Dongeng Sunda

(MATERI) Pengertian Dongeng dalam Bahasa Sunda Lengkap!

×

(MATERI) Pengertian Dongeng dalam Bahasa Sunda Lengkap!

Sebarkan artikel ini
(MATERI) Pengertian Dongeng dalam Bahasa Sunda Lengkap

Basasunda.com – Dalam materi bahasa sunda kali ini akan dijelaskan tentang pengertian dongeng dalam bahasa sunda seperti sejarah dongeng, unsur, ciri dongeng, fungsi, dan jenis-jenis dongeng sunda, hingga teknik dalam membaca dongeng, yang semuanya akan dibahas dengan menggunakan bahasa sunda.

Materi Tentang Pengertian Dongeng Bahasa Sunda

materi pengertian dongeng bahasa sunda, sejarah dongeng sunda, unsur dongeng sunda, ciri dongeng, fungsi, jenis dan rupa-rupa dongeng serta teknik membaca dongeng bahasa sunda.
A. Pengertian Dongeng

Advertise By Adsense
Advertise By Adsense

Sastra Sunda mangrupa salah sahiji kakayaan budaya Sunda. Sastra sunda teh kacida pisan lobana, diantarana nyaeta dongeng. Dongeng nyaeta carita anu teu asup akal jeung teu bener-bener kajadian, biasana osok nyaritakeun kajadian-kajadian zaman baheula.

Tapi mun ningali kaayaaan zaman ayeuna mah barudak teh, khususna anu cicing di Tatar Sunda loba anu teu wanoh-wanoh acan kana dongeng.

Kukituna urang salaku kaum muda anu gelar jeung cicing di Tatar Sunda boga kawajiban ngawanohkeun tur ngajak barudak sangkan resep kana Sastra Sunda utamana kana dongeng. Jenis dongeng teh loba pisan rupana diantarana aya fabel, parable, legenda, mite, sage, pamuk jeung dongeng pieunteungeun.

B. Sajarah Kamekaran Dongéng

Gelarna satra lisan di tatar Sunda kira-kira dina zaman buhun anu dicirian ku ayana pangaruh Hindu. Dina ieu zaman, sastra anu aya, teu kapanggih ngaran pangarangna (anonim).

Teu kawas pantun,  carita-carita mithologia, pabél-pabél, jangjawokan, asihan, jampé-jampé, kawih, jeung saterusna. Tétéla pisan satra lisan leuwih ti heula ayana tibatan sastra tulis. Sastra tulis aya sanggeus urang Sunda wawuh kana tradisi tulis. Ku sabab téknologi ayeuna beuki maju, loba dongéng anu dimuat dina majalah jeung surat kabar.

C. Wangenan Dongéng Basa Sunda

Dongéng nyaéta carita anu teu asup akal jeung teu kajadian. Dongéng biasana sok nyaritakeun kajadian – kajadian jaman baheula. Numutkeun kamus, dongéng téh babad meunang ngaréka, babad karangan anu henteu kajadian saenyana. Dongéng mangrupa carita rékaan anu méré kesan pamohalan tur ukuranana parondok.

Dongéng téh mimiti gelarna mangrupa wangun lisan, nu nyebar ti hiji jalma ka jalma lianna, tur teu kapanggih saha nu ngarangna atawa anonim. Lantaran  nyebar dina wangun lisan, téks dongéng babari robah atawa leungit.

Dongéng mangrupa salah sahiji golongan carita dina wangun  prosa. Nilik kana wandana jeung patempatana, dongéng biasana sok ngambarkeun kaayaan baheula. Tokoh-tokoh dina dongéng henteu manusa wungkul, tapi ogé sasatoan, buta, atawa mahluk séjénna. Bisa oge nyaritakeun tempat.

D. Unsur-unsur Dongéng

1. Téma 

Tema nyaéta ide, maksud atawa tujuan anu hayang dihontal ku pangarang dina hiji carita dongéng, anu baris kapanggih ku pamaca atawa pangreungeu sabada maca atawa ngadéngékeun dongéng.

2. Galur (Plot) 

Galur atawa osok disebut ogé jalan carita atawa runtuyan carita, kajadian anu sambung-sinambung pikeun ngawangun jadi hiji lanjeureun carita.

Galur dihartikeun runtuyan jeung patalina kajadian anu dicaritakeun ku pangarang ti mimti nepi ka pungkasan jalan carita. Galur bisa dibagi jadi tilu rupa nya éta galur merélé, galur mabok tengah, jeung galur campuran.

3. Tokoh 

Tokoh carita atawa palaku nyaéta jalma atawa pihak anu ngalalakon dina hiji carita.

4. Latar 

Latar (setting), nyaéta waktu jeung tempat kajadian hiji carita dongéng.

5. Amanat 

Amanat nyaéta pesen pangarang nu hayang ditepikeun ka pamaca. Umumna amanat dina dongéng mah tara nembrak, tapi karasa sanggeus réngsé maca atawa ngadéngékeun hiji carita nu sagemblengna.

 

E. Ciri-ciri Dongéng

materi tentang Ciri-ciri Dongeng sunda

1. Caritana pondok, lanjeuran carita dina dongéng biasana basajan jeung pondok. Ari nu jadi alesanana nyaéta carita dongéng osok didongéngkeun ka barudak, nu tangtuna waé kamampuh nangkep basa jeung caritana kawatesanan.

2. Aya bagian anu pamohalan.

3. Asup kana wangun lancaran jeung ugeran.

4. Anonim atawa teu kapaluruh saha nu ngarangna.

5. Mibanda fungsi jeung kagungan salaku alat pikeun atikan, hiburan, protés sosial, atawa kahayang nu di sidem. Sanajan dongéng ditepikeuna sacara malibir tapi miboga atikan anu utama ngeunaan kaluhungan budi jeung pieunteungeun.

6. Sipatna pralogis, nya éta mibanda logika anu béda jeung logika umum.

7. Sipatna tradisional, nya éta sumebarna turun-tumurun.

8. Pola ngadongéng sok angger.

F. Pungsi Dongéng

Materi tentang fungsi dan papasingan dongeng

Kalungguhan dongéng kacida pentingna pikeun masarakat anu masih kénéh nyekel pageuh tradisi. Dongéng henteu bisa di pisahkeun tina upacara ritual manusa nurutkeun kapercayaan.

Pungsi dongéng ti jaman ka jaman robah. Dina jaman masarakat buhun, dongéng téh henteu bisa dipisahkeun tina asal-usul upacara-upacara ritual manusa nu nurutkeun kana kapercayaan. Dongéng sok dihartikeun alat pikeun ngabobodo budak céngéng.

Tapi mun seug dipaluruh leuwih jero, kalungguhan dongéng téh lain wates keur ngabobodo budak céngéng hungkul, tapi ngabogaan tujuan séjén lamun nu ditétélakeun ieu di handap:

1. Ngarah anak incu urang nyaho kana turunan.

2. Ngarah anak incu urang nyaho kana pancakaki.

3. Ngarah anak incu urang nyaho kana asal muasalna tempat.

4. Ngarah anak incu urang nyaho kaayaan lemburna boh kaayaan alamna boh kaayaan tali parantina.

5. Ngarah anak incu urang manggih luang tina pangawéan karuhun pikeun bekel hirupna.

6. Ngarah pagawéan beurat karasa leuwih hampang.

Dumasar kana hasil panalungtikan anu dilakukeun ku Bambang Sudarmoyo dina taun 1975, yén dongéng tiasa ngaronjatkeun Intelegence Question (I.Q) budak.

Budak kakeunaan ku Virus Ach, nyaéta virus nu ngamotipasi budak sangkan miboga cara mikir jeung paripolah anu leuwih épisién pikeun ngahontal hasil nu leuwih alus ti saméméhna tur salawasna bisa ngahontal préstasi kalayan optimal.

Panalungtikan séjén nu ngébréhkeun yén dongéng bisa méré kani’matan, kasugemaan batin jeung ngaronjatkeun kacerdasan pikeun nu macana. Éta hal dibuktikeun ku panalungtikan di Amérika, anu nétélakeun yén barudak turunan Asia di Amérika leuwih cerdas tibatan barudak turunan urang Amérika.

Sabab warga Asia nu cicing di Amérika teu ninggalkeun tradisi karuhunna, utamana macakeun dongéng-dongéng ngeunaan karuhun ka budakna.

G. Papasingan Dongéng

1. Dongéng Sasatoan (Fabél)

Dongéng Fabél nyaéta dongéng atawa carita rékaan anu eusina ngajarkeun moral atawa atikan budi, ku kituna carita téh ngagambarkeun pasipatan, waték, jeung budi manusa, tapi diperankeun ku sato. Ilaharna dongéng sato (Fabél) nyaritakeun sasatoan anu paripolahna kawas manusa, upama baé bisaeun nyarita ogé ngagunakeun akal jeung pikiran.

Dongéng sato biasana watek palakuna geus dipola. Contona  carita Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyet. Dongeng Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyet téh mangrupa dongéng sasatoan asli ti Sunda.

Bénteun jeung dongéng anu palakuna sato séjén. Contona dongéng Sakadang Peucang, hirupna dina sastra téh mangrupa pangaruh ti sastra Jawa.

2. Dongéng Babad (sage)

Dongéng Sagé nyaéta carita ngeunaan kapahlawanan, nu nyaritakeun kajadian atawa jelema anu ngandung unsur sajarah. Sagé mangrupa carita peperangan di jaman baheula, umumna nyaritakeun tokoh nu légendaris sarta panjang tur eusina kapahlawanan, jalma sohor, atawa lalampahan nu pikaseurieun. Contona Prabu Siliwangi, Dipati Ukur, Séh Abdul Muhyi,jrrd.

3. Dongéng Kahirupan Jalma Biasa (Parabél)

Dongéng Parabél nyaéta dongéng anu eusina nyaritakeun lalampahan hiji jalma anu dianggap mahiwal ti batur. Caritana loba pikaseurieun tapi ngandung hiji atikan. Conto anu pangsohorna dina sastra Sunda nya éta dongéng-dongéng Si Kabayan. Lian ti éta, aya ogé dongéng saduran tina sastra deungeun, upamana dongéng Abu Nawas, Nasarudin, Si Congcorang,jjrd.

4. Dongéng Mite

Dongéng mité nya éta dongéng anu nyaritakeun lalampahan hiji jalma anu dianggap karamat ku masarakat.  Umumna dongéng mite téh raket patalina jeung kapercayaan masarakat kana alam gaib. Carita dina mite umumna ngalalakonkeun kajadian alam dunya, manusa, jeung ayana nu maot.

Aya ogé mite anu nyaritakeun ciri khas sasatoan, wangun topografi, jeung tanda-tanda alam. saperti sangu, jagong,jsté. Contona : Dongeng Dewi Sri, Dongéng Nyi Roro Kidul, Dongéng Munjung, Dongéng Maung Kajajadén, jeung Dongéng Ngipri.

5. Dongéng Pieunteungan

Dongéng Pieunteungeun nyaéta dongéng anu eusina mangrupa tauladan pikeun kahirupan manusa. Bisa dongéng jalma biasa atawa sasatoan. Contona Cikaracak Ninggang Batu Laun-laun jadi Legok.

6.    Dongéng Pamuk

Dongéng pamuk nya éta dongéng anu nyaritakeun kagagahan atawa kasaktén hiji jalma tur biasana aya patalina jeung tokoh atawa kajadian sajarah. Conto carita pamuk di wewengkon Sunda bisa ditingali dina carita ”Prabu Siliwangi”.

Prabu Siliwangi nya éta tokoh anu kaitung sakral di daérah Jawa Barat. Sakumaha nu dipikawanoh, Prabu Siliwangi téh nya éta hiji raja nu pernah maréntah wewengkon Pasundan.

7.      Dongéng Légénda

Dongéng légénda nyaéta dongéng anu nyaritakeun asal-usul hiji tempat, barang, sasatoan, atawa tutuwuhan. Dongéng sasakala mangrupa golongan carita anu geus turun tumurun, anu geus jadi milik sagolongan masarakat. Palaku utama dina legenda jalma biasa.

    • Papasingan Legenda

Legenda Agama nyaéta legenda jalma-jalam suci saperti para wali agama islam. Legenda nu geus dikumpulkeun diantarana:Syéh Siti Jenar di Muka Pengdilan Agama, Sunan Geseng, Syéh Abdul Muhyi, Ki Pandan Arang dari Tembayat, jste.

Legenda Alam gaib nya éta carita-carita pangalaman pribadi hiji jalma ngeunan mhluk-mahluk nu gaib.

Legenda tokah jalma nya éta carita ngeunaan tokoh-tokoh jalma nu dianggap kungsi aya kajadianana.

Legenda tempat atawa legenda wewengkon nya éta carita anu aya patalina jeung hiji tempat, ngaran wewengkon sarta wangun topografi, upamana ayana gunung, pasir-pasir, jurang, jsb. Contona nyaeta saperti Sasakala Situ Bagendit, Sasakala Situ Patenggang, Sasakala Maribaya.

Baca juga: Teknik-Teknik Dina Ngadongéng Sunda

Nah, demikianlah beberapa materi mengenai pengertian dongeng dalam bahasa sunda yang sudah dijelaskan seperti sejarahnya, bentuk, unsur-unsur dongeng, ciri-ciri dan fungsi, serta jenis-jenis dongeng sunda itu sendiri, semoga dapat bermanfaat sebagai referensi belajar.