Puisi dan sajak

3 Contoh Puisi Tentang Cita Cita Bahasa Sunda

×

3 Contoh Puisi Tentang Cita Cita Bahasa Sunda

Sebarkan artikel ini

Puisi Bahasa Sunda Tentang Cita-Cita Dalam kehidupan ini tentunya kita memiki cita-cita. Ya, semua orang pasti memiliki cita-cita, namun tak semua orang pula dapat mewujudkan cita-citanya tersebut. Namun demikian, untuk memberikan semangat dan mengingatkan akan pentingnya mengejar cita-cita dan impian, kamu dapat membaca puisi sunda tentang cita-cita dibawah ini.

PUISI TENTANG CITA-CITA BAHASA SUNDA

Puisi Bahasa Sunda Tentang Cita-cita Dan Impian
Sajak Puisi Bahasa Sunda Tentang Cita-cita Dan Impian

Artikel terkait:

Advertise By Adsense
Advertise By Adsense

Kangen nu cumantél (Oleh Yéni Setianingsih)

Hiji wanci dina panungtungan
Aya rasa kangen anu cumantél na jéro kolbi
Panineungan….
Wanci urang ririungan
Katineung nu cumantél dina ati
Kiwari tinggal carita
Ngan ukur kalangkang nu nuturkeun na impian

Geus nitih kana wanci
Cunduk kana mangsana
Satungtung tambuh aya dikieuna
Ngajajap harepan nu bakal disorang
Mapaésan satungtung harepan
Di tuturkeun ku gupay cita-cita

Anaking ….
Geura sorang poé isuk
Dina kiwari ngantik bihari
Seja ayeuna sampeureun jaga
Bral… geura miang
Sing panjang léngkah natar lalakon
Kasmaran picaritaeun.

Judul: Panguji Pangabisa – kustian

Cita-cita lain saukur impén dina jero haté
Cita-cita lain saukur kahayang nu ngaleungit sakoteapan

Cita-cita nyaéta hiji kawanian dina jiwa
Cita-cita nyaéta hiji pangorbanan keur maju

Cita-cita sala sahiji kabentukna kapribadian
Cita-cita mangrupa proses pangwangunan dina jati diri

Cita-cita kudu aya dina jero haté
Cita-cita kudu aya dina napas jeung getih

Sabab cita-cita mere kabagjaan kana pangharepan
Cita-cita nyaeta panguji pangabisa dina tarekah ngahontal kahayang nu sabenerna.

Judul: Lain Saukur Impén – Kustian

Cita-cita lain ngan saukur impén
Anu babari leungit ku sababna

Dihahayang dina poe ayeuna
Dipopoho dina poe isukan

Impén bakal ingkah
Lamun aya rasa kahariwang di hate

Ngan ukur panineungan dina impen
Nu moal bakal kacipta ku émutan

Sing percaya ka sadaya impen salira
Sarta turutkeun ceuk hate salira

Sabab eta anu bisa nungtun salira
Ngahontal kana sadaya jati diri salira