Materi Babad Sunda Pendek Prabu Kéan Santang Dan Cadas Pangeran

Babad Sunda nyaéta wanda carita anu miboga ajén sajarah atawa carita anu raket hubunganana jeung sajarah. Istilah babad asal mulana ti Jawa. Ari Samémehna mah di urang ngan ukur disebut carita baé. Misalna carita Parahiyangan, carita Ratu Pakuan jeung carita Waruga Guru. Iwal ti éta, istilah séjén nu dipake dina pustaka Sunda mah ngan ukut sajarah, misalkan sajarah Sukapura, jeung lain sajabana.

Naskah kelompok babad sunda nu geus kapaluruh téh réa jumlahna, nu ngawengku puluhan judul saperti nu bisa katéang dina katalog-katalog naskah Sunda nu geus medal. Sawatara naskah babad téh kiwari aya nu bisa ditéangan kalawan gampang, sawaréhna deui hésé ditéangana.

Eusi babad téh umumna mangrupa carita nu aya patalina jeung hiji patempatan sarta dipercaya minangka sajarah. babad réréana ditulis dina wangun wawacan sababaraha contona nyaéta Babad Banten, Babad Cerbon, Babad Galuh, Babad Pajajaran jeung lain sajabana.

Numutkeun M.A Salmun (1963) babad téh sabangsa sajarah anu henteu teges historisna, henteu beunang dicekel deleg dokuméntasina, tampolana eusina sok dibauran ku saga (sage) légénda jeung mitos atawa fabél.

Baca: Kumpulan Contoh Carita Babad Sunda Sejarah Patempatan di Jawa Barat

STRUKTUR CARITA BABAD

Babad téh kaasup karya sastra dina wangun wawacan. Sedengkeun ari wawacan téh umumna ngabogaan unsur struktur nu maneuh, nyaéta manggala sastra atawa alofon, eusi, jeung panutup atawa klofon.

  • Manggala sastra
Eusina ménta widi ka Nu maha kawasa jeung karuhun, sastra ménta panghampura kana kahéngkéran nu nulis atawa nu nyusun éta wawacan. Pernahna manggala sastra téh biasana di bagian hareup atawa awal, saméméh ngamimitian carita.
  • Eusi
Nyaéta poko carita tina carita babad. Dina ieu bagian, dicaritakeun lalakon babad ti mimiti kajadiana, lalampahan tokoh, jeung konflik.
  • Klofon
Biasana aya dina ahir carita minangka panutup atawa pamungkas carita. Eusina titimangsa ditulis atawa disalina éta babad dina wangun pupuh. Dina ieu bagiann nu nulis menta panghampura kana sagala rupa kakurangan, lantaran nu nulis ngarumasakeun kahéngkéran dirina dina nulis éta carita babad atawa wawacan.

CARA NGARINGKES CARITA BABAD

Carita babad téh naskah aslina mah kandel pisan. Umumna bisa nepi ka ratusan kaca. Ku kituna, perlu pisan dijieun ringkesanana sangkan leuwih gampang dipikaharti eusi caritana. Dina prosés ngaringkes ieu kudu tetep mertahankeun susunan eusi jeung poko pikiran asli anu nulisna. Aya dua hal anu kudu dipigawé dina nyieun ringkesan carita babad nyaeta:

  • Bisa mahamkeun eusi bacaan nu rék diringkes kalawan daria
  • Bisa nyusun deui idé-idéna, bari tetep kudu mertahankeun susunan eusi jeung poko pikiran carita nu nulisna.

LENGKAH-LENGKAH NYIEUN RINGKESAN CARITA BABAD

  • Maca naskah asli
Lengkah ka hiji nyaéta maca heula naskah aslina sacara gembleng pikeun mikanyaho kesan umum jeung maksud pangarangna dina éta carita.
  • Nyatet gagasan utama
Sakabéh gagasan utama atawa poko pikiran nu penting kudu dicatet heula atawa ditandaan.
  • Nuliskeun deui carita babad
Carana nyieun kotretan ringkesan maké kalimah sorangan dumasar kana gagasan utama.
  • Dipariksa deui
Maca deui kotretan ringkesan, karék dibebener deui upama mun aya kasalahan.

Contoh Carita Babad Cadas Pangeran

Gambar oleh NTMC Polri

Ti jaman baheula kénéh, antara Sumedang jeung Bandung, geus aya jalan, ngan harita mah lain jalan gedé cara ayeuna. Ulah mobil, dalah kahar ogé can tangtu bisa ngaliwat. Rajeun aya tutumpakan ukur kuda atawa tandu.

Sawaktu Gubernur Jéndral Daéndels atawa sok disebut Jéndral Guntur, muka jalan pos ti Anyér ka Banyuwangi. Kaayaan Cadas Pangéran harita masih kénéh mangrupa gunung batu nu kacida teuasna. Tapi, Jendral Daéndels tetep maréntahkeun kudu dibobok, supaya bisa diliwatan kandaraan.

Nampi paréntah ti Gubernur Jéndral, Kanjeng Pangéran Kusuma Dinata, kapaksa miwarang rayat Sumedang. Dina waktuna rayat daratang ti mana-mendi, marekel pakakas sabogana-sabogana. Kawantu nu kudu dibobok téh cadas nu sakitu teuasna, hasilna téh henteu sabaraha. Katambah tempatna hara-haraeun, tungtungna loba nu maot kalaparan.

Kocap hiji poé Kanjeng Pangéran, diiringkeun ku Patih Radén Demang Mangku Praja, seja nampi pamariosan Gubernur Jéndral Daéndels, tabéatna Jéndral Daéndels, babari haok porongos. Matak pada nelah Mas Galak, tina kecap marsekalek, basa Walanda. Barang jebul, beungeutna langsung merengut. Cacak kulitna bodas, katembong semu geuneuk, tandaning ambek pohara.

Kana kabiasaan haok porongos Jéndral Daéndels, kantenan Kangjeng Pangéran uninga. Ku kituna ti anggalna kénéh, anjeunna parantos taki-taki. Emutanana, ku sabab lalakon ngabobok gunung cadas henteu aya kamajuan, Si Mas Galak pasti bakal ambekna.

Malah teu mustahil anjeunna bakal jadi korban, dibenduan Tuan Besar. Namung, anjeunna teu ieuh gimir, sareng teu badé nyalahkeun rayat. Margi kauninga, kumaha héséna ngadungkaran gunung batu ukur ngandelkeun tanaga jelema, dibantuan pakakas saaya-aya.

Caturkeun Jendral Daéndels cunduk ka tempat nu digarawé. Atuh Kangjeng Pangéran gancang ngahormat saperti biasana, manggut bari teras nyaketan. Dasar nu keur ambek, panghormat Kangjeng Pangéran, boro-boro ditarima samestina. Tapi, teu burung ari nyodorkeun leungeun, ngajak sasalaman mah.

Ningali kalakuan Jéndral Daéndels kitu, Kangjeng Pangěléran ampir-ampiran teu kiat nahan bebendu. Dasar kumpeni, gerentesna, teu boga pisan rarasan. Naha rayat aing rék diantep jadi korban, gara-gara nedunan kahayang maranéhna.

Pikeun némbongkeun eusi manahna, barang Jéndral Daéndels ngasongkeun leungeun katuhu, ku Kangjeng Pangéran ukur ditampanan ku panangan palih kénca. Sedengkeun panangan anu hiji deui, dianggo nyepengan sarangka keris, nu nyelap dina lebah cangkéngna. Ngahaja deuih si keris téh digilirkeun ka béh payun.

Nyaksian kajadian kitu, kabéh nu araya pohara reuwasna. Kaayaan nu tadina ramé téh, jep jempé lir gaang katincak. Saréréa teu nyangka Kangjeng Pangéran kagungan peta kitu. Demi Demang Mangku Praja, semet reuwas kabina-bina, inggis panyakit Jéndral Daéndels beuki parna. Jelema tukang nganteur amarah, kari-kari sarua jeung ditangtang adu kawani, pasti kana piraméun. Kumaha lamun Jéndral Daéndels, tuluy nitah serdadu Walanda, sina néwak Kangjeng Pangéran sabalad-balad.

Nénjo kalakuan Pangéran Sumedang siga nu ngajak adu wawanén, Jéndral Daéndels langsung molotot. Beuki reuwas sakur nu ngabandungan, lantaran Kangjeng Pangéran males molotot deui. Tungtungna duanana papelong-pelong. Nu hiji nganggap aing kawasa, naha kudu éléh ku bangsa jajahan, sanajan pangkatna raja. Nu hiji deui, niat ngajaga kahormatan, bakal nyilakakeun diri, risiko bongan jadi pamingpin.

Bisa jadi lantaran kaburu éléh mamaras, Jéndral Daéndels pok miheulaan nanya, “Régen, naon maksud anjeun, pangna nampanan sasalaman kuring ku leungeun kénca?” Régen téh sesebutan ka dalem. Nya diwalér ku Kangjeng Pangéran, “Kangjeng Tuan, sim kuring reujeung rayat Sumedang, henteu niat mungpang kana paréntah kumpeni. Lain teu hayang geura-geura nganggeuskeun pagawéan.

Ngan Kangjeng Tuan kedah terang, kumaha héséa ngabobok gunung batu anu sakieu teuasna,” Bari nyejekkeun sampéan kana cadas. “Ngahaja sim kuring némbongkeun kanyeri haté, ku sabab pamohalan bakal meunang kaadilan. Běh dituna supaya Kangjeng Tuan uninga, yén simkuring kajeun nandang hukuman, ti batan terus-terusan nyaksian rayat dikakaya. Nepi ka poé ieu wungkul, pirang-pirang nu maraot alatan panyakit jeung kalaparan.”

Panjang lebar Kangjeng Pangéran sasauran, nepi ka Jéndral Daéndels sadar, tétéla kendorna pagawéan téh, lain kurang temen digarawéna. Tapi, lantaran kacida héséa. Harita kénéh manéhna ganti maréntahkeun ajudanana, supaya ngadatangkeun tentara batalion zéni, lengkep jeung parabot keur nugaran gunung cadas. Salila nungguan tentara zěléni daratang. Kangjeng Pangéran miwarang rayat digarawé deui, ngan teu kudu maksakeun hayang rěa beubeunangan.

Sanggeus marentah ajudanana, solongkrong deui Jěléndral Guntur ngajak sasalaman. Kalayan énggal ditampi ku panangan tengen Kangjeng Pangéran. Sakitu taun ti harita, jalan ti Bandung ka Sumedang teu burung anggeus. Sedengkeun éta tempat, ayeuna katelah Tanjakan Cadas Pangéran. Maksudna keur pangéling-ngéling kana perjoangan Raja Sumedang Kangjeng Pangéran Kusuma Dinata. Sakapeung sok disebat Pangéran Kornél.

Ringkesan Carita Babad Prabu Kéan Santang Pendek Dalam Bahasa Sunda

Ringkesan Carita :

Prabu Kéan Santang téh salah sahiji putra ti Prabu Siliwangi ti Karajaan Pajajaran anu kawéntar kasaktianana. Sapulo Jawa mah kasaktian Kéan Santang téh geus taya tandinganna.

Keur nambahan élmuna, Kéan Santang terus tatapa. Ari tempatna di Patilasan Dépok Sukamulya, Ciamis. Tina tapana meunang pituduh, mun hayang sakti kudu miang ka Mekah nepungan Bagénda Ali. Di Mekah, Kéan Santang patepung jeung Bagénda Ali.

Kéan Santang téh ku Bagénda Ali disina nyabut iteuk, tapi teu kadugaeun. Tina sabulu-bulu awakna kalah kaluar getih. Geus tuntas diajar élmu Agama Islam, Kéan Santang mulang ka Pulo Jawa di Pajajaran.

Kéan Santang nyebarkeun Agama Islam. Réa rayat Pajajaran nu arasup Islam, iwal ramana nu henteu. Kéan Santang maksa Prabu Siliwangi lebet Islam, tapi tetep nolak. Prabu Siliwangi kabur ka Palabuan Jayanti tapi katéwak.

Prabu Siliwangi teu kersaeun ngalawan ka putrana. Teras ngahiang balad-baladna ngawujud maung sarta nyarumput dina leuweung Sancang, Pameungpeuk, Garut.

Prabu Siliwangi jeung baladna anjog ka wéwéngkon pakidulan Banten, ayeuna katelah urang Baduy téa. Sanggeus kanyahoan yén ramana ngahiang, Kéan Santang terus nyebarkeun agama Islam di daérah Tasikmalaya dibaraengan Syéh Haji Kudro Tuloh, ieu Syéh téh ayana di Cihaurbeuti, sanggeus pupus layon Kéan Santang dikurebkeun di daérah Gadog, Garut.

Nama :

  • Judul : Prabu Kéan Santang
  • Téma : Asal usul Prabu Kéan Santang
  • Tokoh : Kéan Santang

Watak :

  • Kéan Santang : Wanian
  • Prabu Siliwangi : Nyaah Ka Anak, Teguh pamadegan

Tempat :

  • Ciamis, Mekah, Tasikmalaya, Garut

Amanat :

  • Urang kudu daek usaha ngarah naon nu di cita-citakeun bisa kalaksana.

Baca oge: Definisi Sejarah, Ciri-Ciri Carita Babad Jeung Conto Babad Limbangan

Nah, Sakitu bae ngeunaan kana struktur dina carita babad, cara ngaringkes jeung lengkah-lengkah ngaringkes carita babad, jeung babad cadas pangeran sarta ringkesan unsur carita babad kéan santang, mugia aya mangpaatna kanggo bahan di ajar. Hatur nuhun

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *