Gaya Basa, Tata Bahasa

Contoh Kecap Kaayaan (Sipat) dan Artinya Lengkap!

×

Contoh Kecap Kaayaan (Sipat) dan Artinya Lengkap!

Sebarkan artikel ini
Contoh Kecap Sesebutan Kaayaan (Kecap Sesebutan Sipat)

Kecap kayaan atau kecap sipat dalam bahasa sunda yaitu kata-kata yang menunjukaan keadaan atau sifat contoh misalnya seperti kata: bangor, goreng, alus, cageur, gumbira, gering, dan lain sebagainya. Berikut dibawah ini adalah kumpulan contoh dari kecap kaayaan (sifat) tersebut.

Contoh Kecap Kaayaan (Sipat)

Contoh Kecap Kaayaan (Sipat)

Advertise By Adsense
Advertise By Adsense

Kecap Kaayaan (Sipat) Jalma

Bahénol = awakna lintuh matut, tapi bangun nu peungkeur
Bahono = bohono, démplon, donto, lintuh semu peungkeur
Bangbang = awakna jangkung gedé
Bangir = irungna alus, mancung
Bayuhyuh = awakna lintuh pisan
Bedegul = sirahna gedé
Besekel = awakna pendék gedé bari ngeusi
Bolotot = panonna gedé
Bopéng = bowék, beungeutna pinuh ku céda urut kasakit cacar (kuris)
Botak = gundul ti tengah-tengah sirah nepi kana tarang
Buncir = sok dilarapkeun kana kaayaan beuteung (budak) anu mereketengteng lantaran loba eusina
Bureuteu = beuteung nu nyemplu (lantaran lintuh, keur kakandungan, atawa boga kasakit)
Cadél = teu béntés nyebut aksara/r
Cameuh = caréhamna rada ngelok
Camihmil = pipina rada kebi lantaran montok
Cadok = gado nyodor ka hareup
Cingked = leumpangna pincang lantaran nyeri suku atawa caad salahsahiji sukuna
Ceureuleuk = panonna buleud, beresih, cahayaan tur alus sorotna
Demés = irungna pésék
Demplu = awakna lintuh teu matut
Dénok = awakna rada montok, donto tur geulis
Déog = sukuna péngkor, teu bisa leumpang bener lantaran suku nu sabeulah rada pondok
Galing = buukna rada rintit
Galing muntang = buukna rintit tungtungna
Gamuleng = gademol, rupa beungeutna buleud tur ngeusi, awakna donto
Geulis = awéwé nu rupana alus pikaresepeun
Gomplok = buukna kandel
Gundul = sirahna lénang taya buukan
Gandang = lalaki nu hadé dangong, boh dina leumpang boh dina paripolah
Héjo carulang = kulit awéwé nu alus, rada ngoraan tina hideung santen
Hulupeutieun = sirahna leutik
Jalugjug = awakna jangkung
Jebléh = biwirna nu handap leuwih rubak batan nu luhur sarta arada ngampléh
Jeding = biwir nu luhur leuwih rubak/nonjol batan nu handap
Kambuy = awakna lintuh tapi teu séhat, siga karembung
Kasép = lalaki nu rupana alus
Kécéng = panonna teu nénjo sabeulah
Kecing = sieunan, teu wani sabab nyanghareupan lawan nu leuwih gedé padahal can tangtu leuwih
Kékéd = ramona hareuras lantaran kasakit incok, jsb
Kéwes = sesebutan ka jelema nu tegep, pantes katénjona
Kemong = pipina semu ngelok lantaran kuru
Kempot = pipina legok saeutik lamun keur seuri siga liang undur-undur
Keueuseun = huntuna goréng, harideung tur teu rata.
Lenggik = awakna jangkung leutik, ramping (awéwé).
Lenjang = awakna lenggik leutik sarta lengkéh (leutik cangkéngna), ramping (awéwé).
Lingsig = awakna ngeusi, séhat, lantaran diurus.
Lolong = panonna duanana teu bisa nénjo.
Nongnong = tarangna rada nonjol
Ngajedig = sesebutan keur kumis atawa halis anu kandel.
Pacér = sukuna leutik.
Pécak = panonna teu nénjo sabeulah.
Péngkor = sukuna pincang, teu bisa leumpang bener.
Pétét = panonna leutik saperti nu satengah peureum.
Pireu = teu bisa ngomong.
Pongés = irungna cacad tungtungna.
Rangkebong = awakna begang pisan
Rebéh = rada beukah ka gigir (biwir budak nu ceurik)
Regéng = awakna begang atawa kuru.
Rogés = huntuna goréng (teu rata).
Sampulur = awakna alus potonganana (biasana dilarapkeun ka awéwé)
Sieuran = dilarapkeun kana kaayaan beungeut jalma anu hanteu kaasup kasép atawa geulis
Sipit = panonna rada leutik henteu bolotot (panon bangsa Cina).
Tonggar = huntuna nyodor ka hareup, tampolana tepi ka matak hésé balem.

Baca juga: Kecap Barang Bahasa Sunda, Ciri-Ciri, dan 50+ Contoh Kalimatnya

Daftar Contoh Kecap Sesebutan Kaayaan (Kecap Sesebutan Sipat)

Contoh Kecap Sesebutan Kaayaan (Kecap Sesebutan Sipat)

Selain dari kecap kaayaan atau kecap sipat, ada juga yang disebut dengan kecap sesebutan kaayaan atau kecap sesebutan sipat dan kalimah kaayaan atau kalimah sipat. Contoh dari  kecap sesebutan kaayaan atau kecap sesebutan sifat yaitu seperti yang akan dituliskan pada daftar dibawah ini.

A. Nuduhkeun Sipat atawa Kaayaan

Hérang –> ngagenclang
Hérang –> ngagenyas
Poék –> mongkléng
Poék –> meredong
Caang –> mabra
Caang –> ngebrak
Kandel –> kedeplik
Ipis –> nyempring
Pendék –> pédéklék
Pendék –> pédéklék
Panjang –> ngagebay
Gedé –> ngajegir
Leutik –> camperenik

B. Nuduhkeun Warna

Beureum –> euceuy
Bodas –> nyacas
Bodas –> ngeplak
Héjo –> ngagedod
Hideung –> cakeutreuk
Hideung –> meles (dilarapkeun kana buuk jalma, bulu sasatoan)
Hideung –> lestreng
Konéng –> enay
Konéng –> umyang

C. Nuduhkeun Rasa

Amis –> kareueut
Bau –> meledos
Bau –> meledek
Hangseur –> meleding
Haseum –> ngagendil
Lada –> néwéwét
Pait –> molélél
Pangsét –> moléték
Panas –> néréptép
Tiis –> caméwék
Seungit –> melenghir
Seungit –> meleber
Seungit –> ngadalingding

Baca juga: Contoh Kecap Pagawean Bahasa Sunda, Kalimat dan Artinya

Contoh Kalimat Kaayaan (Kalimah Sifat)

Sedangkan yang disebut dengan kalimah atau kalimat kaayaan (sifat) yaitu kalimat yang ceritaannya atau predikatnya merupakan kecap sifat. Contoh kalimat kaayaan atau kecap sifat adalah sebagai berikut.

Si Susi ayeuna mah geus cageur (Susi sekarang sudah sembuh)

Ce Eboh teh mani bahenol pisan (Ceu Eboh itu sangat demplon sekali)

Buukna si Andi dipotong nepi ka botak (Rambutnya si Andi di potong sampai botak)

Teh Ani teh mani denok (Kak Ani itu badannya montok dan cantik)

Adina si Rudina buukna mani gomplok pisan (Adiknya si Rudi rambutnya sangat tebal sekali)

Anu gundul teh guru matematika kuring (Yang botak itu guru matematika aku)

Nu calik di bangku payun putrana mani kasep (Yang duduk di bangku depan laki-lakinya sangat tampan)

Gara-gara ka tabrak mobil, sukuna jadi pengkor (Gara-gara tertabrak mobil, kakinya jadi pincang)

Teh Enci teh mani lucu, matana sipit (Kak Enci itu sangat lucu, matanya sipit)

Baca juga: Kecap Panganteur Atau Kecap Anteuran Jeung Contoh Kalimahna

Nah, demikianlah contoh dari kecap kaayaan atau kecap sipat dalam bahasa sunda, baik itu apa yang dimaksud dengan kecap sesebutan kaayaan ataupun sesebutan sifat lengkap beserta dengan contoh dalam membuat kalimatnya langsung. Semoga bermanfaat, mudah dipahami dan selamat belajar. Good Luck!