Dongeng SundaMateri & Soal SMA

Materi Dongeng Bahasa Sunda Kelas 10

×

Materi Dongeng Bahasa Sunda Kelas 10

Sebarkan artikel ini

Materi dongeng bahasa sunda kelas 10 – Tradisi ngadongéng téh aya di mana-mana, unggal bangsa boga dongéng séwang-séwangan. Éta dongéng téh diwariskeun turun-tumurun ti karuhun ka generasi nu leuwih ngora, mangtaun-taun, malah boa mangabad-abad. Kabiasaan ngadongéng lain baé jadi alat keur ngahibur atawa keur kalangenan, tapi nu utamana mah dongéng téh ngawariskeun ajén-inajén.

Dongéng biasana ngawariskeun hiji naséhat, malah mandar jadi eunteung dina kahirupan. Malah di sawatara wewengkon mah, dongéng téh ngahaja diciptakeun. Dijieun carita anyar atawa dijieun film. Ari maksudna mah sarua, ngajarkeun naséhat anu hadé. Dina pakumbuhan urang Sunda, ogé kapanggih rupa-rupa dongéng.

Advertise By Adsense
Advertise By Adsense

Baca oge: 7+ Jenis Carita Dongeng Sunda nu Kudu Ku Urang Pikanyaho

Umumna éta dongéng téh nyebar sacara lisan ti generasi ka generasi. Lantaran éta dongéng anu warna-warni téh sok tuluy didongéngkeun deui, antukna sok muncul rupa-rupa vérsi. Contona baé, dongéng ngeunaan Prabu Siliwangi atawa ngeunaan Sangkuriang téh sok kapanggih di sawatara tempat.

Biasana sok dipatalikeun jeung kaayaan atawa kabiasaan di hiji tempat. Ka dieunakeun aya nu pirajeunan nyatet-nyatetkeun dongéng, tuluy dikumpulkeun dina wangun buku. Tapi éta dongéng téh tetep hirup dina tradisi lisan. Sok dipasanggirikeun, atawa didongéngkeun deui ku indung atawa ku bapa, atawa ku Ibu jeung Bapa Guru, ka barudakna atawa ka siswa di sakola.

Materi Dongeng Bahasa Sunda Kelas 10

materi dongeng bahasa sunda kelas 10

Dina ieu pangajaran materi dongeng bahasa sunda kelas 10 ieu, urang bakal mikawanoh kana warna-warni dongéng, papasingan dongéng, nganalisis unsur-unsur jeung ciri dongéng, sarta ngaéksprésikeun carita dongéng.

A. Warna-warni Dongéng

Pikeun nyangkem rupa-rupa dongéng, ieu di handap aya sawatara contona. Pék baca!

1. Conto Dongéng

Jaman baheula aya hiji jalma anu hirupna malarat rosa. Carékna dahar isuk henteu soré téh lain bobohongan. Ari pagawéanana sok buburuh ngangon domba batur. Sanajan digawéna kacida getolna, tapi hasilna teu kungsi mahi, jajauheun kana cukup. Da puguh ukur buburuh. Ari buruhanana dina sataun téh paré 50 geugeus, ditambah ku bekel dahareun mun rék ngangon. Demi dununganana jalma beunghar kacida. Tapi korétna kabinabina, jaba licik.

Ka pangangon téh ngan minteran baé. Saupama anu ngangon domba rék ngangon ka pangangonan, dibekelanana téh ngan sangu baé jeung uyah sambel. Arang langka pisan dibéré deungeun sangu anu ngareunah. Mun geus usum panén, nu ngangon téh dibéré paré buruhanana téa. Tapi paréna téh dipilihan anu gambrang pisan. Atuh barang dijual téh hargana teu sakumaha.

Teu mahi pikeun meuli baju-baju acan. Munasabah baé mun tukang angon téh papakéanan geus rubat-rabét, siga nu gélo baé. Sakali mangsa éta tukang ngaon téh gering nepi ka teu bisa ngangon. Tapi, ku dununganana téh teu diurus. Barang geus cageur sarta keur mamayu, ngan can kaduga ngangon, ka dununganana ménta kadaharan. Tapi batan méré mah dununganana kalah nyarékan. Majar téh, “Can digawé geus hayang ménta dahar!” Antukna éta tukang ngangon téh musapir.

Manéhna prihatin liwat saking sarta ngenes di jero haténa. Beurang peuting manéhna neneda hayang bisa cara deungeun-deungeun, teu kurang hakaneun teu kurang pakéeun. Ku tina nyeri haté, manéhna tuluy miceun manéh ka leuweung, teu dahar teu nginum. Barang geus meunang sababaraha poé manéhna kasaréan ti beurang, handapeun tangkal kai. Ari hudang bet manggih batu tilu siki. Kawas muncang, baruleud, sarta laleucir. Teu kira-kira manéhna kagéteunana. “Na saha anu neundeun ieu batu téh, da tadi mah euweuh?” pokna.

Sabot kitu kadéngé aya sora euweuh rupa, “Ujang, ku sabab manéh sakitu prihatinna, ayeuna paménta manéh dikabulkeun. Manéh meunang ménta tilu rupa. Pék rék ménta naon baé ogé. Dina sakali ménta éta batu kudu dialungkeun hiji!” Tukang ngangon liwat saking atoheunana. “Nuhun Gusti, nuhun!” pokna bari nyembah-nyembah. Ti dinya tukang angon tuluy balik ka lemburna. Sajajalan teu weléh imut sura-seuri sorangan bari mikiran rék ménta naon. Ceuk gerentes haténa, “Kahiji aing rék ménta beunghar.

Kadua rék ménta jadi raja. Lantaran beunghar ogé ari teu agung mah tara dihargaan. Katiluna aing rék ménta loba anak, sangkan bisa nuluykeun raja jeung kabeungharanana.” Sadatangna ka imahna, manéhna rék nyoba ménta beunghar. Tapi tuluy kapikir rék ménta duit baé. Da mun téa mah tuluy dibéré kuda, sapi, atawa ingon-ingon, kacipta réncédna da kudu dijual heula. Ari boga duit mah apan hayang naon baé gé bisa. Tapi manéhna kacalétot ngomong. Maksudna hayang loba duit, ari pok bet hayang loba ceuli.

Barang keleweng téh batu dialungkeun, ngan breng baé awakna pinuh ku ceuli. Mani kawas tunggul anu pinuh ku lémbér. Tukang angon gogoléran ceurik, awahing ku gila nénjo awak sorangan. Handeueuleun deuih, pédah paméntana anu kahiji geus mubadir. Barang geus leler, manéhna mikir deui. Ceuk gerentesna, “Ah keun baé henteu tulus jadi raja ogé, henteu boga anak loba ogé, asal jadi beunghar wé. Tapi ceuli nu matak pikagilaeun téh kudu leungit heula!”

Keleweng manéhna ngalungkeun deui batu anu kadua, sarta ménta sangkan ceuli anu rimbil dina awakna leungit kabéh. Les baé ceuli téh leungit tanpa lebih ilang tanpa karana. Tukang angon kacida bungaheunana sarta niatna rék ati-ati pisan dina nepikeun paménta anu katilu. Tapi ras manéhna inget kana ceulina anu dua. Ari dicabak, bet milu leungit.

Puguh baé kagéteunana tukang angon. Atuh ngan hing deui baé manéhna ceurik. Leuwih nyeri batan anu tadi, sabab paméntana ngan kari hiji deui. “Kumaha ayeuna aing? Lamun ménta beunghar meureun aing jadi jalma tanpa daksa, teu boga ceuli. Lamun ménta didatangkeun deui ceuli, aing meureun angger malarat.”

Sanggeus bingung mikiran nasib, bet datang ilham tina pikirna anu beresih. “Leuwih hadé aing ménta didatangkeun deui dua ceuli anu asal, da ceuk kolot ogé apan awak anu walagri, sehat bari jagjag waringkas, leuwih utama batan kakayaan. Sarta saéstuna jalma anu beunghar téh nyaéta jalma anu narima kana kulak canggeum bagja. Narima kana takdirna. Kawas aing, da geus milikna jadi jalma malarat, euweuh sisit beunghar, nya rék ditarimakeun baé. Hanas éta teu boga dahareun, pakéeun, nya rék ihtiar baé, da awak lengkep kénéh, tanaga gedé. Mending néangan baé dunungan anu bageur!” pokna.

Warna-warni Dongeng

B. Papasingan Dongéng

Dina conto dongéng diluhur, anu ngalalakon téh jalma biasa, tukang ngangon. Ngan hiji mangsa kudu ngalaman kajadian anu pohara ahéngna. Manéhna manggihan batu tilu siki anu singhoréng lain batu biasa. Éta batu bisa nyumponan paménta tilu rupa. Lantaran salah nyebutkeun paménta, antukna batu nu tilu téh kalah jadi mamala.

Ngan kaberesihan haténa baé anu nyalametkeun éta tukang angon téh. Ari dina dongéng kadua mah lain baé jalma anu ngalalakon téh. Malah tokoh jalma dina éta dongéng téh ukur panambah baé, lain tokoh utama. Malah anu jadi tokoh utamana mah sasatoan, nyaéta nyiruan jeung manuk titiran. Tapi éta sasatoan téh talajakna kawas jalma baé.

Maké bisa silih tulungan sagala. Ku lantaran béda-béda palakuna, jeung béda-béda deuih asalusulna, dongéng téh sok dipasing-pasing. Yus Rusyana, ahli carita lisan, ngabagi-bagi dongéng téh kieu:

a. Dongéng nu nyaritakeun kahirupan jalma di masarakatna jeung dina sajarahna. Upamana dongéng para raja, para putri, para nabi, para wali, tukang tani, tukang dagang, jeung sajabana. Dongéng nu kieu sok disebut ogé parabel.

b. Dongéng anu nyaritakeun kahirupan sasatoan, saperti kuya, monyét, peucang, tutut, maung, séro, munding, manuk, jeung sajabana. Dongéng nu kieu sok disebut ogé dongeng fabel.

c. Dongéng anu nyaritakeun asal-usul kajadian tempat, barang, sasatoan, jeung tutuwuhan. Dongéng nu kieu disebutna dongéng sasakala atawa legénda.

d. Dongéng anu nyaritakeun mahluk ciciptan (hayalan), bangsaning jurig jeung siluman. Dongéng nu kieu sok disebut ogé dongéng mitos.

Baca oge: 25+ Contoh Dongeng Bahasa Sunda Singkat, Sasatoan Lengkap!

C. Ciri-ciri Dongéng (Materi Dongeng Bahasa Sunda)

Ciri dongeng Materi bahasa sunda kelas 10

Titénan pedaran ieu di handap!

a. Boh dongéng “Paménta Tilu Rupa” boh dongéng “Manuk Titiran jeung Nyiruan”, duanana gé mangrupa carita. Sakumaha umumna carita, dina éta dongéng téh aya tokohna, aya galur atawa jalan caritana, jeung aya kasang tempat jeung waktuna. Umumna carita dongéng mah parondok.

b. Éta dua dongéng téh henteu kapanggih saha nu ngarangna. Sanajan kungsi dibukukeun, saenyana nu nyieun buku mah ukur ngumpulkeun atawa ngadokuméntasikeun. Naon sababna, lantaran dongéng mah umumna nyebarna sacara lisan, nepi ka teu kapaluruh saha saenyana anu mimiti nyieun éta dongéng.

c. Dina dongéng sok kapanggih bagian-bagian anu teu kaharti ku akal. Contona, dina dongéng “Paménta Tilu Rupa” aya batu tilu siki anu bisa dipaké keur ménta naon baé mun dialungkeun. Atawa, timbul ceuli di sakujur awak tukang ngangon dina waktu nu sakedét nétra. Kitu deui dina dongéng “Manuk Titiran jeung Nyiruan”, bet aya sato bisa nyarita jeung ngagunakeun akal. Apan nu boga akal mah ukur manusa.

d. Tapi, lain soal teu kaharti ku akalna. Dongéng saenyana boga maksud nepikeun hiji naséhat anu hadé. Dina dongéng kahiji, sanajan loba nu ahéngna, saenyana hayang nepikeun amanat yén kasenangan téh datangna lain tina harta banda atawa kakayaan. Tukang ngangon meunang kasenangan téh nu puguh mah tina kaberesihan haténa.

e. Dongéng téh sakapeung aya babandinganana jeung dongéng séjén di tempat séjén. Upamana dongéng-dongéng Si Kabayan méh sarua jeung dongéng Joko Dolog ti Jawa, atawa dongéng Abu Nawas ti Parsi. Dongéng Dalem Boncél nu doraka ka kolot, sarua jeung dongéng Malin Kundang ti Sumatra Barat, jeung dongéng Batu Menangis ti Kalimantan. Mitologi Sangkuriang méh sarua jeung Mitologi Oidipus ti Yunani.

Mun digambarkeun mah, ciri dongéng téh kieu:

Materi pelajaran Ciri-ciri Dongeng Sunda Kelas X

D. Ngadongéng

Nepi ka kiwari urang sok nyaksian kénéh aya jalma anu sok ngadongéng. Boh keur tujuan lulucon, atawa keur kaperluan pasanggiri. Aya nu langsung di hareupeun balaréa, ngaliwatan radio atawa televisi, atawa dirékam jeung diunggah (up-load) kana internét. Éta téh cara-cara ngaéksprésikeun dongéng.

Dina ngaéksprésikeun dongéngna téh sakapeung bari dibarengan ku pepeta, lajag-léjég, atawa sok diémbohan ku gambar atawa bonéka jeung parabot séjénna. Urang nu ngabandunganana sok resep jeung kataji. Asa kahibur. Nu matak urang jadi resep, lantaran nu maca atawa nu ngadongéng téh maké téhnik, nyaéta téhnik ngadongéng.

Da sasat lamun ngadongéngna sajalantrahna, atawa ukur maca wungkul, tangtu moal pikaresepeun. Kumaha baé téhnik maca dongéng téh? Loba cara nu bisa ditempuh. Supaya leuwih paham dina teknik mawakeun dongeng, sok ku hidep dibaca artikel dihandap ieu.

Baca: Teknik Cara Membawakan Atawa Ngadongeng dina Bahasa Sunda

Nah, mung sakitu wae materi dongeng bahasa sunda kelas 10 kana mikawanoh dongéng, papasingang, nganalisis unsur jeung ciri dongéng, sarta ngaéksprésikeun carita dongéng. Mugia tiasa mangpaat. Hatur nuhun.


Diterjemahkan oleh Google:Materi dongeng sunda untuk kelas 10 – Tradisi mendongeng ada di mana-mana, setiap bangsa memiliki dongengnya masing-masing. Dongeng itu diwariskan secara turun-temurun dari nenek moyang kepada generasi muda, selama bertahun-tahun, bahkan berabad-abad. Kebiasaan mendongeng bukanlah alat hiburan atau keabadian, tetapi yang terpenting adalah mendongeng mewariskan nilai-nilai.

Dongeng biasanya mewarisi sebuah nasihat, bahkan menjadi cermin dalam kehidupan. Bahkan di beberapa daerah, dongeng memang sengaja dibuat. Membuat cerita baru atau membuat film. Hari ini maksud saya sama, ajarkan nasihat yang baik. Dalam budaya Sunda juga terdapat berbagai cerita.

Umumnya, cerita tersebut disebarkan secara lisan dari generasi ke generasi. Karena kisah penuh warna itu sering diceritakan kembali, akhirnya muncul berbagai versi. Misalnya cerita tentang Prabu Siliwangi atau tentang Sangkuriang banyak dijumpai di beberapa tempat.

Biasanya terkait dengan situasi atau perilaku di satu tempat. Ada yang sibuk menulis cerita, kemudian dikumpulkan dalam bentuk buku. Namun cerita tersebut masih hidup dalam tradisi lisan. Itu sering dibagikan, atau diceritakan kembali oleh ibu atau ayah, atau oleh ibu dan ayah guru, kepada anak-anaknya atau kepada siswa di sekolah.

Pada pelajaran materi dongeng sunda kelas 10 ini, kita akan mengenal warna-warna dongeng, pasangan dongeng, menganalisis unsur dan ciri dongeng, serta mengungkapkan cerita dongeng.

Dalam contoh cerita di atas, pelakunya adalah orang biasa, seorang penggembala. Hanya satu musim yang harus mengalami peristiwa yang sangat aneh. Dia menemukan batu berbiji tiga yang bukan batu biasa. Batu itu bisa memenuhi permintaan tiga jenis. Karena salah mengucapkan permintaan, akhirnya ketiga batu tersebut hilang sebagai mamala.

Hanya kemurnian hatinya yang menyelamatkan sang gembala. Di cerita kedua, bukan orangnya yang berakting. Bahkan tokoh tokoh dalam cerita itu hanyalah tambahan, bukan tokoh utama. Bahkan tokoh utamanya adalah hewan, lebah, dan burung. Tapi binatang itu seperti manusia.

Kita bisa saling membantu. Karena aktor yang berbeda, dan asal-usul yang berbeda, cerita sering dipisahkan. Yus Rusyana, seorang ahli cerita lisan, menceritakan kisahnya sebagai berikut:

A. Dongeng yang menceritakan kehidupan orang-orang dalam masyarakat mereka dan dalam sejarah mereka. Misalnya kisah raja, putri raja, nabi, wali, petani, saudagar, dll. Kisah ini juga disebut perumpamaan.

B. Dongeng yang menceritakan tentang kehidupan binatang, seperti kura-kura, monyet, peucang, tutut, maung, sero, kerbau, burung, dll. Cerita ini disebut juga fabel.

C. Dongeng yang menceritakan asal mula peristiwa tempat, benda, hewan, dan tumbuhan. Cerita ini disebut dongeng atau legenda.

D. Dongeng yang menceritakan tentang makhluk (imajiner), hantu dan hantu. Kisah ini disebut juga mitos.

Baca juga: 25+ Contoh Dongeng Sunda Pendek, Hewan Lengkap!

C. Ciri-Ciri Dongeng (Bahan Dongeng Sunda)

Simak uraian di bawah ini!

A. Baik cerita “Pamenta Thilu Rupa” maupun cerita “Burung dan Lebah”, keduanya adalah cerita. Seperti kebanyakan cerita, dalam cerita itu ada tokoh, ada alur atau alur cerita, dan ada tempat dan waktu. Secara umum, kisah dongeng adalah turis.

B. Penulis kedua dongeng itu tidak ditemukan. Kalaupun sudah ditulis, penulis buku hanya boleh mengumpulkan atau mendokumentasikannya. Apa alasannya, karena cerita tersebut umumnya tersebar secara lisan, hingga tidak diketahui siapa sebenarnya yang memulai cerita tersebut.

C. Dalam cerita selalu ada bagian yang tidak dimengerti oleh pikiran. Misalnya dalam cerita “Pamenta Thilu Rupa” terdapat sebuah batu berbiji tiga yang dapat digunakan untuk meminta apa saja jika dilempar. Atau, ada telinga di sekujur tubuh penggembala dalam sekejap mata. Begitu pula dalam cerita “Manuk Titiran dan Nyiruan”, bertaruh ada binatang yang bisa berbicara dan menggunakan akalnya. Tapi yang punya akal hanyalah manusia.

D. Tapi, itu bukan pertanyaan yang saya tidak mengerti. Cerita tersebut sebenarnya memiliki maksud untuk menyampaikan nasehat yang baik. Di cerita pertama, meski banyak hal aneh, ada baiknya menyampaikan pesan bahwa kebahagiaan tidak datang dari harta atau kekayaan. Penggembala mendapat kesenangan dari kemurnian hatinya.

e. Dongeng terkadang dibandingkan dengan dongeng lain di tempat lain. Misalnya, dongeng Si Kabayan hampir sama dengan dongeng Joko Dolog dari Jawa, atau dongeng Abu Nawas dari Persia. Dongeng Dalem Boncél yang durhaka kepada orang tuanya, sama halnya dengan dongeng Malin Kundang dari Sumatera Barat, dan dongeng Batu Menangis dari Kalimantan. Mitologi Sangkuriang hampir sama dengan mitologi Oedipus dari Yunani.

D.Bercerita

Sampai saat ini sering kita saksikan bahwa ada orang-orang yang selalu bercerita. Entah untuk tujuan lelucon, atau untuk tujuan kompetisi. Ada yang langsung di depan orang banyak, melalui radio atau televisi, atau direkam dan diunggah ke internet. Ini adalah cara untuk mengekspresikan cerita.

Dalam mengungkapkan cerita terkadang disertai dengan pepeta, lajag-legek, atau terkadang dilengkapi dengan gambar atau boneka dan alat-alat lainnya. Kita yang menyukainya selalu menyukainya dan menyukainya. Merasa bahagia. Yang membuat kita menyukainya adalah karena pembaca atau pendongeng menggunakan suatu teknik, yaitu teknik bercerita.

Salah kalau cerita terus-menerus, atau hanya dibaca saja, tidak akan menarik. Bagaimana teknik membaca cerita? Ada banyak cara yang bisa ditempuh. Untuk lebih memahami teknik bercerita, saya selalu membaca artikel di bawah ini.

Baca : Teknik Telling atau Mendongeng dalam Bahasa Sunda

Nah, itu saja isi dari dongeng sunda kelas 10 yaitu tentang mengenal dongeng, menguraikannya, menganalisis unsur dan ciri dongeng, serta mengungkapkan cerita dongeng. Saya harap ini bisa bermanfaat. Terima kasih.

sumber: Pamekar Diajar BASA SUNDA