Dongeng Sunda

Teknik Cara Membawakan Atawa Ngadongeng dina Bahasa Sunda

×

Teknik Cara Membawakan Atawa Ngadongeng dina Bahasa Sunda

Sebarkan artikel ini

Dongéng nyaéta carita anu teu asup akal jeung teu kajadian, biasana osok nyaritakeun kajadian-kajadian jaman baheula. Dongéng kacida pentingna pikeun masarakat anu masih kénéh nyekel pageuh tradisi. Dongeng bisa dipaké pikeun ngadugikeun pesen saperti pesen moral, kusabab kitu bisa di pake pangajaran ogé di sakola.

Cara Ngadongeng dina Bahasa Sunda

Cara Ngadongeng dina Bahasa Sunda

Advertise By Adsense
Advertise By Adsense

Aya sababaraha cara nu bisa digunakeun ku hidep dina mawakeun caritaan dongeng di harep kelas, umpamana bae bisa ngagunaken teknik maca langung tina buku, ngagunakeun gambar, boneka, jeung sajabana. Dihandap ieu aya sawatara rupa-rupa teknik dina mawakeun carita dongeng.

  • Maca langsung tina buku

Tekhnik ieu anu paling éféktif lamun guru ngabogaan buku dongéng anu pikareseupeun nu cocok di bacakeun ka murid. Cirining yén dongéng bisa dipahami ku barudak nyaéta pesen nu didugikeun bisa diserep tur paham yén kalakuan dina dongéng téh bener atawa salah.

  • Ngadongéng ngagunakeun ilustrasi tina gambar

Tehnik ieu éféktif lamun dongéng anu didugikeun dibarengan ku ilustrasi gambar tina buku anu pikaresepeun budak. Nyaritakeun dongéng maké ilustrasi gambar téh, maksudna pikeun ngajelaskeun pesen-pesen anu aya dina caritaan.

  • Nyaritakeun dongéng sacara langsung

Tekhnik ieu éféktif digunakeun lamun guru nyadiakeun dongéng anu bisa narik karesep siswa. Teknik ieu mangrupakeun teknik anu paling simpel, sabab teu mikabutuh kana média anu séjénna.

  • Ngadogéng ngagunakeun papan flannel

Cara ngajieun papan flannel nyaéta ku cara ngalapisan papan ku kaén flannel nu warnana netral, terus gambar tokoh-tokoh anu ngawakilan watak dina dongéng éta digunting polana dina kertas, terus ditémpelkeun dina papan éta.

 

  • Ngadongéng ngagunakeun bonéka

Biasana métode ieu mah disesuaikeun jeung umur sarta pangalaman barudak, biasana barudak bakal resep pisan lamun dongéng dibacakeun bari make bonéka.

Kesimpulan:

Ada beberapa teknik dalam mendongeng yang dapat kamu gunakan ketika akan membawakannya, seperti misalnya untuk di depan kelas yaitu seperti dengan membaca langsung dari buku, menggunakan ilustrasi gambar, menggunakan papan flanel, maupun dengan menggunakan boneka dan lain sebagainya.