Kosa Kata, Kandaga

✓ Babasan Bahasa Sunda Lengkap Dengan Arti dan Contoh Kalimatnya

×

✓ Babasan Bahasa Sunda Lengkap Dengan Arti dan Contoh Kalimatnya

Sebarkan artikel ini

Contoh babasan bahasa sundaBabasan adalah pakeman bahasa yang di dalam susunan bahasa dan artinya sudah tetap. Babasan dalam bentuk pakeman bahasa ini sebenarnya hampir mirip dengan paribasa atau dalam bahasa Indonesia pribahasa ataupun sebuah ungkapan.

Baca juga: √ Pribahasa Bahasa Sunda Lengkap 200+ Contoh Dan Artinya

Advertise By Adsense
Advertise By Adsense

Bedanya dengan pribahasa, kalau babasan itu tidak berbentuk kalimat, akan tetapi hanya berupa rangkaian antara dua hingga sampai tiga kata saja, sedangkan pribahasa itu bentuknya lebih panjang. Nah, dibawah ini adalah contoh kalimat dan arti dari babasan tersebut.

Contoh Babasan Sunda

Gede hulu – Artinya adalah sombong

Contoh kalimatnya: “Ih, jelema téh mani gedé hulu karak boga duit sakitu gé, mani agul kacida!”

Panjang leungeun – Artinya suka mencuri

Contoh kalimatnya: “Kahadé mun rék nyimpen nanaon ulah papaduan, si andi mah jelemana sok panjang lengeun.”

Seperti yang ada pada contoh diatas, jadi babasan itu susunan kalimatnya hanya berbentuk pendek, hanya terbentuk oleh dua kata serta mengandung arti kiasan atau siloka yang tetap. Babasan dalam bahasa sunda sendiri hampir keseluruhan menggambarkan tentang sifat-sifat manusia.

PERBEDAAN BABASAN DENGAN PRIBAHASA

Contoh Babasan Bahasa Sunda Dan Artinya Beserta Kalimatnya
Contoh Babasan Bahasa Sunda

Babasan dan pribahasa, dua-duanya sama-sama merupakan bagian dari pakeman bahasa. Pakeman bahasa sendiri yaitu kalimat yang sudah tetap susunan katannya dan memiliki arti khusus yang sudah tetap juga.

Bukan hanya babasan dan pribahasa atau paribasa saja yang termasuk kedalam pakeman bahasa dalam bahasa sunda, ada beberapa yang lainnya seperti misalnya gaya basa, pamali, cacandran dan kila-kila.

Baca juga:  Contoh Gaya Bahasa Sunda Lengkap Beserta Kalimat dan Artinya

Jelaskeun sasaruan bedana, babasan jeung paribasa :

Perbedaan antara babasan dan pribahasa yaitu, kalau babasan tidak merupakan kalimat akan tetapi hanya sekedar susunan kata, Kosa kata yang ada dalam babasan umumnya pendek, hanya disusun dua atau tiga kata saja. Isi babasan biasanya  menggambarkan tentang sifat manusia.
Sedangkan paribahasa merupakan berupa kalimat, paribahasa biasanya memiliki kosa kata yang lebih panjang, yaitu lebih dari tiga kata, isi paribahasa biasanya merupakan piwuruk atau papatah.

Ciri Ciri Babasan Sunda

1. Babasan mangrupakeun babandingan ngeunaan kaayaan, pasipatan, paripolah, sarta nasib jelema jeung sabudeureunana. (Babasan merupakan perbandingan mengenai keadaan, sifat-sifat, tingkah laku, serta nasib orang dan disekitarnya)
2. Babasan mangrupakeun frasa atawa kecap kantétan anu ngandung harti injeuman, lain harti nu sabenerna. (Babasan merupakan frasa atau kata gabungan yang mengandung arti pinjaman, bukan arti yang sebenarnya)
3. Babasaan heunteu bisa dirobah, dikurangan, dileuwihan, atawa oge dilemeskeun basana. (Babasan tidak dapat dirubah, dikurangi, dilebihi ataupun di ganti dengan menggunakan bahasa sunda yang lebih lemes)

Bagian-Bagian Babasan

Babasan sunda sendiri ada banyak ragamnya, oleh karena itu dibagi menjadi  5 jenis babasan diantaranya adalah: Babasan yang digunakan untuk bahan perbandingan hewan, untuk perbandingan tumbuhan dan buah-buahan, babasan yang digunakan sebagai bahan perbandingan barang, badan, dan babasan yang digunakan sebagai perbandingan orang yang tersohor. Berikut dibawah ini adalah contoh-contohnya.

Babasan nu dipaké Babandingan Sasatoan

Contona:

1) Beuteung anjingeun, hartina beuteung jalma anu leutik, dipapandékeun kana beuteung anjing (Perut orang yang kecil, diibaratkan dengan perut anjing)

2) Hulu peutieun, hartina: leutik sirah, heunteu sabanding jeung awakna, dipapandekeun kana peuti, nya éta kutu munding, anu huluna leutik. (Kepala yang kecil, tidak sebanding dengan badannya, diibaratkan dengan peti yaitu kutu domba, yang kepalanya kecil)

3) Kokolot begog, hartina: budak nu sok pipilueun kana urusan kolot atawa omonganna kawas kolot, dipapandékeun ka anak monyét (begog nyaeta anak monyét nu keur meujeuhna bangor)

Babasan nu dipaké Babandingan Tatangkalan jeung Bungbuahan

Contona:

1) Kawas beubeulahan terong, hartina: sakarupa pisan siga nu kembar (Orang yang wajahnya mirip sekali atau kembar)

2) Pucuk awian, hartina: teu panceg pamadeganana, dipapandékeun kana pucuk awi anu luak léok katebak angin. (Tidak teguh pendiriannya, diibaratkan sebagai pucuk bambu yang kesana kemari terhempas oleh angin)

3) Héjo carulang, hartina: dilarapkeun kana kulit jelema anu konéng semu héjo, dipapandékeun kana jukut carulang anu daunna héjo ngémploh semu konéng.

4) Siga cai dina daun taleus, hartina nyaeta teu panceg pamadeganana (Tidak teguh pendirian, pendapat, sifat atau karakternya)

Babasan nu dipaké Babandingan Barang

Contona:

1) Gurat batu, hartina: kokoh, teu babari ngarobah omongan anu geus diucapkeun, dipapandekeun kana urat-urat dina batu, sabalikna tina gurat cai.

2) Sari gunung, hartina: dilarapkeun ka awéwé anu katingali geulis ti kajauhan tapi ari ti kadeukeutan mah teu sabaraha geulisna, dipapandekeun kana gunung anu katénjo éndah ti kajauhan padahal rembet ku kakayon.

3) Kawas pérah bedog rautaneun, hartina: dilarapkeun ka jalma anu goréng patut pisan, dipapandékeun kana pérah bedog anu can jadi.

Babasan nu dipaké Babandingan Awak 

Contona:

1) Gedé hulu, hartina: sombong, adigung
2) Béngkok tikoro, hartina: teu kabagéan kadaharan istiméwa lantaran béakeun atawa telat datangna.
3) Panjang leungeun, harttina: daék cocokot, jalma tukang ceceremed.
4) Bujur aseupan, hartina: jalma nu teu daék cicing diukna, pindah – pindah waé.
5) Beurat birit, hartina: jalma nu hésée dititah
6) Hampang birit, hartina: jalma nu daékan di titah.
7) Amis daging, hartina: jalma nu sok babari borokan
8) Amis budi, hartina: jalma nu soméah.
9) Buntut kasiran, hartina: korét
10) Kolot sapeuting, hartina kolot euweuh kanyaho
11) dulang tinandéa, hartina: awéwé mah kumaha lalaki
12) kawas aul , hartina: ciciduh atawa sok cumiduh
13) dibeuweung diutahkeun , hartina:dipikir dibulak-balik sangkan keuna kanu dimaksud.
14) nyalindung ka gelung, hartina: ngandelkeun usaha pamajikan
15) ngadu angklung , hartina: paréa-réa omong nu taya gunana

Babasan nu dipaké Babandingan Jelema atawa Tokoh Kasohor

Contona:

1) Kawas rama jeung sinta, hartina: pasangan anu kasép jeung geulis, dipapandékeun kana tokoh wayang Ramayana.

2) Kawas dongéng si boséték, hartina gunta-ganti aturan tapi taya parobahanana, dipapandékeun kana dongéng anu tokohna si Boséték, jalma anu loba aturan tapi taya kamajuan.

Babasan Nu Mangrupa Kecap Kantétan nu Murwakanti

1) Awét rajét, dilarapkeun ka nu laki rabi, lana tapi réa pacéngkadana.

2) Pinter kabalinger, hartina: ongkoh cenah pinter tapi beunang katipu ku batur atawa nyieun aturan anu tgeu bener.

3) Jelema cepet bener, dilarapkeun ka jalma anu jujur, bener, tara linyok bohong.

Kumpulan Babasan Bahasa Sunda Beserta Contoh Kalimat Jeung Hartina

Babasan Sunda Dan Artinya Beserta Kalimatnya


Babasan itu adalah pakeman bahasa, yang susunan kata-kata yang menjadikan kalimatnya pendek dan artinya sudah ditetapkan. Susunan katanya pendek, umunya hanya di bentuk oleh dua kata dan mengandung arti atau siloka (kiasan). Babasan kebanyakan menggambarkan sifat orang.

Baca Juga: √ Pakeman Basa Sunda Contoh Cacandran, Kapamalian, Kila-Kila, Jsb

Hawara Biwir (Hartina: resep ngabeja-bejakeun perkara anu tacan tangtu bakal dilaksanakeun atawa hal anu lila keneh kana waktu dilaksanakeunana)

Contoh kalimat: “Mang Cecep mah hawara biwir, meh ka unggal tatanga bebeja yen manehna téh rék jarah ka Mekah. Padahal ceuk pamajikanana mah, duka indit duka moal ka dituna téh”

Hejo Tihang (Hartina: Resep pipindahan, Gunta ganti pagawean, teu ceehan)

Contoh kalimat: “Keluarga si amin mah asa héjo tihang, karak mah kamari pindah ka kontrakan ieu, ayeuna geus aya diditu deui waé.”

Heuras Genggerong (Hartina: Ngomongna Kasar atawa teu bisa ngeunahkeun hate batur ku omongan)

Contoh kalimatnya: “Mang ujang mah heunte pantes mun jadi tukang pidato téh, sabab heuras genggerong.”

Heureut Pakeun (Hartina: Saeutik Pangaboga atawa teu loba kaboga, saeutik pangasilana)

Contoh kalimatnya: “Keur nu heureut pakeun saperti Mang Udi mah beurat, mun ceunah kudu nyakolakeun anakna nepi ka paguron luhur mah.”

Indit Sirib (Hartina: Indit sakulawarga atawa indit sarerea saeusi imah)

Contoh kalimatnya: “Basa lebaran kamari si Amir mah mani Indit Sirib ka palabuan ratu téh.”

Kawas Gaang Ka Tincak (Hartina: Tadina rame jadi jempe, teu ngomong)

Contoh kalimat: “Si fitri mah mani kawas gaang ka tincak, jadi sepi eweuh manéhna mah, nu sok biasa heureuy di imah.”

Buruk-buruk papan jati (Hartina: Teu tega ngantep, atawa Sanajan ngambek ka dulur anu landes, tapi ari manehna meunang karerepet mah, teu weleh hayang nulungan jeung ngahampura kasalahanna.

Contoh kalimatnya: “Sanajan baheulana kungsi pasea, ari lanceukna cilaka mah, piraku teu nulungan, da buruk-burukna gé papan jati atuh.”

Kawas Anjing tutung buntut, Hartina:  Teu daek cicing

Contoh kalimat: “Ih, budak téh mani kawas anjing tutung buntut ari ulin ka imah batur téh.”

Bulu taneuh (Hartina: tukang tani atawa patani)

Contoh kalimat: “Ari sanajan harga hasil tatanen naraek oge, angger we nasib bulu taneuh mah euweuh ronjatna.”

Buncir leuit loba duit (Hartina: Teu aya kakurangan)

Contoh kalimat: “Keur senang ayeuna mah Mang Cecep téh, da keur meujeuhna buncir leuit loba duit.”

Kurung Batok (Hartina: Tara liar ti imah, tepika teu nyaho nanaon)

Contoh kalimat: “Si Andi mah jalmana kurung batok, pasti daékeun lamun dititah nungguan imah mah.”

Murag Bulu Bitis (Hartina: Jalma anu tara betah cicing di imah)

Contoh kalimat: “Dasar jalma murag bulu bitis, dititah ngajagaan imah téh kalah mangkat ulin!”

Buntu laku (Hartina: Teu bisa neruskeun pagawéana atawa usahana)

Contoh kalimat: “Dagang ari hujan ngecrek kieu baé mah matak buntu laku.

Lesang Kuras (Hartina: Geus teu boga nanaon)

Contoh kalimatnya: “Ari jalma nu geus lesang kuras mah, geus atuh ulah sagala dipentaan urunan duit kitu!”

Gantung Denge, Hartina: Teu anggeus anu didengekeun

Contoh kalimatnya: “Mun keur nyarita téh ulah sautik-saeutik kitu, kuring teh jadi gantung denge kieu, jadi teu ngarti maksud caritana”.

Buntut kasiran (Hartina: Jalma Koret, atawa Pelit)

Contoh kalimatnya: “Abong jalma buntut kasiran, di penta daun séréh jang ubar gé mani henteu meré!”

Bodo ka totoloyoh (Hartina: Bodo bari tara daék tatanya atawa tara daék nurut kana nasehat batur) 

Contoh kalimatnya: “Kang Oding mah bari ongkoh teu nyaho tapi cicing baé, ari dibejaan tara daék nurut, nu kitu tah bodo ka totoloyoh téh”.

Tuturut Munding (Hartina: Sok nurutan batur bari manéhna sorangan teu nyaho maksudna)

Contoh kalimatnya : “Peupeujeuh mah jalma teu boga urang sing boga pamadegan anu tetep, ulah sok tuturut munding meuli ieu itu”.

Hampang Leungeun (Hartina: Babari Neunggeul atawa gampang jeung resep teuteunggeul)

Contoh kalimatnya: “Kahadé ka si andi mah, ulah pati di heureuyan teuing, manéhna mah sok hampang leungeun jelemana, ari geus ngambeuk téh!”

Buburuh nyatu diupah beas (Hartina: Di ajar bari meunang tunjangan, meunang dua rupa kauntungan)

Contoh kalimatnya: “Ngeunah ari jadi kang Ocim mah, anakna meunang beasiswa ka luar negri, Jaba manéhna ogé meunang tunjangan ti pamaréntah, buburuh nyatu diupah beas.”

Borangan ku surak (Hartina: Éraan dina geumpungan jelema rea)

Contoh kalimat: “Ari tina pangarti mah Jang Ujang téh bisa dikahareupkeun, ngan hanjakal baé masih keneh borangan ku surak

Boga pikir rangkepan (Hartina: Henteu ujug-ujug percaya kana omongan batur anu alus)

Contoh kalimatnya: “Ngarana gé ka jelema anyar pinanggih, angger wéh urang téh kudu boga pikir rangkepan heula saeuncana”

Jajar Pasar (Hartina: Teu pati geulis, tapi teu kasebut goreng patut, sedeng)

Contoh kalimatnya: “Ari Néng Lina mah jalmina geulis heunteu, disebut goréng patut ogé henteu, jajar pasar wéh sakitu mah”

Jadi kulit jadi daging (Hartina: Jadi kabiasaan nu hese dipiceunna)

Contoh kalimatnya: “Nitah eureun nginum ka Mang Sobri mah kacida heséna, sabab keur manéhna mah, nginum téh geus jadi kulit jadi daging.”

Jadi dogdog pangrewong (Hartina: Sekedar bunta-bantu, atau teu boga tugas nu penting)

Contoh kalimatnya: “Uyuhan atuh, Kang Maman mah Panitia Agustusan ogé da ukur jadi dogdog pangrewong, lain panitia inti.”

Jalma masagi (Hartina: Jelema loba pangabisa, atawa Jalma boga, Turunan hadé)

Contoh kalimatnya: “Ari Kang Ridwan mah Jalma masagi atuh, matak bisaeun mun arék jadi anggota Dewan gé”

Jauh ka bedug (Hartina: Jalma dusun, kampungan)

Contoh kalimatnya: “Dasar nu Jauh ka bedug, aya mobil sedan ogé meni kuat diabring-abring kitu”

Jiga Tunggul Kahuru (Hartina: Jore, goreng patut)

Contoh kalimatnya: “Mani euweuh ka éra, sakitu beungeut Jiga tunggul kahuru gé, mani mikahayang ka Néng Ratna mojang pang geulisna salembur”

Baca Juga: 15+ Ngaran Kekembangan Jeung Conto Kalimahna Lengkap!

Diatas adalah beberapa contoh babasan bahasa sunda yang biasa digunakan dalam kehidupan sehari-hari yang mungkin pernah kita dengar istilah tersebut. Nah, mungkin itu saja beberapa contoh babasan bahasa sunda dan artinya beserta contoh kalimatnya yang bisa dituliskan pada kesempatan kali ini.

Mudah-mudahan dengan adanya beberapa contoh babasan yang sudah dilengkapi dengan arti dan contoh kalimatnya di atas, dapat menambah pengetahuan seputar pakeman dalam bahasa sunda. Demikian, Semoga dapat bermanfaat untuk bahan pembelajaran disekolah.