GOLONGAN NARKOBA

JUDUL : 3 GOLONGAN NARKOBA BERBAHAYA

Jalmi-jalmi sering ngomong yen narkoba teh nyieun picilakaeun. Saleresna, sepertos naon narkoba eta? Narkoba teh nyaeta singkatan tina narkotika, psikotropika sarta zat adiktif Iaina atawa ubar anu nyiun picilakaeun, lamun eta bahan-bahan aya dina jero awak urang ngaliwatan cara di iseup atawa ku cara disuntikkeun tiasa ngarobah pikiran, suasana hate, atawa rarasaan sarta laku-lampah hiji jalma.


Tah, ayeuna hayu urang bahas ngeunaan kalah salah sahiji rupi narkoba, yaktos narkotika. Narkotika nyaeta zat atawa ubar, narkoba dina rupi ieu asalna tina pepelakan atawa sanes pepelakan, boh sintetis atawa semisintetis, anu tiasa nyebabkeun parobahan kana kasadaran, leungitna rarasaan, ngurangan dugi ngaleungitkeun rasa nyeri, sarta nyebabkeun katergantungan. Narkotika digolongkeun jadi 3 golongan, nyaeta:

1. Narkotika Golongan I 

Narkotika rupi hiji ieu saleresna dipake kanggo iptek, reagensia, diagnostik, atawa laboratorium. Nanging lamun disalahgunakeun, atawa dikonsumsi ku jalmi lamun henteu make patunjuk ti ahli, manehna ngagaduhan potensi luhur pisan nyarta tiasa nimbulkeun kagumantungan.

Contohna:
Obat: morfin, heroin atawa putauw, petidin, candu.
Ganja: kanabis, mariyuana, hashis.
Kokain: asap kokain, pasta kokain, daun koka.

2. Narkotika Golongan II 

Narkotika golongan ieu teh bahan utama kanggo produksi ubar, anu sanggem ngabalukarkeun potensi katergantungan, sarta ngan dipake minangka pilihan akhir dina pengobatan.

Contona:
petidin, morphin, fentanil atawa metadon.

3. Narkotika Golongan III 

Narkotika dina golongan ieu ngan dipake kanggo rehabilitasi, kanggo ngurangan kagumantungan dina narkotika golongan I sarta II. Manehna ngagaduhan potensi awak jadi karasa hampang sarta ngakibatkeun kagumantungan.

Contona:
kodein, difenoksilat.

Nah, eta 3 golongan narkotika anu peryogi anjeun terang. Kalawan terang na, anjeun tiasa ngahindarkeuna, wanci lamun aya jalmi anu nawaran salah sahiji narkotika anu disebutkeun diluhur, ulah daek! Say no to narkoba, oke!

 

Thanks__
sumber referensi: google.com
Baca juga, contoh artikel bahasa sunda tentang narkoba laina :