Dongeng Sunda

Definisi Sejarah Jeung Ciri-Ciri Carita Babad dina Basa Sunda

×

Definisi Sejarah Jeung Ciri-Ciri Carita Babad dina Basa Sunda

Sebarkan artikel ini

Definisi Babad – Mun ditilik tina kamus kaluaran LBSS (1979) ditétélakeun yén nu disebut carita babad téh nyaéta dongéng anu ngandung unsur-unsur sajarah.

Ari Iskandar wassid dina bukuna “Kamus Istilah Sastra” nerangkeun yén carita babad téh nyaéta carita wanda heubeul anu medar riwayat luluhur atawa kajadian kajadian anu parenting di jaman baheula nu aya di salah sahiji daérah, biasana ti mimiti muka atawa ngabedah éta wéwéngkon.

Advertise By Adsense
Advertise By Adsense

Dina kamus éta ogé ditétélakeun yén nu karep nyusun carita babad téh bangun rék nulis sajarah. Malah sawaréh mah judulna ogé aya nu tandes maké kecap “Sajarah”.

Tapi teu sakabeh carita babad diaku jadi sajarah, lantaran di jérona sok ka asupkeun hal-hal anu pamohalan atawa rékaan. Lian ti éta hungkul, teu bisa dianggap sajarah téh lantaran tacan katarima ku panguji disiplin (élmu) sajarah saméméhna.

Sajarah Nyusun Carita Babad

Sabenerna, ari tradisi nulis atawa nyusun carita babad téh geus aya ti baheula kénéh, malah tina nu geus kapaluruh ku para ahli, carita babad geus kapanggih ti jaman tradisi nulis naskah kénéh.

Éta tradisi manjang nepi ka abad ka-20. Ditulisna aya nu dina wangun prosa aya ogé nu ditulis dina wangun puisi. Utamana mah dina wangun wawacan.

Conto Carita Babad

Definisi Sejarah Jeung Ciri-Ciri Carita Babad dina Basa Sunda

Sedengkeun ari conto carita babad téh di antarana nyaéta Babad Bogor, Babad Cikundul, Babad Galuh, Babad Panjalu, Babad Sumedang, Babad Limbangan, Sajarah Lampah Para Wali Kabéh, jeung lain sajabana.

Baca juga: Kumpulan Contoh Carita Babad Sunda Sejarah Patempatan di Jawa Barat

Ciri-Ciri Carita Babad

1. Ngadung unsur pamohalan
2. Eusina nyaritakeun asal-usul hiji patempatan atawa lalampahan para Wali, Jalma nu kasohor, nu Legendaris, jeung sajabana.
3. Pangarangna teu kapaluhur
4. Sumebarna tatalépa

Dina artikel nu ngeunaan kana Babad diluhur, mudah-mudahan bisa dijadikeun salaku kagiatan diajar mengajar ngeunaan kana carita sajarah atawa babad sunda boh tina nganalisis isi, struktur, unsur teks babad jeung memperhatikeun unsur kabahasaan-nana.

Sakitu bae bahasan singket kana wangenan, sejarah, jeung ciri ciri carita Babad jeung contona dina basa sunda, mugia tiasa mangpaat. Referensi: (Diraéh tina buku “Naskah Sunda Lama Kelompok Babad”, Pusat Pembinaan dan Pengembangan Bahasa, Depdikbud, 1985)