Adat, Tradisi dan Budaya

Sungkeman Sunda Pernikahan Arti Jeung Conto Teks Kalimatna

×

Sungkeman Sunda Pernikahan Arti Jeung Conto Teks Kalimatna

Sebarkan artikel ini

Sungkem nyaeta kecap pagawean nyium tonggong leungeun, tuur, suku nyolot tandaning hormat. Sungkem teh dilakonan nalika panganten nyanghareupan kolotna oge kulawargana anu leuwih kolot (pinisepuh) ti dua kulawarga panaganten, salaku tanda bakti jeung panuhun kana bingbinganana ti mimiti barojol nepi ka nikah.

Baca oge: Naskah & Tata Cara Sungkeman Pernikahan Adat Jawa dan Sunda

Advertise By Adsense
Advertise By Adsense

Lian ti eta, panganten menta du’a restu dina ngawangun kahirupan rumah tangga nu anyar, supados meunang rahmat ti Allah SWT. Sungkem dilakonan sababaraha waktu sabada upacara akad nikah, tempatna biasana di imah panaganten awewe di jero imah, di mana para sepuh ngadagoan. Jalma-jalma anu biasana aya dina acara sungkeman teh kawatesanana ti pihak kulawarga jeung baraya ti dua beulah pihakanana.

Makna Sungkeman Sunda Dina Acara Kawinan Atawa Pernikahan

Sungkeman SundaDina

Sungkeman sorangan dianggap salaku wujud bakti tur hormat keur budak ka kolot anu geus ngurus nepi ka gede. Tur dugi waktosna, budak menta ijin tur berkah pikeun ngawangun kahirupan anyar, nyaeta nikah. Sungkeman teh acara nu nguras emosi, sabab biasana budak teh nyungkeun dihampunten sagala kalepatan ti keur budak keneh sampe ka gede. Ieu oge sapertos acara pangeling-ngeling kanyaah kolot ka budak.

Baca juga: Kata Kata Sungkeman Untuk Ayah dan Ibu Atau Orang Tua Sedih

Conto Teks Kalimat Sungkeman Sunda Pernikahan

Alhamdulillah wasyukrulillah. Ijab qobul parantos lekasan. Kiwari parantos cindek, dua insan resmi jatukrami mungkas mangsa lalagasan. Salajengna, tawis insan anu iman tur soleh, Eling kana purwa dumadi. Ti mendi nya kawit, ti mana nya asal. Cukang lantaran diyugakeun ku ibu rama. Ku kituna sumangga ka panganten sakalih dihaturanan sungkem ka ibu sewang-sewangan.

(Teks Sungkeman ka ibu sewang-sewangan)

Kunasari:

Duh Ibu hapunten abdi
Tina sugri kalepatan
Rumaos abdi rumaos
Abdi sering ngaraheutan
Ibu kantos kahesean
Ngurus abdi ti kapungkur
Ngamongmong ngadama-dama (2X)

Anaking mangka emut “Ridollohi firidowalidain. Wasuhtullohi fiisuhtihima…” Karidoan Alloh gumantung kana ridona ibu sinareng rama. Sawangsulna, bebendu Alloh gumantung kana benduna ibu sinareng rama.

(Teks Sungkeman ka rama sewang-sewangan)

Duh Apa sungkemeun abdi
Nu ngayuga ngarasanan
Ngabayuan hese cape
Bela tur nyaah ka putra
Abdi mah kantun raosna
Abdi sujud neda ampun
Neda jembar hapuntenna (2X)

Duh… anaking, beubeulahan jiwa Apa. Apa rido anaking dug hulu pet nyawa, nyiar pakeun pikeun hidep. Ieu tanggel waler Apa sangkan hidep bagja waluya.

(Teks sungkeman ka ibu mertua)

Jemplang Bangkong

Nyanggakeun sungkem pangbakti
Ka salira nu miheman
Mageuhan tali kasono
Widi ibu kalih apa
Abdi tiasa laksana
Pidu’a anu kasuhun
Enggoning ngalakirabi (2X)

Anaking jimat awaking, ibu bagja liwat saking. Hidep baris ngaping ngajaring, rumawat ka anak ibu. Masing teteg, masing panceg. Ulah ham ham. Du’a ibu nyarengan lumampahna hidep.

(Teks sungkeman ka bapa mertua)

Bapa anu mikaasih
Abdi neda pidu’ana
Oge mugi Apa rido
Seja miheman ka putra
Sapapait samamanis
Sasarengan silih tuyun
Ngahontal rido pangeran (2X)

(Du’a anak sholeh)

Nun Gusti mugi Gusti ngahapunten kalepatan diri abdi, pon kitu kalepatan sepuh abdi. Sareng gusti mikanyaah mikaasih ka aranjeunna sapertos aranjenna mikanyaah ka abdi waktos ali

C. Foto-foto Upacara Adat Sungkeman

foto Upacara Adat Sungkeman

A. Kacindekan

Sungkeman nyaeta pagawean nyium tonggong leungeun, tuur, suku kolot tandaning hormat. Sungkeman dilakonan nalika panganten nyanghareupan kolotna oge kulawargana anu leuwih kolot (pinisepuh) ti dua kulawarga panaganten, salaku tanda bakti jeung panuhun kana bingbinganana ti mimiti barojol nepi ka nikah.


Sungkem adalah mencium punggung tangan, lutut, dan kaki sebagai tanda hormat. Sungkem dalam acara pernikahan sunda dilakukan saat kedua mempelai menghadap orang tua dan keluarga yang lebih tua (pinipehu) dari kedua keluarga mempelai, sebagai tanda bakti dan ucapan terima kasih atas bimbingannya dari awal perkawinan hingga perkawinan.

Selain itu, kedua mempelai memohon keberkahan dalam membangun kehidupan rumah tangga baru, agar mendapat rahmat dari Allah SWT. Sungkem dipentaskan beberapa kali setelah akad nikah, tempatnya biasanya di rumah mempelai wanita di dalam rumah, tempat menunggu para sesepuh. Masyarakat yang biasa hadir dalam upacara pemakaman hanya dibatasi oleh keluarga dan kerabat dari kedua belah pihak.Arti Sungkeman dalam acara perkawinan atau pernikahan

Sungkeman sendiri dianggap sebagai wujud bakti dan hormat anak kepada orang tua yang telah mengasuhnya hingga dewasa. Dan hingga tiba waktunya, sang anak meminta izin dan restu untuk membangun kehidupan baru, yaitu pernikahan. Sungkeman merupakan peristiwa yang menguras emosi, karena biasanya anak-anak dimaafkan atas segala kesalahannya sejak kecil hingga dewasa. Hal ini juga sebagai ajang mengenang kasih sayang orang tua kepada anak.

Contoh teks Sungkeman pernikahan sunda

Alhamdulillah wasyukrullilah. Ijab qobul telah berakhir. Kini dipastikan, kedua orang resmi tersebut telah mengakhiri hidup. Selanjutnya, di antara orang-orang yang beriman dan bertakwa, ingatlah asal usulnya. Dari mana asalnya, dari mana asalnya? Penyebabnya dimanfaatkan oleh ibu. Oleh karena itu, semoga kedua mempelai bisa saling menghormati ibu masing-masing.

(Sungkeman kepada ibu masing-masing)

Kunasari:

Oh Bu, aku minta maaf
Dari kesalahan
saya merasakanya
Saya sering mengarahkan
Ibu selalu pemalu
Jaga aku dari masa lalu
Bicara satu sama lain (2X)

Anakku ingat “Ridollohi firidowalidain.” Wasuhtullohi fiisuhtihima…” Cinta Allah tergantung pada cinta ibu dan ayah. Lagipula, murka Tuhan bergantung pada amarah ibu dan ayah.

(Sungkeman kepada Bapak)

Oh, ada apa denganku?
Itu menyenangkan
Sulit untuk merasa lelah
Lindungi dan sayangi putramu
Saya rindu perasaan itu
Saya sujud dan meminta belas kasihan
Ucapkan maaf (2X)

Oh… anakku, sungguh patah jiwa. Apa yang kamu ingin anakku lakukan dalam hidupnya, mencari makanan untuk hidup. Inilah jawaban atas apa yang harus dilakukan untuk menjalani hidup bahagia.

(Sungkeman kepada ibu mertua)

Katak Katak

Biarkan penyembah itu berlutut
Untuk orang yang hidup
Dapatkan tali
Apa kalian berdua ibu?
aku bisa melakukan itu
Itu adalah doa yang menyedihkan
Menghantui (2X)

Jimat anak saya sudah bangun, ibu saya senang. Hidep baris ke jaring, jaga anak ibu. Masing-masing kuat, masing-masing kuat. Jangan ham ham. Doa ibu mengiringi hidupnya.

(Sungkeman kepada ayah mertua)

Ayah yang penyayang
Saya berdoa untuknya
Saya harap Apa rido
Seja Miheman kepada putranya
Pahit dan manis
Bersama satu sama lain
Mencapai kerudung pangeran (2X)

(Doa anak-anak shaleh)

Tuhan, maafkan aku atas kesalahanku, itu kesalahan orang tuaku. Dan Tuhan senang mencintai mereka seperti dia mencintaiku ketika dia dilahirkan

Kesimpulan: Sungkeman adalah tindakan mencium punggung tangan, lutut, kaki orang tua sebagai tanda hormat. Sungkeman dilakukan saat mempelai laki-laki menghadap orang tuanya serta keluarga sulungnya (pinipehu) dari kedua keluarga mempelai laki-laki, sebagai tanda bakti dan ucapan terima kasih atas bimbingannya dari awal perkawinan hingga perkawinan.