Sajak Sunda Halaman 4

Diposting pada
41. Paturay jeung Sawarga 
Sanes abdi alim sujud
Mung nurutkeun hate
Nurani salira nu nampik
Sadaya-daya kagungan Gusti
Kalebet diri abdi
Abdi mah teu wantun
Bedegong ka Gusti
Joledar ka Gusti
Cinta abdi leuwih ti anjeunna
Sababaraha rewu abdi ngabdi
Naha bet disilih ku nu lian
Upami cinta abdi jadi papait
Abdi mah bade ngantunkeun
Cinta Gusti salamina
42. Pamingpin Anyar 
Geus barinasa
Umat-umat kupur
Dewi Pertiwi sujud ka Gusti
Hoyong pamingpin
Ti golongan kami
Anu langkung kasep
Anu langkung geulis
Anu langkung iman
Najan pondok yuswa
Turunan sawarga sawareh
Pikeun mingpin umat
Dugi ka ahir jaman
43. Bungsu Sajodo
Kami ciptakeun keur maneh
Gaganti keur nu tiheula
Ku Kami dibere pangaweruh
Banda-banda alam
Ku Kami dibere cinta kasih
Pikeun nurunkeun turunan
Pok geura cicing
Di Tatar Eden
Pok geura solawat
Ku Kami dijodokeun
Pok hirup didieu
Hirup sauyunan
44. Musuh Salawasna
Kaburu ku napsu
Kabengbat panggoda
Kapikat manisna pangajak
Hasad ka nu jadi manusa
Teu rido kana takdir
Jangji dugi pati
Nunutur anak Adam
Nyalindung ka nu Maha Agung
Ti musuh nu saenyana
Tina tipu daya
Kana amisna dosa
45. 5000 Taun 
Cinta,
Kanyaah,
Pasea,
Paadu-adu,
Silih ala pati,
Silih babantu,
Roda kahirupan tutuluyan muir
Manusa mah tetep manusa
Lain nu sampurna
  
46. Papasangan Alam
Dua mahluk sajodo
Tina dua pasipatan
Mamanisna hirup
Papaitna jaman
Geus Kadarna
Ti Hyang Widi
Sajodo tina dua
Pasipatan nu bareda
Kacipta kakuatan taya tanding
Ajeg moal lebur
Kasaimbangan nu pinasti
Keur jembar hate
Keur ubar manah
47. Ngalap Kasih
Duh Gusti Pangeran abdi
Abdi dolim ka diri
Gusti Pangeran abdi
Tulungan abdi
Dina pangumbaraan
Milari anu dipiasih
Paparin abdi pituduh
Cinta saendah layung
Keudeung nanging karasa
48. Cinta Salawasna
Hate ihlas bijaksana
Silih nembongkeun pangarti
Panas jeung tiisna
Panceg jeung pangarti
Moal ka nu lian
Mun ka anjeun salawasna
Sanajan teu kacumpon
Sanajan pajauh
Nanjeur salamina dina ati
Mo kaganti mo kasilih
Dina sajak sajak alam
Ku kuring ditepikeun
Kanggo nu manis
Sami-sami sipit
Sami-sami koneng
49. Kasidah
Pami abdi janten langit
Anjeun janten bumi
Pami anjeun kapanasan
Ku abdi dipasih iuhan
Pami anjeun kapanasan
Ku abdi dipasih mega
Pami anjeun kagaringan
Ku abdi dipasih hujan
Pami bidadari kacipta di bumi
Anjeun kalebet salah sahijina
Pami bidadari kacipta di langit
Mun anjeun tandinganna ti bumi
50. Pertiwi
Paturay jeung Sawarga
Na bet kurang kumaha
Kami welas asih
Ka aranjeun
Na bet anjeun jalir kana jangji
Joledar tina piwarang Kami
Sok am buah-buah sawarga
Iwal ti hiji
Bet naha anjeun teu tumut
Geura turun siah
Maraneh mo sakali-kali
Ngambeu tatar kahyangan
Maraneh bakal silih ala pati
Diantara turunan maneh
Maraneh bakal ngarasa kasusah
Salila cicing di Pertiwi
51. Pikeun kamakmuran
Kami dicipta
Ngalangkungan Rahmat
Diselapkeun sababaraha rijki
Pikeun Putra
Putra Langit Putra Pertiwi
Jeung Putra ti Indung Dunya
Siki-siki kahirupan
Dibawa ku kami
Pikeun kamakmuran
Nu bakal jadi pamingpin
Nu ngokolakeun kami sadaya

4 of 4 NEXT >>

14 komentar

  1. Maaf bisa tolong dibuatkan puisi bahasa sunda tentang bencana banjir buat anak SD kls 2, please…buat hari ini ya..Terima kasih sebelumnya saya ucapkan

    1. Bencana Alam Banjir Karya Kang aang atmajaya

      Alam murka naha ku saha
      Bancang pakèwuh teu sirikna tiap waktu
      Sawarèh katèmbong
      Leuweung gonggong geus teu kasohor
      Dahan dahan di tàluaran
      Dirogahala ilang geueuman ganti kabanjiran
      Taun anyar keur meujeuhna di uji
      Geus kaciri leungit ning sari
      Ilang warna anu baheula
      Wahangan di tandasa ilang gulidag
      Ganti ku rasa was was
      Inggis banjir datang teu kanyahoan

      Mun pareng nyorèang alam katukang tukang
      Curcorna cipancuran jadi tempat
      Cumplangna mun keur meujeuhna hareudang
      Kiwari kantun ninenungna
      Nu karasa kari tunggara na
      Bencana muwuh di mana mana

    1. Sajak Sunda Bulan Tengah Peuting

      Ningali rupa bulan tengah peuting
      Ngingetan wanci anu kungsi kalunta
      Cicing jempling
      Mempende ati nu tunggara
      Anjeun duka di mana
      Lalaunan
      Lambaran mangsa pating jorelat
      Mang pirang pirang carita pating beulesat
      Nyimatakeun sumoreang
      Tina sakabeh kamelang
      Naha iraha urang bisa patepang
      Teu kuat nahan tibelat
      Ngan anjeun ilang paanggang

    1. Punten nembe di bales, dihandap ieu sajak puisi ngenaan kana imah dina basa sunda, punten mun kirang sae.

      Imah kuring ….
      Matak tiis tur geunah kana manah

      Angin nu ngadalingding
      Cai nu ngagolontor
      Paré nu ngagupayan di sisi jandela
      Nyacas caang kana panon poé

      Imah kuring tempat pangiuhan kuring
      Saban poé ngaping simkuring
      Neda widi mugia dipaparin rejeki ku ilahi
      Imah kuring tempat kuring pangbalikan

        1. Walaikum salam…

          Sajak Sunda “wanci” Karya Urang Sunda

          Nyawang waktu nu bakal datang
          Nyungsi wanci nu kamari
          Honcewang datang rasa kamelang
          Bakat nu baheula ngabulungbung caang

          Kiwari ngawir jicir tanpa dangiang
          Muka mangsa nu katukang-tukang
          Nguntuy-nguntuy ungkara basa
          Kecap diwincik diracik dihiji-hiji

          Kamananya endahna..
          Kamananya wa’asa..
          Bujangga.. bujangga..
          Silaing beku ku waktu nu can tangtu.

          KAASIH DINA WANCI Karya PS

          Barasatna kilat ngudag balèbat
          Gening dina waktu anu maju
          Detik jeng menit nu beuki ngagurit
          Muih muter dina wanci
          Sawangan leumpang babarengan
          Nyorang hiji pangharepan èndah dina ranggeuman

          Kiwari sadar …
          Nu isukan hamo biheung ngaringkang leumpang babarengan
          Raga nu anteng dina pulasna dunya
          Maca lampah nu loba kagadabah sarakah dina lèngkah
          Horèng hirup urang
          Lakuning laku èstu aya dina papantunan
          Mangsa tanggah luhur nempo layung

          Katumbiri mayungan embun embunan
          Dina itungan bongan aya balitungan
          Wilang mangsa nyered kana kapastian
          Umur ngadagoan asup kapajaratan
          Horèng didinya urang maneuh
          Dina taneuh urang leureuh
          Padang mahsyar geus ngadagoan
          Tempat nimbang
          Sagala tingkah lampah amal urang

  2. Kk maaf .. boleh minta tolong buatkan puisi bahasa sunda tema lingkungan & cita-cita untuk anak SD kls 6 .. buat hari ini ditunggu bisa .. terima kasih sebelum & sesudahnya ????

    1. Maaf baru sempat dibalas, karena sedang ada proses penulisan untuk puisi atau sajak tentang perpisahan sekolah nanti malam kak..

      Untuk lingkungan dan cita-cita, sajak/puisinya sudah pernah dituliskan, coba cari di menu pencarian blog ini.

      Seperti ini misalnya, Sajak lingkungan Sakola (SD)

      Sakola kuring nu megah
      tur buruanna ge asri
      matak betah nu diajar
      soson-soson tur tarapti

      Murid kacida tanginas
      tara poho beberesih
      sakola jeung lingkunganna
      sangkan bisa tetep asri

      Sajak Lingkungan/Alam:

      1. https://basasunda.com/sajak-bahasa-sunda-tentang-alam-lingkungan/
      2. https://basasunda.com/sajak-sunda-tentang-lingkungan-sekolah/
      3.https://basasunda.com/puisi-bahasa-sunda-tentang-keindahan-alam/

      Sajak tentang cita-cita:
      1. https://basasunda.com/sajakpuisi-sunda-tentang-cita-cita/

      Selengkapnya disini:
      https://basasunda.com/puisi-sajak/

      Terimakasih kembali kak..

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *