Sajak Sunda Halaman 3

31. Batu Mulya  
Anugrah ti Pertiwi
Barabay herang
Taya tandingna
Manik-manik alam
Ngageulis bumi
Ngadangdan dunya
Kadigjayaan
Paagul-agul
Pahade-hade
Kabengbat kahayang
Hayang jago
Sangkan ditempo
Ku balarea
Jadi mumusuhan
Jeung batur sorangan
Demi cita-cita
Kabeh diparat
Mawa Mangpaat
Hyang Rahman
Resep nu mangpaat
Kanjeng nabi
resep ka nu mangpaat
Leuwih hade
Mun bisa mawa mangpaat
Keur nu lian
Kahyangan
Jadi pangbalikan
32. Keclak Cihujan
Angin mapay-mapay dunya
Mamawa Mega hideung
Tina Mega hideung
Lahir
Indung Hirup
Opat puluh poe
Opat puluh peuting
Indung Hirup
Mapay-mapay dunya
Maparinkeun kahuripan
Pikeun Dewi Pertiwi
Ngagugulung Dunya
Cai..
Cai..
Cai..
Meleber ka mana-mana
Ngakeukeup dunya
Jol nu harejo pada lahir
Tujuh puluh bagean
Dikeukeupan
Antukna Dewi Pertiwi
Kagungan deui putra
Putra nu mawa hawa
Kahuripan
33. Hirup Saluyu
Kacipta dina mangsa
Hyang Rahman
Keur mesem manis
Kami kacipta
pikeun jadi
asal nu harirup
Ku cara sakeclak cai
Ka mana-mana
Kami hayu
Cicing di mana wae
Meunang
Ngan kudu ati-ati
Ka Indung Dunya
34. Ati
Babanyo Beresih Ati
Dina diri kami
Kacipta cai suci
Cai suci keur bebersih
Bebersih diri
Tina sagala nu ledok
Ledok lahir
Ledok batin
Ledok manah
Supaya maraneh
Bisa sujud muji
35. Asalna Rijki
Hyang Rahman marengkeun
Hujan turun ka bumi
Bumi nu panas tengange
Nereptep Dewi Sarangenge
Kumbuh jaradi
Nimat Dewata
Awalna rijki
Leubeut daun katingali
Harejo
Pikeun mahluk ngala rijki
Burujul hawa
Pikeun kakuatan lahir
36. Bumi Endah 
Manon kana pamandangan
Nineung ati
Nineung sawarga
Cinta
Tengtrem
Tiis ceuli
Herang mata
Mesemna Hyang Rahman
Di Tatar Parahyangan
Singgasana Rahyang suci
Di palataran Wisnu
Ngantunkeun jenengna
37. Benteng Alam
Narantung jangkung
Sigep mohal ingkah
Najan Indung Hirup
Ngabaya ka Dewi Pertiwi
Mere pangiuhan
Tina tepna Dewi Sarangenge
38. 1000 Sayap 
Nurut ka Rumuhun
Nyaah ka nu someah
Ting haliber
Indung peuting
Mawa beja
Ka sakumna umat
Meberkeun jangjang
Kakalayangan di langit
Dina malem mulya
Rewu pahala
Ngagawean panitah
Ti Hyang Rahman
Tina jangjangna
Sawarga sumebar
39. Dua Malak 
Kami mah aya
Di unggal taktak
Kami mah ningali
Kami mah nyakseni
Kami mah nguping
Kami mah nunutur
Ka mana wae anjeun?
Kumaha wae anjeun?
Nanaonan wae anjeun?
Mere naon anjeun?
Ngomong naon wae anjeun?
Eling teu anjeun?
Pok Hayang Naon?
Gusti Hyang Keresa
Hoyong teu maot
Di angkasa
Gusti Hyang Keresa
Hoyong teu katingali
Ku jalmi-jalmi
Gusti Hyang Keresa
Hoyong hiji turunan Al Jan
Jadi Ratu di hiji langit
Gusti Hyang Keresa
Hatur nuhun
Sadaya puji kagungan
Gusti
40. Bumi Perang 
Bumi nu makmur
Bumi nu subur
Dalapan karajaan
Silih perang
Silih kaniaya
Generasi awal nu kupur
Nganiaya generasi lian
Ijajil mingpin juritan
Prajurit langit ngabinasakeun
Sakabeh bangsa kupur
Ijajil tuluy takabur
Nampik parentah Allah

3 of 4