituna pangeran mawa hiji jalma anu boga pangabisa ahli kana tolak bala, kitu ceunah ceuk pangeran jahat nerangkeun ka raja.

Bapana putri satuju, kana jalma nu boga pangabisa ahli tolak bala eta, nu sabenerna mah nu dibabawa ku pangeran eta teh saurang panyihir anu jahat. Kalayan make bahasa anu teu ka harti, panyihir eta mulai maca mamantraan keur putri, teu lila haseup kandel ngurilingan sakabeh jalma saha wae nu aya didinya, iwal ti panyihir, pangeran jahat, jeung pengawalnya.

Saengeus ngajalankeun pamaksadan jahatna, pangeran tuluy indit balik. tapi teuing kumaha awalna, ujug-ujug bae bijil tatangkalan galede nu lobana mangratus-ratus di sekitaran pangeran jeung rombonganna. Maranehana ka kurung jeung teu bisa kaluar tina tatangkalan eta. Saban peting, tempat eta ngaluarkeun hawa tiris, eweh sahiji jalma ge anu bisa nahan eta hawa ka tiis teh.

Di tempat karajaan Putri jeung kaluargana, serta pangeran jeung rombongan jahat eta kiwari katelah ku sebutan Gunung Putri, ku sabab posisina di luhur jeung mirip siga gunung. Bejana, dina unggal waktu nu tangtu warga desa di sakitaran gunung Putri sok ngayakeun upacara pikeun sasajen pikeun Putri.

Nurutkeun carita ti masyarakat, Putri pernah muncul basa penduduk desana kakeunaan musibah saperti hesena kana bahan kadaharan saperti tatanen. Sageus kamunculana eta, tatanen di desa kasebat bisa jadi subur jeung makmur deui.

Kumpulan Dongeng Legenda Sasakala Laina

Selain cerita-cerita diatas, dibawah ini beberapa referensi dongeng sunda legenda bahasa sunda lainnya yang mungkin juga kamu tertarik untuk membaca kisah legenda tentang asal muasal beberapa judul dongeng klasik.

Baca juga:
Cerita Dongeng Lutung Kasarung Bahasa Sunda
Dongeng Sangkuriang Beserta Dialognya untuk Tugas Basa Sunda Sekolah

Sasakala atau dongeng sunda legenda yang ada di tatar sunda tentu saja sangat banyak sekali jumlahnya dan diartikel ini hanyalah sebagian kecil dari beberapa contoh cerita saja. Untuk itu, tentu saja akan sulit jika dituliskan semuanya belum ditambah lagi dengan versi cerita yang berbeda-beda.

Demikian beberapa kumpulan dongeng yang dapat dituliskan dari beberapa tempat di jawa barat, semoga dapat bermanfaat misalnya untuk keperluan tugas sekolah ataupun lain sebagainya. Dan kumpulan dongeng ini saya ambil dari beberapa sumber di internet dan buku bacaan lainnya.

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *