Materi & Soal SMAPupuh sunda

Materi Guguritan Kelas 10, Nganalisis jeung Nembangkeun Guguritan

×

Materi Guguritan Kelas 10, Nganalisis jeung Nembangkeun Guguritan

Sebarkan artikel ini

Ayeuna urang diajar perkara guguritan. Dina ieu pangajaran basa sunda kelas 10 ieu hidep bakal diwanohkeun kana téks-téks guguritan, padika-padikana, ngaanalisis puisi guguritan, sarta antukna muga-muga hidep bisa ngarang guguritan anu basajan. Pek ayeuna baca conto guguritan ieu di handap masing daria. Malah mun bisa nembangkeun pupuhna mah, alus mun ditembangkeun baé.

Guguritan Asih Indung
Resmiati

Advertise By Adsense
Advertise By Adsense

Néléngnéngkung asih indung
nu ngayuga beurang peuting
beurang dijaga kamelang
peuting dijaring kaéling
muga manjang dina beurang
muga éling dina peuting

Néléngnéngkung muga nanjung
indung nu ngaping ngajaring
masing bisa ngawang-ngawang
ngalingling di indung peuting
ngalanglang di méga malang
ngapung di langit awaking

Anaking ketug jajantung
getih indung anu wening
napas ema anu hérang
ulah rék rungsing ku peuting
sing tahan ku panas beurang
dunya pinuh ku tarucing

Hidep kudu bisa neguh
eusina masing kapanggih
hidep téh geura tatahar
keur bekel di alam lahir
sing bisa muka siloka
warisan ti nini aki

Hirup lir tumpak parahu
nu ngangkleung tengah jaladri
nataran ombak sagara
mun bisa ngajaga diri
hidep mo katalangsara
bisa waluya walagri

(Dicutat tina buku Guguritan, dipilih jeung dipanganteuran ku
Ajip Rosidi, penerbit Kiblat, taun 2011, kaca 115)

Contoh Soal Basa Sunda Tema Guguritan Kelas 10

 

B. Mikawanoh Puisi Guguritan

Guguritan téh kagolong kana puisi, nyaéta wangun sastra nu kauger ku patokan-patokan. Conto puisi séjénna nyaéta sisindiran, jangjawokan, kakawihan, pupujian, jeung sajaba ti éta. Ceuk Ajip Rosidi guguritan téh pangaruh ti Mataram, Jawa. Populérna jaman saméméh perang. Harita mah loba pisan karangan atawa buku guguritan anu terbit.

Ku populér-populérna, nulis surat ogé jaman harita mah loba nu disusun maké guguritan. Tapi sabada aya sajak anu sok disebut puisi modérn, kabiasaan ngarang guguitan téh atawa sok disebut ogé ngadangding mimiti ngurangan. Parandéné kitu, sok aya kénéh anu ayeuna ngadangding, boh keur muatkeuneun dina koran atawa majalah, boh keur bukukeuneun.

Upamana aya buku Jamparing Hariring, kumpulan guguritan Dédy Windyagiri nu diterbitkeun taun 1991. Aya deui buku Guguritan Munggah Haji karangan Yus Rusyana nu terbit taun 1995. Dyah Padmini nulis buku Jaladri Tingtrim, nu terbit taun 2000.

Baca: Guguritan Sunda Lengkap, Pupuh Asmaranda, Sinom, Dangdanggula, Jsb

Guguritan téh puisi nu dianggit maké patokan pupuh. Ari pupuh jumlahna aya 17, nu populér di antarana baé kinanti, asmarandana, sinom, dangdanggula, pangkur, mijil, jeung wirangrong. Nah, ari eta nu 17 pupuh téh miboga watek jeung patokana séwang-séwangan. Sok geura ayeuna hidep titénan tabélna di handap ieu.

Tabel patokan jeung watek 17 pupuh sunda

Lian ti guguritan, karangan anu disusun maké patokan pupuh téh aya deui, nyaéta wawacan. Bédana, guguritan mah siga sajak, pondok baé jeung biasana ditulis dina hiji atawa dua pupuh, ari wawacan mah panjang jeung ngalalakon siga novel. Pupuh nu digunakeunana dina wawacan mah réa deuih, luyu jeung suasana carita. Malah mah jumlah padana ogé aya nu ngaratus atawa nepi ka mangrébu-rébu siga wawacan Purnama Alam karangan R. Suriadiredja.

Baca oge: 7+ Contoh Pupuh Durma Bahasa Sunda dan Artinya

Guguritan mah siga sajak, pondok jeung umumna dianggit ku hiji pupuh baé. Eusina biasana ngébréhkeun pikiran, harepan, rasa, atawa angen-angen. Guguritan “Asih Indung” anu dicontokeun di luhur, upamana, ngébréhkeun harepan indung ka anakna. Ari patokan dangdingna kieu:

Guguritan “Asih Indung”

Nilik kana pola engang jeung sora tungtungna, tur lamun diluyuken jeung katerangan tabél di luhur, éta guguritan téh luyu jeung pola pupuh kinanti, anu polana patokanana 8-u, 8-i, 8-a, 8-i, 8-a, jeung 8-i. Naon sababna dikarang maké pola pupuh kinanti? Bisa jadi eusi guguritanana ngébréhkeun harepan indung nu dianti-anti ti putrana. Ku sabab nganti-nganti, nya dianggap cocog lamun dikarang maké pupuh kinanti.

C. Nganalisis Puisi Guguritan

Guguritan Ieu di handap aya deui conto guguritan bacaeun hidep. Pék analisis. Alatan analisisna aya dina pancén dihandap. Saméméhna pék baca heula puisi guguritanana di handap ieu masing gemet, atawa mun bisa mah bari ditembangkeun!

Guguritan Nimat Teuing Cai Jamjam
(Yus Rusyana)

Hérang teuing cai jamjam
diuyup karasa tiis
mani nyecep kana badan
nyerep kana tulang sandi
saregot tambah deui
mépés késang anu juuh
lantaran leumpang gancang
urut tawap ujag-ajig
awak seger karasa jagjag waringkas

Nimat teuing cai jamjam
pusaka nabi Ismail
jeung Ibuna Siti hajar
anu halabhab nunggelis
turun milari cai
ka léngkob batu taringgul
ihtiarna ijabah
tina lemah bijil cai
cai jamjam sapanjang jaman teu saat

Ku bagja teuing jamaah
nu kiwari munggah haji
tinggal regot mun hanaang
teu hésé néangan cai
teu kudu nimba deui
cai jamjjam ngocor ngucur
diinum juta jalma
dibekel ka mana mendi
dibaroro ku sadaya kadang warga

Ku deudeuh teuing Pangéran
ka mahluk teu pilih kasih
nyuguhan ku kanimatan
nimat rasa cai wening
sareng sadia deui
cawisan du’a nu nginum
élmu anu mangpaat
reujeung kajembaran rijki
cageur bageur nugraha kawalagrian.

(Sumber: Buku Guguritan Munggah Hajikarangan Yus Rusyana, diterbitkeun ku CV Geger Sunten Bandung taun 1995).

Pancén 2

Pigawé pancén ieu di handap ku kelompok!

1. Pék diskusikeun, dikarang dina pupuh naon éta guguritan téh? Keur mikanyaho dikarang ku pupuh naon-naonna, analisis jumlah padalisan dina sapadana jeung jumlah engang unggal padalisanana (guru wilangan), sarta tungtung unggal barisna. Dadarkeun dina tabél siga ieu di handap. Hasilna bandingkeun jeung padika cara ngadangding di luhur!

Tabel analisis jumlah padalisan dina Guguritan

2. Réa kecap dina guguritan anu mémang rada arkhaik (kabaheulaan). Pék paluruh hartina ku cara nyusun éta kekecapan nu hidep tacan ngarti jadi hiji glosarium (kamus alit), sarta téangan hartina dina kamus. Sanggeus kekecapanana kaharti, cing parapraseukeun eusi éta guguritan téh maké kekecapan hidep sorangan.

3. Naha anu dicaritakeun dina guguritan di luhur téh luyu jeung watek pupuhna? Tingali tabel pupuh, patokan jeung watekna.

4. Kumaha kesan hidep sabada maca/ngabandungan guguritan “Nimat Teuing Cai Jamjam” téh? Pék jieun koméntar singget kana éta guguritan.

5. Saenyana, naon anu dicaritakeun ku éta guguritan téh pangalaman hiji jalma. Pangalaman naon jeung pangalaman di mana éta téh?

D. Ngarang jeung Nembangkeun Guguritan

Minangka wangun sastra, guguritan saenyana bisa digunakeun média keur ngébréhkeun rasa, harepan, pikiran, atawa angen-angen nu ngarangna. Munasabah nepi ka kiwari aya kénéh nu ngarang guguritan téh, lantaran dianggap cocog keur ngébréhkeun rupa-rupa masalah. Hidep gé saenyana bisa ngarang guguritan, basajan-basajan baé mah.

Saratna apal kana patokan pupuh jeung watekna, réa pasualan sosial kiwari anu bisa diébréhkeun maké wangun guguritan. Upamana soal karuksakan lingkungan, soal korupsi, soal kateuadilan, atawa soal patriotisme jeung nasionalisme. Atawa, bisa ogé ngébréhkeun hal-hal nu patali jeung rasa pribadi, upamana soal cinta, réligi, atawa soal-soal nu dicitacitakeun ku urang

Pék karang sapada guguritan. léngkah-léngkahna kawas ieu di handap:

1. Pilih heula topik atawa jejerna. Masalah naon nu ku urang rék diébréhkeun dina guguritan téh?

2. Pilih pupuhna. Alusna mah pupuh nu populér. Upamana kinanti, asmarandana, balakbak, atawa sinom.

3. Ngarah énténg, kekecapan nu rék digunakeun dina guguritan téh nu babari baé. Contona urang nganggit guguritan dina pupuh kinanti dihandap ieu:

Lamun urang resep nabung
loba sisimpenan pasti
harta téh tuluy nambahan
tong dihambur-hambur teuing
pikeun bekel engké jaga
lamun butuh henteu rungsing

4. Ku sabab kudu tumut kana patokan guru wilangan jeung guru lagu téa, urang kudu bisa milih-milih kekecapan anu luyu keur disimpen di tungtung jajaran. Lian ti éta ogé kudu pinter ngatur-ngatur jumlah engang dina jajaran. Lamun aya nu kagok bisa diseselan ku kecap panyambung jeung atawa reujeung. Bisa ogé ku kecap pangantéb téh, mah, téa jeung sajabana. Bisa ogé ku katerangan-katerangan pondok anu merenah.

5. Hasil karangan urang pék tembangkeun saurangsaurang di hareupeun kelas.

6. Sanggeus ditembangkeun, kumpulkeun guguritan karangan urang téh. Pék dokuméntasikeun ku cara dijilid sarta dijudulan “Antologi Guguritan Karya Siswa Kelas …. SMA …. Taun …..”. Alus lamun jilidna maké ilustrasi siga buku.

Nah, Sakitu wae pedaran ngeunaan materi kelas 10, nu ngabahas kana wangun puisi guguritan, mikawanoh, nganalisis, ngarang jeung nembangkeun puisi guguritan, mugia tiasa aya mangpaatna. Sadaya materi di rangkum dina buku pamekar diajar basa sunda kelas X. Hatur nuhun!


Diterjemahkan oleh Google:Sekarang kita belajar tentang puisi Guguritan Bahasa Sunda. Pada pelajaran bahasa sunda kelas 10 ini, siswa akan dikenalkan dengan teks puisi Guguritan, metodenya, menganalisis puisi, dan pada akhirnya diharapkan mampu membuat Guguritan sederhana.

Sekarang baca contoh puisi Guguritan di bawah ini masing-masing. Bahkan jika Anda bisa menyanyikan lagu itu, bagus jika Anda menyanyikannya.

B. Mengenal Puisi Guguritan

Guguritan termasuk dalam puisi, yaitu bentuk karya sastra yang berpatokan pada standar. Contoh puisi lainnya adalah jangjawokan, kawihan, pujian, dan lain-lain. Ajip Rosidi mengatakan ceritanya dipengaruhi oleh Mataram, Jawa. Itu populer sebelum perang. Ada banyak buku Guguritan yang telah diterbitkan.

Karena popularitasnya, tulisan surat pada masa itu juga dibuat dengan menggunakan puisi. Namun ketika ada puisi yang kadang disebut puisi modern, kebiasaan mengarang puisi atau kadang disebut juga ngadangding mulai berkurang. Meski begitu, masih ada sebagian orang yang mencarinya, baik untuk dimuat di surat kabar atau majalah, maupun diterbitkan dalam bentuk buku.

Misalnya, ada buku Jamparing Hariring, kumpulan puisi karya Dédy Windyagiri yang terbit tahun 1991. Ada lagi buku Guguritan Munggah Haji karya Yus Rusyana yang terbit tahun 1995. Dyah Padmini menulis buku Jaladri Tingtrim, yaitu diterbitkan pada tahun 2000.

Guguritan adalah puisi yang ditulis dengan standar puisi. Ada 17 Ari Pupuh yang paling populer diantaranya adalah kinanti, asmarandana, sinom, dangdanggula, pangkur, mijil, dan wirangrong. Nah, karena itulah ke-17 pupuh memiliki watak dan karakter masing-masing. Lihatlah tabel di bawah ini.

Selain puisi, ada puisi lain yang disusun dengan standar puisi, yaitu pidato. Bedanya, puisi saya seperti puisi, pendek dan biasanya ditulis dalam satu atau dua baris, sedangkan ceramah saya panjang dan bertindak seperti novel. Kata-kata yang digunakan dalam pidato itu banyak, sesuai dengan suasana cerita. Bahkan jumlahnya ratusan bahkan ribuan seperti ceramah Purnama Alam yang ditulis oleh R. Suriadiredja.

Guguritan itu seperti puisi, pendek dan umumnya ditulis oleh satu orang. Isinya biasanya mengungkapkan pikiran, harapan, perasaan, atau keinginan. Puisi “Kasih Ibu” yang dicontohkan di atas, misalnya, mengungkapkan harapan seorang ibu terhadap anaknya. Kriterianya adalah sebagai berikut:

Dilihat dari pola suku kata dan bunyi di bagian akhir, jika dibandingkan dengan penjelasan tabel di atas, maka puisi tersebut sesuai dengan pola kinanti yaitu pola 8-u, 8-i, 8- a, 8-i, 8-a, dan 8-i. Apa alasannya ditulis menggunakan pola kinanti? Bisa jadi isi puisi tersebut mengungkapkan harapan ibu dari anaknya. Karena sampai saat ini dianggap cocok jika disusun menggunakan cincin kinanti.

C. Menganalisis Guguritan

Puisi di bawah ini adalah contoh lain dari puisi untuk dibaca dalam hati. Analisis paket. Karena analisisnya ada pada tugas di bawah ini. Sebelum Anda membaca puisi di bawah ini, masing-masing bersemangat, atau jika Anda bisa menyanyikannya!

D. Menulis dan Menyanyikan Puisi Guguritan

Sebagai salah satu bentuk karya sastra, puisi dapat dijadikan media untuk mengungkapkan perasaan, harapan, pikiran, atau keinginan pengarang. Wajar jika sampai saat ini masih ada yang mengarang puisi, karena dianggap cocok untuk mengungkapkan berbagai persoalan. Hidep akan bisa menulis puisi, sederhana saja.

Asalkan mengingat standar tutur dan budi pekerti, banyak persoalan sosial saat ini yang bisa diekspresikan dalam bentuk puisi. Misalnya isu kerusakan lingkungan, isu korupsi, isu ketidakadilan, atau isu patriotisme dan nasionalisme. Atau bisa juga mengungkapkan hal-hal yang berhubungan dengan perasaan pribadi, seperti cinta, agama, atau hal-hal yang kita cita-citakan.

Peck the coral of the song. langkah-langkahnya adalah sebagai berikut:

1. Pilih topik terlebih dahulu. Masalah apa yang ingin kita ungkapkan dalam puisi itu?

2. Pilih ketua. Bagus kalau populer. Misalnya kinanti, asmarandana, balakbak, atau sinom.

3. Tenang saja, kata-kata yang ingin digunakan dalam puisi itu adalah kata-kata yang ingin digunakan.

4. Ku sabab kudu tumut kana patokan guru wilangan jeung guru lagu téa, urang kudu bisa milih-milih kekecapan anu luyu keur disimpen di tungtung jajaran. Lian ti éta ogé kudu pinter ngatur-ngatur jumlah engang dina jajaran. Lamun aya nu kagok bisa diseselan ku kecap panyambung jeung atawa reujeung. Bisa ogé ku kecap pangantéb téh, mah, téa jeung sajabana. Bisa ogé ku katerangan-katerangan pondok anu merenah.

5. Hasil karangan urang pék tembangkeun saurangsaurang di hareupeun kelas.

6. Sanggeus ditembangkeun, kumpulkeun guguritan karangan urang téh. Pék dokuméntasikeun ku cara dijilid sarta dijudulan “Antologi Guguritan Karya Siswa Kelas …. SMA …. Taun …..”. Alus lamun jilidna maké ilustrasi siga buku.

Nah, demikianlah uraian materi kelas 10 yang membahas tentang bentuk puisi Guguritan, mengenal, menganalisis, mengarang dan menyanyikan puisi Guguritan, semoga bermanfaat. Semua materi terangkum dalam buku pengembang belajar bahasa sunda kelas 10. Terima kasih!